You are on page 1of 15

SAJAK SUNDA

MAKALAH

Disusun kanggé ngalengkepan salah sahiji tugas Mata Kuliah Bahasa Jeung Sastra
Sunda

Panyusun:
Dila Januar Bestlian
 NPM. 01020301100448
01020301100448
Windy Wulandari
 NPM. 01020301100487
01020301100487

PROGRAM STUDI MATEMATIKA KELAS 3-C

FAKULT
AKULTAS KEGURUAN
KE GURUAN DAN ILMU
I LMU PENGETAHUAN
P ENGETAHUAN
UNIVERSIT
UNIVERSI TAS SURYAKANCANA
SURYAKANCANA
2012
PANGJAJAP

Puji sareng syukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Alloh SWT

lantaran barkat rahmat-Na simkuring saparakanca tiasa ngaréngsékeun ieu karya

ilmiah kanggo nuntaskeun pancén ti Bapa/Ibu Dosen. Sholawat sinareng salam

mugia salamina kacurah limpahkeun ka jungjunan alam nyatana Nabi Muhammad

SAW, teu hilap ka kulawargina sareng ka shahabatna sareng mudah-mudahan dugi

ka urang sadayana. Amin …

Paparan makalah ieu di judulan ku SAJAK SUNDA. Panyajian anu

aya dina paparan ieu nyaéta unsur-unsur sajak anu aya dina kasusastraan sunda,

anu tujuanna pikeun nyumponan pancén ti Dosén Basa jeung Sastra Sunda.

Tujuan anu séjénna nyaéta pikeun ngembangkeun kanyaho urang kana

kasusastraan Indonesia khususna karya sastra sajak sunda.

Saleres-leresna paparan ieu pasti wae aya kakiranganna anu teu di

sadari ku simkuring saparakanca. Kumargi kitu simkuring saparakanca anu

nyusun kana karya ilmiah ieu nyuhunkeun kritikan sareng saran ti Bapa/Ibu

Dosén mata kuliah pikeun nyampurnakeun paparan makalah ieu pikahareupeun.

Tungtung basa, simkuring saparakanca ngucapkeun hatur nuhun ka

sadaya wargi anu parantos ngabimbing simkuring saparakanca kana nyusunna ieu

makalah. Oge simkuring saparakanca salaku anu nyusun ieu karya ilmiah

ngaharepkeun supaya ieu makalah téh tiasa manfaat kanggo ngembangkeun

katerampilan dina karya sastra Sunda, sareng tiasa manfaat kanggo anu maca

 pikeun diajar sastra khususna Sajak Sunda.

Cianjur, 19 Séptémber 2012

Panyusun

i
Daftar Eusi

Pangjajap ..................................................................................................... i

Daftar Eusi .................................................................................................. ii

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang ......................................................................... 1

1.2 Watesan Masalah ...................................................................... 2

1.3 Maksud Jeung Tujuan ............................................................... 2

BAB II ULIKAN TIORI

2.1 Paparan ...................................................................................... 3

2.2 Wangénan / Unsur-unsur Sajak ................................................. 4

2.2.1 Unsur Wujud Sajak ........................................................... 5

2.2.2 Unsur Batin Sajak ............................................................. 6

2.3 Cara Ngarang Sajak .................................................................. 8

2.4 Conto Sajak ............................................................................... 8

BAB III PANUTUP

3.1 Kacindekan ............................................................................... 11

3.2 Saran ......................................................................................... 11

Pabukon ....................................................................................................... 12

ii
BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Dina kahirupan sapopoé urang sarerea pasti waé pernah nguping

istilah sastra atawa karya sastra, prosa atawa sajak. Tina maca karya sastra, urang

saréréa bakal manggihan harkat hirup. Tina basa lain, tina karya sastra aya ka

manfaatan pikeun kahirupan. Karya sastra anu alus, biasana sok ngabogaan nilai

(value). Nilai éta di wangen tina wujud wangénan karya sastra, anu sacara implicit

sok aya dina galur, latar, tokoh, téma jeung amanat. Atawa dina larik, kuplét, rima

 jeung irama. Nilai anu di kandung tina karya sastra nyaéta : Nilai hedonik 

(Hedonic Value), nilai artistik (Artistic Value), nilai kultural (Cultural Value), nilai

étis, moral, agama (Ethical, Moral, Religious Value) jeung nilai praktis (Practical

Value).

Salah sahiji karya sastra Indonesia nyaéta sajak. Sajak téh nyaéta anu

ngabogaan ciri mantra, rima, teu jeung rima, atawa kombinasi duanana.

Katangtuanna, lamun di bandingkeun jeung sastra anu séjén nyaéta, dina basa-

 basana anu topang-manopang jeung hubungan tina harti.

Pamahaman jalma-jalma kana sajak bisa beda-beda. Ieu di sababkeun

tergantung timana urang ngahartikeunna. Sajak mangrupakeun ekspresi jiwa

atawa emosi panyair kana naon-naon masalah anu kapanggih dina ka hirupan.

Jeung anu nyieuna kana sajak bisa saha waé heunteu kudu jalma-jalma anu

 palalinter. Tapi urang oge salaku jalma awam bisa nyieun ogé lantaran satiap

 jalma ngabogaan imajinasi jeung pangalaman-pangalaman anu bisa di jadikeun

atawa anu bisa di larapkeun kana sajak.

1
1.2 Watesan Masalah

Watesan masalah ieu dilakukeun supaya panalungtikan bisa luyu

 jeung tujuan anu di harepkeun. Watesan masalahna nyaéta: sakabéh anu ngenaan

kana sajak sunda.

1. Naon ari nu dimaksad sajak?

2. Naon baé anu janten unsur-unsur sajak?

1.3 Maksud Jeung Tujuan

Maksud tina makalah ieu nyaéta:

•  Nyumponan tugas Mata Kuliah Basa Jeung Sastra Sunda

•  Nganyahokeun salah sahiji karya sastra sunda anu tina jalur sajak 

•  Nganyahokeun unsur-unsur sajak 

2
BAB II

ULIKAN TIORI

2.1 Paparan

Kecap sajak dipikawanoh dina kesusastraan Indonésia. Pamakéan

istilah ieu mindeng dicampuradukkan kalayan puisi. Padahal, puisi asalna ti basa

Walanda, ti kecap poezie. Dina basa Walanda, dipikawanoh kalayan istilah

gedicht.

Sajak  nyaéta karya sastra wangun ugeran (puisi) anu teu kauger ku

 patokan-patokan. Sajak henteu kauger ku jumlah padalisan (baris, jajaran) dina

sapadana, jumlah engang dina unggal pada (bait) atawa sora tungtung dina unggal

 padalisan (jajaran) upama rék nulis sajak kudu nangtukeun jejer milih kecap nu

luyu, jeung maké basa nu singget sarta jelas. Dina wangun kasusastraan Sunda,

Sajak  téh kaasup dina katégori Sastra Modéren. Mun mapay lalakon umur tina

runtuyan sajarahna, Sajak Sunda geus lumayan kolot umurna téh. Sanggeus

sawatara waktu kamerdikaan nagara urang (1946) nepi ka ayeuna, "kitu sotéh mun

diukur ti mimiti Kis. Ws. (  Kiswa Wiriasasmita ) nulis sajak" , kitu pisaur Pa

 Abdullah Mustappa. Aya deui KTS (Kadir Tisna Sudjana) dina sastra Sunda nu

nuturkeun nulis ditéma ku polémik, ngeunaan hak hirup sajak, anu harita mah

dianggapna injeuman ti deungeun. Ti saprak harita, Sajak Sunda anak-baranahan

nepi ka kiwari.

Sajak nyaéta puisi, tapi henteu sabalikna. Puisi bisa waé aya dina

 prosa kawas carpon, novel, atawa esai, ku kituna jelema mindeng ngomong yén

kalimat-kalimatna puitis (boga sipat puisi). Nurutkeun Putu Arya Tirtawirya, puisi

 jadi hiji pengungkapan sacara implisit, samar, jeung harti anu tersirat, di mana

kecap-kecap condong dina hartina anu konotatif.

3
Sajak ngabogaan harti leuwih lega. Henteu saukur hal anu tersirat,

tapi geus ngait matéri eusi puisi, komo nepi ka dina éfék anu ditimbulkeun, kawas

sada. Lantaran éta, manéhna sakapeung ogé dimaknaan minangka sada.

Di handap ieu aya sababaraha harti sajak numutkeun pamadegan para

ahli sastra sewang-sewangan:

• Pikeun Subagio Sastrowardoyo, manéhna boga pamadegan yen sajak 

nyaéta naon anu lahir sanggeus 'peuting anu hamil ku binih kuring. Nyaéta

orok anu dicampakkan ka lanté bumi'. Sajak kawas anak haram tanpa ibu

mawa dosa kahiji dina tarangna.

• Sedengkeun Subagio Sastrowardoyo boga pamadegan yén sajak kapaké

 pikeun ngingetkeun urang dina carita sarta keabadian. Mopohokeun ka

 péso sarta tali. Mopohokeun ka bunuh diri.

• Sajak pikeun Chairil nyaéta alamat kamana manéhna nuju sanggeus

lumpat ti gedong rubak halaman, sarta sabot kasasar teu meunangkeun

 jalan.

• Sajak pikeun Goenawan Mohamad nyaéta catetan urang pikeun tiis anu

teu kacatet dina termometer. Sabot dayeuh baseuh, angin ngusir urang di

sapanjang walungan, tapi urang tetep waé di ditu. Ngimeutan, nyatet.

Kawas gerimis ngiles sarta urang saksian cahya ngojay ngoprek kelir.

Manéhna aya sabot urang ngarasakeun bagja cacak teu weruh naha.

2.2 Wangénan / Unsur-unsur Sajak 

Wangénan sajak di wangun ku sababaraha unsur anu ku panyusun di

 bagi kana 2 bagean, nyaeta unsur wujud sajak jeung unsur batin sajak.

4
2.2.1 Unsur Wujud Sajak 

Aya sababaraha ciri wujud atawa wangun sajak, nyaéta:

• Perwajahan, nyaéta wangun sajak henteu kawas prosa anu dipinuhan ku

kecap-kecap, pangaturan jajarna, nepi ka jajar sajak anu henteu sok 

dimimitian ku hurup kapital sarta dipungkas jeung tanda titik. Hal-hal

kasebut pohara nangtukeun pemaknaan ka puisi.

• Diksi, nyaéta pemilihan kecap-kecap anu dipigawé ku penyair dina

sajakna. Alatan kitu sajak nyaéta wangun karya sastra anu saeutik kecap-

kecap bisa ngungkabkeun loba hal, mangka kecap-kecapna kudu dipilih

sacara tarapti. Pemilihan kecap-kecap dina sajak pageuh pakait jeung harti,

nada, sarta runtuyan kecap.

• Imaji, nyaéta kecap atawa susunan kecap-kecap anu bisa ngungkabkeun

 pangalaman indrawi, kawas panempoan, reungeu, sarta rarasaan. Imaji

 bisa dibagi jadi tilu, nyaéta imaji sora (auditif), imaji panenjoan (visual),

sangkan bisa ngarasakeun kawas naon anu dialaman panyair.

• Kecap konkret, nyaéta kecap anu bisa ditéwak kalayan indera anu matak 

 bisa mecenghulna imaji. Kecap-kecap ieu nyambung kalayan kiasan atawa

lambang. Contona kecap kongkret “salju: ngalambangkan kabekuan asih,

kehampaan hirup, jeung sajabana, sedengkeun kecap kongkret “ranca-

ranca” bisa ngalambangkan tempat kotor, tempat hirup, bumi, kahirupan,

 jeung sajabana.

• Gaya basa, nyaéta pamakéan basa anu bisa ngahirupkeun/ningkatkeun

éfék sarta ngabalukarkeun konotasi nu tangtu. Basa figuratif 

ngabalukarkeun sajak jadi prismatis, hartina mancerkeun loba harti atawa

 beunghar ngeunaan harti. Gaya basa disebut ogé majas. Aya rupi-rupi

5
majas diantarana metafora, simile, personifikasi, litotes, ironi, sinekdoke,

eufemisme, repetisi, anafora, pleonasme, antitesis, alusio, klimaks,

antiklimaks, satire, pars pro toto, totem pro parte, nepi ka paradoks.

• Rima/Irama nyaéta kasalarasan sada dina sajak, biasana di mimiti,

tengah, sarta ahir jajar puisi.

2.2.2 Unsur Batin Sajak 

• Téma

Tema nyaéta pokok pasualan anu bakal di jéntrékeun tina wangén sajak.

Téma éta bisa di kembangkeun ku cara nagtukeun hal-hal anu rek di

 jenterkeun tina sajak. Téma bisa ogé disebut pokok pasualan pikeun

 panyair. Téma ngeunaan sajak biasana tersurat guratna atawa ngan tersirat

seratnya, atawa ngan bisa tafsirkan waé salah sahijina. Meureun ieu

minangka wujud kakariban atawa persembahan pikeun manéhna sorangan.

• Makna /Harti

Makna nyaéta kata anu dipaké dina sajak. Makna sajak aya anu disebut

makna dénotasi jeung aya anu disebut makna konotasi.

1. Makna Dénotasi

Makna dénotasi nyaéta makna dasar, léksikal, kamus, umum,

nétral, teu di campur nilai rasa lain, kiasan, atawa harti anu paling

deukeut. Atawa disebut ogé makna anu sabeuneurna.

2. Makna Konotasi

Makna konotasi nyaéta makna anu timbul tina akibat sikep sosial,

sikap pribadi, jeung tina sikep tambahan, anu dikeunakeun kana

salah sahiji makna konséptual atawa disebut makna kiasan makna

6
ditukangeun makna anu sabenerna.

• Rasa

Rasa nyaéta sikep panyair kana pokok pasualan, nyaéta dangong penyair 

ka poko masalah anu aya dina puisinya. Pengungkapan téma sarta rasa

 pageuh pakait jeung kasang tukang sosial sarta psikologi penyair, contona

kasang tukang atikan, ageman, génder, kelas sosial, kalungguhan dina

masarakat, umur, pangalaman sosiologis sarta psikologis, sarta kanyaho.

Jejero pengungkapan téma sarta ketepatan dina nganggepan hiji masalah

henteu ngagantung dina pangabisa penyairmemilih kecap-kecap, rima,

gaya basa, sarta wangun puisi waé, tapi leuwih loba ngagantung dina

wawasan, kanyaho, pangalaman, sarta kepribadian anu kabentuk ku

kasang tukang sosiologis sarta psikologisnya.

• Lagu/Nada

Lagu nyaéta sikep panyair kana macana sajak, nyaéta dangong penyair ka

 pamacana. Nada ogé nyambung jeung téma sarta rasa. Penyair bisa

nepikeun téma kalayan nada mapatahan, ngadikte, digawé babarengan

 jeung pamaca pikeun mecahkeun hiji masalah.

• Amanat

Amanat nyaéta salah sahiji perkara anu anu jadi tujuan panyair atawa éfék 

anu tangtu anu di dambakeun ku panyair, ogé disebut talatah anu hayang

ditepikeun panyair ka pamaca.

7
2.3 Cara Ngarang Sajak 

Cara atawa téknik ngarang sajak diantarana :

• Ku kecapan dina sajak kudu dipilihan , ulah siga prosa anu nulungan

sadayana

•  Nepikeun maksud sajak, pangarang sajak sok tara nepikeun maksud sajak 

éta téh

2.4 Conto Sajak Sunda

TUKEURAN IEU SAJAK 

Tukeuran ieu sajak 

Ku salambar simbut atawa samak sahelay

Heug rungkupkeun ka barudak nu teu kaburu heuay

Pating golepak dina trotoar 

Tukeuran ieu sajak ku beas wuluh atawa heucak 

Heug sidkahkeun kanu haropak 

Anu marangkuk di saung atawa di kolong sasak 

Tukeuran ieu sajak 

Ku sababaraha siki pelor 

Heug tembakkeun kana genggerong koruptor manipulator 

Sina enya kalojor 

Tukeuran ieu sajak 

Ku beubeutian tina kalbu anu rido

Keur nyebor anu balangsak 

(Lamun teu kitu sasaak) (Yus Rusyana, Ciliwung, 19 Juli 1966)

8
WASIAT KONGLOMERAT

Lamun Apih paeh

 pangbungkuskeun ku salambar boeh

ladang ngeleketek 

tina rupa-rupa proyek 

Lamun Apih nemahan pati

 pangmesenkeun padung jati

ladang ngumpulkeun komisi

 jeung rupa-rupa korupsi

Kontrak-kontrak nucan diteken

Jeung SPK-SPK nu can dilaksanakeun

awurkeun luhureun paesan

na tetengger heug tulisan

: parantos mulang ka kalanggengan

Apih, konglomerat tuladan

(Taufik Faturahman, 1992, Galura No.38)

9
PANGBALIKAN

Iuh, iuh gunung kuring

angin ulin dina embun-embunan

sawaktu-waktu kuring kudu nepungan

dumeh hirup halabhab cinta

di maranehna nya ayana

Aya sababna kuring tibelat

aya sababna kuring pegat

tapi nu ahir lain kaabadian

kakasih dina hate ngawih deui

Iuh,iuh gunung kuring

nyata, nyata tanda-tanda

ngabalungbung jalan hirup

nepi ka nyawa rek asup

ka maranehna kuring rek balik 

ka maranehna kuring rek pamit

(Wahyu Wibisana, Ciawang ,28-7-56, tina Kanjutkundang)

10
BAB III

PANUTUP

3.1 Kacindekan

Dina paparan data anu baris dipidangkeun ku panyusun kana sajak 

sunda, bisa dicindekkeun sababaraha hal nyaeta:

(a) Sajak nyaeta karya tulis anu, lamun di bandingkeun jeung karya tulis anu

sejenna, miboga pirang-pirang ciri kaunggulan saperti kaorsinilan,

kaartistikan, sarta kaendahan tina eusi jeung ungkapanna.

(b) Sajak Sunda teh nyaeta salah sahiji karya sastra Indonesia.

(c) Unsur-unsur sajak sunda teu beda jauh jeung sajak-sajak anu sejena nyaeta

miboga tema, makna/harti, rasa, irama/lagu, jeung amanat.

3.2 Saran

Pikeun ngembangkeun kanyaho kana karya sastra khususna sajak 

sunda anu leuwih ngembang, saena kedah ngalakukeun sababaraha kagiatan,

diantarana:

1. Aya pangajaran kana bidang sastra khususna sajak sunda di tiap-tiap

tingkatan sakola.

2. Supaya lewih di tingkatkeun kana kagiatan ngenalkeun sajak.

3. Supaya kudu di lobakeun kana latihan-latihan sastra.

4. Ngayakeun hiji pasanggiri anu ngenaan kana sastra supaya leuwih resep

kana sastra-sastra Indonesia.

11
Pabukon

• AnneAhira.com, 2012, Sajak, [online], (http://www.anneahira.com/puisi-

sajak.htm, diakses kaping 17 September 2012)

• AnneAhira.com, 2012, Sajak Sunda Hilang Ditelan Zaman, [online],

(http://www.anneahira.com/sajak-sunda.htm, diakses kaping 17 September 

2012)

• Taufikampera, 2008, Kumpulan Sajak Sunda Pikeun Barudak, [online],

(http://tradisidongeng.blogspot.com/2008/09/kumpulan-sajak-sunda-

 pikeun-barudak.html, diakses kaping 17 September 2012)

• Wikipedia, 2012, Puisi, [online], (http://id.wikipedia.org/wiki/Puisi,

diakses kaping 17 September 2012)

• Wikipedia, 2012, Sajak, [online], (http://su.wikipedia.org/wiki/Sajak ,

diakses kaping 17 September 2012)

• Wikipedia, 2012, Sajak Sunda, [online],

(http://su.wikipedia.org/wiki/Sajak_Sunda, diakses kaping 17 September 

2012)

• SundaNet, 2002, Kumpulan Sajak Sunda, [online],

(http://www.sundanet.com/?p=102, diakses kaping 17 September 2012)

12

You might also like