You are on page 1of 10

LATIHAN SOAL PAT SUNDA 7 TP 2021/2022

LATIHAN SOAL MATERI DONGENG

Pilih salah sahiji jawaban nu bener!

1. Dongéng téh nyaéta carita rékaan anu ngandung unsur….


A. pamohalan
B. kanyataan
C. kajadian
D. lalakon

2. Anu teu kaasup ciri atawa sipat dongéng nyaéta ….


A. kanyahoan anu ngarangna
B. teu kanyahoan anu ngarangna
C. ngandung unsur pamohalan
D. sumebar sacara lisan

3. Tokoh dongéng anu disebut-sebut asli Sunda nyaéta ….


A. Si Abu Nawas
B. Si Kabayan
C. Pa Belalang
D. Ki Joko Bodo

4. Salian ti sabagé média hiburan, dongéng ogé mangrupa média ….


A. pendidikan
B. banyolan
C. religius
D. penelitian

5. Dongéng geus aya ti mimiti manusa ngenal bahasa. Kusabab kitu dongéng kaasup
kana katégori ….
A. sastra modérn
B. sastra lama
C. sastra campuran
D. sastra kontémporér

6. Anu kaasup kana dongéng sasakala nyaéta ….


A. Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét
B. Si Kabayan Ngadeupaan Lincar
C. Gagak Buluna Hideung
D. Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun Jadi Legok

7. Dongéng sasakala anu asalna ti Kabupatén Bogor nyaéta ….


A. Sasakala Talaga Warna
B. Sasakala Tangkuban Parahu
C. Sasakala Gunung Guntur
D. Sasakala Kalapa Genep

8. Ditilik tina eusina, dongéng dikatégorikeun kana opat jenis. Di handap ieu, nu teu
kaasup opat jenis dongéng éta nyaéta ….
A. dongéng sasatoan (fabél)
B. dongéng kahirupan jalma biasa (parabél)
C. dongéng mitos (mitologi)
D. dongéng sajarah (sagé)

9. Dongéng “Situ Bagendit” kaasup kana jenis dongéng naon?


A. sasakala
B. sagé
C. fabél
D. sasatoan

10. Dongéng “Situ Bagendit” nyaritakeun asal-usul ….


A. ngaran barang
B. kajadian alam
C. sasatoan
D. ngaran tempat

11. Unsur pamohalan anu aya dina dongéng “Situ Bagendit” diantarana nyaéta ….
A. imah Nyi Endit pangagréngna
B. Nyi Endit jadi randa beunghar
C. iteuk dicabut ngaburial cai
D. liang cai leutik jadi sagedé sumur

12. Di mana perenahna “Situ Bagendit” téh?


A. Kabupaten Garut
B. Kota Bogor
C. Kota Garut
D. Kabupaten Tasikmalaya

13. Palaku utama dina dongéng “Situ Bagendit” nyaéta ….


A. Nyi Endit
B. Aki-aki
C. Tatanggana
D. Barudak
14. Latar tempat dongéng “Situ Bagendit” nyaéta di ….
A. pilemburan
B. pakotaan
C. pagunungan
D. basisir

15. Di handap ieu nu teu kaasup amanat dina dongéng “Situ Bagendit” nyaéta ….
A. jadi jalma ulah pedit/korét
B. ulah sok sombong mun jadi jalma beunghar
C. kudu daék tutulung ka batur nu butuh
D. jadi jalma beunghar mah bébas ngalakukeun naon baé

Baca wacana di handap ieu !

Sakadang peucang nu keur hanaang tas diudag-udag maung ngadadak


curinghak. Pelak bontēng patani nu keur meumeujeuhna tēh ngan sakēak-
sakēak diremus. Keur kitu kadēngē aya sora kokotoprakan. Mēh baē
sakadang peucang rēk lumpat. Tapi panasaran, lalaunan ku sakadang
peucang dideukeutan, tuluy dibalēdog, angger cicing teu obah-obah. Sihorēng
ēta tēh bebegig nu dihaja ditangtungkeun ku patani pikeun nyingsieunan.
“Ditokēr siah ku aing,” cenah. Tapi barang sukuna ngadupak ēta bebegig, pel
waē napel teu beunang dibetot. Jebrod deui suku hareupna nonjok bebegig.
Pel deui teu bisa lēsot. Peucang abrug-abrugan, tapi kalah ka beuki napel
kabakutet ku geutah nu dirupakeun jejelemaan, dibajuan bubututan jeung
ditopian ku cetok. Ahirna peucang ukur bisa ceurik balilihan, ngadagoan
ditēwak ku patani.

Kancil yang sedang haus setelah dikejar-kejar harimau menjadi was-was.


Tananam mentimun petani yang sedang menyukupinya
16. Sempalan wacana di luhur nyaēta dongēng “ Peucang jeung Bebegig”, dongēng ēta
kaasup kana jenis dongēng ....

A. fabēl C. sasakala
B. parabēl D. mitos

17. Tēma dongēng di luhur nyaēta ....


A. Peucang nu keur hanaang C. Peucang nu teu walakaya
B. Peucang nu sombong D. Peucang nu wanian

18. Naon sababna peucang kabakutet ku geutah?


A. Sabab manēhna labuh
B. Sabab peucang ngadaharan bontēng
C. Sabab manēhna ngadupak jeung nonjok bebegig
D. Sabab peucang diudag-udag maung

19. Di mana latar tempat dongēng di luhur ?


A. di kebon C. di balong
B. di pameuleuman D. di leuweung

Baca wacana di handap ieu !

Gaok tēh bingung, sabab ka mana baē manēhna hiber terus baē manēhna
diudag ku oray. Kabeneran aya nu keur meuleum, gebrus waē nyulusupkeun
manēh kana pameuleman. Atuh ari muncul deui awakna tēh geus hideung
lestreng. Barang oray sanca datang, manēhna teu kacirieun deui, da awakna
nu bodas geus jadi hideung.

20. Sempalan wacana di luhur nyaēta dongēng “ Gaok Jadi Hideung”, dongēng ēta
kaasup kana jenis dongēng ....

A. sasakala C. pabēl
B. parabēl D. Mitos

21. Tēma dongēng di luhur nyaēta ....


A. Oray ambek ka gaok C. Gaok nyulusup
B. Gaok robah warna D. Gaok diudag oray

22. Naon sababna awak gaok jadi hideung lestreng ?


E. Sabab manēhna hiber terus
F. Sabab gaok tēh bingung
G. Sabab nyulusupkeun manēh kana pameuleuman
H. Sabab gaok diudag-udag oray

23. Di mana latar tempat dongēng di luhur ?

C. di balong C. di kebon
D. di pameuleuman D. di leuweung

LATIHAN SOAL MATERI SAJAK

Bacalah oleh kalian sajak Sunda di bawah ini!

POÉ ÉTA

Karya: Yous Hamdan

Baris kasorang hiji poé


nu dirérab tujuh srangéngé
dikumpulkeun kabéh di hiji lapang mahsyar
sawaréh kekelebekan na caahna késang sorangan

Poé éta
panto hampura geus nutup ngonci
hamo beunang diketrok dipuntenan deui
Poé éta
taya sanak baraya
anak pamajikan ogé satru

Poé éta
létah dipaku
biwir diwengku
pabrik sagala nu palsu

Leungeun
suku
panon
ceuli
kabéh indra cumarita. Ngadakwa

Jeung
na beuheung ngagantung notula lalakon di dunya
catetan Rokib jeung Atid
saksi nu teu wawuh jeung dami

(Dicutat tina buku Sajak Sunda, ed. Ajip Rosidi, 2007.)

KAMUS ALIT

baris = akan
kasorang = dialami
dirérab = dibakar
srangéngé = matahari
sawaréh = sebagian
kekelebekan = tenggelam
caah = banjir
késang = keringat
hampura = maaf
hamo = tidak akan bisa
diketrok = diketuk
taya, teu aya = tidak ada
sanak baraya = sanak saudara
satru = musuh
diwengku = diikat
cumarita = bercerita
notula = catatan
lalakon = kisah
wawuh = kenal
dami = damai

Pilih salah satu jawaban yang benar!


24. Sajak di luhur téh nyaritakeun kaayaan manusa engké sanggeusna di alam ….
A. dunya
B. mahsyar
C. kubur
D. barzakh

25. Dumasar sajak di luhur, bisa dipikanyaho yén alam mahsyar téh nyaéta alam ….
A. panas nyongkab
B. pinuh ku panonpoé
C. caah késang
D. kekelebekan

26. Naon anu cenah geus “nutup ngonci” dina sajak di luhur téh?
A. panghampura Pangéran/Allah
B. alam mahsyar
C. panto mahsyar
D. panto ahérat

27. Sajak di luhur mibanda téma/jéjér ….


A. seni
B. réliji
C. sosial
D. perjoangan

28. Dina sajak di luhur aya kasebut malaikat Rokib jeung Atid. Naon tugasna?
A. ngajaga panto surga jeung naraka
B. ngadakwa di alam kubur
C. nyatetkeun amal hadé jeung amal goréng di alam dunya
D. nyabut nyawa

29. Poé éta


taya sanak baraya
anak pamajikan ogé satru

Ungkara sajak di luhur ngagambarkeun yén di alam mahsyar téh ….


A. kabéh jalma mertanggungjawabkeun amalna masing-masing
B. kabéh jalma geus moal bisa silih tulungan deui najan jeung dulur sorangan
C. kabéh jalma teu boga dulur baraya jeung anak pamajikan
D. jawaban A jeung B bener

30. Poé éta


létah dipaku
biwir diwengku
pabrik sagala nu palsu

Ungkara sajak di luhur ngagambarkeun yén di alam mahsyar téh ….


A. létah jeung biwir urang bakal diwengku maké tali tur dipaku maké paku
B. létah jeung biwir urang geus moal mungkin bisa ngabohong
C. létah jeung biwir urang jadi pabrik kapalsuan
D. létah jeung biwir urang dipaku jadi pabrik

31. Leungeun
suku
panon
ceuli
kabéh indra cumarita. Ngadakwa

Naon maksud tina ungkara sajak di luhur téh?


A. di alam mahsyar, kabéh amal kalakuan di dunya bakal dibuktikeun ku urang
sorangan
B. di alam mahsyar, kabéh anggota badan urang bakal méré persaksian kana amal
urang
C. di alam mahsyar, kabéh anggota badan urang bakal bisa ngomong kawas baham
D. jawaban A jeung B bener

Regepkeun puisi ieu di handap masing taliti!

BOGOR

Hujan miripis di Hutan Raya


Angin lirih nyecep kulit
Nyecep bayah unggal rēnghap
Kebul cihujan nyangsang na bulu mata
Kalong liar ti tempatna
Tinggayabag, ngurilingan jungkiringna tangkal kahot

Bogor tēh kota hujan


Hujan tēh mangrupa rijki
Mugia
Karangan Tētēn Has FB
Dipetik tina Manglē Alit Nomer 1302

32. . Puisi di luhur nyaritakeun kaayaan kota ....

A. Bogor C. Cianjur
B. Bandung D. Tasikmalaya

33. . Kalimah “Bogor tēh kota hujan” dina puisi di luhur ngandung makna ....

A. dēnotasi C. persuasi
B. konotasi D. asimilasi

34. Makna dēnotasi nyaēta makna ....

A. kiasan C. sebenarnya
B. bohong D. palsu

35. Kalimah di luhur nu ngandung makna dēnotasi nyaēta ....


A. Angin lirih nyecep kulit
B. Kebul cuhujan nyangsang na bulu mata
C. Bogor tēh kota hujan
D. Kalong liar ti tempatna

36. Puisi “Bogor” di luhur karangan ....

A. Manglē Alit Nomer 1302 C. Udēn Burhanudin


B. Tētēn Has FB D. Ētti RS

LATIHAN SOAL MATERI PUPUJIAN

Regepkeun pupujian ieu di handap masing taliti!

Ya Allah Nu Maha Mulya


ka Anjeun abdi sadaya
ibadah sakuat daya
sareng nyuhunkeun pangraksa

37. Jumlah padalisan dina pupujian di luhur nyaēta ....

A. 7 padalisan C. 9 padalisan
B. 8 padalisan D. 4 padalisan

38. Jumlah baris dina unggal pada (bait) disebut ....


A. pada C. padalisan
B. padalarang D. padawilarang

39. Pupujian di luhur murwakanti dina huruf ....


A. ya-ya-ya-sa C.mulya-sadaya-daya-pangraksa
B. a-a-a-a D. teu aya nu bener

40. Eusi pupujian di luhur nyaēta ....


A. Muji jeung ngadua ka Allah.
B. Pangeling atawa ajakan pikeun laku lampah hade.
C. Tarikh atawa sholawat ka Nabi Muhammad
D. Ajaran syariat agama

Regepkeun pupujian ieu di handap!

Eling-eling dulr kabeh


ibadah ulah campoleh
beurang peuting ulah weleh
bisina kaburu paeh

Sabab urang bakal mati


nyawa dipundut ku gusti
najan raja nyakrawati
mob isa nyingkahan pati

41. Pupujian di luhur jumlahna ....


A. sapada C. sapadalisan
B. dua pada D. Dua padalisan

42. Aya sabaraha padalisan pupujian di luhur ....


A. 4 padalisan C. 2 pada

B. 8 padalisan D. 4 pada

43. Jumlah engang dina unggal padalisan disebut ....


A. pada C. guru lagu
B. padalisan D. guru wilangan

44. Guru lagu jeung guru wilangan pada kadua pupujian di luhur nyaēta ....
A. 11 – i, 6 – a, 8 – i, 8 – a C. 8 – i, 8– i, 8 – i, 8 – i
B. 12 – i, 6 – a, 8 – i, 8 – a D. 8 – a, 8 – a, 8 – a, 8 – a

45. Eusi pupujian di luhur nyaritakeun ....


A. Raja moal bisa nyingkahan pati
B. urang bakal paeh atawa mati
C. nyawa bakal dipundut ku Gusti
D. pangeling jeung ajakan pikeun getol ibadah

46. Dumasar kana eusina pupujian dikategorikeun kana ....


A. 3 jenis C. 4 jenis
B. 5 jenis D. 2 jenis

47. Pupujian dina sastra Sunda kana sastra ....


A. lama/heubeul
B. baru/modern
C. kontemporer
D. abstrak

48. Nu teu kaasup patokan umum pupujian di handap ieu nyaēta ....
A. opat padalisan dina sapada
B. unggal pada aya dalapan engang
C. purwakanti (rima) a-a-a-a
D. eusina ajaran agama Islam

49. Sacara gurat badag, fungsi pupujian nyaēta ....


A. guru wilangan jeung pada C. pada jeung padalisan
B. guru wilangan jeung guru lagu D. sosial jeung ekspresi
50. Pupujian kadang-kadang disebut oge ….
A. nadoman C. syair
B. sajak D. pupuh

You might also like