You are on page 1of 14

PENILAIAN TENGAH SEMESTER I

SD AL-IMAM Islamic School

Tahun Pelajaran 2022/2023

Nama : Nilai Tanda Tangan

Kelas : III (Tiga) …. Guru Orang tua
Mata : Basa Sunda
Pelajaran
Hari/Tgl. :
Waktu : 60 Menit

Basmallah (…………………………………………………………………………….)
I. Cakra (X) aksara a, b, atawa c hareupeun jawaban nu bener!
1. Pucung tèh ngaran….
a. guguritan b. pupuh c. carita pondok
2. Pupuh Pucung nyaèta pupuh anu ngagambarkeun rasa….
a. sumanget b. bungah c. ambek
3. Patokan pupuh nyaèta….
a. engang b. padalisan c. guru lagu
4. Pupuh dina Basa Sunda jumlahna aya….
a. 15 b. 16 c. 17
5. Alloh nyipta rupa-rupa mahluk hirup aya….
a. tutuwuhan b. sasatoan c. tutuwuhan jeung sasatoan
6. Tutuwuhan nu dipelak bakal subur lamun….
a. digemuk b. dipiara c. dipiara digemuk dihadè-hadè
7. Sasatoan anu diraksa tèh bakal….
a. tumarima b. tulatèn c. mikanyaah
8. Aya dua rupa pupuh nyaèta….
a. pucung jeung sekar alit
b. kinanti jeung guguritan
c. sekar ageung jeung sekar alit
9. Dikukut hartina….
a. apik, taliti, gumati
b. diasupan bahan sangkan subur
c. diurus, dipiara, diala hasilna
10. Dina kecap “kandang” aya sabaraha engang....
a. 4 b. 3 c. 2
II. Eusian titik-titik dina unggal kalimah ku kecap-kecap merenah!
11. Ngariksa sarua hartina jeung....
12. Tulatèn sarua hartina jeung....
13. Alloh nyiptakeun rupa-rupa....
14. Aya tutuwuhan jeung aya … ogè
15. Tutuwuhan nu dipelak bakal...

III. Prak jawab pananya ieu di handap jeung pigawè sing merenah!
16. Rucat kecap asal “mangpaat” jadi engang!
.............................................................................................................

Baca sing taliti pikeun soal nomer 17-20!
Pupuh Pucung
Alloh nyipta rupa-rupa mahluk hirup
Aya tutuwuhan
Aya sasatoan ogè

Sakabèhna marengan hirup manusa

Tutuwuhan nu dipelak bakal subur
Lamun dipiara
Digemuk dihadè-hadè
Èta jadi tandaning nyaah ka alam

Kitu deui ka sato anu dikukut

Kudu mikanyaah
Daèk ngurus tur tulatèn
Mun diraksa tangtu bakal tumarima
17. Naon waè mahluk hirup anu aya dina pupuh?
.............................................................................................................
.............................................................................................................
18. Naon anu bakal subur tèh?
.............................................................................................................
.............................................................................................................
19. Kumaha tanda nyaah ka alam tèh?
.............................................................................................................
.............................................................................................................
20. Kudu kumaha ka sasatoan anu dikukut tèh?
.............................................................................................................
.............................................................................................................

Hamdallah (…………………………………………………………………………….)
PENILAIAN TENGAH SEMESTER I
SD AL-IMAM Islamic School
Tahun Pelajaran 2022/2023

Nama : Nilai Tanda Tangan

Kelas : IV (Empat) .... Guru Orang tua
Mata : Basa Sunda
Pelajaran
Hari/Tgl. :
Waktu : 60 Menit

Basmallah (…………………………………………………………………………….)
I. Cakra (X) aksara a, b, c, atawa d hareupeun jawaban nu bener!
1. Pakumbuhan hartina….
a. komunikasi
b. shalawatan
c. kebudayaan
d. lingkungan sekitar
2. Istilah kaagamaan nu mangrupa kagiatan ibadah nyaèta….
a. masigit c. wudu
b. mimbar d. imam
3. Istilah kaagamaan nu mangrupa tempat jeung ala t ibadah nyaèta….
a. muadin c. puasa
b. masigit d. ustad
4. Istilah kaagamaan nu mangrupa kalungguhan di masarakat nyaèta....
a. adan c. madrasah
b. paimbaran d. imam
5. Kecap rundayan nyaèta kecap anu wangun dasarna geus ditambahan ku....
a. rarangkèn c. kecap asal
b. kecap saharti d. kecap pananya
6. Rarangkèn hareup kecap rundayan aya tilu nyaèta....
a. di-, ka-, ti- c. me-, di-, ti-
b. keun-, ka-, ti- d. keun-, me-, di-
7. Pèpèling nyaèta....
a. gumbira c. mata kaki
b. gagabah d. papatah atawa panggeuing
8. Kaduhung nyaèta....
a. boga kakawasaan c. ngajaga atawa nagtayungan
b. dipenta d. hanjakal
9. Èling-èling ihwan-ihwan
Sing èmut kana siksaan
Eureunan kama’siatan
Sing èmut kapangèran
Conto pupujian pèpèling di luhur nyaèta....
a. kawajiban solat c. siksa kubur
b. kawajiban puasa d. pancen di sakola
10. Nu kaasup kana conto pupujian ajaran agama nyaèta....
a. ngajakan solat c. solawat nabi
b. ngèlingan puasa d. pardu wudu
11. Kecap saharti atawa....
a. sinonim c. pananya
b. antonim d. asal
12. “lantaran” kecap sahartina nyaèta....
a. sabab c. anteng
b. sangkan d. beungeut
13. “titajong” nyaèta kecap rundayan nu ditambahan ku rarangkèn hareup....
a. ti- c. di-
b. ka- d. me-
14. Kecap asal “bawa” lamun ditambahan ku rarangkèn hareup ka- jadi....
a. dibawa c. membawa
b. kabawa d. bawa
15. “diajar” naon kecap asalna....
a. ajar c. belajar
b. diajar d. mengajar

II. Eusian titik-titik dina unggal kalimah ku kecap-kecap merenah!

16. .... saperti adan, puasa, wudu, jeung sajabana
Prak lengkepan Pupujian Pardu Wudu pikeun soal nomer 17-20!
17. Pardu wudu aya genep sadayana
Hiji ... kadua ngumbah beungeutna
18. Tilu ngumbah leungeun dua jeung sikuna
Opat ... saeutik tina sirahna
19. Lima ngumbah suku dua nepi kana....
20. .... rukun ka genepna

III. Prak jawab pananya ieu di handap jeung pigawè sing merenah!
21. Naon kecap sahartina “sangkan”?
.............................................................................................................
.............................................................................................................
22. Sebutkeun pardu wudu!
.............................................................................................................
.............................................................................................................
23. Tulis conto pupujian pardu wudu!
.............................................................................................................
.............................................................................................................
24. Èling-èling umat muslim jeung muslimat
Hayu urang solat barjamaah magrib
Èta kawajiban urang keur di dunya
PibeBacaukeulan jaga urang di akhirat
Naon wae kawajiban umat muslim nu kaunggel dina eta pupujian?
.............................................................................................................
.............................................................................................................
25. Baca sing taliti!
Danu jeung Adi keur dariuk di èmpèran masigit. Duana ningalikeun
babaturanana nu keur ucing-ucing di buruan masigit. Kabeneran buruan masigit
mah lalega, jadi matak genah dipakè ucing-ucingan atawa maèn galasin.
Naon anu dilakukeun barudak di buruan masigit?
.............................................................................................................
.............................................................................................................

Hamdallah (…………………………………………………………………………….)
PENILAIAN TENGAH SEMESTER I
SD AL-IMAM Islamic School
Tahun Pelajaran 2022/2023

Nama : Nilai Tanda Tangan

Kelas : V (Lima) .... Guru Orang tua
Mata : Basa Sunda
Pelajaran
Hari/Tgl. :
Waktu : 60 Menit

Basmallah (…………………………………………………………………………….)
I. Cakra (X) aksara a, b, atawa c hareupeun jawaban nu bener!
1. Kaulinan barudak biasana dilakukkeun ku barudak lalaki di antarana nyaèta....
a. ucing sumput c. carita pondok
b. ngadu kalèci d. ambil-ambilan
2. Pamaen dina kaulinan ngadu kalèci sakurang-kurangna kudu aya....
a. saurang c. tiluan
b. duaan d. opatan
3. Di sawatara tempat ngadu kalèci ogè disebut....
a. maèn pocès c. sondah
b. galah asin d. bebedilan
4. Samèmèh ngadu kalèci nyieun heula....
a. kalang sajajar c. kojo
b. tina awi d. batu
5. Kaulinan nu biasana dilakukeun ku barudak awèwè di antarana nyaèta....
a. sondah c. galah asin
b. bebedilan d. sorodot gaplok
6. Bèp jeung Dur istilah kaulinan dina....
a. ngadu kalèci c. galah asin
b. sorodot gaplok d. bebedilan
7. Karangan dèskripsi nyaèta karangan basa lancaran anu bisa mèrè....
a. gambaran c. kajadian
b. kaayaan d. carita
8. “èngklè” hartina....
a. gurat dina taneuh minangka ciri
b. pincang, leumpang teu bener lantaran nyeuri suku
c. ngajleng makè suku sabelah dina kaulinan Sondah
d. sèsa barang nu di beuleum, ngeprul kawas tipung
9. Kojo hartina....
a. pakakas kaulinan nu dipakè andelan ku pamaènna
b. sèsa barang nu dibeuleum, ngeprul kawas tipung
c. ngajleng makè suku sabelah dina kaulinan Sondah
d. gurat dina taneuh minangka ciri
10. Barudak makè keur ngagambar kalang.
Jejer dina èta kalimah nyaèta....
a. kalang c. keur
b. ngagambar d. barudak
11. Maman mawa kalèci warna-warni.
Caritaan dina èta kalimah nyaèta....
a. warna-warni c. mawa
b. kalèci d. maman
12. Struktur kalimah aktip nyaèta....
a. caritaan c. obyèk
b. jejer d. jejer, caritaan, jeung obyèk
13. Kecap barang mangrupa kecap anu nuduhkeun....
a. barang c. carita
b. gambaran d. kaayaan
14. Conto kecap barang anu nuduhkeun barang nyaèta....
a. buku c. kasusah
b. kapinteran d. kaparigelan
15. Conto kecap barang anu nuduhkeun barang teu nyata nyaèta....
a. pacul c. sapu
b. karanjang d. kasusah

II. Eusian titik-titik dina unggal kalimah ku kecap-kecap merenah!

16. Kalèci bodas nu semu gading susu dijieunna tina....
17. Dina lahan nu rèk dipakè ngadu kalèci nyieun heula kalang sajajar anu
anggangna kira-kira ... mètèr
18. Pikeun nangtukeun nu kabagèan pangheulana ngadu kalèci biasana ku cara....
19. Kalèci dijieun tina....
20. Dina kaulinan ngadu kalèci boh para pamaèn boh nu lalajo papada ngalatih diri
pikeun ngajaga....

III. Prak jawab pananya ieu di handap jeung pigawè sing merenah!
21. Sebutkeun kaulinan tradisional!
.............................................................................................................
.............................................................................................................
22. Sebutkeun fungsi kaulinan tradisional!
.............................................................................................................
.............................................................................................................
.............................................................................................................
23. Saha nu sok arèak-èakan dina kaulinan ngadu kalèci?
.............................................................................................................
.............................................................................................................
.............................................................................................................
24. Naon hartina bobotoh?

25. Tuliskeun hiji conto kalimah aktip!

.............................................................................................................
.............................................................................................................
.............................................................................................................

Hamdallah (…………………………………………………………………………….)

PENILAIAN TENGAH SEMESTER I
SD AL-IMAM Islamic School
Tahun Pelajaran 2022/2023

Nama : Nilai Tanda Tangan

Kelas : VI (Enam) .... Guru Orang tua
Mata : Basa Sunda
Pelajaran
Hari/Tgl. :
Waktu : 60 Menit

Basmallah (…………………………………………………………………………….)
I. Cakra (X) aksara a, b, c, atawa d hareupeun jawaban nu bener!
1. Carpon atawa....
a. carita pondok c. fiksi
b. karangan rèkaan d. dèskripsi
2. Di antarana unsur carpon nyaèta....
a. palaku c. prèdikat
b. obyèk d. kecap asal
3. Palaku nyaèta....
a. ngaran-ngaran sarta watek tokoh nu aya dina carita
b. hal-hal ngeunaan waktu, kaayaan, sarta tempat kajadian anu di caritakeun
c. gagasan poko anu diangkat jadi idè carita
d. sikep tur paripolah picontoeun atawa pieunteungeun, anu hayang ditepikeun
ku
pangarang ka anu maca
4. Basa Indonesana jangjang heulang nyaèta....
a. burung dadali c. sayap elang
b. burung merpati d. sayap merpati

5. Deudeuh hartina....
a. nyaah, asih, merhatikeun kaayaan tur nu dipikabutuhna
b. babari ditèwak, gampang dideukeutan
c. balangah, melèng, henteu ngawaskeun
d. ngalaksanakeun pagawèan kalayan daria
6. Tatu hartina....
a. balangah, melèng, henteu ngawaskeun
b. ngalaksanakeun pagawèan kalayan daria
c. raheut, kaayaan dina awak nu ruksak balukar tina cilaka
d. babari ditèwak, gampang dideukeutan
7. Conto kecap rarangkèn tengah -ar-....
a. barudak c. kabawa
b. titajong d. diajar
8. Rarangkèn tengah -ar-/-al- nuduhkeun kaayaan....
a. loba c. sedeng
b. saeutik d. teu rada
9. Conto kecap rarangkèn tengah -al-....
a. ngarojay c. arimah
b. sarebel d. baralik
10. Kecap rundayan anu makè rarangkèn tengah....
a. di-, ka-, ti- c. ka-
b. ti- d. -al-/-al-
11. Wacana lancaran disebut ogè....
a. prosa c. dèskripsi
b. karangan d. kalimah aktip
12. Kecap asal dina kecap rundayan “lalieur” nyaèta....
a. lali c. lalieur
b. lieur d. ngalalieur
13. Kalimah pananya nyaèta kalimah anu fungsi utamana pikeun....
a. ngajawab c. marentah
b. nanyakeun d. nyaritakeun
14. Naon, saha, di mana, iraha, ku naon, jeung kumaha nyaèta kecap....
a. aktip c. pananya
b. karangan d. rarangkèn
15. Kalimah pananya pikeun nanyakeun jalma, makè kecap pananya....
a. naon c. iraha
b. kumaha d. saha

II. Eusian titik-titik dina unggal kalimah ku kecap-kecap merenah!

16. Sikep tur paripolah picontoeun atawa pieunteungeun, anu hayang ditepikeun ku
pangarang ka anu maca nyaèta unsur carpon nu di sebut....
17. Hal-hal ngeunaan waktu, kaayaan, sarta tempat kajadian anu di caritakeun
nyaèta unsur carpon nu di sebut....
18. “baralik” kecap asalna....
19. Kecap pananya mana, nu mana, di mana, ka mana, atawa ti mana nyaèta
kalimah
pananya pikeun nanyakeun....
20. Babari ditèwak atawa gampang dideukeutan di sebut....

III. Prak jawab pananya ieu di handap jeung pigawè sing merenah!
21. Jèntrèkeun anu di maksud carita pondok!
.............................................................................................................
.............................................................................................................
22. Sebutkeun unsur-unsur carita pondok!
.............................................................................................................
.............................................................................................................
.............................................................................................................
23. Sebutkeun tilu conto rarangkèn tengah -ar-!
.............................................................................................................
.............................................................................................................
.............................................................................................................
24. Sebutkeun kecap pananya!

25. Naon hartina dicampa?

.............................................................................................................
.............................................................................................................
.............................................................................................................

Hamdallah (…………………………………………………………………………….)

You might also like