You are on page 1of 1

CARITA BABAD (Materi Kelas X)

Di semester 1 kelas X urang parantos ngabahas ngeunaan materi Dongeng. Geningan


dongeng teh rupa-rupa deui jenisna, di antarana nya eta fabel, farabel, sasakala, mite, jeung
babad. Tah, dina ieu kasempetan urang pedar ngeunaan Carita Babad.

Babad nya eta dongeng atawa carita anu ngandung unsur-unsur sajarah, atawa carita
sajarah anu dibungbuan ku dongeng. Babad oge kaasup carita wanda heubeul anu eusina
medar riwayat luluhur atau ngabukbak kajadian anu aya di hji wewengkon.

Tradisi nulis Babad teh geningan geus aya ti baheula oge. kapan Carita Babad teh kaasup
carita wanda heubeul tea. Manjang mangsa, kurang leuwih ti jaman naskah keneh nepi ka
awal abad ka 20. aya anu ditulis dina wangun prosa, aya oge anu dina wangun puisi.

Galur caritana mah sarua keneh, saperti :

● Tokoh caritana indit lalampahan (diusir, dibuang, neangan elmu, neangan jodo, jsb);
● Tokoh caritana meunang cocoba, halangan harungan (begal, sato galak, musibah,
jsb);
● Tokoh caritana meunang pitulung (ti Allah, ti Dewa, ti manusa, ti mahluk goib, jsb);
● Tokoh caritana hasil ngahontal pamaksudan;
● Tokoh caritana mulang deui ka nagarana, pinanggih jeung kabagjaan.

Unsur-unsur Instrinsik Carita Babad :

● Jejer
● Palaku
● Karakter
● Latar
● Galur Carita
● Amanat
● Unsur Dongeng (anu ngandung pamohalan)
● Unsur Sajarah (anu ngandung sajarah)

You might also like