You are on page 1of 8

BASA JEUNG PIKIRAN

(MAKALAH JURNAL)

Diajukeun pikeun ngalengkepan salasahiji pancèn Mata Kuliah Psikolinguistik

Dosèn pangampu Drs. O. Solehudin, M.Pd. jeung

Prof. Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum

Ku:

Kelompok 1

DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA SUNDA

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

2019
BASA JEUNG PIKIRAN

Agung Apryan, Triani Endah Nur Ilahi, jeung Zulfikar Alamsyah

apryanagung@gmail.com, tri_endah@student.upi.edu, zulfikaralamsyah11@student.upi.edu

Departemen Pendidikan Bahasa Sunda, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra,

Universitas Pendidikan Indonesia.

Abstrak

Basa téh mangrupa hiji struktur nu unik sabab ngan dipiboga ku manusa jeung
sato. Pikiran jeung basa nyaéta hiji jeung sifatna nurani; geus aya dina otak nalika
manusa dilahirkeun ka dunya. Basa nyaéta alat nu sistematis pikeun nepikeun ide
atawa rasa jeung ngagunakeun tanda, bunyi, atawa tanda nu disapukan nu
ngandung harti nu bisa dipikapaham. Sedengkeun mikir atawa pikiran nyaéta hiji
aktivitas aktif pribadi manusa nu ngabalukarkeun manggihna hiji hal nu arahna
kana hiji tujuan.

Kecap Konci: basa, pikiran, manusa.

Abstract

Language is a unique structure because only owned by human and animals.


Langauge and mind is one and the nature of conscience; already in the brain
when humans are born. Language is a systematic tool for conveying ideas or
feeling that use signs, sounds, or signs that are agreed to contain understandable
meanings. Whereas thingking or thought is the activity of the human person that
causes discovery directed at one goals.

Key Words: language, thought, human.


BUBUKA

Basa téh struktur unik nu ngan dipiboga ku manusa jeung sato. Kira-kira
2.500 taun ka tukang, Aristoteles miboga argumén yén katégori piiran nangtukeun
katégori basa. Loba alesan nu nguatkeun ieu pamadegan, sanajan Aristoteles
sorangan teu bisa ningalikeun alesan-alesan éta. Aya ogé alesan séjén nu bisa
dijéntrékeun nya éta kamampuan manusa pikeun mikir datang leuwih awal
ditingali tina aspék évolusi jeung lumangsung béh dieu tina aspék perkembangan
dibandingkeun jeung kamampuh ngagunakeun basa.

Sabagian jelema miboga kamandang yén mikir téh tanpa ayanda basa.
Naon anu aya dina pipikiran atawa pikiran manusa ngan bisa datang tanpa kudu
diheulaan ku peran basa. Ieu kamandang bisa dihubungkeun jeung misalna tanpa
ngomong manusa bisa mikir ngeunaan hiji hal anu sabenerna bisa diomongkeun
ngaliwatan basa. Kebisuan bahasa teu nyababkeun kehampaan berpikir. Conto
lain, jelema nu pireu jeung teu ngadéngé masih bisa mikir, malah mah méré saran
ka jalma normal ngeunaan hiji hal, tangtu waé ngaliwatan fasilitas komunikasi nu
dipibogana.

MÉTODE

Métode anu digunakeun dina ieu makalah nya éta métode kualitatif déskriptif.
Numutkeun Bogdan jeung Taylor 9dina Moléong, 2002:3) ieu métode mangrupa
métode panalungtikan nu ngahasilkeun data déskriptif ngeunaan kekecapan lisan
atawa tulisan jeung laku lampah nu bisa diamati tina objék-objék anu ditalungtik.
Ieu métode digunakeun pikeun mikanyaho ngeunaan basa jeung pikiran manusa.
Sumber data dina ieu makalah nyaéta buku-buku jeung literatur séjénna nu medar
ngeunaan basa jeung pikiran manusa.
HASIL JEUNG PEDARAN

A. BASA

Basa téh nyaéta hiji sistem komunikasi ku sora ngaliwatan alat ucap katut
pangdéngé di antara anggota kelompok atawa masarakat nu tangtu kalawan
maké lambang sora nu boga harti arbitrér tur konvénsional (Sudaryat, 2014).
Basa nya éta alat anu dipake ku manusa pikeun ngedalkeun eusi haténa,
diwangun ku réntétan sora nu geus ditangtukeun éntép seureuhna ku masarakat
nu maké éta basa. Dina hakékatna, basa téh mangrupa sistem lambang sora,
sora omongan, simbolis, arbitrér, unik, hiji kabiasaan, komunikatif, kultural,
barobah, rinéka, ragem, ngamasarakat, jeung midunya.

B. PIKIRAN

Pikrian téh prosés nu umangsung dina domain réprésentasi utama, mangrupa


hiji prosés itungan / computasional process (Shalihah, 2014). Pikiran
mangrupa hasil mikir, akal budi atawa ingetan, akal atawa daya upaya, angan-
angan atawa gagasan, jeung niat atawa maksud. Kagiatan ngagunakeun akal
budi pikeun ngahasilkeun tinimbangan jeung nagrumuskeun hiji hal. Nimbang-
nimbang dina ingetan, disebut mikir.

Mikir teh mangrupa hiji aktivitas aktif pribadi manusa nu ngabalukarkeun


timuan nu arahna kana hij tujuan. Manusa mikir pikeun nimukeun pamahaman.
Sacara lega, mikir téh hartina gaul jeung abstraksi-abstraksi. Bina harti nu
skalana leutik mikir téh nyimpen atawa néangan hubungan antara abstraksi-
abstraksi. Mikir raket patalina jeung daya-daya jiwa nu séjén, saperti
tanggapan, ingetan, jeung rasa. Ku cara mikir, manusa bisa nyangking timuan
anu anyar, sahenteuna jelema jadi apal ngeunaan hubugan antara hiji hal jeung
hal séjénna.

Mikir mangrupa daya nu paling utama sarta mangrupa ciri has nu ngabdakeun
manusa jeung sato. Manusa bisa mikir sabab manusa miboga basa, sedengkeun
sato henteu. Basa manusa nyaéta hasil kabudayaan nu kudu dipikapaham jeung
diajarkeun, sedengkeun basa sato nyaéta basa insting nu teu perlu dipikapaham
jeung diajarkeun (Sobur, 2010: 210-211). Sacara basajan, pikiran sadar dina
kahirupan manusa sapopoé bisa disebut pikiran nu sok ngaunakeun nalar,
logika, jeung sipatna analitis (Siregar, 2013:7)

C. TIORI-TIORI BASA JEUNG PIKIRAN

Aya ogé téori-téori ngeunaan basa jeung pikiran. Ieu tiori téh dijieun ku
sababaraha ahli psikolgi, nya éta:

1. Tiori Wilhelm Von Humbolt

Ngeunaan basa éta sorangan, Von Humboldt miboga pamadegan yén


substansi basa téh kabagi jadi dua bagian. Bagian kahiji, mangrupa sora-
sora, jeung bagéan séjénna mangrupa pikiran-pikiran nu can kawangun.
Sora-sora kawangun ku lautform, jeung pikiran kawangun ku ideenform
atawa innereform. Jadi basa numutkeun Von Humbolt mangrupa sintense
tina sora jeung pikiran.

Tina pamadegan di luhur, bisa dicindekkeun yén sora basa mangrupa


wangun luar sedengkeun pikiran mah wangun jerona. Wangun luar basa éta
nu didéngé sedengkeun wangun jero basa ayana dina uteuk. Von Humbolt
miboga pamadegan yén struktur hiji basa menyatakan kahirupan di jero
(otak pamikiran) panutur basa éta sorangan.

2. Tiori Jean Piaget

Piaget ngembangkeun tiori pertumbuhan kognisi, miboga pamadegan yén


budak nyangking pangajaran ngeunaan sagala hal di dunya ngaliwatan
tindakan ti palakuna jeung ngaliwatan basa. Ngaliwatan observasi nu
dilakukeun ku Piaget ngeunaan perkembangan aspék kognitif budak,
manéhna ningali yén perkembangan sapék kognitif budak bisa mangaruhan
basa nu digunakeunana. Makin luhur aspék éta, makin luhur ogé basa anu
digunakeunana.

3. Tiori L.S Vygotssky

Numutkeun Vygotssky, pikiran berbahasa nambahan ngaliwatan


sababaraha léngkah. Mimiti, budak kudu ngucapkeun kekecapan anu
dipikapaham. Satuluyna kamampuan ngarti atawa mikir tanpa ngucapkeun
kekecapan éta. Tuluy budak téh bisa misahkeun kekecapan anu aya hartina
jeung nu euweuh hartina.

Saterusna Vygotssky ngajéntrékeun yén hubungan antara pikiran jeung


basa lain mangrupa hiji banda tapi mangrupa hji proses, hiji gerak anu
tuluy-tumuluy tina piiran kana kecap jeung tina kecap kana pikiran. Pikiran
éta teu ngan saukur ditepikeun ku kekecapan, tapi lahir jeung kekecapan éta
sorangan. Unggal pikiran nyambungkeun hiji hal jeung hal séjénna jeung
ngadegkeun hiji hubungan di antara banda-banda.

4. Tiori Brunner

Numutkeun ieu tiori, basa téh mangrupa pakakas dina diri manusa anu
gunana pikeun ngembangkeun pamikiran. Salian ti éta, numutkeun Brunner
basa minangka pakakas pamikiran kudu aya hubungan langsung jeung laku
lampah atawa aksi dina tingkat permulaan atawa mimiti. Tuluy dina tingkat
anu saterusna ieu basa kudu berkembang ka arah hiji wangun nu
ngalibetkeun eskplisitan nu gedé jeung teu gumantung kana kontéks.

5. Tiori Lenneberg

Ngeunaan masalah hubungan basa jeung pikiran, Eric Lenneberg


ngajukeun tiori nu disebut tiori kamampuh basa husus. Ceuk Lenneberg,
loba bukti anu nunjukeun yén ,anusa narim warisan biologi asli mangrupa
kamampuh komunikasi ngagunakeun basa nu husus pikeun manusa jeung
euweuh hubunganana jeung kacerdasan atawa pamikiran.

Bukti yén manusa geus dipersiapkeun sacara biologis pikeun berbahasa


numutkeun Lennenberg nya éta:

1. Kamampuh basa raket patalina jeung bagian-bagian anatomi jeung


fonologi manusa, saperti bagian-bagian otak nu tangtu nu ngadadasaran
basa.

2. basa teu bisa diajarkeun ka mahluk nu séjén, nepi ka ayeuna can pernah
aya mahluk séjén nu mampuh ngagunakeun basa sanajan geus diajar ku
sagala cara.
3. Unggal basa didadasaran ku prinsip-prinsip semantik, sintaksis, jung
fonologi anu universal.

Lenneberg geus nyindekkeun loba bukti nu nétélakeun yén upaya manusa


pikeun berbahasa dadadasaran ku biologi nu husus pikeun manusa jeung
sumberna tina geneteik.

D. HUBUNGAN ANTARA BASA JEUNG PIKIRAN

Sabagéan jalma miboga kamandang yén jelema téh mikir tanpa ayana
basa. Naon anu aya dina pipikiran manusa ngan bisa datang tanpa kudu
dimimitian ku peran basa. Ieu pamadegan bisa waé dipatalikeun jeung, misalna
tanpa ngomong manusa bisa mikirkeun ngeunaan hiji hal anu sabenerna bisa
diomongkeun ngaliwatan basa. Conto séjénna, jelema pireu jeung torék gé bisa
mikir, maranéhna bisa méré saran ka jalma-jalma normal ngeunaan hiji hal,
tangtu waé ngagunakeun fasilitas komunikasi anu dipiboga ku maranéhanana.

Tapi, Muller negeskeun yén basa jeung pikiran téh teu bisa dipisahkeun.
Omongan anu dihasilkeun ku pakakas ucap dikendalikeun ku pikiran, jeung
sabalikna hasil pikiran nimbulkeun katégori atawa konsép keur hiji banda
atawa objék. Aya silih pakuat-pakait antara basa jeung pikiran atawa sabalikna
(Arifuddin, 2010).

Piaget ogé nétélakeun pamadegan anu sarua, aya patalina antara pikiran jeung
basa. Naon anu diucapkeun ku hiji jalma ngaliwatan tuturanana teu lain tina
hasil prosés mikir. Teu leupas tina kabeneran atawa kasalahan hasil pamikiran
éta.
DAFTAR PUSTAKA

Arifuddin. (2010). Neuropsikolinguistik. Jakarta: Rajawali Press.

Moleong, L. J. (2012). Metode Penelitian Kualitatif. Bandung: Remaja


Rosdakarya.

Shalihah, S. (2014). Otak, Bahasa, dan Pikiran Dalam Mind Map. Alfaz, Vol.2
No.1.

Siregar, E. (2013). The Real Art of Pikiran Bawah Sadar. Yogyakarta: Media
Pressindo.

Sobur, A. (2010). Psikologi Umum. Bandung: CV Pustaka Setia.

Sudaryat, Y. (2014). Lingusitik Umum (Elmuning Basa). Kota bandung: Jurusan


Pendidikan Bahasa Daerah UPI.

You might also like