You are on page 1of 35

Drama Sunda Rumaja

Séksa
Karya DHIPA GALUH PURBA

1
KARAKTERISTIK TOKOH
Séksa
SÉKSA : Umurna 18 Taun, geulis, mibanda dua kapribadian. Wanci beurang
ngaranna hayang disebut Séks, jalingkak, capétang, songong, jeung
salawasna nyaritakeun pendidikan séks. Dina wanci peuting,
ngaranna jadi Séksa, lungguh timpuh, nyaritana antaré, paroman
sedih kingkin, tur siga nu peunggas harepan.

AJAG : Umurna 18 Taun, teu pati kasép, pinter, sakapeung hare-haré, tapi
hormat ka kolot jeung ka saluhureun.

SUHADI : Umurna 40 taun, bapana Ajag, pacabakanna dagang mie ték-ték,


miskin, gedé ambek, resep gunta-ganti pamajikan.

UJAY : Umurna 45-50 taun, tukang dagang mie rebus, ngampung, soméah.

IROH : Umurna 35-40 taun, pamajikan Suhadi/ indung téré Ajag.

RANI : Umurna 25-30 taun, pamajikan Suhadi/ indung téré Ajag.

ÉRWAN : Umurna 40 taun , guru honorér, béréhan, nyaah ka sasama.

MALIK : Umurna 35-40 taun, tatanggana Suhadi, cunihin.

IMRON : Umurna 35-40 taun, nu nalingakeun Séksa, satia ka dunungan.

SARIP : Umurna 40-50 taun, bapana Séksa, hare-haré.

Séting Lokasi

PIPIR IMAH NU RADA AGRÉNG (IMAH SÉKSA), NU KACIRI NGAN UKUR


JANDÉLANA.

HIJI IMAH BILIK NU AMPIR RUBUH (IMAH SUHADI)

WARUNG MANG UJAY, RADA ANGGANG GIGIREUN IMAH SUHADI,

2
ADEGAN I

WANCI PASOSORÉ. DI HIJI KOTA, PIPIREUN IMAH NU RADA AGRÉNG


(IMAH SÉKSA), AYA HIJI IMAH BILIK NU AMPIR RUBUH (IMAH SUHADI).
DI HAREUPEUN IMAH BILIK, AYA DUA PETI LEUTIK ANU DIHIJIKEUN KU
RANCATAN, KALAYAN EUSINA SARUPANING BAHAN KEUR DAGANG MIE
TÉK-TÉK. AYA KORSI RAWING HAREUPEUN IMAH BILIK MALIKNA RADA
NYÉRONG KA LEBAH JANDÉLA KAMAR IMAH SÉKSA, ANU
JANGKUNGNA TI SAMET BUJAL NEPI KA SIRAH, KALAYAN LÉBARNA
KIRA-KIRA SATENGAH MÉTER. JANDÉLA KAMAR IMAH SÉKSA
DIPINDANGAN KU HORDÉNG IPIS.

GIGIREUN IMAH SUHADI, RADA ANGGANG, AYA WARUNG MANG UJAY,


ANU SAPOPIÉNA DAGANG MIE REBUS, MIE GORENG, CIKOPI, CI SUSU,
JEUNG SABANGSANING GOGORÉNGAN.

MANG UJAY KEUR PAKEPUK LALADANG. DI WARUNG TÉH AYA GURU


ÉRWAN JEUNG MALIK ANU KEUR NGOPI.

AJAG NYURUNTUL LUMPAT TI JERO IMAH SUHADI, SARTA NYALINGKER


KA PIPIR WARUNG. PIRING JEUNG GELAS PALASTIK KATUT HAYAM,
TINGBELEWER DIBALEDOGKEUN KA LEBAH AJAG, SARTA DIANTARANA
AYA NU KEUNA KA WARUNG MANG UJAY.

O.S. SUHADI
Dasar budak belegug! Budak bodo! Nurun ka saha sia téh hah???

TEU LILA, SUHADI KALUAR TI JERO IMAH BARI NULAK CANGKÉNG.

SUHADI
Belegug mah belegug wé, henteu kudu loba alesan sagala. Matak teu lulus ogé
akibat kebluk ngapalkeun!

IROH NOROJOL TI JERO IMAH, TULUY NGENYANG LEUNGEUN SUHADI.

IROH
Meunggeus, akang! Meunggeus...! Nyaho budak téh keur sutrés, kalah hayoh
waé diceramahan.

SUHADI
Cicing siah! Kudu diwarah budak belegug mah!

IROH
Ih, teu beunang diomongan geuningan. Geus puguh murid nu séjén ogé loba
nu henteu lulus. Si Sudampleng ogé kurang kumaha pinterna, sarua wé henteu
lulus UN. Ari Si Aték, nu geus sidik budak pangedulan, naha bet bisa lulus?
Hartina lain salah budak... salah UN éta mah!

3
SUHADI
Gandéng siah! Meni saruana pisan kalah nyalahkeun UN. Ti jaman baheula
ogé kabecus murid mah diukurna ku ujian, deuleu! Lamun teu lulus ujian,
hartina budak téh belegug. Meunggeus pokona mah teu kudu dituluykeun deui
sakolana. Kacapé-capé ngabiayaan budak belegug mah...

IROH
His, ulah kitu, Kang. Tuh kabeneran aya Pa Guru. (Ka Guru Érwan) Kumaha
perkawis UN téh, Pa Guru?

GURU ÉRWAN
Ari saleresna mah mémang saé diayakeun UN téh, Ceu. Margi, kanggo nguji
kamampuh murid sabada nyorang atikan di sakola séwang-séwangan.
Nanging, sajujurna, abdi ogé kirang panuju upami UN jadi hiji-hijina ukuran
kanggo nangtoskeun kalulusan mah. Margi, seueur paktor nu kedah jadi bahan
timbangan murangkalih. Diantawisna, prilakuna sadidinten, kadariaan
diajarna, sareng nu sanés-sanésna deui.

IROH
Ari putra abdi, kumaha sadidintenna, Pa Guru? Naha pantes upami putra abdi
henteu lulus?

GURU ÉRWAN
Putra ibu kalih bapa, saleresna henteu kalebet murid nu bodo. Atuh prilakuna
ogé henteu kalebet budak bangor. Saleresna... abdi ogé rada bingung, naha
putra ibu téh hasil UN-na bet nguciwakeun pisan...

SUHADI
Enya, éta téh alatan kedul diajar. (Ka Iroh) Geus lah henteu kudu ngabahas baé
UN. Rék indit usaha aing mah, bisi peuting mantén. Warah budak téh, mun
perelu mah gélang ceulina sakalian ngarah ngagugu kana omongan kolot.

SUHADI ASUP KA JERO IMAH, DITUTURKEUN KU IROH. TEU LILA


SUHADI KALUAR DEUI BARI MAKÉ DUDUKUY. SATERUSNA
MARIKSA PETI PARANTI DAGANG MIE TÉK-TÉK.

SUHADI
Iroh.... cing alungkeun areng anu dina kérésék hideung!

KÉRÉSÉK HIDEUNG NGABELEWER TI JERO IMAH.

SUHADI
Teu anakna, teu indungna, meni euweuh kasopanan pisan!

(O.S) IROH
Apan nitahna ogé dialungkeun.

SUHADI
Heueuh dialungkeun! Ari bieu mah da dibalangkeun ngaranna.

4
SUHADI NANGGUNG DAGANGANNA

GURU ÉRWAN
Geuning nganggo kénéh areng, Mang? Naha teu nganggo gas élpiji?

SUHADI
Hayang kénéh hirup, Pa Guru.

MANG UJAY
Upami mie ték-ték mah ciri hasna diasakan nganggo ruhay, Pa Guru. Saurna
mah rasana bakal langkung nikmat

GURU ÉRWAN
Oh... kutan bénten éta téh?

SUHADI
Lah sarua waé emih, rék maké ruhay, rék maké seuneu, angger emih-emih
kénéh. (ka Mang Ujay) Ngan... lamun kompor gas didinya ngabeledug, ulah
sambat kaniaya siah! Ceuk aing mah mending ganti ku kompor minyak tanah
ti ayeuna mula, lamun didinya hayang panjang umur.

MANG UJAY
Atuda... mahal minyak tanah mah, Kang...

SUHADI
Heueuh, hartina nyawa didinya murah...

SUHADI NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN BARI NAKOLAN BUJUR


KATÉL. AJAG KALUAR TINA PANYUMPUTANANA.

GURU ÉRWAN
Sing sabar wé hidep téh. Keun baé da batur ogé loba anu teu lulus mah. Diajar
sing daria, ngarah taun hareup bisa lulus UN.

AJAG
Sumuhun, Pa Guru.

GURU ÉRWAN
Hidep geus dahar?

AJAG
Teu acan... aéh, atos, Pa Guru.

GURU ÉRWAN
Ulah sok nyiksa beuteung. Hayu urang dahar emih jeung bapa. Mang, nyieun
deui mie rebus...

LAMPU PAREUM

5
ADEGAN II
WANCI JANARI LEUTIK. WARUNG MANG UJAY GEUS TUTUP (KADÉNGÉ
SORA KÉRÉK MANG UJAY). AJAG DIUK DINA KORSI ROMBÉNG BARI
NEUTEUP KA LEBAH JANDÉLA KAMAR IMAH SÉKSA. KACIRI
NGALANGKANG HIJI AWÉWÉ (SÉKSA) NU NYANGIGIR BARI NEUTEUP
FIGURA POTO NU DICEPENG KU DUA LEUNGEUNNA. SATERUSNA SÉKSA
MALIK KA LEBAH JANDÉLA BARI TANGGAH, SIGA NU MANGPENGKEUN
PANEUTEUP KA JAUHNA. AJAG BEUKI ANTENG NEUTEUP KA LEBAH
JANDÉLA KAMAR.

SUHADI DATANG BARI NANGGUNG DAGANGANNA. TULUY


DAGANGANNA DIÉCAGKEUN. SATERUSNA MUKA LACI, NYOKOT DUIT
LADANG DAGANG. DIITUNG HEULA, TULUY DIPÉSAKAN. SANGGEUS
KITU, SUHADI NGALÉNGKAH MURU KA IMAHNA. SUHADI NGARANDEG
HAREUPEUN AJAG, SARTA MILU MERHATIKEUN SÉKSA SAKEDAPAN.

SUHADI
(BARI NGADEGUNGKEUN SIRAH AJAG) Dasar budak belegug! Lamun
teu capé mah manéh téh disiksa ayeuna kénéh!

AJAG UKUR NGARÉRÉT KA SUHADI, SATERUSNA NERUSKEUN DEUI


NEUTEUP SÉKSA. SUHADI ASUP KA JERO IMAH.

O.S. IROH
Asiiik... mucekil pisan beubeunangan si akang tercinta. Mmmmuaachhh...
akang hoyong dipangdamelkeun naon? Badé cikopi? Badé Téh manis?
Atanapi...

O.S. SUHADI
Hayang héés aing mah... teu kuat tunduh, capé pisan lah...

AJAG BEUKI ANTENG NEUTEUP SÉKSA.

LAMPU PAREUM.

ADEGAN III

WANCI ISUK-ISUK. AJAG KEUR NGAHANCA BALA-BALA JEUNG GÉHU,


DISELANGAN NYURUPUT CIKOPI DI WARUNG MANG UJAY. ARI MANG
UJAY MAH KEUR KAPRAK-KEPREK DADASAR.

MANG UJAY
Heueuh batur mah... imah sakitu ublug-ablag, ukur dieusian ku duaan, anak
jeung bapana.

AJAG
Ari emana kamana éta téh, Mang?

6
MANG UJAY
Teu apal, Jang. Apan pindah kadieuna ogé kakara saminggu. Tapi... béjana
mah pamajikanna téh di Prancis. Tapi deuih... aya ogé nu nyebutkeun
pipisahan. Teuing mana nu benerna, da kalah jangar ngabandungan jalma
beunghar mah.

SÉKSA NGURUNYUNG, MAKÉ BAJU SARAGAM SMA NU EROKNA


PUNGSAT. TULUY DIUK GIGIREUN AJAG, SEMU NU NYÉRÉDKEUN.

MANG UJAY
Badé ngadamel kopi, Néng?

SÉKSA
Gelas leutik wé, Mang. Maké susu saeutik mah. Aéh... Mang, ari di dieu jualan
jamu rapet ayu?

MANG UJAY
Teu aya atuh, Néng. Apan ieu mah warung kopi, sanés tukang icalan jajamu.
Aya ogé STMJ, badé?

SÉKSA
Moal ah...

AJAG MALING RÉRÉT KA SÉKSA, TAPI LANGSUNG NGABALIEUR


BASA DIPENCRONG KU SÉKSA.

SÉKSA
Sendiri ajé?

AJAG UNGGEUK.

SÉKSA
Nama gué Seks... (bari nyolongkrong ngajak sasalaman)

AJAG
Seks...? (KABESÉKAN SAKING KU KAGÉT, TERUS NGAJEGOH
BATUK)

SÉKSA
Iya, Seks.

AJAG
(bari sasalaman) Emh... bisa nyarita basa Sunda?

SÉKSA
Bisa sih, tapi... uing mah ngomongna kasar. Sieun salah ngomong. Kamari ogé
uing ngobrol jeung dulur, kalah dicarékan, disebut teu sopan. Pabeulit pisan
atuda basa Sunda mah, maké jeung aya undak-usuk basa sagala rupa

7
AJAG
Kajeun rék kasar ogé, nu penting mah maké basa Sunda

SÉKSA
Manéh moal ngambek kitu?

AJAG
Moal, da uing ogé sarua kasar.

SÉKSA
Heueuh heug atuh ari kitu mah.

SÉKSA CENGKAT, TULUY NGARONGKONG ROKO, SARTA DISEUNGEUT.


PELENYUN UDUD, DISELANGAN NYURUPUT KOPI-SUSU.

AJAG
Ari... ngaran manéh téh, enyaan Séks?

SÉKSA
Heueuh, Séks. Manéh pasti reuwas nya? Uing mah da serius, mémang éta
ngaran uing. Seks nyaéta kecap nu éndah.
AJAG
Mani kawas euweuh ngaran séjén waé...

SÉKSA
Har... ulah ngaborongkeun siah. Paduli teuing da uing mah sugema ieuh
ngagunakeun éta ngaran. Ari ngaran manéh saha?
AJAG
Ajag...

SÉKSA
Ha ha ha... Ajag? Ha ha ha... lain ajag mah ngaran anjing leuweung? Sato
buas téa? Kabina-bina teuing kolot manéh mah méré ngaran téh...

AJAG
Manéh ogé teu kudu protés. Uing mah tara goréng sangka ka kolot. Bisa baé
bapa uing téh maksudna mah rék méré ngaran Ajang. Tapi ku lantaran keur
salésma, antukna jadi Ajag.

SÉKSA
Éh... tapi da manéh mah henteu katingali siga sato buas. Justru manéh mah
sigana téh lalaki romantis. Ari imah manéh di mana?

AJAG
Apan itu tuh... tukangeun pisan imah manéh

SÉKSA
Oh, jadi manéh téh anakna tukang dangan mie tékték téa?

8
AJAG
Enya, bener. Na kumaha kitu?

SÉKSA
Teu kukumaha, ngan hayang ngayakinkeun wé. Hanjakal pisan nya, urang téh
sasatna mah natangga, tapi bet henteu pada-pada wawuh. Padahal dina ieu
kahirupan, kuduna mah euweuh jungkrang anu misahkeun hubungan antara
jalma jeung jalma

AJAG
Ari manéh sakola kelas sabaraha?

SÉKSA
Kelas 12, tinggal ngadagoan hasil UN.

AJAG
Lain enggeus UN mah?

SÉKSA
Enggeus nanahaon... ngimpi sugan manéh mah. Tapi haroréam rék sakola téh,
da guru-guru jeung babaturan kareuheuleun ka uing. Sigana pédah uing sok
ngajak diskusi ngeunaan pendidikan séks. Padahal maluruh kasangtukang seks
téh kacida matak kataji. Barudak sagedé manéh, maksud téh sagedé uing ogé,
perelu diajar pendidikan séks. Anu teu meunang mah apan ngalakukeunana,
can waktuna éta mah, kudu engké geus kawin.

AJAG
Jadi, manéh can ngasaan?

SÉKSA
Nya acan atuh, bebel! Mémangna uing téh ungkluk? Uing mah kieu-kieu ogé
boga harga diri. Parawan kénéh uing mah! Tong boro kikituan, uing mah
ngadu papatuk ogé acan nyobaan, teu harayang teuing patukeur ciduh, geuleuh
uing mah. Ulah disaruakeun jeung awéwé murahan uing mah... Hayang
dibanjur cikopi manéh téh?

AJAG
His, ulah ngambek atuh, pira ogé nanya...

SÉKSA
Heueuh da manéh mah nanyana anu sénsitip. Ceuk uing ogé apan ngalakukeun
séks mah teu meunang. Uing mah ngan resep ngadiskusikeun sisi
pendidikanana. Apan dina pelajaran Biologi ogé, ti jaman SMP mula geus
diajarkeun. Contona uing resep pisan lamun geus ngabahas zigot. Manéh
nyaho naon ari zigot?

AJAG
Nyaho, tapi... poho deui...

9
SÉKSA
Ha ha ha.... sigana manéh mah tukang nundutan di kelas.

MANG UJAY
(ngasongkeun botol kécap) Nu kieu panginten zigot téh, Néng? Hé hé...

SÉKSA
Ah saruana pisan, kécap disebut zigot. Déngékeun, Ajag, zigot téh nyaéta sél
anu dihasilkeun tina hasil ngahijina dua kelamin...

AJAG
Geus gandéng, sebutkeun wé hasil fértilisasi kituh!

SÉKSA
Tah geuning manéh inget. Pasti manéh ogé apal naon nu dimaksud morula,
blastosit, gastrula, émbrio, fetus, jeung saterusna. Tah, apan nu kararitu téh
hubunganna jeung séks. Ku kituna, penting pisan pendidikan séks téh. Éh…
ari manéh sakona kelas sabaraha?

AJAG
Sarua jeung manéh, kelas 12. Ngan uing mah teu lulus UN.

SÉKSA
Gandéng, ulah sok pesemis jadi jelema téh. Maké jeung ngomong teu lulus
sagala. Ngapalkeun sing bener, nagarah lulus. Tapi mémang sakadang UN téh
ngajangarkeun pisan. Kunaon pamaréntah téh mani sok malalurka waé nya?
Sigana pamaréntah urang mah kurang weruh neuleuman pendidikan séks.

AJAG
Ngaco pisan. Naon hubunganana UN jeung pendidikan séks?

SÉKSA
His, puguh waé raket pisan. Loba pisan pejabat nu lalieur téh. Ari ceuk dokter,
apan séks téh bisa dijadikeun salahsahiji ubar lieur….

AJAG
Meunggeus gandéng! Lila-lila sirah uing nu lieur, hayoh baé ngomongkeun
séks.

SÉKSA
Kunaon manéh nyebut lieur bari melong ka uing? Ari acan kawin mah manéh
ulah waka hayang ngubaran lieur ku seks… komo ngajak uing.

AJAG NANGTUNG, TULUY NGALÉOS, MURU KA IMAHNA.

SÉKSA
Ajag…! Rék kamana manéh?! Héy, Ajag! Jaaag…! Ih, belikan pisan budak
téh…

10
SÉKSA NGUDAG AJAG, TAPI AJAG KABURU ASUP KA JERO IMAH.
ANTUKNA SÉKSA NGAGEDORAN PANTO IMAH.

SÉKSA
Ajag…! Jaaag…! Buka pantona, Jag.

PANTO IMAH MUKA. SUHADI KALUAR BARI NGAGISIKAN PANON,


DITUTURKEUN KU IROH NU MAKÉ SAMPING BARI HEUAY.

AJAG
Aya naon ieu téh isuk-isuk geus gegedor?

SÉKSA
Éh… maaf, maaf nya… maaf pisan ngaganggu.

SÉKSA BURU-BURU LUMPAT KA WARUNG MANG UJAY.

SUHADI
Budak saha éta téh? Mani dusun kabina-bina….

IROH
(NUNJUK KA IMAH SÉKSA) Éta anakna tukang korupsi…. Kakara
saminggu pindahna ogé. Sigana nyumput alatan diberik pulisi.

SUHADI JEUNG IROH ARASUP DEUI KA JERO IMAH.


SÉKSA NGAREGOT SÉSA KOPI SUSU DI WARUNG MANG UJAY

SÉKSA
Gélo… wayah kieu masih kénéh nyieun zigot…

MANG UJAY
Apan mulih icalanna ogé wanci janari, Néng…

SÉKSA
Éh, mang… ari Mang Ujay pamajikanana dimana?

MANG UJAY
Parantos ngantunkeun, Néng…

SÉKSA
Néangan deui atuh gantina, mang. Bahaya lamun séks henteu kasalurkeun téh,
bisa-bisa émosi Mang Ujay moal stabil. Jadi sabarahaeun Mang? Sakalian wé
itung jeung anu Si Ajag.

MANG UJAY
Maksadna… diétang sadaya sametanana?

SÉKSA
Mémangna Si Ajag sok nganjuk kitu?

11
MANG UJAY
Wah, sanés nganjuk deui. Teu putrana, teu ramana, ngalanggan nganjuk ka
emang. Tah ieu catetanana (NÉMBONGKEUN BÉRÉNDÉLAN HUTANG)

SÉKSA
Gustiiii…! Budak sagedé kitu patut geus diajar ngajeblug. Itung wé sakabéh
hutang Si Ajag, rék dibayar ku uing. Tapi anu bapana mah ulah, da teu resep
uingna. Kéla dagoan, uing rék nyokot heula duitna…

MANG UJAY
Mangga, Néng…

SÉKSA NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN. MANG UJAY KUTRAT-KOTRÉT


NGITUNG HUTANG AJAG.

LAMPU PAREUM.

ADEGAN IV

WANCI TENGAH PEUTING. AJAG DIUK DINA KORSI ROMBÉNG BARI


NEUTEUP KA LEBAH JANDÉLA KAMAR IMAH SÉKSA. KATINGALI SÉKSA
DI SATUKANGEUN HORDÉNG IPIS, NYANGIGIR BARI NEUTEUP FIGURA
POTO. SATERUSNA SÉKSA MALIK KA LEBAH JANDÉLA BARI TANGGAH,
SIGA NU MANGPENGKEUN PANEUTEUP KA JAUHNA. AJAG BEUKI
ANTENG NEUTEUP KA LEBAH SÉKSA.

MANG UJAY KEUR BÉBÉRÉS RÉK NUTUP WARUNG. MANG UJAY


NYELANG HEULA MILU NEUTEUP KA LEBAH SÉKSA.

MANG UJAY
Nanahaonan unggal peuting ditingali waé? Mending kénéh sampeurkeun
kaditu jung! Geus puguh Si Enéng Séks téh apan resepeun ka ujang… matak
mangmayarkeun hutang ujang ogé…

AJAG
Itu mah lain Séks, Mang. Itu mah awéwé séjén…

MANG UJAY
Awéwé séjén kumaha? Geus sidik pangeusina ukur duaan, teu kurang, teu
leuwih: Si Enéng Séks jeung bapana.

AJAG
Lain, Mang… awéwé itu mah lain Séks… Sok sidik-sidik ku Mang Ujay,
sanajan tangtunganna nyeplés Séks ogé, tapi da béda, Mang… béda pisan…

MANG UJAY
Béda naonna, Jang?

12
AJAG
Tingali wé ku Mang Ujay… awéwé itu mah sakitu lungguhna, ngungun alum
lir ngumbar lamunan. Siga anu jararauh panineungan. Atawa siga aya anu keur
dianti-anti… Béda pisan jeung Séks anu sakitu jalingkakna dibarung ngomong
songong sakacamprungna…

MANG UJAY
Enya kitu?

AJAG
Bener, Mang… sok wé bandingkeun. Lamun uing neuteup awéwé itu, bener-
bener asa neuteup awéwé téh.

MANG UJAY
Mémangna lamun ningali Si Enéng Séks, siga ningali naon?

AJAG
Nya… sarua wé ari awéwéna mah. Tapi… nyanghareupan Séks mah uing asa
keur adu hareupan jeung ungkluk nu keur ngobral ajén dirina…

MANG UJAY
Ah, teuing atuh emang mah teu ngalalarti. Teu kuat tunduh, geus waktuna saré
ayeuna mah, Jang…

MANG UJAY ASUP KA WARUNGNA. AJAG NULUYKEUN DEUI NEUTEUP


SÉKSA. TEU LILA, KADÉNGÉ SORA KÉRÉK MANG UJAY.

SUHADI DATANG BARI MANGGUL DAGANGANANA. TULUY


DIÉCAGKEUN, SATENGAH DIGEJRÉTKEUN. PAROMANNA KATARA KEUR
HANJELU PACAMPUR AMBEK.

SUHADI
Nanahaonan manéh mah pagawéan téh ngan huleng-jentul? Naha manéh téh
masih kénéh mikiran sakola manéh nu bangkar? Geus diomongkeun
sababaraha kali, pantesna ogé manéh mah dagang emih! Meunggeus siah,
diajar dangang emih ka ditu, batan euweuh gadag pisan mah!

AJAG
Abdi mah teu aya bakat sakola, Pa…

SUHADI
Ngomong naon siah?!

AJAG
Euh… maksad téh…abdi mah teu aya bakat icalan emih

SUHADI
Jadi bakat manéh naon? Ohhh... enya, kakara inget... manéh masih kénéh sok
milu latihan ékting? Hayang jadi béntang sinétron manéh téh? Ngaca siah!
Euweuh kabecus manéh mah hirup téh. Kalah légég wé diheulakeun!

13
AJAG
Teu acan kapendak jalanna wé ayeuna mah, Pa. Apan ari usaha mah kirang
kumaha. Unggal minggu ogé, abdi sok ngiring késting...

SUHADI
Késting, késting wé hayoh! Naha manéh téh rék ngagugulukeun baé késting
nepi ka cetuk huis?

AJAG
Nya henteu atuh, Pa. Apan sasih kamari ogé, abdi ngiring maén... emh... jadi
piguran dina sinétron Ratapan Ibu Tiri. Bapa ogé nongton, sanés?

SUHADI
Teu sudi aing kudu ngalalajoanan manéh! Cumah asup tivi ogé, ari angger teu
kabeuli keur nyatu-nyatu acan mah. Tuh jeblug manéh ka Si Ujay, geura
bayar! Piraku aya artis nganjuk kénéh barang hakan?

AJAG
Atos, Pa...

SUHADI
Nu balég siah? Meunang maling timana duitna?

AJAG
Eumh... kénging nambut ti réréncangan sanggar...

SUHADI NGAJÉNGKAT NINGGALKEUN AJAG, TULUY ASUP KA JERO


IMAH.

AJAG NULUYKEUN DEUI NEUTEUP SÉKSA.

TEU LILA KADÉNGÉ SORA TINGGOLOMBRANG TI JERO IMAH. SUHADI


JEUNG IROH PASÉA.

O.S. IROH
Matakna ari ngarumasakeun boga penghasilan leutik, ulah sok maksakeun
manéh. Maké jeung nyandung sagala! Duit téh pasti lolobana dibikeun ka nu
ngora nya?!

O.S. SUHADI
Gandéng siah, ulah sok pararadu ari ngomong téh! Apan aing geus nalék ka
manéh ti basa éta ogé: daék atawa henteu dicandung ku aing? Lamun teu daék,
ku aing rék diserahkeun. Buktina sia henteu nampik...

O.S. IROH
Heueuh ayeuna mah aing geus teu kuat. Kabina-bina teuing méré duit ngan
sakieu. Aing mah rék balik ayeuna kénéh ogé. Serahkeun aing! Talak tilu
sakalian...!

14
O.S. SUHADI
Heug, jung geura mantog! Geus teu kuat aing ogé neuleu beungeut manéh!

PANTO IMAH MUKA. IROH KALUAR BARI MANGGUL BUNTELAN.

IROH
Dasar lalaki teu gableg cedo! Kaduhung aing daék dikawin... kaduhung pisan
siah...

AJAG
Badé kamana, ma?

IROH
Gandéng siah teu kudu nyebut ema sagala. Geus lain-lainna deui ayeuna mah.
Mun sotéh manéh téh anak aing...

AJAG
Ma, hapunten abdi, ma...

IROH
Pan ku aing geus dibéjér-béaskeun: Indung manéh mah teuing aya dimana.
Tanyakeun tuh ka bapa manéh!

SUHADI KALUAR TI JERO IMAH

SUHADI
Meunggeus Ajag, ulah diajak nyarita waé! Isukan ogé bakal aya indung manéh
nu anyar.

IROH NGAJÉNGKAT NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN. SUHADI ASUP


DEUI KA JERO IMAH BARI NGAGABLOGKEUN PANTO. AJAG NYUUH
KANA TANEUH NGARASA TUNGGARA.
TEU LILA, SÉKSA NGAHINGHING CEURIK. AJAG NGARÉNJAG, TULUY
MALIK KA LEBAH JANDÉLA KAMAR IMAH SÉKSA. AJAG NEUTEUP
SÉKSA ANU KEUR CEURIK SEMU KANYENYERIAN.

LAMPU PAREUM

ADEGAN V
WANCI BEURANG. DI WARUNG MANG UJAY AYA GURU ÉRWAN, IMRON,
JEUNG MALIK KEUR NGOPI.

AJAG KALUAR TI JERO IMAH, MAKÉ PAKÉAN RAPIH. KAKARA


SABABARA LÉNGKAH, TOROJOL SUHADI ANU PAKALÉNG-KALÉNG
JEUNG RANI.

SUHADI
(KA RANI) Tuh, itu anak akang nu ngan hiji-hijina téh... (KA AJAG) Ieu
indung manéh nu anyar. Sok geura munjungan ka indung téh!

15
AJAG MUNJUNGAN KA RANI

RANI
Euleuh-euleuh mani kasép, ngala bapana ieu mah... saha ngaranana?

AJAG
Ajag...

RANI
Ajang?

AJAG
Ajag...

RANI
Aéh-aéh, Ajag? Kabina-bina Si Akang mah méré ngaran téh. Ngaran téh du’a,
akang. Ulah sagawayah kitu. Ganti engké mah nya, Kang... Ganti ku Satria,
Dépan, Ruli, atawa naon wé nu kerén...

SUHADI
Enya, gampang. Urusan ngaran-ngaran waé mani riweuh.... Ulah nu hararésé
nyieun ngaran mah, ngarah gampil ngapalkeunana. Engké, lamun urang boga
anak, rék dingaranan: Ajig. Cukup dua wé boga anak mah, Ajag jeung Ajig.

RANI
His, naha bet éra sagala, da urang mah pasangan sah ieuh, akang. Surat kawin
apan boga, sanajan nyieunna ladang némbak ogé. (KA NU KEUR NGAROPI
DI WARUNG) Akang-akang sadaya, nepangkeun abdi Néng Rani Juliana...
kawitna mah abdi istri kadua Kang Suhadi. Nanging, ti kawit dinten ieu, abdi
tos resmi jadi istri tunggal Kang Suhadi.... Leres teu, Kang?

SUHADI
(BARI NGENYANG LEUNGEUN RANI) Enya, meunggeus... hayu asup...

RANI
Ih, akang, teu kénging jorse ih... upami badé lebet ka rorompok téh, sendalna
kedah dibuka. Engké mah didieu téh kedah aya kékéséd. Teras, kedah aya rak
kanggo nyimpen sapatu.

SUHADI
Enya, gampang... céréwéd pisan nya.

SUHADI JEUNG RANI ASUP KA JERO IMAH.

O.S. RANI
Ih akang mani panas kieu di lebet téh. Upami AC-na dimana, Kang?
Hareudang ah... wios acuk abdi dibuka?

AJAG MURU KA WARUNG MANG UJAY, TULUY NGAJAK SASALAMAN KA


GURU ÉRWAN, SARTA TULUY DIUK.

16
MALIK
Jag, mani geulis indung téré nu ayeuna mah. Engké pangméntakeun
Facebookna nya, uing hayang kenalan...

GURU ÉRWAN
His... ulah, kasép...! Bisi salakina ngamuk.

MALIK
Mung hoyong kenalan wungkul, Pa Guru. Apan sareng tatanggi mah kedah
wanoh...

GURU ÉRWAN
Oh... ari sugan téh rék ngajak teu uni. Ari wawanohan mah nya hadé atuh, da
kudu akur jeung tatangga mah... (KA AJAG) Jadi, kumaha hidep téh enyaan
rék eureun sakola?

AJAG
Sumuhun rupina mah, Pa. Margi, pun bapa miwarang lirén waé.

GURU ÉRWAN
Duh... padahal mah lebar pisan. Da mun seug bapa jalma beunghar mah, hidep
téh rék dibiayaan ku bapa. Sabab dina jaman ayeuna, keretas sacewir ladang
sakola téh masih kénéh diperelukeun. Najan boga kaahlian rupa-rupa ogé, ari
teu boga ijasah mah sasarina sok hésé néangan gawé.

AJAG
Badé kumaha deui, Pa Guru... abdi mah teu wantun baha ka pun bapa.

GURU ÉRWAN
Enya, mémang ari ka kolot mah teu meunang ngalawan. Tapi hadéna mah
dipikirkeun deui sing asak. Lantaran ieu mah patalina jeung masa depan hidep.
Mun bisa mah kumaha baé carana, hidep kudu nuluykeun sakola. Kajeun
sakola bari digawé, naha dagang koran atawa naon wé nu halal...

AJAG
Sumuhun, Pa... abdi ogé da saleresna mah hoyong pisan sakola. Nanging teu
acan kaémutan kanggo ngawaragadanna.

GURU ÉRWAN
Enya, sok, ku bapa didungakeun. Lamun hidep keyeng tangtu bakal pareng.
Éh... ari ayeuna rék kamana? Geuning mani saged kieu? Rék néangan gawé?

AJAG
Sumuhun, Pa Guru... emmhh... badé ngiringan késting sinétron...

GURU ÉRWAN
Oh, kitu nya? Hadé atuh... Sok, sugan wé hidep kapaké jadi artis. Omat mun
ngabutuhkeun peran guru, béjaan bapa nya. Bapa ogé da kungsi milu latihan
téater basa jaman keur kuliah téh, malah kungsi milu maén sababaraha kali.

17
AJAG
Mangga, Pa...

GURU ÉRWAN
Bapa mah ieu téh rék tuluy mulang waé. Sok, hidep bisi rék dahar heula
(MIKEUN DUIT KA MANG UJAY) pulangna mah paké mayar Jang Ajag wé.

AJAG
Teu kedah ngarépotkeun, Pa...

GURU ÉRWAN
Keun baé, da bapa anyar gajihan. Kadé, bisi aya lowongan peran guru téa,
béjaan bapa nya...

AJAG
Mangga, Pa...

GURU ÉRWAN NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN.

MANG UJAY
Rék nyieun naon, Jang?

AJAG
Emih rebus wé, Mang, ulah maké endog.

MALIK
Enggeus maké endog waé! Yeuh, ditambahan kurangna mah ku déwék...

MALIK CENGKAT TINA DIUKNA, TULUY MÉRÉ DUIT KA MANG UJAY.


IMRON OGÉ CENGKAT. SARTA NGASONGKEUN DUIT KA MANG UJAY.

MALIK
Tapi tong poho... facebook indung manéh téa nya. Mun bogaeun, sakalian
jeung YM-na...

AJAG
InsyaAllah....

MALIK
Lain insyaAllah, kudu!

AJAG
Muhun, mangga...

MALIK NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN, PATUTUR-TUTUR JEUNG


IMRON. MANG UJAY KAPRAK-KEPREK NYIEUN MIE REBUS.

SÉKSA NGETEYEP DATANG TI GIGIREUN WARUNG, MAKÉ SARAGAM


SMA. NGINTIP AJAG JEUNG MANG UJAY.
MANG UJAY

18
Naon judul sinétronna, Jang?

AJAG
Mun teu salah mah... Jaka Tingting

MANG UJAY
Hanjakal emang mah teu boga tivi, jadi moal bisa ngalalajoanan ujang.

AJAG
Lah, boa kapaké, boa henteu, Mang. Kakara ogé rék késting. Apan sainganna
ogé riab, Mang.

MANG UJAY
Oh, ari sugan téh langsung maén. Pédah wé mangkukna ogé di pasar aya nu
keur késting. Emang ogé lalajo sakeudeung. Kitu geuningan nya késting téh,
mani loba pagawéna jeung mindeng balikan deui-balikan deui. Keudeung-
keudeung kat! Keudeung-keudeung...

SÉKSA
Éksen...!!! Kat! Kat! Kat!

MANG UJAY
Astaghfirullah... aduh Si Enéng mani ngareureuwas... Tingali itu cai dugi ka
bahé... untung sanés cai panas...

SÉKSA
Atuda Emang mah ngaco...

MANG UJAY
Ngaco kumaha, Néng?

SÉKSA
Anu ditingali ku emang mah sanés késting, tapi syuting...

MANG UJAY
Tah, enya, syuting... na naon bédana jeung késting?

SÉKSA
Kieu, mang... lamun diibaratkeun kana urusan séks, késting mah kakara milih-
milih pasangan nu pipanteseun. Tah, anu kapilih ogé tacan tangtu ngajodo,
lantaran aya prosés séjénna deui, dina harti bisa baé batal ku lantaran kurang
cocok. Ari syuting mah tingkatna geus resmi jadi pasangan suami-istri, kari
der jijieunan.

MANG UJAY
Tapi pan barang jieun ogé, aya nu jadi, aya nu henteu. Buktosna seueur
geuning anu teu tiasa gaduh putra...

SÉKSA

19
His, syuting ogé sarua, mang. Aya adegan anu dicokot, aya nu dipiceun.
Dipilihan deui éta téh, Mang.

MANG UJAY
Ohhh... aéh, dupi enéng badé ngaleueut naon?

SÉKSA
STMJ wé ayeuna mah, mang...

MANG UJAY
Mangga, Néng.

MANG UJAY NGASONGKEUN MANGKOK MIE REBUS KA AJAG, TULUY


NYIEUN STMJ.
SÉKSA DIUK GIGIREUN AJAG, SEMU NYÉRÉDKEUN.

SÉKSA
Ajag, manéh nyaho teu lamun susu, telor, madu jeung ginséng dihijikeun,
bakal jadi kumaha?

AJAG TEU NÉMBALAN. JONGJON NGADAHAR EMIH REBUS.

SÉKSA
Jawab atuh bebel?

AJAG
Budak orok gé nyahoeun.

SÉKSA
Enya, naon jawabanna? Mani geregeteun uing mah...

AJAG
Susu, telor, madu, jeung ginséng dihijikeun? Nya puguh jadi STMJ

SÉKSA
Lain, salah. Kalah wé morongos...

AJAG
Jadi naon atuh?

SÉKSA
Nya jadi ngeunah... Tapi, moal leuwih ngeunah batan séks. Manéh kudu
nyaho, nu ngaranna séks téh kacida éndahna.

AJAG
Geuning manéh mangmayarkeun hutang uing? Manéh ihlas?

SÉKSA

20
Meunggeus gandéng, nu ngaran ihlas mah teu kudu diomong-omong. Ihlas
mah ukur dipikanyaho ku jelemana jeung Pangéran. Teu kudu diomong-
omong. Nu perelu diomongkeun mah kumaha carana pendidikan séks jadi
salahsahiji mata pelajaran di sakola.

AJAG
Séks, ari nu sok nangtung tengah peuting dina jandéla téh manéh?

SÉKSA
Ih ari si bebel, diajakan ngobrol penting téh kalah nanya nu lain-lain, kalah
sok api-api teu ngawaro. Déngékeun siah, Ajag... Lamun nyaritakeun perkara
séks, aya kalana urang kaeurad ku permainan di atas ranjang. Padahal henteu
kitu, Ajag. Seks henteu idéntik jeung ranjang. Manéh mah sigana nyangka
adegan permainan ranjang dina film-film téh mangrupa gambaran tina
pornografi. Sabenerna seks mah henteu siga kitu, Ajag. Sabab anu disebut seks
mah tangtu pinuh ku kehalusan, lembut, indah, dan penuh gairah. Seks
kalintang rusiah jeung kacida banggana lamun digambarkeun ku omongan…

AJAG
Mang, cik ménta cipanas hérang. Lada pisan yeuh, teu kahaja ngagares
céngék…

SÉKSA
Ajag, manéh nyaho, kunaon pangna urang Tiongkok neuleuman élmu séks?
Sabab…

AJAG
Mang, emih téh tambahan deui satengah mah...

MANG UJAY
Piraku mie rebus satengah, Jang. Teu bisa atuh. Engké nu satengah deui keur
saha?
AJAG
Séks téh kacida pentingna, Ajag. Teu pati béda jeung manéh nu unggal poé
ngadahar mie rebus. Tapi uing mah banget teu ngarti. Naha loba jalma sok
kalah nutup jejebir, lamun aya nu keur nyaritakeun perkara seks? Padahal
urang téh perelu pisan neuleuman élmu séks, teu béda jeung barudak nu sina
dialajar ngitung. Ieu tungtutan jaman; barudak jaman ayeuna, kudu
dikenalkeun jeung élmuning séks, teu kudu asa-asa, komo kalah éra mah. Bisi
maranéhna sasab laku-lampahna ku salah kaprah wawanohan jeung séks.

AJAG
Mang, ditambah bala-bala opat, géhu hiji, jeung ménta udud satengah.
Kurangna sabaraha nya?

SÉKSA
Ajag, aya kalana séks ngajirim jadi kajahatan. Manéh nyaho mangkeluk nu
jadi ulon-ulon kajahatan séks?
AJAG

21
Éh, Mang, tapi kurangna mah dicatet wé heula. Ké isukan mayarna nya.

SÉKSA
Tah, Ajag, séks mah moal bisa dianjuk. Moal siga manéh nganjuk géhu ka
Mang Ujay.

AJAG
Mang, uing mangkat heula... sieun kabeurangan ah....

SÉKSA
Héy, Ajag…! Rék kamana manéh? Ih, diajakan ngomong téh kalah ngaléos.
Dusun pisan geuning manéh mah, Ajag. Déngékeun uing keur ngomong
kénéh. Ajaaag...!

AJAG NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN. SÉKSA TERUS NYALUKAN AJAG.


SUHADI KALUAR TI JERO IMAH, DITUTURKEUN KU RANI.

SÉKSA
Ajaaag! Ajaaag...!

SUHADI
Gandéng siah! Nanahaonan tengah poé ceuceuleuweungan?! Ngaganggu
jelema keur héés...

RANI
Kang, atos, Kang.... hayu ah, urang bobo deui...

SÉKSA MOLOHOK NEUTEUP RANI. TULUY NYAMPEURKEUN.

SÉKSA
Naha pamajikanna bet béda jeung nu kamari?

SUHADI
Teu kudu loba tatanya bebenyit mah. Sakola sing bener, diajar tatakrama
kadituh! Teu gableg kasopanan pisan siah...

SUHADI JEUNG RANI ASUP DEUI KA JERO IMAH.


SÉKSA NYAMPEURKEUN KA MANG UJAY.

SÉKSA
Mang, ari si bebel itu téh pamajikanna aya sabaraha hiji?

MANG UJAY
(SEMU NGAHARÉWOS) Wartosna mah gaduh opat. Kamari dipirak
saurang, janten kantun tilu.
SÉKSA

22
Gélooo... paingan Si Ajag siga stres atuh. Ngabatin sigana mah budak téh...
Mun bikeun ka Mang Ujay hiji waé mah.

MANG UJAY
Ah, emang mah tos teu ngémutan nu kararitu.

SÉKSA
Tong sok munafik, Mang. Uing geus ampir hatam neuleuman élmu séks téh.
Lalaki saumuran emang téh napsuna gedé kénéh. Mending kénéh kawin deui,
Mang. Ké dipangnéangankeun randa beunghar ku uing...

SÉKSA NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN. IMRON NGURUNYUNG


RURUSUHAN, NUTURKEUN SÉKSA.
MANG UJAY GOGODEG. TULUY KALUAR TI WARUNG, KEKETEYEPAN KA
IMAH SUHADI. SANGGEUS LUAK-LIEUK, MANG UJAY NOONG IMAH
SUHADI.

LAMPU PAREUM

ADEGAN VI

WANCI JANARI LEUTIK. WARUNG MANG UJAY GEUS TUTUP. KAAYAAN


SIMPÉ. SÉKSA NANGTUNG DINA JANDÉLA KAMAR IMAHNA, SEMU NU
NGUYUNG.

AJAG DATANG BARI LEUMPANG RURUSUHAN. PANONNA MANCO KA


SÉKSA. TULUY DIUK DINA KORSI RAWING. AJAG NEUTEIP SÉKSA
KALAYAN ANTEB.

TEU LILA, RANI NGURUNYUNG RURUSUHAN BARI NGAJINGJING SELOP.

RANI
Kasép... ari Si Bapa tos uih?

AJAG
Teu acan...

RANI
Duh... syukur atuh, mani reuwas... sieun kapiheulaan. Engké ulah
diwartoskeun ema wangsul wayah kieu nya. Wartoskeun wé ema mah aya di
rorompok, teu kamamana nya.

AJAG
Mangga...
RANI
Duuuh... dasar si kasép... anak ema. Mmmuaachh... sok sing anteng di luar
nya....

RANI ASUP KA JERO IMAH. AJAG NULUYKEUN DEUI NEUTEUP SÉKSA.

23
TEU LILA, SUHADI DATANG BARI NANGGUNG DAGANGANANA. TULUY
DIÉCAGKEUN. MUKA LACI, NYOKOT DUIT, DIITUNG, SARTA DISAKUAN.

SUHADI
Dasar budak pangedulan! Meunggeus ulah melongkeun waé imah éta. Manéh
hayang katépaan panyakit korupsi?! Bisi manéh hayang nyaho, bapana téh
koruptor. Sakeudeung deui ogé dibui. Mending kénéh siga urang hirup mah,
moal kudu urusan jeung KPK.

AJAG TEU NÉMBALAN. SUHADI RÉK ASUP KA JERO IMAH, TAPI


NGARANDEG.

SUHADI
Ari indung manéh teu kamamana?

AJAG
Hen... henteu...

SUHADI
Kadé ulah calutak ka indung manéh. Sing sopan nya. Lamun dititah, ulah nepi
ka henteu digugu.

AJAG
Mangga, Pa...

SUHADI
Wayahna manéh teu kudu maké anggel saréna, sabab indung manéh nu ayeuna
mah anggelna teu cukup dua. Gulungkeun wé seuseuhan jang ngaganjel sirah
mah...

AJAG
Mangga, Pa...

SUHADI
Aéh... ari harga blackberry sabarahaan? Sugan manéh nyaho...

AJAG
Teu terang, Pa...

SUHADI
Cik, engké pangnanyakeun ka Si Ono. Mun aya mah nu séken wé kituh.... tuh
indung manéh keukeuh hayang blackberry.

AJAG
Mangga, Pa...

SUHADI

24
Ari... emmmm... blackberry téh nu kumaha, Ajag? Naha aya hubunganana
jeung black méjik?

AJAG
Teu aya, Pa...

SUHADI
Nya sukur atuh ari euweuh mah...

SUHADI ASUP KA JERO IMAH.


AJAG NEUTEUP DEUI SÉKSA. TEU LILA, KADÉNGÉ SORA RANI NYIKIKIK.
AJAG NUTUPAN CEULINA, TAPI ANGGER KADÉNGÉ. TULUY AJAG
MANGGUL KORSI, DIPINDAHKEUN KA DEUKEUT WARUNG MANG UJAY.
DIDINYA AJAG DIUK, NEUTEUP DEUI SÉKSA. TAPI SORA KÉRÉK MANG
UJAY HANDARUAN NAKER. AJAG MANGGUL DEUI KORSI, KALAYAN
DITEMPATKEUN DI TENGAH-TENGAH ANTARA IMAHNA JEUNG WARUNG
MANG UJAY. DIDINYA AJAG NEUTEUP SÉKSA KALAYAN ANTEB.

LAMPU PAREUM

ADEGAN VII
WANCI ISUK-ISUK. LOBA JALMA NU LALAR-LIWAT. GURU ÉRWAN,
MALIK, IMRON, JEUNG SABABARAHA URANG SÉJÉNNA KEUR NGAROPI
DI WARUNG MANG UJAY. MALIK SAKAPEUNG NGALONGOKAN KA
LEBAH IMAH SUHADI.

AJAG SARÉ DI JAJALANEUN, DINA POSISI DIUK NA KORSI ROMBÉNG.


TEU LILA, SÉKSA DATANG, MAKÉ SARAGAM SAKOLA. SÉKSA
NGARANDEG BARANG NINGALI AJAG. TULUY NYAMPEURKEUN. SÉKSA
NGUSAPAN AJAG.

SÉKSA
Ajag... ulah dibiasakeun saré luar. Isuk jaganing géto, manéh bakal nyaho
pangaruhna saré di luar kana urusan séks...

AJAG HUDANG BARI NGAGISIKAN PANON. TULUY NEUTEUP SÉKSA.

AJAG
Séks?

SÉKSA
Enya, ieu uing, Jag...

NU NGAROPI DI WARUNG MANG UJAY MIMITI BUBAR. IMRON


NINGGALKEUN WARUNG BARI NYÉRANGKEUN SÉKSA. MALIK
NINGGALKEUN WARUNG BARI NGADENGOAN IMAH SUHADI. GURU
ÉRWAN MAH NGALIWAT KA TEMPAT DIUK AJAG. GURU ÉRWAN NEUTEUP
SÉKSA.

25
GURU ÉRWAN
Sakola dimana hidep téh?

SÉKSA
Sakola mah dimamana ogé sarua, Pa Guru. Nu penting mah guru jeung
muridna husu sarta boga wawasan nu lega. Komo lamun di sakolana aya
pendidikan séks mah, pasti leuwih mantep...

GURU ÉRWAN
Hadé pisan cara mikir hidep téh. Mémang kudu kritis barudak ngora mah.
Didungakeun ku bapa, sing jadi présidén. Engké mun hidep geus jadi présidén,
sing nyeni ngurus nagarana, siga kaéndahan seni dina séks. Hidep kudu nyaah
ka rahayat, ulah korupsi, ulah ngutamakeun kapentingan urang deungeun,
jeung ulah daék dijieun kékéséd ku nagara tatangga...

SÉKSA
Puguh baé, Pa Guru... Mémang kudu kitu. Tah, ieu kakara guru ngaranana.
Kakara bapa pisan, hiji-hijina guru nu bisa nyambung diajak ngomong ku
uing. Uing panuju pisan, Pa Guru. Uing ogé ngadu’akeun muga-muga Pa Guru
sing jadi Kadiknas, atawa... Mentri Pendidikan.

GURU ÉRWAN
Hadé, hadé... hadé pisan, geulis. Sanajan bapa masih kénéh guru honorér, tapi
ari cita-cita mah mémang hayang jadi mentri...

SÉKSA
Tah... nu kieu ngaranana guru. Guru nu optimis, jajauheun kana lebay.

GURU ÉRWAN
Bapa amitan heula, geulis. Bisi kabeurangan ngajar...

SÉKS
Mangga, bapa... sing salamet di jalanna...

GURU ÉRWAN NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN.

SÉKSA
Ajag, ari manéh kungsi maca buku Shu Ni Jing?

AJAG GIDEUG

SÉKSA
Seni permainan ranjang aya di dinya. Urang Tiongkok mémang hébat dina
ngulik paélmuan seks. Ari buku Kamasutra, manéh geus maca?
AJAG GIDEUG

SÉKSA
Ari manéh sok maca atawa tara sih? Maca téh penting, bebel. Komo manéh
geus eureun sakola, kuduna leuwih rajin maca, ngarah manéh punjul ku élmu.

26
Jaman ayeuna mah kualitas jalma téh diukurna ku élmu anu dipibogana, lain
ku ijasahna. Cumah ijasah S-3 ogé ari teu begug nanaon mah. Élmu nu penting
mah, Ajag. Ku ayana élmu, manéh bisa jadi jalma iman, taqwa, jeung moal
poho syukuran.

AJAG
Séks, naha nu sok nangtung tengah peuting hareupeun jandéla téh, bet asa lain
manéh? Tapi, mun lain manéh, na saha atuh?

SÉKSA
Ih, dasar si bebel mah, kalah hayoh dipéngkolkeun kana jandéla. Déngékeun
Ajag, uing can bérés ngajelaskeun élmu. Jadi, akal manéh téh jadi
sabangsaning jandéla keur asupna élmu. Maca, mangrupa hiji usaha keur
ngabuka jandéla manusa dina prosés transper élmu. Sabab, dunya élmu mah
lain dunya ngomong, tapi dunya maca. Manéh perelu maca, Ajag. Baca buku
Shu Ni Jing! Baca buku Kamasutra! Ari... buku Radost Seksa, manéh geus
maca?

AJAG GIDEUG

SÉKSA
Tah.... sarua éta mah uing gé can maca, teu ngarti basana. Tapi ari filmna mah
geus ngadonlot tina internét... mun teu salah judulna téh The Joy of Sex Radost
Seksa.

AJAG
Séks, ari manéh henteu bisa ngomongkeun masalah séjén, iwal ti perkara
Séks? Sigana kahirupan manéh nu hédonis bakal leuwih resep mun
dicaritakeun

SÉKSA
Kumaha? Dédéngéan téh uing disebut hédonis? Naha manéh bet boga
anggapan siga kitu?

AJAG
Sabab manéh mah jalma beunghar. Biasana anu ditéangan ku jalma beunghar
mah ukur kasenangan wungkul lin?

SÉKSA
Henteu, Ajag! Seks ogé bisa dirasakeun ku jalma miskin. Jalma miskin jeung
jalma beunghar, taya salahna ngalakukeun hubungan seks, asal geus
nyumponan sarat-saratna. Kaasup manéh jeung uing ogé bisa waé
ngalakukeun hubungan séks...
AJAG
Séks, manéh ulah nyarita nu lain-lain!

27
SÉKSA
Manéh ulah GR, Ajag. Uing ngan ukur nyebutkeun bisa. Na ceuk saha teu
bisa? Masalahna uing nu moal daék.

AJAG
Geus atuh ulah ngomongkeun waé urusan séks... sirah uing geus jangar.

SÉKSA
Angger manéh mah ari nyebut jangar téh sok bari mencrong ka uing. Cik atuh
peupeuriheun batur mah sigana geus bosen ngadéngékeun uing ngomogkeun
masalah séks téh. Kahayang uing mah, manéh sing jadi pendengar setia uing.
Unggal poé, uing rék nyaritakeun perkara séks anu béda-béda

AJAG
Apan ceuk manéh ogé, séks téh masalah pribadi?

SÉKSA
Puguh baé, tapi tetep perelu dicaritakeun. Manéh nyaho, ayeuna mah koran-
koran geus nutup rubrik konsultasi séks. Situs-situs kabeuki uing di internét
ogé geus henteu bisa diaksés deui. Katingali ku manéh ogé, baner anti-séks
dipajang méakeun tempat di unggal parapatan. Uing jadi bingung, ka saha
uing nyaritakeun pasualan séks. Ukur ka manéh, Ajag. Ngan manéh nu
diharepkeun ku uing daék ngadéngé...

SAKEDAPAN TAYA NU NYARITA

AJAG
Séks... ari lalaki nu salawasna halabhab ku awéwé jeung mindeng gunta-ganti
pamajikan, padahal manéhna lain jalma beunghar, naha bisa diasupkeun kana
golongan pelaku kejahatan séks?

SÉKSA
Tah geuning, manéh mimiti kataji, nya? Uing sugema pisan ngadéngé manéh
daék tatanya urusan séks... Hayu ka imah uing, ngarah uing tumaninah
ngajelaskeunana.

AJAG
Moal nanaon bapa manéh?

SÉKSA
Moal! Bapa uing gé ngadukung pisan uing kampanye pendidikan séks keur
rumaja téh...

SÉKS NGENYANG LEUNGEUN AJAG, NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN.


MANG UJAY MOLOHOK BARI NINGALIKEUN SÉKS JEUNG AJAG.

LAMPU PAREUM
ADEGAN VIII

28
WANCI TENGAH PEUTING. MANG UJAY KEUR BÉBÉRÉS WARUNG RÉK
TUTUP.
AJAG DIUK DINA KORSI ROMBÉNG BARI NEUTEUP KA LEBAH JANDÉLA
KAMAR SÉKSA.

MANG UJAY
(BARI MELONG KA LEBAH JANDÉLA) Naha can aya nya? Sasarina mah
wanci kieu ngajanteng dina jandélana téh...

AJAG
Rék didagoan nepi ka jam sabaraha waé ogé. Manéhna pasti bakal aya...

MANG UJAY
Geus tunduh emang mah. Rék saré heula, Jang.

AJAG
Mangga, Mang...

AJAG ANTENG NEUTEUP KA LEBAH JANDÉLA KAMAR IMAH SÉKSA. TEU


LILA, SÉKSA DATANG TI PIPIREUN WARUNG MANG UJAY. SÉKSA MAKÉ
BAJU SING SARWA BODAS, NYEPENG FIGURA POTO, LEUMPANG ANTARÉ
NYAMPEURKEUN AJAG. SÉKSA LUNGGUH TIMPUH ANDALEMI.

AJAG
Séks.... Séks... naha bet kadieu? Apan biasana ogé di... di ditu...

SÉKSA
Mun teu salah titingalian, anjeun tatadi mula mencrong waé ka lebah jandéla.
Saha ari anjeun? Jeung naha bet mencrong baé kana jandéla kamar kuring?

AJAG
Séks... naha manéh bet nanya kitu? Apan urang téh geus nyobat?

SÉKSA
Séksa ngarang kuring. Séksa Arina. Ari ngaran anjeun saha? Kuring kakara
ayeuna panggih jeung anjeun.

AJAG
Séksa? Oh... ngaran manéh téh Séksa? Piraku manéh geus poho deui ka uing.
Kakara ogé tadi beurang apan urang ngobrol di tepas imah manéh. Uing Ajag.
Sobat manéh téa.

SÉKSA
Ajag? Asa kungsi kadéngé ngaran anjeun téh. Tapi... ah, poho. Geus lila pisan
sigana mah. Tapi tina sikep jeung paroman anjeun, kuring yakin, anjeun lalaki
nu bisa dipercaya. Anjeun katingalina bisa jadi sobat kuring...
AJAG
Puguh wé atuh, Séksa... apan uing téh geus jadi sobat anjeun.

29
SÉKSA
Ajag, muga anjeun jadi hiji lalaki langit. Lalaki nu daék ngajénan kaum
wanoja. Lalaki anu hormat ka wanoja. Lalaki nu neuteup wanoja binarung
kasucian.

AJAG
Maksud anjeun?

SÉKSA
(NÉMBONGKEUN FIGURA FOTO) Tingali ieu poto adi kuring, Ratna
Saritem... nu ahirna ngemasing pati dina umur ngora... alatan tigebrus kana
pergaulan nu ngumbar kabébasan séks. Adi kuring mémang salah, tapi kuring
nu leuwih salah....

AJAG
Lebah mana salah anjeun téh, Séksa?

SÉKSA
(CEURIK) Kuring leuir teuing mépélingan adi. Kuring leuir teuing... kuring
nu salah.... kuring nu tara daék ngadéngékeun adi, lamun mangsana adi ngajak
diskusi perkara séks... kuring harita bet embung miroséa. Padahal... lamun
kuring daék ngabandungan adi, tangtu adi téh moal tibegrus leuwih jauh...
masih bisa disalametkeun... moal nepi ka maotna...

AJAG
Maksud manéh... Ratna Saritem téh maot katarajang aids?

SÉKSA
Bener pisan, Ajag... bener... kuring nu salahna...

SÉKSA NYUUH DINA LAHUNAN AJAG.

AJAG
Nya... ari geus kitu mah, manéh kudu sabar, Séksa. Manéh kudu ihlas narima
papastén ti Gusti...

SÉKSA
Ajag, tangtu baé kuring narima. Tapi... kuring geus buleud patékadan, rék
neuleuman élmuning séks. Kuring hayang jadi séksolog. Kuring rék
ngémbarkeun yén pendidikan séks pikeun rumaja téh kalintang pentingna.
Kuring rék kampanye pendidikan séks...

AJAG
Hadé pisan pamaksudan téh, Séksa...

SÉKSA
Anjeun daék jadi sobat kuring? Anjeun daék jadi gaganti adi kuring,
ngabaturan kuring salilana?

30
AJAG
Daék, Séksa.

SÉKSA
Anjeun moal ninggakeun kuring?

AJAG
Moal.

SÉKSA
Anjeun moal maot... alatan aids?

AJAG
Moal!

SÉKSA
Nuhun, Ajag... kuring reugreug boga sobat siga anjeun...

DATANG SARIP JEUNG IMRON, NYAMPEURKEUN SÉKSA.

SARIP
Séksa...

SÉKSA
Éh, bapa... kumaha buku-buku pesenan Séksa téh? Buku Pendidikan Séks
Remaja, Shu Ni Jing, Kamasutra, Radost Séksa...

SARIP
Sadayana atos dipésér ku bapa. Hayu geura, urang baca...

SÉKSA
Hayu, Pa... badé ditamatkeun sawengi... (KA AJAG) Jag, peuting isukan urang
ngobrol deui...

AJAG
Didagoan ku uing, Séksa...

SARIP JEUNG SÉKSA NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN. IMRON


NYAMPEURKEUN AJAG.

IMRON
Ajag, nuhun pisan geus daék sosobatan jeung Séksa. Sabenerna... otak Séksa
téh kaganggu.

AJAG
Kumaha maksadna?
IMRON
Harita... Séksa kanyenyerian pisan sanggeus adina tilar dunya. Séksa boga
tékad hayang jadi séksolog. Sapeuting jeput manéhna macaan buku-buku

31
ngeunaan séks. Tapi sanggeus bérés dibaca, manéhna kalah luncat tina jandéla
imah lanté dua. Séksa geger otak. Ingetanna jadi kaganggu. Lamun wanci
beurang, manéhna maké saragam sakola, tuluy leuleumpangan kamana karep
bari nyaritakeun pasualan séks. Tapi dina wanci tengah peuting, manéhna
néangan poto adina, tuluy dibawa ka deukeut jandéla kamar, diteuteup bari
nginghak tug nepi ka wanci Subuh.

AJAG
Séksa téh katarajang panyakit Goldfield Syndrome? Ingetanna jadi pondok?

IMRON
Panyakit siga kitu mah ukur aya dina film 50 First Dates. Séksa henteu parna
teuing siga tokoh Lucy dina éta film. Buktina, Séksa henteu poho ka anjeun.
Unggal poé, Séksa bisa ngobrol jeung anjeun.

AJAG
Tapi... bieu mah Séksa teu wanoheun ka kuring...

IMRON
Séksa beurang jeung Séksa peuting mémang béda. Séksa siga boga
kapribadian ganda, siga nu boga dua dunya. Lebah dieu kaanéhan gangguan
otak jeung gangguan jiwa anu tumiba ka Séksa.

AJAG
Naon maksudna Séksa diajak pindah kadieu? Naha éta mangrupa usaha keur
nyageurkeun Séksa?

IMRON
Kieu, Ajag... ku lantaran ngarasa melang, bapana Séksa ngahaja néangan
tempat anyar tur milih didieu. Ari didieu mah rada anggang ti diskotik jeung
tempat hura-hura para rumaja. Sanajan kitu, kuring tetep nalingakeun Séksa
dimana waé jeung kamana waé manéhna indit.

AJAG
Jadi... anjeun téh pengawalna Séksa?

IMRON
Enya, kuring meunang pancén ti bapana pikeun ngajaga kasalametan Séksa.
Ku kituna, kuring nganuhunkeun ka anjeun, Ajag. Lantaran sanggeus wanoh
jeung anjeun, Séksa tara lunta jauh ti dieu. Sajabana ti éta, ingetan Séksa ogé
geus loba kamajuan. Ayeuna Séksa geus henteu nolak deui pikeun diajak ka
Amérika.

AJAG
Ka Amérika? Naha diajak ka Amérika?

IMRON
Séksa rék dirawat di klinik gangguan otak nepi ka bener-bener cageur. Peuting
ieu kénéh... boa ayeuna geus indit kétang...

32
AJAG
Sabaraha lila kira-kirana Séksa diubaran di Amérika?

IMRON
Teu apal, Ajag. Bisa saminggu, bisa sataun, bisa sapuluh taun, malah bisa baé
salilana...

AJAG
Naha bapana Séksa mani teu ngabéjaan kuring? Padahal kuring geus jangji,
moal jauh ti Séksa. Kuring geus kedal jangji, bakal maturan Séksa salawasna.
Séksaaa...!

IMRON
Bapana Séksa jalma sibuk, anggota DPRRI. Moal bogaeun waktu keur
ngobrol jeung anjeun.

AJAG
Teu kaharti... wakil rakyat nepi ka henteu boga waktu pikeun rakyatna....
Kuring kudu manggihan Séksa! Séksaaa...! Séksa....! Séksaaaa...!!

AJAG LUMPAT NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN BARI NYAMBAT


NGARAN SÉKSA.

IMRON
Geus indit sigana mah, Ajag!

RANI DATANG RURUSUHAN BARI NGAJINGJING SELOP, LANGSUNG ASUP


KA JERO IMAH. TEU LILA SUHADI DATANG BARI NGAMANG-NGAMANG
RANCATAN.

SUHADI
Dasar awéwé tukang rucah! Indit ayeuna kénéh ti imah aing! (KA IMRON)
Mana Si Malik? Dipodaran ku aing ayeuna kénéh. Mana Si Malik?!

IMRON
Du.... duka... Kang.... teu kenal abdi mah....

SUHADI
Montong api-api siah! Hayoh. Tuduhkeun dimana Si Malik ngancikna? Manéh
sok babarengan ngopi di Warung Si Ujay!

IMRON
(BARI LUMPAT NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN) Ampuuun... teu
terang Kaaang... teu terang.... ampuuun....
RANI KALUAR TI JERO IMAH BARI NGAJINGJING KOPER.

SUHADI

33
Indit siah!

RANI
Muhun, badé pan ieu ogé Kang... mangga permios....
SUHADI
Buru! Bisi kaburu dibabuk! Awas mun wani-wani ngagubug blackberry!

RANI
Mangga, Kang... mangga.... henteu... blackberry mah disimpen di luhur méja...

RANI LUMPAT NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN. SUHADI


NGABALANGKEUN RANCATAN, TULUY DIUK DINA KORSI ROMBÉNG,
MALIK KA LEBAH JANDÉLA IMAH SÉKSA. SUHADI NGAHERUK BARI
KANYENYERIAN.

TEU LILA, AJAG DATANG, LEUMPANG BANGUN LANGLAYEUSEUN.

AJAG
Tos teu aya ayeuna mah, Pa.. tos angkat tebih pisan.

SUHADI
Enya, geus indit, Ajag. Keun baé lah, isukan ogé bakal aya indung manéh nu
anyar.

AJAG ASUP KA JERO IMAH.


SUHADI CENGKAT, TAPI NGAGUBRAG DEUI KANA URUTNA. SUHADI
SAKARAT, SARTA NGEMASING PATI DINA KAAYAAN POSISI DIUK.
AJAG KALUAR TI JERO IMAH, MAKÉ DUDUKUY. TULUY MALIK KA
SUHADI, BARI TUNGKUL.

AJAG
Hapunten sagala rupi kalepatan abdi salami ieu, Pa. Ti kawit dinten ieu, abdi
badé nurut ka bapa. Abdi moal ngiringan késting deui. Abdi badé icalan mié
ték-ték waé. Nanging... abdi nuhunkeun widi, Pa... abdi tetep hoyong sakola.
Sawios wengina abdi icalan mie ték-ték, asal énjingna abdi sakola. Mugi bapa
ngawidian... abdi hoyong sakola...

AJAG NYUUH KANA SUKU SUHADI. TAPI AWAK SUHADI OYAG KABÉH.
AJAG REUWAS. TULUY MARIKSA KAAYAAN SUHADI. AJAG KAKARA
SADAR YÉN SUHADI GEUS TILAR DUNYA. AJAG CEURIK NGAGUKGUK.

AJAG
Bapaaa.... bapaaa.... Innalillahi wa inna ilaihi rozi’un....

AJAG NGARANGKUL LAYON SUHADI.

AJAG
Bapaaa... hapunten abdi, Paaa....

34
O.S. SÉKSA
Ajag, apan anjeun ogé nitah sabar ka kuring sanggeusna kuring kaleungitan
adi nu dipicinta. Sing ihlas, Ajag... kaleungitan jalma nu dipicinta téh
mangrupa pangorbanan hakiki...

AJAG
Séksaaa....! Séksaaa...! Séksaaa...!

AJAG LULUMPATAN KADITU-KADIEU BARI NYAMBAT NGARAN


SÉKSA. NEPI KA AHIRNA AJAG NYUUH DINA TANEUH.

LAMPU PAREUM DIPIRIG LAGU:

Nun Gusti Nu Maha Asih


Mundut widi abdi seja susuci
Sumujud nundung laku lampah salah
Sumerah salaksa bayah
Dina amparan sajadah
Panggugah hidayah
Ka Anjeun masrahkeun diri
Nyanggakeun sadaya-daya

Galindeng kalam Ilahi


Ti saban munara masjid
Meupeus simpé wanci janari
Ngageuing ati
Ngahudang rasa rumasa
Diri anu lamokot ku dosa
Sadrah mundut pangampura Gusti
Tina sagala lampah nu salah

Duh Gusti Robbul Izati


Mugi Gusti nampi tobatna abdi
Detik ieu seja ngubur tapak diri
Nu tos hilap ka temah wadi
Nu teu tumut ka Nu Agung
Ampun, Gusti...

RÉNGSÉ

Ranggon Panyileunkan, 21 Ramadhan 1431 H

35

You might also like