You are on page 1of 6

PEMERINTAH KABUPATEN KARAWANG

DINAS PENDIDIKAN, PEMUDA DAN OLAHRAGA


KOMISARIAT TELAGASARI
NASKAH SOAL UJIAN PENILAIAN AKHIR TAHUN (PAT)
TAHUN PELAJARAN 2021/2022

Mata Pelajaran : BAHASA SUNDA


Kurikulum : Kurikulum 2013
Satuan Pendidikan : SMP
Kelas : VII
Hari/Tanggal : Jum’at, 10 Juni 2022
Waktu : 90 Menit
Pembuat Soal : Siti Fadhila Wafa, S.Pd

A. Pilihan Ganda
Pék jawab pananya di handap ku cara milih a, b, c, atawa d, anu dianggap jawaban
pangbenerna!
1. Carita rékaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan
disebutna. . .
a. Carpon c. Novel
b. Sajak d. Dongéng
2. Salah sahiji ciri karangan dongéng téh nya éta. . .
a. Palakuna jin jeung siluman
b. Témana ngeunaan kahirupan raja
c. Dina eusi caritana loba nu pamohalan
d. Loba ditulis dina buku atawa majalah
3. Baca sempalan dongéng ieu di handap!
Anéhna, teu lila titas nginum cai dina batok anu taya lian cai kahampangan raja,
Wayungyang langsung kakandungan. Malah teu lila ti harita Wayungyang téh
ngalahirkeun. Anakna awéwé. Ku saliwatan katénjo, pigeuliseun éta budak téh.
Bubuhan anak raja. Éta orok téh tuluy dirorok ku Wayungyang tur dibéré ngaran
Dayang Sumbi.
Saha nu ngarorok Dayang Sumbi téh?
a. Jin c. Siluman
b. Wayungyang d. Si Tumang

Pikeun pananya nomer 4 - 6. Baca jeung tengetan dongéng di handap!


4. Dumasar carita dongéng di luhur, saha sobat sakadang kuya téh?
a. Monyét c. Maung
b. Peucang d. Ajag
5. Naon anu dipelak ku sakadang Monyét?
a. Cauna c. Jantung cau
b. Tangkal cau anakna d. Siki cau
6. Di mana kuya jeung monyét melak cauna?
a. Sawah c. Walungan
b. Wahangan d. Kebon
7. Lalakon sakadang Kuya jeung sakadang Monyét dina dongéng di luhur kaasup kana
unsur intrinsik, nya éta. . .
a. Jejer c. Latar
b. Palaku d. Galur
8. Dumasar kana eusina, dongéng anu disebut legénda téh nya éta. . .
a. Dongéng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa, anu sakapeung mah sok
mahiwal, pikaseurieun, tapi lenyepaneun.
b. Dongéng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa asal-muasal hiji hal, tempat,
barang, sasatoan, atawa tutuwuhan.
c. Dongéng anu raket patalina jeung kapercayaan masyarakat kana bangsa lelembut
atawa perkara-perkara anu goib.
d. Dongéng anu eusina nyaritakeun hiji kajadian atawa hiji jalma, anu aya patalina
jeung sajarah.

9. Naon jejer wawaran di luhur téh?


a. Sarat-sarat nepangan petugas tata usaha
b. Sarat-sarat nelepon Pa Agus
c. Sarat-sarat nyérénkeun potokopian
d. Sarat-sarat ngajengkeun béasiswa
10. Kecap ngajengkeun dina wawaran di luhur mibanda harti anu sarua jeng kecap. . .
a. Ngajukeun c. Ngayakeun
b. Ngaluyukeun d. Ngahaturkeun
11. “Sadérék rieut mastaka? Landongan ku Panadol, pasti damang!”
Wacana di luhur disebut. . .
a. Wawaran c. Béja
b. Warta d. Iklan
12. Iklan komérsil mangrupa iklan pikeun néangan kauntungan, dina prakna cara nu
dilakukeun nya éta . . .
a. Nawarkeun jasa c. a & b bener
b. Nawarkeun barang d. Ngajak migawé kahadéan
13. Kalimah nu henteu kaasup ungkara pesen dina iklan layanan masarakat nya éta. . .
a. Maké masker nyingkahan sumebarna covid-19!
b. Maca buku ningkatkeun pangaweruh urang!
c. Mun awak asup angin, minum antangin!
d. Hayu ngamimitian hirup beresih, kalawan kersa ngumbah panangan!
14. Titenan Iklan Layanan Masarakat di handap!

Amanat nu ditepikeun mangrupa ajakan pikeun patuh kana aturan. . .


a. Protokol sakola c. Protokol balanja
b. Protokol ngantor d. Protokol kaséhatan
15. Di antara média éléktronik nu bisa dipaké pikeun nepikeun iklan. . .
a. Koran c. Internét
b. Majalah d. Bullétin
16. Kalimah panitah, pangjurung, pangajak, panyaram jeung pangharepan téh kaasup
kana wangun kalimah paréntah anu umumna ditandaan ku tanda. . .
a. Tanya (?) c. Koma (,)
b. Kekenteng (“) d. Panyeluk (!)
17. “Neng, pangmésérkeun minyak ka warung!”
Kalimah di luhur kaasup kana kalimah. . .
a. Pangjurung c. Pangajak
b. Panitah d. Panyaram
18. Tina kalimah-kalimah ieu di handap, mana nu ka asup kana kalimah pangajak?
a. “Jung geura balik, geus soré!”
b. “Kahayang mah ulah hujannya ayeuna mah!”
c. “Urang piknik ka De’Castello Subang, yu!”
d. “Ulah ngebut teuing mawa motor the, Jang!”
19. Salasahiji karya sastra ieu di handap anu kaasup kana wanda puisi, nya éta. . .
a. Carpon c. Éséy
b. Novel d. Sajak
20. Pangarang sunda anu naratas gelarna sajak dina taun 1946-an téh, nya éta. . .
a. Kis. W.S c. Dodi Suwarna
b. Ajip Rosidi d. Wahyu Wibisana

Sajak pikeun no 21 – 23.


Iwal ku kasadaran jeung nu sabar
Ninggang ka jalma nu sabar
Nikmatna karasa pisan
Deukeutna waktu keur buka
Jauhna manggih lebaran
21. Judul nu merenah pikeun ungkara di luhur . . .
a. Kasadaran c. Puasa
b. Buka d. Lebaran
22. Eusi ungkara di luhur téh nerangkeun. . .
a. Ni’matna ibadah saum keur jalma nu sadar jeung tawakal
b. Ni’mat saur keur jalma nu ngalaksanakeun ibadah saum
c. Ni’mat buka keur jalma nu ngalaksanakeun ibadah saum
d. Cocoba nu karasana mangrupa hiji siksaan nu kacida beuratna
23. Ti ungkara di luhur, ni’mat nu karasa ku jalma-jalma dina waktu ngalaksanakeun
ibadah saum nya éta ni’mat. . .
a. Waktu keur buka c. Waktu buka jeung lebaran
b. Waktu keur lebaran d. Waktu keur saur
24. Sajak biasana mah ditulis dina wangun ungkara atawa basa nu boga harti. . .
a. Dénotatif c. Aktif
b. Konotatif d. Pasif
25. Tina kalimah-kalimah ieu di handap, mana nu ngabogaan harti konotatif?
a. Kembang malati seungitna nyambuang ka mana-mana.
b. Jalma beunghar mah kudu loba sodakoh
c. Geus pada apal Néng Lilis téh kembang désa di lemburna
d. Lamun beunghar ku raja kaya ulah korét
26. Prasasti aksara Sunda anu mimiti kapanggih nya éta. . .
a. Prasasti Tugu c. Prasasti Kabantenan
b. Prasasti Kawali d. Prasasti Sanghyang Tapak
27. Aksara anu ngabogaan sora vokal dina aksara Sunda disebut. . .
a. Aksara ngalagena c. Aksara swara
b. Aksara Hirup d. Aksara konsonan
28. Rarangkén panyuku gunana pikeun. . .
a. Ngarobah vokal /a/ jadi /u/
b. Ngarobah vokal /a/ jadi /i/
c. Ngarobah vokal /a/ jadi /e/
d. Ngarobah vokal /a/ jadi /o/
29.

Kalimah di luhur dibaca. . .


a. Wilujeng sumping c. Wilujeng sontén
b. Wilujeng énjing d. Wilujeng tepang
30. Ieu di handap anu nuduhkeun kecap “Karawang” nya éta . . .
a. c.
b. d.
31. Santi : "Nepangkeun nami abdi Santi. Kumaha damang?"
Eusi : "_____________________"
Pikeun nyalengkeupan paguneman di luhur nya èta. . .
a. Cageur c. Gering
b. Saé pangestu d. Wilujeng
32. Kalimah di handap ieu nu ngagunakeun ragam basa hormat keur sorangan nya éta. . .
a. Abdi keur teu cageur
b. Bapa nuju tuang di méja makan
c. Abdi badé mios ka sakola sareng Déni
d. Ibu angkat ka sakola
33. Di handap ieu mangrupa kalimah anu maké basa hormat keur batur. . .
a. Abdi tadi paamprok jeung Déni di sakola
b. Tadi wengi abdi ngéndong di bumi Haris
c. Bapa nuju kulem di kamar
d. Abdi nuju neda
34.

Saha Nabi anu Mulya tur asalna ti bangsa Arab Qurés téh?
a. Nabi Muhammad SAW c. Nabi Ibrahim AS
b. Nabi Musa AS d. Nabi Sulaéman AS
35. Kecap dibabarkeunna dina pada ka dua rumpaka pupujian di luhur mibanda harti. . .
a. Ditulis c. Dilantik
b. Dijenengkeun d. Dilahirkeun
36. Anu disebut purwakanti dina rumpaka pupujian téh nya éta. . .
a. Gagasan poko anu rék ditepikeun ku nu ngarang rumpaka pupujian ka nu maca
b. Padeukeut atawa saruana sora kecap dina ungkara kalimah
c. Pesen pangarang anu karasa ku nu maca
d. Sikep pangarang ka nu maca
37.

Naon ngaran kaulinan barudak tina gambar di luhur?


a. Cingciripit c. Galah asin
b. Ucing sumput d. Oray-orayan
38.

Gambar di luhur mangrupa salah sahiji kaulinan barudak anu dijieunna tina. . .
a. Batu c. Awi
b. Kaléng d. Kaén
39. Di handap ieu kakawihan nu biasana dipaké mun rék nangtukeun nu jadi ucingna nya
éta. . .
a. Tokécang-tokécang balagendir tosblong
Angeung kacang-angeung kacang sapariuk kosong
b. Hompimpah alaihum gambréng
Ma Ijah maké baju rombéng
c. Bulantok bulantok
Aya bulan sagedé batok
d. Trang-trang koléntrang
Si londok paéh nundutan
Tikusruk kana durukan
Mesat gobang kabuyutan
Nyéh prot, nyéh prot
40.

Kumaha ari cara maén gatrik téh. . .


a. Awi disimpen dina dua batu terus dicongkél ku awi deui
b. Maké awi diarahkeun kanu batu
c. Maké batu diarahkeun kanu awi
d. Maké awi jeung batu

B. Éséy
Jawab pananya ieu di handap kalawan bener tur merenah!
1. Tataan 5 jenis dongéng dumasar kana eusina! Jéntrékeun hiji-hiji!
2. Naon bédana iklan komérsil jeung iklan iklan non komérsil?
3.

Cing jelaskeun naon maksud eusi iklan layanan masarakat di luhur!


4. Jieun 3 kalimah anu ngandung kecap paréntah!
5. Lengkepan pupujian ieu di handap
Éling-éling dulur kabéh
Ibadah ulah campoléh
....................
....................

Sabab urang bakal mati


....................
Najan Raja Nyakrawati
....................

You might also like