PENILAIAN AKHIR TAHUN (PAT) SEKOLAH MENENGAH PERTAMA (SMP)
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas / Semester : VII / 2 Hari/Tanggal : Waktu : PETUNJUK UMUM 1. Perhatikan dan ikuti petunjuk pengisian pada lembar jawaban yang disediakan 2. Periksa dan bacalah soal-soal sebelum Anda mengerjakannya 3. Jumlah soal sebanyak 30 butir pilihan ganda yang terdiri dari empat pilihan jawaban 4. Laporkan kepada pengawas kalau terdapat tulisan yang kurang jelas, rusak atau jumlah soal kurang. Selamat bekerja A. Pilihan Ganda 1. 1) Wangun lancaran pondok 2) Ngandung unsur atikan 3) Sipatna pamohalan 4) Ngandung unsur waditra musik Ciri karya sastra wangun dongéng, nya éta …. A. 1,2,3,4 C. 1,2,3 B. 1,2,4 D. 1,3,4 2. Sakali mangsa tina ku teu kuat nahan kanalangsaan, Nyi Antéh ka kuburan indungna, ngadon ceurik balilihan bari sasambat. Ema.. ema .. Nyai lapar. Nyai lapar… hayang neda. Indung téré galak jeung medit. Sirah diketrok aseupan.” Budak sasambat balilihan di luhur kuburan indungna. Pungsi kakawihan di luhur dina dongéng “Nini Ahtéh” nya éta …. A. Pikeun ‘ngantebkeun’ carita atawa bagian tina caritana sorangan B. Sangkan éta dongéng gampang dicangkemna ku nu ngadéngékeunana C. Ngababarikeun pikeun nu ngadongéng jeung nambahan karesep ka nu ngadéngékeunana D. Unsur jeda dina carita dongéng, sangkan nu ngadongéng bisa istirahat heula 3. Pikeun nambah-nambah panghasilan, mun keur salsé, si aki sok ngala lauk di walungan. Mun beubeunanganana rada mucekil, lauk téh sawaréh sok dikéré, keur bikeuneun lamun aya nu nganjang ka imahna Watek palaku dina dongéng di luhur nya éta .... A. Soméah B. parigel C. béréhan D. daréhdéh 4. Ku lantaran palaku utama dongéng sok dijadikeun tokoh panutan ku nu ngadéngékeunana, ku kituna palakuna kudu protagonis, hartina …. A. Nu gagah tur kudu meunang di ahir carita B. Ngandung unsur nu kudu dipiconto saperti tokoh nu bageur, béréhan, pinter, jsté.. C. Dina caritana kudu éléh heula ku musuh, saterusna kudu meunang di ahir caritana D. Tokohna kudu jalma ulah sasatoan lantaran nu ngadéngékeunana jalma 5. Dongéng anu nyaritakeun sasatoan. Tokohna sato, sifatna mijalma. Bisa nyarita, ngabogaan watek anu tangtu, jsté. Contona : Sakadang kuya jeung sakadang monyét maling cabé, sakadang kuya jeung sakadang monyét ngala cau, Sakadang peucang jeung Aki-aki, Sakadang peucang jeung buhaya, Torotot héong, jsté. Dongéng kasebut kaasup kana jenis dongéng …. A. Legenda B. Parabel C. Mite D. Fabel 6. Tuluy maranéhna arindit babarengan ka tempat tangkal cau téa. Sakadang Monyét tuluy naék, metikan hiji-hiji bari ditungtut dihakanan. Sakadang Kuya mah teu dibéré sapotong- potong acan, atuh bati cumeplak neureuyan ciduh. “Sakadang Monyét, mana bagéan uing ? kapan geus jangji paparoan ?” ceuk Sakadang Kuya ngagorowok. Tapi Sakadang Monyét teu maliré, jongjon baé metikan jeung ngadaharan, kalah malédogan ku cangkangna. Nurutkeun sempalan dongéng di luhur, palaku antagonisna ngabogaan watek .... A. Jalir jangji B. Soméah C. Sarakah D. Pinter 7. “Sakadang uncal, nuhun pisan kaula téh ditulungan ku sampéan. Mun teu ditulungan mah tangtu kaula geus dihakan ku maung “. “Ah, teu nanaon sakadang kuda. Pan silih tulungan mah geus kawajiban urang lain ?” “Pikeun pamulang tarima, ieu kaula masrahkeun tanduk. Prak paké ku sampéan turun- tumurun.” “Ulah luluasan kitu sakadang kuda, meureun engké kumaha …”. “Teu nanaon sakadang Uncal, kami mah rido.” Ceuk sakadang kuda. “Nya ari kitu onaman …”. Atuh tanduk kuda téh, prak dipaké ku uncal nepi ka ayeuna Nurutkeun ciri dongéng, unsur carita dongéng di luhur mangrupa gambaran unsur .... A. Leluri B. Pamohalan C. Atikan D. Anonim 8. 1) Si Loréng nungguan anak patani 2) Kanyahoan Si Loréng tas gelut jeung oray sanca ngabélaan anak patani; patani hanjakaleun, salah nyieun tindakan. 3) Si Loréng nyusul ka sawah, sungutna baloboran getih 4) Patani nyangka Si Loréng maéhan anakna, Si Loréng dipaéhan. 5) Patani nimu anak maung, diingu sarta dingaranna Si Loréng 6) Pikeun nginget-nginget kajadianana lemburna disebut Panyalahan Peta konsép dongéng Asal-usul Désa Panyalahan nya éta …. A. 5,1,2,3,4,6 C. 5,1,3,4,2,6 B. 5,1,4,6,2,3 D. 5,2,3,1,4,6 9. Lir ombak nu ngagalura. Jero dada ngagedur puja-puji. Kabungah awor na aweuhan nu parat satungtung jagat Allohu Akbar`! Allohu Akbar ! Allohu Akbar ! langit peuting hibar. Ti masjid ka masjid. Bruy-bray cahaya mapag poé pangbalikan blung-blang jalan ka sawarga Latar tempat dina sajak di luhur nya éta .... A. Laut B. Imah C. Sawarga D. Masjid 10. Lebah pager imahna manéhna ngarandeg heula Uteukna nyarita mépés kanyeri nu baris tumiba “Ema, kuring untung bisa mulang, sedeng mitra réa nu palastra di hiji taneuh nu direbut ditebus getih !”. Panto hareup ngarékét aya nu muka Hiji wanoja geus aya umuran Ngagoak lumpat ngarangkul anu ngajanteng Cimata indung maseuhan buuk anakna Eusi sajak di luhur nyaritakeun ...... A. Hiji tentara nu balik ti pangperangan B. Hiji indung ngoceak lantaran anakna kacilakaan C. Kasedih indung lantaran pager imahna diruksak ku budakna D. Balikna hiji budak nu salamet tina kacilakaan tabrakan 11. Tutas sarapan saaya-aya Ngaboséh mapay urat-urat kota Demi sahuapeun, sakopeun Panas morérét, hujan ngagebrét Jalan lecir jalan garicul Disorang dipaju Amanat nu rék ditepikeun tina sajak di luhur, nya éta …. A. Sumanget digawé C. Cara mapay jalan di kota B. Kasedih migawé hiji pagawéan D. Cuaca di kota. 12. Mangsa liburan Di basisir Pangandaran Nyawang laut ti jauhna Jadi sagara cahaya Permata nu diawurkeun Lir inten nu disawérkeun Jejer dina sajak di luhur nya éta …. A. Mangsa liburan C. Inten B. Basisir Pangandaran D. Permata 13. Eusi tina sajak Di Basisir Pangandaran nya éta …. A. Laut Pangandaran jadi sumber kahirupan para pamayang B. Laut Pangandaran lir permata nu diawurkeun C. Dina liburan kamari ngadon wisata ka Pangandaran D. Kaéndahan laut Pangandaran di Tatar Sunda perlu dijaga jeung dirawat 14. Ombak-ombak tingborélak Lambat-lambat tingcarelat Ngaharéwos anginna leutik Tina sela-sela keusik Gaya basa nu dipaké dina sajak di luhur nya éta …. A. Hiperbola C. métafora B. Personifikasi D. litotés 15. AKI JEUNG BALON Beurat teuing léngkah aki ngukur jalan Kota Bandung geus biasa ku aki diléngkahan Dibaturan ku sobat ngaran rancatan Anu runtuy digantungan barang-barang kaulinan Téma tina sajak Aki jeung Balon nya éta …. A. Pacabakan (pagawéan) B. Atikan C. Agama D. Budaya 16. Hiji dua léngkahna teuing ku beurat Aya haté milu lewang, paur umur bret pegat Teuing di mana si aki tetep nya matuh Boa dina iuh tanjung atawa dipayung layung Ngan nu nyata kulitna asak kapoé Suasana tina sajak di luhur nya éta …. A. Simpati C. Husu tur agung B. Gumbira D. Waas 17. Bismillah ucap ngawitan Terasna ngumbah panangan Kekemu di lebet baham Ngingsreuk cai lalaunan Ngumbah raray kalimana Panangan banjur sing rata Kénca sareng katuhuna Semet siku nya watesna Pupujian di luhur eusina medar ngeunaan .... A. rupa-rupa cai nu tiasa dianggo susuci C. cara wudhu B. lobana rokaat solat D. muji jeung do’a ka Alloh 18. Urang kudu getol ibadah. Ngumpul-ngumpul amal kahadéan. Lantaran sakabéh jalma pasti maot. Sedengkeun nu bakal nyalametkeun di aherat engké nya éta hasil tina ibadah, nu mangrupa amal téa. Di sagigireun éta urang kudu ninggalkeun dosa-dosa nu bakal ngaruksak kana hasil ibadah urang. Amanat nu diébréhkeun di luhur gambaran tina pupujian …. A. Alloh abdi sanés ahli surga Firdaus C. Solat éta minangkana Nanging moal kiat di naraka Jahim Dina agama tihangna Mugi Gusti kersa ngahampura dosa Jalma nu luput solatna Sareng dosa Ibu-Rama jisim abdi Mangka rubuh agamana B. Karasana keur sakarat D. Hayu urang saradia Nyerina kaliwat-liwat Meungpeung keur hirup di dunya Kana ibadah kaliwat Amal keur sampeureun téa Tara ngalakukeun solat Di ahir moal sulaya 19. Hayu urang saradia Meungpeung keur hirup di dunya Amal keur sampeureun téa Di akhir moal sulaya Pupujian di luhur eusina ..... A. ajakan B. Naséhat C. muji ka Alloh D. solawat ka nabi 20. Ulah sok solat di imah Salagi aya masjid mah Pribumi atawa sémah Lamun teu aya udur mah Eusi tina pupujian di luhur nya éta... A. Ngajak narima tamu C. Sangkan kudu natamu B. Ngajak solat berjamaah D. Sangkan urang umajak ka sasama 21. Sim kuring rumaos ageung dosa, boh dosa alit boh dosa ageung, dosa ka sasama sareng utamina dosa ka Alloh. Ku kituna, kacida rugelna upami henteu dihapunten dosa-dosa abdi. Mugia Alloh ngahapunten kana dosa abdi sareng ibu rama abdi. Ungkara di luhur ébréhan pupujian …. A. Alloh abdi sanés ahli surga Firdaus C. Solat éta minangkana Nanging moal kiat di naraka Jahim Dina agama tihangna Mugi Gusti kersa ngahampura dosa Jalma nu luput solatna Sareng dosa Ibu-Rama jisim abdi Mangka rubuh agamana B. Karasana keur sakarat D. Hayu urang saradia Nyerina kaliwat-liwat Meungpeung keur hirup di dunya Kana ibadah kaliwat Amal keur sampeureun téa Tara ngalakukeun solat Di ahir moal sulaya 22. Kagét reuwas mata mencrong Rénghap ranjug munggah bengong Napas ngangseg na genggerong Nu deukeut geus samar-samar Upama ku urang dianalisis dumasar kana kaidah pupujian, nu salah tina pupujian di luhur nya éta .... A. Jumlah padalisan dina sa-pada-na C. Jumlah engang dina unggal padalisan B. Purwakanti dina sora panungtung padalisan D. Pupujian di luhur diwangun sa-pada 23. Eling-éling dulur kabéh Ibadah ulah campoléh Beurang-peuting ulah weléh Bisina kaburu paéh Ciri-ciri pupujian di luhur nya éta …. A. Diwangun ku 4 padalisan, jumlah engang dina unggal padalisan 8-10 engang, sora vokal dina tungtung padalisan sarua B. Diwangun ku 4 padalisan, jumlah engang dina unggal padalisan 8 engang, sora vokal dina tungtung padalisan sarua C. Diwangun ku 2 padalisan, jumlah engang dina unggal padalisan 10 engang, sora vokal dina tungtung padalisan sarua D. Diwangun ku 2 padalisan, jumlah engang dina unggal padalisan 8 engang, sora vokal dina tungtung padalisan sarua 24. Liburan kamari, di sakola kuring diayakeun karyawisata. Kelas VII ka Bandung, Kelas VIII ka Cianjur jeung Bogor, jeung Kelas IX ka Jogjakarta. Kuring kabagéan ka Bandung. Ongkosna henteu dipénta deui, lantaran unggal bulan sakur siswa ngayakeun tabungan husus pikeun karyawisata. Dina ieu kasempetan kuring rék nyaritakeun pangalaman karyawisata : Ungkara di luhur kaasup kana bagian …. A. Bubuka C. Eusi carita B. Panutup D. Tambahan carita 25. Ungkara nuduhkeun kajadian saméméh indit karyawisata, kaunggel dina paragraf …. A. Sapanjang jalan saruka bungah, sagala dicaritakeun, bari barangdahar, silih tukeur kadaharan jeung inuman. Budak lalaki mah aya nu lalaguan dipirig ku hitar, aya nu nyetél tip. Ngadu kakuatan sora jeung VCD nu disetélkeun di luhureun supir. B. Bapa Masuali sok ngajempékeun barudak lantaran tagiwur jeung éak-éakan, da bisi ngaganggu supir cenah. Tapi supir sok kalahka mesem, bubuhan ceuk Pa Tatang gé supirna husus angkutan budak sakola keur pariwisata. Jadi geus biasa, yén karyawisata barudak sakola mah sok garandéng. C. Kira-kira tabuh sapuluh saréréa anjog ka Museum Geologi Bandung. Nu mimiti karasa téh hawana, jauh pisan jeung di daerah kuring lantaran deukeut ka laut. D. Saméméhna dikumpulkeun heula di lapangan upacara sakola, terus dibéré wejangan sangkan kudu ati-ati jeung ulah misah ti kelompok. Tuluy ngado’a heula nu dipingpin ku Guru Agama, Pa Tatang Bustanil Arifin. 26. Nu ngébréhkeun tahap persiapan rék balik kaunggel dina paragraf …. A. Kuring dianteur ka sakola ku lanceuk, lantaran poek kénéh. Miang téh tabuh satengah genep, ti sakola. Saméméhna dikumpulkeun heula di lapangan upacara sakola, terus dibéré wejangan sangkan kudu ati-ati jeung ulah misah ti kelompok. B. Beus nu dicarter ka Bandung téh aya salapan beus. Beus AC. Sabeusna pikeun sakelas siswa, ditambah ku guru pangapingna. Beus kuring nomer 4 lantaran kuring kelas VIII D. Diuk dina beus téh bébas rék di mana baé korsina. Barudak lalaki mah lolobana ngumpul milih di tukang. C. Tabuh satu beurang, sabada sabada solat di tukangeun museum, beus maju ka tujuan anu kadua nya éta Gunung Tangkuban Parahu. Di ieu patempatan, kakara kuring mah manggih patempatan anu kacida tirisna, nepi ka huntu gé noroktok. Mobil beus téh majuna ngan tepi ka stamplat. D. Tabuh lima soré, barudak geus karumpul deui dina beus. Sanggeus solat, beus ngadius balik deui ka sakola. 27. Hanjakal jalan ka Galunggung téh masih kénéh ruksak, can dibebener sakumaha ilaharna. Sigana lamun jalanna dibebener dihotmik bari jeung di sisi-sisina kamalir caina di bebener, tangtu waé jumlah di lokasi pengunjung bakal leuwih loba, boh wisatawan lokal boh wisatawan asing. Nu ahirna bakal jadisumber pendapatan Kabupatén Tasikmalaya. Atuh masarakat sabudeuranana milu kaangkat ékonomina ku cara dagang di lokasi objék wisata Galunggung. Tanggapan kana pangalaman lalampahan di luhur nya éta .... A. lantaran jalanna ruksak ngakibatkeun kurangna wisatawan B. Galunggung salahsahiji objék wisata andalan Kabupatén Tasikmalaya C. Lamun jalan ka objék wisata Galunggung dibebenah tangtu bakal jadi sumber pendapatan Kabupatén Tasikmalaya nu lumayan D. Masarakat Galunggung boga kaahlian kana dagang di wewengkon Galunggung 28. Tabuh 19.00, siswa kelas 8 pamilon karyawista geus kumpul di sakola; sabada solat Isya kumpul di lapangan pikeun narima wejangan ti panitia karyawisata sarta di tutup ku do’a nu dipingpin ku Pa Basar,S.Ag. Tabuh 20.00, siswa geus aya dina beus masing-masing kalayan diaping ku wali kelas. Sabada diabsén tur dipungkas ku doa babarengan beus miang kalawan tujuan Jogjakarta. Tabuh 24.00, beus istirahat di Purwokerto di Rumah Makan Tasik, sajam ti harita berangkat deui. Tabuh 04.00, siswa istirahat di Rumah Makan Magelang, siswa mandi, solat Shubuh jeung sarapan parasnanan. Téhnik medar pangalanaman lalampahan di luhur dumasar kana runtuyaan .... A. Waktu B. topic C. jejer D. ruang 29. Di ieu tempat geus loba pisan pisan nu ngadeugdeug. Diparkiran, motor jeung mobil pabalatak. Jalma-jalma ngaleuya. Kuring meunang tempat nu rada rinéh, handapeun tangkal. Nyéwa samak dua, séwa samak téh Rp. 10,000 saheulayna. Bibi Sri mésér lalab heula, aya lalab saladah, antanan, poh-pohan, marémé, tanpalawan, reundeu, jeung nyalinyit. Brak dalahar, ni’mat pisan. Ungkara téks pangalaman lalampahan di luhur, nyaritakeun kaayaan …. A. Persiapan karyawisata C. Di tempat objék wisata B. Di perjalanan D. Balik wisata 30. Sangkan nyaritakeun pangalaman ngaruntuy kalawan sistematis, kudu nyieun heula …. A. Kacindekan C. Bubuka carita B. Panutup carita D. Rangkay karangan