You are on page 1of 2

“gagak hayang kapuji”

aya gagak maling déngdéng ti pamoéan. geleber hiber bari ngaheumheum déngdéng
téa kana tangkal dadap sisi lembur. kabeneran harita katangeneun ku
anjing nu kacida kabitaeunana da puguh kabeukina.
kusabab kitu, ku anjing disampeurkeun. tapi sanggaus anjing aya
dihandapeun, boro-boro ditanya teu di rérét-rérét acan. anjing
mikir piakaleun supaya déndéng téa kapimilik ku manéhna.
sanggeus manggih anjing ngomong, “leuh aya manuk alus-alus teuing. pamatukna
panjang bulu hideung tapi mani lemes kitu. manuk naon nya ngaranna?
kawasna mah moal aya tandingna dibandingkeun jeung cendrawasih gé moal
éléh.”
mimitina mah omongan anjing téh teu didéngé. tapi sanggeus aya omongan
“moal éléh ku cendrawasih,” gagak atoheun pisan. manéhna kungsi
beja yén cendrawasih téh manuk pang hadéna. tapi ceuk anjing “manéhna
moal éléh”.
kitu nu matak manéhna ngarasa ngeunah ku pamuji anjing. malah ceuk pikirna deui
asa hayang ngabagi déngdéng jeung anjing. ngan kusabab hésé meulahna kahayangna teu
kalaksanakeun.
anjing nempo beungeut gagak marahmay sanggeus dipuji ku manéhna. ceuk
pikirna pasti usahana hasil. ceuk pikirna deui naon heséna muji-muji keur
ngahontal kahayangna.
ku sabab kitu pok deui anjing, “lamun daékeun mah hayang nyobat jeung
manuk nu sakitu lucuna. ngan rumasa sorangan mah sato hina.
saumur-umur kudu ngadunungan, saré digolodog, rajeun manggih hakaneun ogé
pasésaan. tapi najan teu bisa nyobat ogé jeung manuk lucu, atuh
ngadéngé-ngadéngé sorana. meureun moal panasaran teuing!”
barang ngadéngé pamuji anjing anu sakitu ngeunahna, gagak poho keur ngaheumheum
déngdéng, ngan ngong wé disada, “gaak gaaak” cenah. atuh barang engab
pamatukna barang pluk wé déngdéng teh murag. anjing gancang nyantok déngdéng
nu murag téa tuluy dihakan di nu bala.
gagak nu hanjakaleun mah teu ditolih. sababaraha jongjonan gagak téh
cindekul wé dina dahan bari ngararasakeun teu ngeunahna ku kalakuan
anjing.
manéhna karék ngarti yén anjing muji bébéakan téh hayang déngdéng nu keur
diheumheum ku manéhna. ti dinya mah geleber gagak téh hiber kana tangkal kai
rék néangan hileud keur ganti déngdéng nu disantok ku anjing.

You might also like