You are on page 1of 2

Nyieun Endog Gulung

Dinten Minggu kamari, abdi sareng rerencangan ngadamel endog gulung. Abdi, Ahmad, sareng
Asep sasarengan minangka hiji kelompok.

Tugas ieu kaitung gampil kusabab bahan-bahanna oge kawilang babari dipilarian sareng
hargana teu awis.

Abdi jeung Ahmad sasarengan angkat ka bumi Asep dinten Minggu sore kanggo ngadamel
endog gulung. Artos sadayana parantos disiapkeun samemehna, kitu oge sareng parabotan
masakna.

Teu pati ngantosan lami, Ahmad jeung Asep angkat meser bahan-bahan ka warung sedengkeun
abdi ngantosan di bumi Asep sabari nyiapkeun alat-alatna. Tau kungsi lila, Ahmad jeung Asep
torojol uih ti warung.

“Hayu buru, urang geura langsung bae ngadamel endog gulung bisi kaburu maghrib!”, ceuk abdi
make nada nu rada teges.

Singket carita, endog didadar ditambih bumbu-bumbu. Di tempat sejenna teu jauh ti abdi
ngadadar endog, minyak goreng luhureun katel geus panas.

Ari geus kitu mah langsung bae eta endog nu didadar teh diasupkeun kana katel tuluy digulung-
gulung make kai samodel tusuk sate.

“Yeuh, jadi, euy,” Ahmad surak lantaran endog gulung jieunan manehna geus jadi.
Kitu oge endog gulung jieunan Asep nu katinggalina ngeunah sabab dibere saos.

Sanggeus rengse, kabeh endog gulung nu geus kakumpul difotoan yen jadi bukti ka guru.

Rasa endog gulung lain jadi partimbangan nu dinilai ku guru kusabab geus diwanti-wanti
panilaian diitung tina kerja sama jeung hasil.

You might also like