You are on page 1of 3

Assallamualaikum Wr.Wb.

,
Sampurasun,

Wilujeng enjing ka sadayana. Ibu/bapa Guru anu kusimkuring dipihormat sareng


sadaya rerencangan, siswa kelas XI MIPA 5 nu kusimkuring dibanggakeun.

Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Allah SWT nu
parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu
tempat kalayan sehat wal afiat. Henteu hilap sholawat miwah salam mugia dicurah
limpahkeun ka jungjunan urang sadaya kanjeng Nabi Muhammad SAW Anu parantos
ngalungsurkeun cahya kaimanan ka umatna. Pamugi urang sadayana kalebet umat
anu kenging syafa’atna di yaumil ahir

Para hadirin anu ku sim kuring dipikahormat.

Dina kasempetan ieu, sim kuring bade ngadugikeun hiji biantara ngeunaan
"Pentingna urang sadaya ngamumule seni jeung budaya Sunda”. Ngamumule/micinta
budaya sunda nya eta tos janten kawajiban urang sadaya anu cicing ditataran taneuh Jawa Barat ieu.
Budaya urang teh saleresna mah seueur pisan, tikawitan basana, kasenianana, kasusastraanana,
kadaharanana, tingkah laku atanapi etika paripolahna, jste.

Para hadirin anu ku simkuring dipikahormat

Sakumaha anu ka uninga ku urang sadayana dijaman sapertos ayeuna dimana loba rupa-rupa
budaya asing anu datangna tiluar, nu asup kalingkungan masarakat urang ulah nyampe ngajadikeun
budaya sunda jadi semah di lemburna sorangan nyaeta di Jawa Barat. Salah sahiji unsur tina budaya
nyaeta basa. Basa Sunda jeung Budaya sunda mangrupakeun hiji hal anu deukeut pisan
hubungannana anu henteu bisa dipisahkeun.Sanajan nagara netepkeun basa indonesia jadi basa
negara tapi basa daerah tetep kudu dimumule.

Salah sahiji cara pikeun nanjeurkeun kabudayaan daerah diantarana ku jalan ngamumule basa
sunda, babaku namah ku para rumaja sapertos urang sadaya. Basa daerah ku nagara dijadikeun alat
pikeun ngamekarkeun sareng ngadukung budaya daerah jeung jadi basa panganteur disakola dasar.
Di daerah sorangan basa teh mangrupakeun lambang kareueus daerah, ciri daerah, jeung alat
komunikasi dina kulawarga jeung masarakat daerah. sabab upami urang kedah ngamumule budaya
sunda, kedah dikawitan tina basa. Upami urang henteu ngalestarikeun basa urang, budaya sunda anu
sanesna pasti moal kalestarikeun kaayaanana.

Anu saterasna nya eta ngeunaan kasenian sunda. Saleresna dina widang kasenian oge
urang teh kalintang beungharna, diantarana bae aya Jaipongan, Angklung, Calung, Degung, Reog,
Wayang Golek, Kuda Lumping, Pencak Silat, Bajidoran, Kacapi Suling, Cianjuran, Ronggeng Gunung,
jste. Malah aya anu tos dipikawanoh ku dunya luar, nya eta Jaipongan sareng Angklung. Tapi beuki
dieu, kasenian-kasenian sunda beuki kaelehkeun ku kasenian moderen, anu pangaruh tina globalisasi
tea. Tah, ieu janten emutan kanggo urang sadaya kanggo ngamumule kasenian-kasenian urang anu
jadi kabanggaan urang sarerea.

Saterasna aya kasusastraanan sunda, diantarana bae aya Babad Cirebon, Suluk Wulung Aya,
Wawacan Angling Darma, Kitab Waruga Jagat, Cariosan Prabu Siliwangi, Cariosan Ratu Galuh, jste.
Sastra sunda anu teu hilap kedah dilestarikeun nya eta aksara sunda. Aksara sunda ieu, urang kedah
tiasa ngamumule, pikeun anak incu urang isukan masih keneh tiasa mikawanoh aksara sunda. Piraku
ari urang sunda teu tiasa aksara sunda-aksara sunda acan mah.

Anu salajengna nya eta kadaharan asli urang sunda. Aya Apeum, Awug, Combro, Dodol,
Onde, Peuyeum, Ranginang, Surabi, jste. Kadaharan urang sunda ieu kedah dimumule, ulah nepi ka
elehkeun ku kadaharan jaman kiwari anu loba pangaruh ti budaya barat.

Anu terahir nya eta, tingkah laku / etika urang sunda anu kawentar ku someahna. Sopan
santun urang sunda ieu ulah nepi ka leungit. Ulah ngan basa we basa sunda tapi teu nempokeun
tingkah laku urang sunda.

Supaya budaya urang tiasa dijaga kalestarianana, aya sababaraha tarekah pikeun ngamumule
budaya sunda, nya eta :

1. Urang kudu bener-bener mikanyaah jeung micinta budaya sunda.

2. Buktikeun yen budaya sunda moal eleh ajenna ku budaya anu sejen.

3. Ngado‘a ka Gusti Allah sangkan para nonoman sunda dipaparin hidayah kanggo miara,
ngamumule, tur ngajenan budayana.

Hadirin anu dipikahormat,

Jadi, urang teh kedah ngiring ngamumule kabudayaan urang. Kabudayaan anu jadi
kabeungharan urang ulah nepi ka geugeus ku kabudayaan luar anu ngajadikeun urang poho kana
kakayaan budaya sorangan. Piraku ari urang deungeun mikaresep budaya urang, ari urang nu bogana
make teu resep teu reueus ku budaya sorangan. Upami sanes ku urang, bade ku saha deui. Ku kituna,
simkuring bade umajak ka sadayana, hayu urang micinta / ngamumule budaya sunda, budaya urang
sarerea. Mugi-mugi kabudayaan urang tiasa kalestarikeun salamina.

Meuli areng ka kota Banjar


Henteu poho meuli peda
Hayu urang sing saladar
Ngamumule seni jeung budaya sunda

Rupina sakitu anu tiasa kapihatur, mugia aya mangpaatna kanggo urang sadaya.
Hatur nuhun kana perhatosannana. Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah
larapna, bilih aya nu teu raos kana manahna.
Saninten buah saninten
Dibantun ka parapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan

Wabillahitaupik walhidayah
Wassalamu‘alaikum Wr. Wb.

You might also like