You are on page 1of 2

Assalamualaikum wr. wb.

Sampurasun

Ti Sonokeling badé ka Ramayana


Wilujeng enjing ka sadayana

Ibu/bapa miwah hadirin anu ku Simkuring dipihormat, teu kalangkung girang pangajén
miwah para pamilon anu sami linggih.

Langkung ti payun, Puji sinareng Sukur éta kagungan Allah pangeran anu murbeng dumadi.
Solawat sinareng salam kahaturkeun ka kangjeng Nabi Muhammad SAW, panghulu sakumna
Rosul pamingpin para Nabi, anu parantos nyalametkeun urang sadayana tina pasipatan nifaq
sareng kufur.

Ibu/bapa miwah bapa hadirin anu dipihormat,


Dina danget ieu sim kuring seja nguningakeun saperkawis “Pentingna Ngamumulé Basa-
Basa nu Aya di Dunya”. Tangtos dina ieu hal, basa téh mangrupa salasahiji alat pikeun
nepikeun maksad jeung tujuan urang ka papada. Jalaran ku kitu, urang téh kudu bisa ngaraksa
ngariksa basa ditiap-tiap suku jeung bangsa. Aya paripaos, lamun urang hayang ngawasa hiji
bangsa, kudu bisa ngawasa basana. Tapi ayeuna, loba basa daérah nu geus kaancem punah
lantaran henteu diraksa diriksa ku masarakatna. Padahal salasahiji asét budaya anu luhung
ajénna nu aya di bangsa Indonesia sorangan nyaéta basa daérah.

Ibu/bapa hadirin anu dipihormat,


Sapertos naon anu nembé diuningakeun, tangtos tina ieu hal sajaba ti urang sewang-
sewangan nu kudu ngamumulé basa-basa, tangtos ogé didieu nagara kedah hadir dina
mayungan basa indung jeung basa nasional ku payung-payung hukumna. Mangka Masarakat
jeung Pamaréntah tiasa sauyunan ngetrapkeun basa dina kahirupan sapopoé. Supados heunteu
ketuk ngidul kendang ngalér, papalingpang aing-aingan. Sok komo urang mah hirup dihiji
nagara anu pinuh ku Kabhinekaan. Nya tangtu béda, basa jeung budaya sapopoéna. Bisa jadi
maksud jeung tujuan anu ditepikeun ti hiji suku bangsa bakal béda katarima ku suku bangsa
anu séjénna. Conto, ceuk urang Sunda mah atos téh réngsé. Ceuk urang jawa mah atos téh
teuas. Di Bandung mah bendo téh disimpen dina mastaka. Ceuk urang Depok mah bendo téh
bedog atawa golok. Piraku Bedog rék diteundeun dina hulu.
Ibu/bapa hadirin anu ku sim kuring dipihormat,
Seueur kamonésan-kamonésan basa ditiap suku bangsa utamana nu aya di nagara urang, pami
urang kersa ngoréh. Rupina mung sakitu anu tiasa dipisanggem, pamugi waé ieu pedaran aya
mangpaatna pikeun urang sadayana. Pami kitu mah hayu atuh urang ngajaga ngariksa basa-
basa nu aya. Boh basa indung, basa nasional sumawona bangsa internasional. Sabab basa
nuduhkeun jati diri suku jeung bangsana. Punah basana, punah ogé suku bangsana.

Agung cukup lumur anu kasuhun


Jembar pangampura anu diteda
Pamit kondur tutas pangandika
Dikantun kantun waringin

Wassalamualaikum wr. wb.

You might also like