You are on page 1of 4

Dongéng-dongéng Pieunteungeun

1. Manuk Garuda jeung Gagak


Aya garuda tarik pisan nyamberan anak embé. Disamber, diranggeum, tuluy dibawa ngapung. Harita, aya
manuk gagak nyahoeun. Manéhna kabitaeun hayang nurutan kalakuan gagak.
Ceuk manuk gagak, “Katurutan moal nya lamun aing siga kitu?”.
Kabeneran, sanggeus nyarita kitu, gagak nempo aya embé badot. Gagak tuluy hiber luhur pisan, sanggeus di
luhur monteng nutug ka handap. Bari nurutan garuda, gapruk nyamber embé badot sarta diranggeum ku
cakarna.
Barang rék dibawa hiber, sukuna tikait kana bulu susuri embé. Atuh teu bisa hiber deui. Nu ngangon embé
nyahoeun. Gancang baé gagak téh ditéwak, diteukteukan bulu jangjangna, sarta tuluy dibikeun ka anakna,
dipaké kaulinan.
Ceuk anak nu ngangon, “Bapa éta manuk naon?”
Témbal bapana, “Ieu manuk téh hayang bisa nurutan garuda, tapi tétéla ieu téh manuk gagak!”
Hartina ieu dongéng: ulah wani-wani nurutan kalakuan batur nu moal katanagaan ku awak urang. Moal aya nu
bisa nulungan kana sial jeung wiwirang urang, iwal akal urang nu kudu ngira-ngira, ngukur ka kujur nimbang ka
awak.

2. Rambetuk jeung Singa


Hiji poé aya singa nu keur kacida ambekna. Gawena ngan bulak-balik, kaluar asup ka leuweung. Kituna téh bari
gegero sesegor. Puguh baé sato séjénna sarieuneun. Aya rambetuk nu ngadéngéeun, sarta gétékkeun pisan
ku kalakuan singa.
Ceuk rambetuk, “Kasebelan tah Singa. Mun kapanggih di mana baé rék diajak perang tanding.”
Singa nu ngadéngé omongana pok némbalan, “Montong loba omong siah!”
Rambetuk gancang hiber, tuluy asup kana liang irung singa bari nyocoan. Puguh wé singa beuki ambek bari
nyakaran huluna sorangan nepi ka rawék, raraheut, jeung baloboran getih. Sanggeus karasa nyeri, singa téh
tobat ngaku éléh.
Rambetuk bungah kacida lantaran meunang perang, tuluy bijil tina irung singa sarta hiber. Niatna rék uwaruwar,
ngabéjakeun yén manéhna meunang perang ngalawan singa. Kabéh sato rék dibéjaan. Ngan lantaran hiberna
rusuh teuing, gapruk téh nabrak ramat lancah. Atuh teu bisa usik, sarta teu mustahil bisa paéh di dinya.
Rambetuk meunang kasusah anu pohara, sanajan tadi bisa meunang perang tanding jeung singa.
Hartina ieu dongéng: Jelema kumaki mah matak gancang meunang cilaka. Mun urang keur punjul, ulah sok
susumbar teuing, bisi engké aya nu males, cara rambetuk nu tiwas dina tataheunan ramat lancah.

3. Manuk Titiran jeung Nyiruan


Aya nyiruan kasaatan, rék nginum ka pancuran. Teu ku hanteu éta nyiruan téh tisorodot, kecemplung titeuleum,
rék paéh. Kabeneran aya titiiran rék eunteup. Nénjo nyiruan titeuleum, titiran téh karunyaeun.
Geuwat metik dangdaunan, tuluy diragragkeun kana cai nepi ka nyiruan téh bisa ngarayap kana éta daun.
Nyiruan teu tulus paéh.
Teu lila ti harita, aya paninggaran nu rék manah éta titiran. Tititran mah teu apaleun mun manéhna keur diincer
ku panah paninggaran. Ari nyiruan, teu sing samar ka manuk titiran nu kungsi nulungan manéhna, nu ngajait
manéhna basa tikunclung téa. Geuwat nyiruan hiber tarik pisan, muru bitis paninggaran nu rék manah titiran.
Jeletot baé bitis paninggaran téh diseureud ku nyiruan. Atuh paninggarah téh ngagurubug, nepi ka teu tulus
manah. Titiran gancang hiber, nyingkahan balai nu bakal tumiba ka manéhna.
Hartina ieu dongéng: Lamun urang daék tutulung, sanajan henteu dipénta ku nu lian, tangtu urang ogé bakal
réa nu nulungan.

4. Ngamumulé Paré
Aya dua budak lalaki, anak patani, keur arulin di sawah bapana.
Pok nu saurang ngomong, “Ténjo geura itu paré, nu geus tungkul jeung nu tanggah kénéh. Nu tungkul semu
alum, henteu hurip cara nu keur tanggah kénéh!”
Nu saurang deui ngajawab, “Bapa urang nu kitu téa mah. Mun urang mah éta paré nu tarungkul téh dirabutan,
dipiceun kabéh. Sésakeun nu tanggah kénéh.”
Bapana ngadéngé obrolan éta dua budak. Ceuk bapana, “Beu, alus éta omongan manéh nu kadéngé ku Bapa
téh. Ngan maranéh kudu nyaho, pamulu kitu téh goréng, teu nyaho di nu hadé. Paré nu teu dipikaresep ku
manéh téh nyaéta paré nu hadé mah. Nu matak tungkul téh bawaning beurat ku béas. Ari nu taranggah, éta
kabéh paré nu gabug. Mangka hidep sing waspada, yén adat jelema téh siga paré Bapa. Jelema taya kanyaho
téh angkeuhanana bisa ngungkulan ka nu boga pangabisa.” (hanca)
Dongeng bahasa sunda si kabayan ngala nangka

Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. “Nu kolot ngala nangka téh, Kabayan!” Ceuk mitohana. Kencling Si Kabayan
ka kebon, nyorén bedog rék ngala nangka. Barang nepi ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu
geus kolot hiji tur gedé pisan. Tuluy waé diala. Barang dipanggul kacida beuratna.
“Wah, moal kaduga yeuh mawana, “ pikir Si Kabayan téh. Tuluy wé nangka téh ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan.
Jung waé balik ti heula, da geus kolot ieuh!” ceuk Si Kabayan téh nyarita ka nangka.
Barang tepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana.
“Kabayan, meunang ngala nangka téh?”
“Komo wé meunang mah, nya gedé nya kolot,” témbal Si Kabayan.
“Mana atuh ayeuna nangkana?” Mitohana nanya.
“Har, naha can datang kitu? Apan tadi téh dipalidkeun dititah balik ti heula, ceuk Si Kabayan téh.
“Ari manéh, na mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan!” Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan.
“Wah nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik,” ceuk Si
Kabayan bari ngaléos
TUGAS BASA SUNDA

KELOMPOK I

 Fathul Ula
 Nabila Shafa Wardani
 Nahda Cahyani Putri
 Risdawati

You might also like