You are on page 1of 1

Assalamualaikum wr. wb.

Sampurasun
Nu ku sim kuring dipihormat, girang pangajén miwah réngréngan panata calagara, ogé
sakumna para pamilon pasanggiri basa Sunda kota Depok. Langkung ti payun, puji sinareng puja
hayu urang sanggakeun kahadirat ilahi robbi nu murbeng dumadi, anu parantos maparin urang
kasehatan sok sanaos teu paamprok jonghok sabab aya dina kaayaan sasalad Covid-19. Teu hilap
solawat sinareng salam mugia ngocor ngagolontor ka jungjunan urang sadayana, kangjeng Nabi
Muhammad S.A.W.
Ibu bapa hadirin nu ku sim kuring dipihormat
Dina danget ieu sim kuring badé jabung tumalapung nguningakeun perkawis “Lawan
Corona”. Virus corona atawa sok disebut Covid-19 mangrupa panyakit atawa sasalad anu matak
ngaguyurkeun salelembur matak éar sajajagat, teu paduli kolot atawa budak, rék rahayat biasa,
rék ka para pajabat, tanpa tédéng aling-aling bakal keuna ku corona mah. Kajaba ka jalma-jalma
anu bisa ngahontal kalayan bisa nyikepanana.
Ibu bapa hadirin nu ku sim kuring dipihormat
Tangtos aya patarosan, kumaha atuh cara nyikepanana, ibu bapa numutkeun para ahli medis,
tangtos ieu gé dumasar kana panalungtikan, duméh aranjeunna mah ahli dina widangna. Kumaha
cenah? Salah Sawios diantawisna anu kudu diperhatoskeun téh nyaéta kudu ngajaga jarak,
kumargi ieu virus téh tiasa tatalépa dina jarak anu deukeut boh tina udara boh dina paantel
leungeun nu matak urang dipiwarang maraké masker jeung kukumbah leungeun sing bersih.
Teras, ngajaga kasehatan ku jalan nerapkeun pola hirup nu sehat. Apan cenah dina raga nu kuat
téh aya jiwa anu sehat, sumawona pikeun umat islam mah Kabersihan Téh Sabag éan Tina Iman.
Dumasar kana éta atuh asa payus lamun urang silih élingan pikeun kaséhatan urang saréréa.

Ibu bapa hadirin nu dipihormat


Rupina mung saukur sakitu anu tiasa kapihatur. Muga-muga sasieureun sabeunjeureun aya
mangpaat, hususna kanggo sim kuring umumna kanggo sadayana. Corona undur kabungah
daratang, rizki gampang sehat senang, panyakit mulang, urang sadunya tarandang Aamiin. Tutus
langkung kepang halang, bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun.
Wassalamualaikum wr. wb.

You might also like