You are on page 1of 2

Asal Muasal Wayang

Wayang the asal kecapna tina bayang nyaeta wawangan adegan pangadegna jelema, boh
lahirna boh batinna. Bentuk atawa fisikna sarupa jejelemaan tina kulit atawa tina kai nu
diibaratkeun anun dilalakonkeunana dina carita Mahabarata, Ramayana. Seni pagelaran dina
wangun drama nu has, nu ngawengku seni sora, seni lukis, jeung sajabana.
Asal Carita Wayang
Babon carita wayang the asalna ti India nyaeta tina kitab Mahabarata nu ditulis ku Abyasa
jeung kitab Ramayana nu ditulis ku Valmiki. Patalina jeung kasus kabiasaan sunda the
Carita wayang ukur pragmen tina Mahabarat atawa Ramayana. Upamana lalakon
wayang Tegal Kurusetra, ukur nyaritakeun perangna antara pandawa jeung kurawa di
kurusetra.
Dimodifikasi tina carita aslina
Dipintonkeun minangka media hiburan dina pintonan wayang golek, wayang kulit
atawa wayang orang
Geus kaserepan unsur islam
Ngenaan Mahabarata
Ujaring carita dianggit dina wnagun sa’ir ku Wiyasa, panjangna 200.000 jajar atawa 100.000
sloka, pangpanjangna sadunya. Dina carita Mahabarat nu nyekel kaadilan the Pandawa
sedangkeun anu murka nyaeta kurawa. Nyaritakeun perang sadulur antara pandawa jeung
kurawa.
Ngenaan Ramayana
Dianggit dina wangun sa’ir ku Walmiki. Panjangna 48.000 jajar atawa 24.00 sloka. Dina
carita Ramayana nu nyekel kaadilana nyaeta Batara Rama sedangkeun nu murkana nyaeta
Prabu Rahwana atawa Dasamuka. Nyaritakeun perang antara Sri Rama ngalawan Rahwana
nu ngiwat pamajikan Rama nyaeta Dewi Sinta.

Bebedaan Carita Wayang di Urang jeung Aslina ti India


Carita Asli ti India Carita Wayang di Urang
Teu aya punakawan (Semar, Cepot, Dawala, Aya punakawan (Semar, Cepot, Dawala, Gareng)
Gareng) anu tuhu ngabdi ka Pandawa. Dina lalakon wayang,
Semar the kacaritakeun sakti batan dununganana,
malah leuwih sakti batan dewa
Dorna kacaritakeun jadi guru pandawa jeung Dorna jadi tokoh anu boga sipat julig, rehe, jeung
Kurawa anu boga sipat wijaksana jeung pikasebeleun, tur leuwih mihak ka Kurawa batan ka
dipihormah Pandawa
Gatot Gaca lain tokoh penting, tapi ukur Jadi tokoh penting jeung rea dicaritakeun. Malah
dicaritakeun rek maotna, nyaeta basa jadi aya carita-carita wayang anu husus ngalalakonkeun
wadal sanjata Konta anu dilepaskeun ku Gatotgaca siga dina carita Jabang Tutuka, Pergiwa-
Karna nu rek ditujulkeun ka Arjuna. Pergiwati, jeung Brajamusti
Srikandi lain awewe Srikandi the awewe geulis anu jadi pamajikan
kadua Arjuna
Drupadi the poliandri, nyaeta jadi pamajikan Drupadi ukur jadi pamajikan (prameswari)
pandawa lima (Yudistira, Bima, Arjuna, Yudistira
Nakula, jeung Sadewa)

Epik Mahabarata

Epik Ramayana

You might also like