You are on page 1of 1

Assalamualaikum wr wb

Sampurasun

Bapa ibu girang pangajen anu ku simkuring di pika hormat sareng rerencangan anu hadir di iyeu tempat
anu sami sami nuju berjuang

Tos sakedahna pisan dina wanci ieu ,urang lumajat ka allah swt,anu parantos usik malikeun urang ,saban
baktos,siang kalawan wengi oge –kalintang saena urang sujud ka gusti anu parantos maparinjatah yuswa
kaurang sadaya ti kawit gubrag ka alam dunya dugika jajapna engke ka yaomil jaza.para wargi sadaya
dina iyeu kasempatan simkuring bade nyobian medar perkawis perluna utamakeun basa
indonesia,ngamumule basa sunda,sarta ngawasal basa deungeun.

Hadirin

Basa teh mangrupi jandela dunya ciri dina jati diri manusa anu ngancik di hiji nagri dinagara
indonesia.urang ngagaduhan basa nasional anu sok di pake di setiap kagiatan kagiatan pormal.oge
digunakeun pikeun basa persatuan di saantero daerah,geus sakuduna urang ngutamakeun make basa
indonesia boh keur di sakola,atawa keur kaperluan dinas nu sejen na.kitu deui basa sunda mangrupa
salah sahiji bagean dina budaya di indonesia.basa anu mibanda ka endahan nu sampurna sanes mung
sakadar kangga gunem catur hungkul, namung mangrupa basa batin anu tiasa mangaruhan ka ungal
jalmi nu makena.matak tentrem kana ati sanu bari kanu ngaregepkeun nana tos janteun pasipatan
urang pasundan, nu handap asor,someah ,hade kasemah,tur darehdeh,, kumargi kengeng pangaruh tina
basa sunda anu tos sakedahna di angge sadidinten

Hadirin

Di sagedengen basa indonesia, basa sunda, oge tong hilap urang gaduh hiji tintunan kanggo ngawasa
basa deungeun bade basa inggris,arab,cina,jepang jeung sajabina.anu tujuan na supaya supaya urang
teu katinggaleun ku bangsa deungeun. Teu saetik elmu pangaweruh jeng teknologi nu datang ti nagara
nagara nu di sebatan nembe.

Jadiii cindek na basa indonesia kudu bener, basa sunda ulah poho basa deungeun kudu di kawasa.

Hadirin

Dina dangeut iyeu pisan, simkuring umajak ka sakumna dulur dulur anu aya di tatar sunda. Hayu urang
paheyek heyek leungeun sasarengan utamakeun basa indonesia piara tur ngamumule basa sunda, sarta
ngawasa basa deungeun kalayan rancade mangga geura aremutan.

Hadirin…

Hormaten simkuring sakitu anu dipika hatur hapunten anu dipika suhun.boh bilih dina cumarios tadi teh
pondok nyogok panjang nyugak mugi ageung tawakupna.

Jalan jalan meuli tomat

Balikna meuli calana

Juru pangajeun nu di pihormat

Sing ageung masihan nilai na.

Saninten buah saninten saninten di parapatan. Hapunten abdi hapunten bilih aya kalepatan.
Wabillahi topik walhidayah wassalamualaikum wr wb.

You might also like