You are on page 1of 3

NADHOM SUNDA POE PERPISAHAN

Astagfirulloh robbal baroya


astagfirulloh minal khothoya
Astagfirulloh robbal baroya
astagfirulloh minal khothoya

abdi atos maca dina ayat suci


sadayana makhluk eta bakal mati
nyawa bakal lepas tina diri abdi
pisah raga badan sareng anak istri
pisah raga badan, sareng kulawargi

dulur sarerea ukur nyengcerikan


sabab poe eta bakal perpisahan
anak istri salaki tebisa nahan
harta sareng banda, oge kapangkatan
dulur jeng baraya tebisa nulungan.

Abdi tos ngajepat cicing tos engepat


Baju ejeng perhiasan dibukaan
Sabab raga abdi bade dimandian
Tos diberesihan dibungkus ku kapan
Sadayana nga ngadeg bade nyarolatan

Abdi dipindahkeun teras di asupkeun


Kana kurung batam abi dijepatkeun
Rurug kurung batam tulut ditutupkeun
Teras digarotong bade dianterkeun
Ka galian kubur nu tos disiapkeun

Abdi diasupkeun kana pakuburan


Tuluy digolerkeun nasang geredongan
Abdi jejeritan taya nu nembalan
Kalah di padungan teras diurugan
Bari ditincakan bari dipadetan

Palapah kamboja teras ditanjenkeun


Diluruheun kubur abdi dipelakeun
Batu nisan lebah sirah jeung tunjangeun
Cai di kucurkeun kembang diaurkeun
Abdi nu dikubur ukur ningalikeun

Engap sareng poek mimitikarasa


Hoyong ninggal cerik oge hente bisa
Kesang ngucur panasna luar biasa
Haredang bayengyang ku abi karasa
Kaduhung hanyakal kakara rumasa

Diluhur kakuping beres nu nalkinkeun


Anu eusina ka mayit mamatahan
Di akhiran du’a bari di aminan
Sadaya ninggalkeun ka abdi sorangan
Dulur jeun baraya hente ngarencangan

Keeng sareng poe mimi ti karasa


Sabab waktu hirup loba nyieun dosa
Sombong jeung bedegong ka pada manusa
Ngupat ka awonan dianggap biasa
Laku lampah salah asa hente dosa

Duh gusti nu agung abdi seja tobat


Mugi tebih tina dosa jeung maksiat
Hoyong dipasihan elmu nu mangfaat
Abdi ngaharepkeun hirup kengeng rohmat
Salamet di dunya sareng di akhirat.

You might also like