You are on page 1of 4

Assalamualaikun Wr.

Wb
Assholatu wassalamu ala asrofil anbiyai wal mursalin wa ala alihi wa
sohbihi ajmain, aamiin. Ibu bapa girang pangajen nu ku sim kuring dipihormat, ibu
bapa guru smp negeri 1 cingambul nu ku sim kuring dipihormat, sareng
rerencangan rumaja nu hadir di ieu tempat nu ku sim kuring dipihormat. Sugrining
rawuh rasa sukur langkung ti payun hayu urang panjatkeun ka gusti ilahi robbi,
sabab ku rohmatna urang tiasa dipasihan ni’mat islam, ni’mat iman, ni’mat sehat
tug dugi urang tiasa patepung lawung patepang raray di ieu tempat. Teu hilap
mugya solawat miwah salam tetep kakocor golontorkeun ka jungjunan urang
sadaya nyaeta nabiyalooh muhammad SAW, ka para wargina, para sohabatna, para
tabiit tabiatna, mugya dugi ka urang sadaya salaku umatna anu turut tumut kana
ajaran mantena, aamiin.
dina raraga paturay tineung kelas IX SMPN 1 cingambul ayeuna sim kuring
salaku ketua OSIS anu ngawakilan murid ti kelas 7 sareng 8 bade ngahaturkeun
rewu nuhun laksa keti kabingahan rehna dina dinten ieu sim kuring parantos
dipasihan waktos kangge ngadeg di ieu patempatan
rehna kuring ngadeg didieu lain bade agul ku payung patut adean ku kuda
beureum tapi ngan saukur bade ngahaturkeun wilujeng ka kaka kelas 9 anu dina
taun ieu sadayana lulus ujian nasional, sareng deui mugya sadayana ditampi di
SMA SMA paporit, sarta bisa nanjeurkeun ajen diajarna di SMA pikeun ngahontal
kana cita cita dina diri masing masing
sakitu bae ti sim kuring, mugi sadayana tiasa nyumponan naon di impi impi
di mangsa nu bakal kasorang aamiin, hapunten bilik aya catur nu teu kaukur aya
kecap nu kirang merenah sumarambah kana manah, cag permios
wass.wr.wb

Assalaamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh,


Langkung tipayun hayu urang manjatkeun puji syukur ka hadirat Allah
Subhanahu Wata'ala, reh na dina danget ieu urang tiasa keneh dikempelkeun dina
raraga acara paturay tineung siswa-siswi SMP negeri 1 cingambul
Bapa-Ibu wali, sareng murid-murid nu dipkacinta,
Teu karaos, tos tilu taun ti saprak aranjen sumping ka ieu sakola. Aranjeun tos
berproses tilu taun. Ti kawitan masa orientasi dugi dipungkas ku Ujian Nasional.
Alhamdulillah ayeuna aranjen sadaya tos beres ngalaksanekun Ujian Nasional ku
hasil nu sae.
Bapa-Ibu wali, sareng murid-murid nu dipkacinta,
Ayeuna tos waktosna urang papisah. Bapak Ibu guru didieu ngan ukur tiasa
nganteur dugi ka dieu. Bapa-Ibu guru ngan ukur tiasa masihan pidu'a, mugia
aranjeun tiasa sukses di tingkat kuliah. Mugia aranjeun tiasa mgahontal naon nu
anjeun citc-citakeun. Mugia aranjeun tiasa janten jalmi nu mangpaat.
Bapa-Ibu wali, sareng murid-murid nu dipkacinta,
Sakitu wae panginten nu tiasa dipihatur. Amit mundur, amit mundur, mugia
tiasa tepang deui dina waktos nu sanes.
Wassalaamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Assalamu’alaikum wr.wb.
Alhamdulillahirobbil’alamin. Washolatu wassalamu ‘ala asrofil anbiyai wal
mursalin, Allahumasali Muhammad wa’alla alihi washobihi ajma’in.
Wiwitan puji kagungan Illahi Robbi, sadaya puja mung kagungan Allah.
Alhamdulillah dina danget ieu urang sadaya dipaparin kaséhatan lahir sinareng
batin, ogé kakiatan kanggo tiasa kempel ngariung di ieu patempatan, dina raraga
ngaluuhan acara paturay tineung sareng pangjurung du’a kanggo para siswa anu
parantos lulus ti ieu sakola. Salam sinareng solawat muga netes ka Nabi
Muhammad saw, natrat ka para karabat, para ahli sareng sahabat.
Hadirin nu dipihormat, dina danget ieu mangrupi dinten anu kebek ku
kabingah sareng kabagjaan kanggo urang sadaya, kabingah Bapa Ibu Guru kalih
sepuh-sepuh para siswa, réhing putra-putri urang parantos réngsé diajar, salami tilu
taun, nyukcruk élmu pangaweruh sareng katiasa di ieu sakola. Kalintang wajarna
upami urang sadaya ngucapkeun Alhamdulillah.
Salami tilu taun para siswa diatik sareng diaping ku Ibu kalih Bapa Guru,
dipaparinan élmu sareng katiasa keur pibekeleun maranehna jaga dina mangsa nu
bakal datang. Waktos tilu taun diajar di sakola mung saukur janten rawayan tina
panjangna lalakon hirup anu kedah disorang. Mugi-mugi baé sadaya élmu nu
parantos dipaparinkeun ku Ibu sareng Bapa guru sing janten lawang pamuka keur
para siswa kanggo nyangking paélmuan saterasna. Panghudang sareng pangjurung
ti Ibu Rama anu janten sepuhna kalintang diperyogikeunana, malih eta saéstuna nu
langkung utami, nu langkung anteb tapak guratna, nyaéta didikan ti ibu sareng
ramana.
Ka sadaya para siswa anu badé ngantunkeun ieu sakola, Bapa mung tiasa
ngajurung ku du’a, mugi-mugi hidep sadaya sing tiasa neraskeun sakola. Sing
langkung suhud sareng junun dina diajar, sing langkung motékar, sabab élmu téh
kasaktén diri. Elmu tungtut dunya siar, sing pinter ngaraksa diri. Hidep sadaya sing
jucung sing nanjung, tapi poma masing inget dina réngkak jeung paripolah, boh di
sakola boh di lingkungan masyarakat, pamugi masing tarapti, kedah adab ka
sasama, hadé budi someah reujeung daréhdéh. Rengkuh ajrih ka saluhureun,
héman nyaah ka sasama, béar bageur ka sahandapeun. Mun hayang jadi jalma nu
dihormat diajénan ku nu lian, anu disebutkeun tadi mugi sing jadi papagon hirup.
Insya Allah.
Pamungkas, bapa mung saukur ngiring ngajurung, mugi-mugi naon anu
dipiharep jeung dicita-cita sing laksana tinekanan. Teu hilap, kalayan asmana Ibu
kalih Bapa guru sadayana. Bapa nyuhunkeun dihapunten tangtu aya kalepatan.
Paribasa clik putih clak hérang, caang bulan opat welas, urang lubarkeun samudaya
kaluluputan.
Sakitu nu kapihatur. Bobo sapanon carang sapakan, bahé carekna langkung saurna,
neda sihapunten. Wabillahi taufik wal hidayah.
Wassalu’alaikum wr.wb
Assalamu'alaikum Wr. Wb
Puji Sinareng Sukur Kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Alhamdulillah
dina denget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni upicara
Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola
sabada tamat diajar tilu taun.
Bapa kalih Ibu, hadirin sadaya anu dipihormat.
Sim kuring ngadeg di ieu tempat minangka wawakil ti rerencangan kelas tilu,
hoyong cumarios ngedalkeun kareteg angan.
Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelak . Asa kamari keneh sim kuring
saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayuena tos kedah paturay deui. Sim
kuring saparakanca kedah deui neraskeun sakola, ngahontal hareupan sareng cita-
cita.
Kantenan bae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten
panineungan. Di dieu, di sakola urang nu genah pikabeutaheun, sim kuring
saparakanca diajar neangan elmu. Ruang-riung bohdi kelas boh dina rupa-rupa
kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan. Tangtos
bae eta sadayana bakal jadi 'kenangan' nu moal kahihilapkeun. Atuh kasaean Bapa
kalih Ibu Guru sadayana, elmu pangaweruhna anu didugikeun kasim kuring
saparakanca, tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan
sorangeun. Kalayan diaping dididik ku Ibu Bapa Guru pisan sim kuring
saparakanca gaduh elmu nu mangpaat. Dituduhkeun nu sae sareng nu awon, nu
leres sareng nu lepat, nu poek sareng nu caang.
teu aya nu tiasa kapisanggem, iwal ti hatur sewu nuhun kana pirang-pirang
kasaean Ibu kalih Bapa Guru sadayana. Sim kuring saparakanca teu tiasa males eta
kasaean, anging ngedalkeun du'a, pamugi rupining elmu parantos dipaparinkeun,
kenging ganjaran nu ageung mangtikel-tikel ti Gusti nu maha suci.

You might also like