You are on page 1of 1

Nama: Maulana Amarul Haq Minnurroby

Kelas: XI-MIPA 3

YUKE PURWADHANIKA
Abdi gaduh bapa anu namina Yuke Purwadhanika, landihna Yuke, anjeunna dibabarkeun di
Majalengka kaping 22 Februari tahun 1982,sa teu acan nikah anjeunna dumuk di Padahanten
terus pindah ka Cimeong. Anjeunna anak Kahiji ti opat saduluran.

Anjeunna ngawitan sakola ti jenjang SD taun 1988 sampe taun 1994 di SD Cimeong,teras
anjeunna neruskeun pendidikan SMP taun 1994 sampe taun 1997 di SMP 1 MAJA,teras
neruskeun SMA di SMA 1 MAJA jurusan taun 1997 sampe taun 2000.
Teras anjeunna nuluykeun pendidikan di Universitas Padjadjaran jurusan perikanan,sampe
akhirna anjeunna lulus D-3,teras damel di Dinas Perikanan taun 2010 nepi ka kiwari.
Pas sakola SMA,anjeunna boga prestasi juara maen bola sa kabupaten Majalengka,Jeung
lamun di kelas,anjeunna sok Meunang ranking 10 besar waé.
Bapa abdi mangrupakeun inohong hébat anu teu kenal kacapè, kerja keras keur
kulawargana.sakapeung anjeunna keras tur teguh. Tapi éta cara anjeunna ngadidik sareng
ngadisiplin anak-anakna. Dina kahirupan, bapa ngajarkeun kuring janten lalaki anu kuat
sareng ngajantenkeun abdi ngartos kumaha kerasna kahirupan anu sabenerna.
Anjeunna henteu ngamanja abdi, tapi anjeunna ogé henteu ngaacuhkeun abdi. Nasèhat
anjeunna janten dorongan khusus pikeun abdi. Ayana nyiptakeun rasa aman, anu sok
mirengkeun sareng nyayogikeun solusi.

You might also like