You are on page 1of 9

KELOMPOK 2

BAHASA SUNDA
WARTA :
Gempa Banten,Rusakna 150 Imah di jawa barat
Sumber:Bahasasunda.com

NAMA :
* ALYA SALSABILA
* ANDHITA
* SITI SALMA
* IRENE ARDIANA
Gempa Banten, Ruksakna 150
Imah di Jawa Barat

Gempa di Pandeglang. "Total


bantuan dina tahap kahiji éta
sagedé Rp. 240.935.000," Ceuk
Sonny Assalamualaikum wr,
wb. Wilujeng enjing sadayana
pamiersa? Tepangkeun nami
simkuring .., badé ngadugikeun
warta ngenaan kana bencana
gempa bumi di Banten jawa
barat.
Mangga, langsung waé urang
nuju ka warta anu munggaran..

Saloba 150 imah di Jawa Barat


ruksak alabatan kena gempa di
Banten, nu lumangsung dina
poé Juma'ah peuting. Dina data
Kamenterian Sosial, imah anu
ruksak kasebat lokasina di
sajumlah wéwéngkon nu aya di
jawa barat jeung hiji di
Lampung.
Pupuhu Biro Humas Kemensos,
Sonny W Manalu negeskeun
yén lokasi imah anu ruksak
kalobaan ayana di Pandeglang,
nya éta jumlahna nepi ka 102
siki, nu kasebar di 13
kacamatan.

"Sedengkeun di Sukabumi aya


28 imah nu ruksak di 17
kacamatan, Cianjur genep imah
di 15 kacamatan, Bandung
barat aya tujuh imah di hiji
kacamatan, jeung Kota Bogor
aya hiji imah di hiji kacamatan,"
Béja Sonny basa nulis
katerangan, Sabtu (3/8).

Salain eta, karuksakan imah ogé


nimpah opat imah di Garut, hiji
imah di Kabupaten Bandung,
jeung hiji imah di Provinsi
Lampung. "Jadina total
samentara aya 150 siki imah nu
ruksak," ceuk sonny.
Sonny ogé mastikeun pihak
Kemensos geus ngirimkeun
bantuan hiji-hiji ka warga anu
kakeunaan musibah gempa.
Dina tahap ka hiji, Kemensos
ngirimkeun 500 tenda gulung,
500 lembar simbut, 800
kadaharan nu siap saji, 300
pakét lauk pauk, 20 boks
kalengkapan kaluarga, jeung 20
rébu bungkus mie instan.
Bantuan éta rék di
distribusikeun ka korban anu
imahna ruksak parna jeung
warga nu ngungsi, siga anu
dialaman ku warga di
Kacamatan Mandalawangi,
Kecamatan Carita, jeung
sajumlah kacamatan laina anu
kakeunaan.

BMKG ngajelaskeun episentrum


gempa bumi, ayana dina
koordinat 7,32 derajat Lintang
Selatan jeung 104,75 derajat
Bujur Timur. Tepatna aya di
laut dina kajeroan 4,8 km, jarak
164 km barat daya Kota
Pandeglang, Banten.

Nah sadayana, Mung sakitu


waé warta berita singket anu
tiasa ku simkuring dugikeun,
wilujeung patepang deui dina
warta anu bakal dongkap.
Kapayun urang sambung deui
saréng simkuring ....., dina
waktos nu sami jeung acara nu
sami, Hatur nuhun! Wassalam
wr wb.

You might also like