You are on page 1of 2

Nama : Rezky Rizza Ramadhan

Kelas : 7 Ibnu Sinna

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda

Dongeng Kuda Anu Ngedul

Jaman baheula aya hiji kuda nu kacida ngedulna, éta kuda téh dipiara ku jalma beunghar anu
ngaranna Rezky. Unggal poé Rezky ka kota mawa kudana keur ngajual barang dagangan anu loba
diperlukeun ku urang kota.

Ku sabab ngarasa hoream kudu indit mawa barang dagangan, kuda ngedul téh boga rencana nipu ka
dununganana. Dina hiji poé si kuda téh dibawa ka kota ku Rezky, rék dagang uyah dua karung. éta
karung téh terus ditalian dina tonggong kuda. Di tengah jalan jalan si kuda ngedul téh
ngagejeburkeun manéh kana walungan.

Barang hanjat si kuda ngarasa hampang, sabab uyah nu dina tonggongna béak kabawa ku cai sarta
teu bisa ka pulung saeutik-eutik acan. Atuh sodagar téh kacida ambekeunana ka éta kuda. Tapi Rezky
teu bisa kukumaha da uyahna geus ngahiji jeung cai.

Isukna Rezky ka kota deui mawa tarigu dua karung. Éta karung téh ditalian deui kana kuda. Jiga
kamari deui waé kuda téh ngagejeburkeun manéh ka walungan, atuh puguh waé tarigu téh beak
kabawa palid.

Bari jeung ambek Rezky terus balik deui ka imahna, teu jadi ngajual barang daganganana.

Isukna, Rezky néangan akal sangkan kuda nu ngedul téh teu ngalakukeun deui pagawéan jiga kamari.
Rezky néangan kapas, tuluy dikarungan sarta ditalian kana tonggong kuda.

Di tengah jalan jiga kamari deui waé kuda téh ngagejeburkeun manéh kana walungan, tapi basa
manéhna hanjat karasa kacida beuratna karung nu dieusi ku kapas téh.

Manéhna ngarasa kaduhung ngalakukeun pamolah model kitu, sabab manéhna kudu terus ka kota
mamawa kapas anu sakitu beuratna.
Dongeng Ucing jeung Kalde

Aya hiji jalma anu ngaranna Rezky,Rezky teh ngingu ucing, kacida pisan dipikanyaahna, sabab rupana
alus, beresih, matak pikaresepeun. Éta ucing téh mun héés, sok ngaringkuk bae jeung dununganana.
Nyatuna dipupujuhkeun pisan tara elat jeung lauk. Dina euweuhna ogé sok ngahaja dipangnyiarkeun.

Salain ti ngingu ucing, Rezky téh ngingu kaldé hiji. Kaldé téh kacida sirikna ka ucing, duméh ucing
mah sakitu dipikanyaahna, kawas ka anakna baé, ari kamanéhna henteu. kahayang kaldé téh ulah
pilih kasih, kudu disaruakeun.

Mindeung pisan kaldé téh ngahuleng mikir naon sababna nu matak ucing sakitu dipikanyaahna. Teu
lila kaldé manggih akal.

“Ti mimiti ayeuna ucing téh rék diawaskeun kalakuanana, engké ku kuring rék diturutan,” ceuk kaldé.

Kacaritakeun dina hiji poé, dununganana téa diuk dina handapeun tangkal buah, teu lila ucing téh
nyampeurkeun bari éong-éongan, sarta tuluy sukuna nu ti hareup dijungjungkeun diteundeun kana
lahunan dununganana téh dicabakan bari diusapan.

Kaldé nu ti tadi ngawaskeun ucing terus, ujug-ujug seuri, sabab ceuk pamikirna gampang pisan
dipikanyaah dunungan téh.

“Tah, tah! bet babari temen, lamun ngan sakitu baé mah, supaya dipikanyaah ku dunungan kuring gé
bisa asana, ah rék nurutan!” ceuk pamikir kaldé.

Hiji mangsa, basa dununganana keur anteng rinéh handapeun tangkal buah, kaldé téh
ngampeurkeun ka dununganana ngahieum bari sesegor. Sukuna nu hareup ditincakeun kana lahunan
dununganana. Kumaha balukarna?

Éta jalma téh ngejat, tuluy nangtung, top nyokot iteuk, habek kaldé téh dirangkét tarik pisan. Geus
kitu tuluy dibawa ka tegal dikencarkeun.

Ceuk kaldé bari humandeuar,” Naha kumaha atuh, matak héran téh. teu kaharti ku kuring mah! Si
Ucing mah ngampeurkeun ka dununganana bari disada sukuna ditincakeun kana lahunana henteu
jadi matak kitu kieu, na ari kuring bert matak diteunggeul jeung diusir. Kumaha naha bet béda-béda,
sihoréng nu hadé dilakukeun ku batur can tangtu hadé dilakukeun ku nu séjén,” ceuk kaldé bari tuluy
nikreuh semu lungsé ka tegalan

You might also like