Professional Documents
Culture Documents
Tugas Dongeng
Tugas Dongeng
Kelas : X Mipa 7
Sasakala Cigondewah
Jaman baheula, aya karajaan anu ngaranna Karajaan Sindangsari. Ari anu jadi rajana katelah
Bagénda Raja Singa Mandala. Raja anu adil tur wijaksana. Bagénda Raja kagungan putri anu
keur sumedeng rumaja putri, nyaéta Putri Mayang Sawitri.
Putri geulis bawa ngajadi, éndah bawa ti kudrat. Kageulisan Putri Mayang Sawitri geus
kawentar ka mana ka mendi. Loba pangéran jeung raja anu boga maksud pikeun ngalamar,
tapi kabéhanana ditolak ku Putri Mayang Sawitri. Bagénda Raja Singa Mandala kacida
hariwangna, duméh sakabéh pangéran jeung raja ditolak lamaranana.
Bagénda sieun raja-raja anu ditolak lamaranana téh nyerang ka Nagara Sindangsari. Hiji
waktu Raja Jaya Dilaga ti Nagara Margaasih datang jeung rombonganana. Maksudna taya
lian, rék miharep ka Nyi Putri Mayang Sawitri. Tapi nu ieu gé sarua deuih ditolak
lamaranana. Atuh Bagénda Raja Singa Mandala téh beuki geumpeur kacida.
Sok sieun Raja Jaya Dilaga bendu, tuluy nyerang karajaan manéhna. Teu jauh tina
panyangka, amarah Raja Jaya Dilaga geus teu katahan, lantaran lamaranana téa ditolak.
Anjeunna ngajak perang ka Raja Singa Mandala. Raja Singa Mandala teu bisa nolak kana
tangtangan Jaya Dilaga. Anjeunna sayaga nyiapkeun balatentara di karajaan-ana.
Sakabéh balatentara Sindangsari maké pakarang panah jeung gondéwa pikeun mapag
perang. Wanci subuh, balatentara Sindangsari ngajugjug ka tem-pat perang. Tangara perang
geus ditabeuh. Prajurit Sindangsari ngaleut ngeungkeuy ka pangperangan. Bari teu poho
mawa panah jeung gondéwa téa. Kira-kira wanci manceran, perang campuh dimimitian.
Ningali ramana perlaya, Putri Mayang Sari nyabut keris, rék terus labuh geni, maéhan
manéh, téga kana nyawana sorangan. Ngan creb wé, keris téh ditubleskeun kana
beuteungna. Sarta harita kénéh ogé Putri Mayang Sari nemahan pati ku kerisna sorangan.
Ningali kaayaan kitu mah, ngarasa puas haté Raja Jaya Dilaga téh.
Manéhna ngarasa sugema, sabab anu nganyerikeun haténa geus sah ti alam dunya. Ku
sabab di éta tempat téh loba paraprajurit Sindangsari anu perlaya, sarta maraké senjata
panah jeung gondéwa, nya ti harita éta tempat téh ku Raja Jaya Dilaga dingaranan
Cigondéwa. Nu ahirna robah jadi Cigondéwah, anu asalna tina gondéwa tadi.
1. judul
Sasakala Cigondewah
2. latar tempat
Karajaan Sindangsari
3. latar waktu
subuh
5. alur cerita
maju
6. jenis dongeng
Dongeng Sunda Legenda atau dalam yang bahasa sunda biasa disebut juga dengan dongeng
sasakala, adalah salah satu jenis dongeng yang menceritakan mengenai asal muasal suatu
peristiwa,
7. amanat
kita tidak boleh menyimpan dendam kepada seseorang dan kita tidak boleh mengambil
keputusan dengan pendek.