You are on page 1of 28

“Nyi Bagendit Gugat”

Dhipa Galuh Purba

Rahma, Santa, jeung Dika, ngerjakeun tugas sakola ngeunaan sasakala Situ
Bagendit. Tapi Rahma teu panuju kana lalakon Situ Bagendit nu salila ieu sumebar. Santa
jeung Dika ngarasa hémeng kana robahna sikep Rahma. Santa jeung Dika leuwih hémeng
deui sanggeus manggihan Rahma salin jinis jadi Nyi Bagendit.
Santa jeung Dika nyaksian rupa-rupa kajadian anu tumiba dina kahirupan Nyi
Bagendit. Santa jeung Dika jadi nyaho, yén tangtungan jeung wayek Nyi Bagendit téh
béda pisan jeung dongéng anu salila ieu sumebar. Malah papalimpang. Pait-peuheurna
kahirupan Nyi Bagendit jadi bagéan penting dina sapanjang ieu lalakon.
Pamungkasna Nyi Bagendit didatangan ku hiji aki-aki anu hanaang, tur ménta cai
ka Nyi Bagendit. Aki-aki éta pisan anu ahirna nyalametkeun Nyi Bagendit tina musibah
caah déngdéng nu kacida rongkah. Banyuresmi kakeueum cai. Tapi Nyi Bagendit mah
salamet.

TOKOH “Nyi Bagendit Gugat”

Nyi Bagendit/ Rahma : double casting. Mangsa jadi Rahma, umurna kira-kira 17 taun,
atawa kelas 3 SMA. Mangsa jadi Nyi Bagendit, jadi wanoja anu umurna undak kira-kira
jadi 20 taunan. Wanoja geulis, nu nyaritana tandes, sorot panonna seukeut. Wanoja anu
mibanda karakter mikanyaah ka sasama manusa.

Santa : Lalaki, babaturan sakola Rahma, umurna sababad jeung Rahma.

Dika : Lalaki, babaturan sakola Rahma jeung Santa.

Salna : Wanoja, babaturan sakola Rahma

Margalarang : Lalaki, hirup di jaman Nyi Bagendit. Kacirina siga jalma bener,
padahal sarakah. Umurna saluhureun Nyi Bagendit.

Badrun : Lalaki, hirup di jaman Nyi Bagendit. Barangasan.

Isoh : Wanoja, hirup di jaman Nyi Bagendit.

Danu : Lalaki, hirup di jaman Nyi Bagendit, badéga satia Nyi Bagendit.
Umurna leuwih kolot ti Nyi Bagendit.

Asih : Wanoja, hirup di jaman ayeuna, adi indungna (bibina) Rahma.

Aki : Aki-aki nu hirupna di jaman Nyi Bagendit. Wijaksana.

Bangsat 1 : Lalaki barangasan nu hirup di jaman Nyi Bagendit.

Bangsat 2 : Lalaki barangasan nu hirup di jaman Nyi Bagendit.

1
Nyi Bagendit Gugat!

Séting Lokasi: Hiji buruan imah anu resik tur pikabetaheun, dipapaésan ku patamanan.
Imah ukur kaciri bagéan hareupna, panto jeung jandéla. Aya bangku tempat diuk anu
dijieun tina awi. Ieu buruan téh mangrupa buruan imah Rahma, anu sakaligus jadi
buruan imah Nyi Bagendit.

ADEGAN I

Kaayaan poék. Nu kacaangan ukur satangtungan awak Nyi Bagendit. Pakéan Nyi
Bagendit warnana sing sarwa bodas.

BAGENDIT
Pédah ngaran kula Bagendit? Alatan sapopoé kula sok disebut Nyi Endit, anu
antukna disebut jalma pedit? Naha ari sakur ngaran téh minangka gambaran tina
kalakuan jalmana? Nu ngaranna Endit disebut jalma pedit! Ari nu ngaranna Sakir
rék disebut jalma kikir? Ari nu ngaranna Éét rék disebut jalma korét? Ari nu
ngaranna Ihat rék disebut jalma jahat? Teu adil aranjeun ngajejeléh kula, ku cara
nuduh laku-lampah anu henteu kungsi dilakukeun ku kula. Naon maksudna
aranjeun ngagogoréng diri kula? Geus cunduk kana gurat mangsa, sabada nganti
mangratus taun lilana: kula bakal ngungkab lalakon nu saéstuna!

Lampu pareum.

ADEGAN II

Santa, Salma, jeung Dika, (maraké baju saragam SMA) keur latihan maén drama.
Santa maca catetan bari lajag-léjég.
Salma jeung Dika ngabandungan.

SANTA
(bari maca catetan) Nyi Bagendit kacida meditna, padahal manéhna téh jalma
beunghar. Lamun aya tatangga anu rék ménta tulung, kalah sok dicerékan laklak
dasar. Ahirna Nyi Bagendit jeung harta bandana kakeueum ku cai tur jadi situ, anu
kiwari katelah Situ Bagendit.

SALMA
Tah, cocok pisan urang nu jadi Nyi Bagendit!

SANTA
Sok, cobaan! Dika, manéh jadi aki-aki! Sok ku kuring dibaca dialogna! Manéh
duaan anu api-api ngomong!

DIKA
Sok, siap!

2
Santa maca dialog. Dika jeung Salma nu meragakeun dialogna. Dika make iteuk, pura-
pura ingkud. Salma melak cangkéng bari neuteip seukeut ka Dika.

SANTA
+Nyai, aki téh hanaang pisan… cik, aki ménta cai nginum!
-Aki-aki tujuhmulud, kabisana ukur barang pénta! Nyingkah siah! Teu boga cai
nginum kami mah!
+Aduh, Nyai… na teu karunya ka aki…

Santa eureun maca dialogna, lantaran Dika ngodok pésakna, nyokot hapé. Tuluy Dika
teteleponan.

DIKA
(nelepon) Hallow…

SANTA
Teu balég pisan! Rék iraha husuna latihan téh. Teu kaur keur serius, hayoh wé
narima telepon!

DIKA
(nelepon) Enya… ieu uing keur otw, macét pisan. Dagoan da moal lila….!
(Ngasupkeun hapéna kana jero pésak) Wayahna isukan deui latihanna. Uing aya
perlu pisan.

SALMA
Jadi latihan mah teu perlu nya? Diganti wé sakalian, Santa!

DIKA
His, ulaaah! Engké isukan pan aya kénéh waktu. Oké, uing berangkat heula
nya….

Dika ninggalkeun buruan.

SALMA
Dikaaaa…! Éta iteuk ulah digodod!

DIKA
Aéh heueuh… na rarasaan téh asa enya jadi aki-aki. (Ngalungkeun iteuk)
sanggap, Salma!

SALMA
Gélo! Ampir keuna kana tarang!

SANTA
Sok teruskeun deui latihanna!

3
SALMA
Ari layanna saha?

SANTA
Ku manéh wé duanana! Manéh jadi Nyi Bagendit sakaligus jadi aki-aki!

SALMA
Sok!

Santa maca deui dialog aki-aki jeung Nyi Bagendit. Salma pakepuk meragakeun dua
tokoh.

SANTA
+Nyai, aki téh hanaang pisan… cik, aki ménta cai nginum!
-Aki-aki tujuhmulud, kabisana ukur barang pénta! Nyingkah siah! Teu boga cai
nginum kami mah!
+Aduh, Nyai… na teu karunya ka aki téh geus nyorang lalampahan nu sakitu
jauh!

Panto imah muka. Rahma kaluar tina lawang panto. Rahma ogé maké baju saragam
SMA.

RAHMA
Santa… Sigana kudu dirobah lalakon Situ Bagendit téh!

SANTA
Naha?

RAHMA
Carita Nyi Bagendit lain kitu! Salah kacida, Santa!

SANTA
Kuring geus maca tina sababaraha buku. Kaasup dina internet ogé dibaca.
Caritana sarua pisan siga kitu.

RAHMA
Enya sok wé ari moal nurut mah, tapi ulah hayang wawuh deui jeung kuring!
Kuring rék pindah kelompok baé…

SANTA
Haaar… kunaon Rahma? Naha urusan tugas kelompok nepi ka kudu pegat
sosobatan sagala?

RAHMA
Sabab anjeun teu ngajénan pamadegan batur!

4
SANTA
Enya atuh… Heug urang ganti. Sok caritakeun lalakon Nyi Bagendit nurutkeun
anjeun, Rahma!

RAHMA
Lain nurutkeun kuring, tapi dumasar kana kanyataan!

SALMA
Kanyataan? Kapan lalakon Nyi Bagendit téh dongéng? Ari nu ngaranna dongéng
mah geus pasti bohong…

RAHMA
Ku kituna, anu bohong mah moal nyata...

SALMA
Enya... bener pisan!

RAHMA
Ari Situ Bagenditna aya atawa euweuh?

SANTA+SALMA
Ayaaaa….!

SANTA
Situ Bagenditna mah nya aya pisan, kapan di Garut téa….

RAHMA
Nu matak aranjeun ulah pararadu ngarang dongéng anu patali jeung perkara anu
nyata ayana.

SANTA
Da kitu dongéngna ceuk saréréa ogé…

RAHMA
Teu! Henteu ceuk saréréa. Buktina ceuk kuring mah lain kitu!

SALMA
Aaaah…. Lila deui caritana dirobah mah! Hartina kudu latihan ti mimiti deui!
Pusing urang mah! Mending balik heula!

RAHMA
Kumakarep, Salma! Nu penting lalakonna kudu dirobah!

Salam ninggalkeun buruan bari jamedud

5
SANTA
Rahma, ari anjeun kunaon? Naha bet jadi kieu? Biasana ogé tugas kelompok mah
ukur mihapé ngaran, tara milu ngerjakeun, komo pipilueun ngaborongkeun
eusina. Naha ari ayeuna bet neugtreug kitu? Saprak mulang piknik ti Situ
Bagendit, bet siga-siga aya nu robah dina diri anjeun….

RAHMA
Kuring teu robah, Santa!

SANTA
Hiji ditambah hiji sabaraha?

Rahma rurat-rérét. Tuluy ngaléngkah nyokot sapu nyéré. Sanggeus kitu, Rahma
ngagebug suku Santa ku sapu nyéré dua kali.

SANTA
Nanaonan Rahma? Ditanya serius, kalah ngagebug!

RAHMA
Nanya téh siga ka budak bolon baé…

SANTA
Tapi pan buktina anjeun teu bisa ngajawab! Anjeun kalah ngagebug suku kuring!

RAHMA
Sabaraha kali bieu digebug ku sapu nyéré?

SANTA
Dua kali.

RAHMA
Tah, éta jawabanana.

SANTA
Lamun…. 8 dikali 9 sabaraha? Éh, teu jadi kétang….

Rahma ngagebug suku Santa ku sapu nyéré. Santa lumpat, tapi terus diudag ku Rahma
bari ngagebugkeun sapu nyéréna. Sabot Rahma keur ngudag-ngudag Santa, datang Mang
Badrun, maké baju pangsi. Mang Badrun ngaléngkah ka lebah panto imah, tuluy
keketrok.

BADRUN
Nyai… nyaiiii…! Sampurasuuun! Nyaiii…!

Rahma eureun ngudag-ngudag Santa.

6
RAHMA
(ka Badrun) Ké heula! Dagoan di didinya!

BADRUN
Mangga, Nyai.

Badrun diuk dina bangku. Rahma nyimpen sapu nyéré kana urutna, sarta ngaléngkah ka
lebah panto, tuluy panto dibuka. Santa molohok dibarung bingung.

SANTA
Rahma! Rahma! Rék kamana?

Rahma ngarandeg, saméméh asup ka jero.

RAHMA
(ka Santa) nanya naon bieu?

SANTA
Rék kamana anjeun?

RAHMA
Na teu kaciri kuring rék asup ka jro imah? Anéh jalma jaman ayeuna mah. Nu
sidik kaciri ku panon sorangan, masih kénéh ditatanyakeun.

Rahma asup ka jero imah.


Santa nyampeurkeun ka Mang Badrun.

SANTA
Dupi… dupi bapa téh linggih dimana? Asa nembé ningal….

Badrun teu ngawaro, tetep diuk bari sakapeung ngalieukan ka lebah panto.

SANTA
Anéh….

Ronghéap datang Isoh, maké raksukan kabaya.

ISOH
Mang Badrun, aya Si Nyaina?

BADRUN
Aya… Ké dagoan sakeudeung cenah. Éh… ari anjeun sarua rék nginjeum duit ka
Nyi Endit?

IROH
Meni sok hayang nyaho kana urusan batur! Urus wé diri sorangan!

7
BADRUN
Pira ogé nanya kitu, lumrah wé atuh! Kari dijawab, teu kudu bari jamedud sagala.

SANTA
Matakna ari ditanya ku batur, kudu dijawab! Ieu mah ditanya sabener-bener meni
haré-haré kitu! (ka Isoh) Ari Ibu tadi asa nyebut-nyebut ngaran Nyi Endit… Naon
maksadna, Bu? Dimana aya Nyi Endit?

ISOH
Ké… sora naon éta téh, Mang Badrun?

BADRUN
Teuing! Tara ngurus sora batur déwék mah! Urus wé sora sorangan!

ISOH
Éééh….! Dasar pikasebeleun pisan! Kuring mah nyaan, asa ngadéngé sora anu
anéh, Mang Badrun!

BADRUN
Sora nanahaon? Teu ngadéngé nanaon déwék mah…

SANTA
Ieu kuring nanya, naon maksudna tadi ibu nyebut-nyebut ngaran Nyi Endit?

ISOH
Tah… asa nongtoréng… Tapi sora naon nya?

BADRUN
Paling ogé sora domba piaraan Nyi Endit!

SANTA
Domba? Sangeunahna pisan! Na teu kadéngé aing ngomong titadi didieu?

ISOH
Tah… kadéngé deui. Enya, sakapeung siga sora domba… tapi… sakapeung asa
siga sora munding…

SANTA
Gélo sugan! Ieu sora aing!

ISOH
Tah… enya, sora munding sigana éta mah….

BADRUN
Malum Si Nyai mah ngukut rupa-rupa sasaton. Béjana mah maung ogé dikukut…

8
ISOH
Maung??? Hihhh….. bararaid teuing….!

Rahma nu geus salin jinis jadi Nyi Bagendit, kaluar tina lawang panto. Pakéanna baju
singsarwa bodas.

SANTA
Rahma???

Nyi Bagendit henteu ngawaro ka Santa. Nyi Bagendit tuluy diuk hareupeun Mang
Badrun.

NYI BAGENDIT
Aya perlu naon anjeun téh, Mang Badrun? Naon nu bisa dibantu ku kula?

BADRUN
Nyai… déwék téh rék nginjeum duit deui. Sakali deui wé, Nyai… Itu budak keur
gering, rék dibawa ka dukun…

NYI BAGENDIT
Geus sapuluh kali anjeun nginjeum duit. Ayeuna masih kénéh rék nginjeum
deui…

BADRUN
Engké ogé dibayar, Nyai…

NYI BAGENDIT
Engké iraha? Anjeun mah digawé ogé tara, rék meunang duit timana? Saban poé
ukur ngagugulukeun ngadu hayam…

BADRUN
Moal méré mah tinggal ngomong wé atuh, Nyai! Teu kudu pipilueun kana
pangaresep déwék! Rék mere nginjeum atawa moal, hah?!

NYI BAGENDIT
Moal!

BADRUN
Dasar jalma pedit! Kalah wé pakaya sakitu rongkahna. Tapi diinjeuman ku
tatangga nepi ka cadu nulungan!

Badrun ngajéngkat, rék ninggalkeun buruan imah.

NYI BAGENDIT
Mang Badrun!

9
BADRUN
Naon? Anjeun robah pikiran?

NYI BAGENDIT
Pikiran kuring moal robah. Kula hayang nyaho, ari kabisa anjeun téh naon,
sajabana ti ngadu hayam?

BADRUN
Gelut!

NYI BAGENDIT
Anjeun wani gelut jeung maung?

BADRUN
Henteu!

NYI BAGENDIT
Hartina anjeun moal bisa ngandelkeun hirup tina pacabakan jadi tukang gelut.

Nyi Bagendit ngaléngkah ka taman. Tuluy nyokot pacul. Saterusna ngaléngkah deui ka
lebah Badrun. Pacul diasongkeun ka Badrun.

NYI BAGENDIT
Ku ieu pacul, anjeun pasti bakal bisa hirup. Pék, bawa keur anjeun. Paké buburuh
macul, pikeun nyiar kasab geusan pibekeleun hirup anjeun. Eureunan unjam-
injeum duit. Mending kénéh digawé sakamampuh anjeun…

Badrun narima pacul paméré ti Nyi Bagendit.

BADRUN
Nyaan ieu pacul téh dibikeun ka déwék?

NYI BAGENDIT
Enya, pék… paké digawé… didungakeun hirup anjeun sing jamuga…

BADRUN
Lamun ieu pacul geus jadi milik déwék, hartina rék diikukumahakeun ogé
kumaha déwék pan?

NYI BAGENDIT
Enya, kumaha anjeun…

BADRUN
Nuhun, Nyai… ieu pacul rék dijual!

Badrun ninggalkeun buruan imah.

10
SANTA
Dasar belegug!

Nyi Bagendit nyampeurkeun ka Ceu Isoh

NYI BAGENDIT
Ari anjeun aya perlu naon?

ISOH
(luak-lieuk heula) Nyai…. Tulungan kuring. Kuring butuh pisan duit poé ieu.
Engké isukan ogé dibayar…. Kuring mah kakara ayeuna kumawani nginjeum téh,
alatan butuh pisan.

NYI BAGENDIT
Heug baé, moal ngorétkeun kula mah. Tapi… ari anjeun geus bébéja ka salaki?

ISOH
Ih, justru salaki mah ulah nepi ka nyahoeun. Sabab lamun salaki kuring nyahoeun,
waaah…. kuring bisa dicarékan, malah boa bakal disiksa.

NYI BAGENDIT
Lamun kitu, kula moal bisa méré nginjeum.

ISOH
Naha?

NYI BAGENDIT
Sabab kula karunya ka anjeun.

ISOH
Karunya? Lamun karunya mah kuduna ogé dibéré.

NYI BAGENDIT
Isoh, tadi ceuk anjeun, lamun salaki nyahoeun, anjeun bakal disiksa.

ISOH
Enya, matakna anjeun ulah nyarita ka sasaha. Cukup urang duaan nu nyaho.
Isukan ogé dibayar!

NYI BAGENDIT
Kula mah tangtu moal nyarita ka sasaha. Tapi naha anjeun yakin, didieu téh ngan
aya urang duaan?

11
ISOH
Yakin! Mémangna aya saha deui?

NYI BAGENDIT
Aya Hyang Widi, nu nyaksian saban réngkak paripolah sakumna manusa saban
mangsa…

ISOH
Ah, loba pisan alesan, Endit! Moal méré mah tinggal ngomong wé! Dasar jalma
pedit! Mémangna harta téh rék dibawa modar!

NYI BAGENDIT
Dibawa paéh mah moal! Tapi kula kudu tanggung jawab kana sagala rupa nu
dilakukeun ku kula patali jeung harta kula.

ISOH
Siga nu heueuh baé manéh téh, Endit! Dasar jalma pedit!

Nyi Bagendit ngahéab amarahna.

NYI BAGENDIT
Nyingkah siah tidieu! Nyingkaaah!

ISOH
(Bari ninggalkeun buruan) Jalma pediiit! Si Endit Pediiit!

Nyi Bagendit ngaléngkah ka lebah Santa.

NYI BAGENDIT
Kasaksian ku anjeun, Santa! Naha anjeun rék saruana nuduh kula jalma pedit?!

SANTA
Rahma…

NYI BAGENDIT
Ngaran kula Bagendit!

Nyi Bagendit ngaléngkah ka lebah lawang panto. Tuluy asup ka jero imah. Panto
ditutupkeun. Santa ngahuleng.
Teu lila, ngaronghéap datang Bi Asih. Saterusna Bi Asih ngaléngkah ka lebah panto.
Santa nyampeurkeun.

SANTA
Héy…. Ari anjeun saruana rék nginjeum duit deui baé? Moal dibéré!

12
BI ASIH
Naon? Cucungah siah! Teu sopan pisan! Saha manéh?! Keur naon didieu?

SANTA
Euh…. Emmm… abdi….

BI ASIH
Saha? Manéh babaturan sakola Si Rahma?

SANTA
Sumuhun….

BI ASIH
Ngomong naon bieu? Ongkoh budak sakola, tapi teu nyakola pisan! Teu nyaho ka
kuring?

SANTA
Emmm…. Hap… hapunten….

Panto imah muka. Rahma kaluar, make baju bébas, salian ti baju Nyi Bagendit.

RAHMA
Éh, aya Bibi geuning. Mangga, ka lebet, Bi….

BI ASIH
Naha meni tiiseun kieu? Na keur kamarana?

RAHMA
Mamah sareng Bapa kaleresan nuju nyaba ka luar kota. Mulihna paling ogé engké
énjing, Bi….

BI ASIH
Euuuuh, aya perlu tadina mah. Nya isukan deu baé kadieu …

RAHMA
Sanés nelepon heula atuh, Bi. Atanapi SMS….

BI ASIH
Numatak hapéna ruksak. (ngaluarkeun hapé) Tuh tingali… sigana mah batréna
kudu diganti.

RAHMA
Oh, muhun, meni melendung kitu. Kedah digentos batréna éta mah…

13
SANTA
(ngaluarkeun hapé, tuluy nyoplokeun batréna) Sami sareng batré HP abdi.
Mangga baé anggo anu abdi. Engké abdi mah mésér deui gampil….

BI ASIH
Bisa meuli sorangan kuring ogé! Budak teu boga kasopanan! (ka Rahma) Sing ati-
ati milih babaturan téh, Rahma! Budak sakola mah kudu nyakola! Bibi rék
mulang heula. Kadé ulah ngampihan budak lalaki ka imah!

RAHMA
Muhun, moal, Bi….

Bi Asih ninggalkeun buruan. Santa ngahuleng. Rahma ngasongkeun ramo tengah ka


Santa, bari ngaléngkah ka lebah sapu nyéré. Tuluy sapu nyéré dicokot.

RAHMA
Bieu téh nanya sabaraha kali sabaraha?

SANTA
Teu jadi!

RAHMA
Oh, 8X9 nya…. Tadi kakara dijawab 22. Hartina 50 kali deui….

Rahma nyerenteng bari ngaheumbatkeun sapu nyéré. Tuluy digebugkeun kana suku
Santa.

SANTA
Ampun, Rahma….! Ampuuun….!

RAHMA
Diudag kamana baé ogé, Santa! Nu nanya mah kudu siap narima jawabanana!
Anjeun kudu dibabuk 72 kali, Santa!

SANTA
Nanaonan, Rahma?! Ampuuuun….!

RAHMA
Euwueh ampun-ampunan! Bongan wé siga nanya ka bebenyit!

Santa lumpat ninggalkeun buruan imah, kalayan diudag ku Rahma nu ngamang-


ngamang sapu nyéré.

Lampu pareum

14
ADEGAN III

Wanci peuting. Bangsat 1 ngolébat. Tuluy rerencepan ngadeukeutan lawang panto.


Kadéngé aya sora maung. Bangsat 1 ngagebeg, tuluy nyumput di taman.
Kolébat deui Bangsat 2, tuluy rerencepan kana lebah panto.

BANGSAT 1
Héy… kadieu heula!

Bangsat 2 nyampeurkeun Bangsat 1.

BANGSAT 2
Aya naon?

BANGSAT 1
Déwék asa kadéngé sora maung. Boa enya Si Bagendit téh ngukut maung….

BANGSAT 2
Ah, piraku pantar awéwé wani ngukut maung… Pamohalan! Dédéngéan jejebir
sia éta mah…. Gila-gila acan!

BANGSAT 1
Sing wani péngkor déwék mah… Ké dagoan heula, urang dédéngékeun deui.
Lamun aya maung mah, kajeun teu jadi.

BANGSAT 2
Teu jadi? Gila-gila acan! Urang geus jauh-jauh datang, piraku kalah mantog
deui?! Di imah ieu téh aya emas nu kacida lobana! Aya duit anu moal kaitung
jumlahna! Na silaing teu kabita? Peuting ieu pisan nu bakal ngarobah nasib hirup
urang. Peuting ieu pisan! Omat ulah nepi ka bolay! Gila-gila acan!

BANGSAT 1
Enya… tapi urang kudu asak itungan….

BANGSAT 2
Apan saméméh urang miang téh geus nepungan heula Bah Jambrong. Nurutkeun
Bah Jamrong ogé, peuting ieu téh mangsana ninggang apesna Nyi Bagendit. Iraha
teuing itungan Bah Jambrong nyalahan? Peuting ieu urang kudu ngabadog harta
pakaya Si Bagendit! Teu tulus mah gila-gila acan!

BANGSAT 1
Si Bagendit mah bisa jadi keur ninggang dina apes, tapi ari maungna mah pan
henteu apes! Cicing dagoan heula sakeudeung! Ulah sok neugtreug jadi
mangkeluk téh, bisi diréngkodan ku déwék! Ceuk déwék cicing heula, nya cicing
heula! Urang tungguan nepi ka déwék yakin kaayaan geus aman!

15
Dua bangsat pindah ka nu leuwih buni. Tuluy nyumput ngadedempes.
Santa jeung Dika datang ka buruan.

DIKA
Piraku? Asa teu percaya uing mah… Kapan tokoh Nyi Bagendit mah ukur aya
dina dongéng?!

SANTA
Kuring ogé mimitina mah cangcaya. Hayu wé urang buktikeun. Si Rahma bener-
bener kasurupan Nyi Bagendit!

DIKA
Ah, manéh mah ngarang…

Dua bangsat ngajorélat ka lebah panto. Santa jeung Dika ngaranjug.

DIKA
Bangsat!

SANTA
Sssstt…! Ulah gandéng!

DIKA
Tapi dua jalma itu rék ngabangsat ka imah Si Rahma!

SANTA
Cicing heula, urang talingakeun wé tidieu!

DIKA
Anéh manéh mah! Piraku bangsat diantepkeun?! Ari manéh hayang Si Rahma
cilaka?

SANTA
Dasar belegug! Na manéh teu sadar, itu bangsat téh henteu ningalieun ka urang!.

DIKA
Aéh, heueuh… Naha bet teu ningalieun ka urang nya?

SANTA
Matakna ngajedog heula!

Santa jeung Dika nyérangkeun dua bangsat anu keur ngabongkar panto imah. Teu lila,
panto bisa kabuka.

DIKA
Moal dikukumaha kitu Si Rahma?

16
SANTA
Moal!

Kadéngé sora dog-dag di jero imah, sarta kadéngé aya sora maung, disusul ku sora
tingkocéakna dua bangsat. Sakedapan jempling. Santa jeung Dika silih teuteup. Teu lila,
panto muka. Nyi Bagendit kaluar.

NYI BAGENDIT
Maranéhna cilaka ko polahna sorangan… lain ditandasa ku kuring…

Santa jeung Dika nyalampeurkeun ka lebah Nyi Bagendit. Dika ngahuleng bari nelek-
nelek Nyi Bagendit.

DIKA
Rahma, anjeun asa leuwih geulis…

NYI BAGENDIT
Ngaran kula Bagendit, Dika!

SANTA
Jadi… baheula téh rupa anjeun siga kieu?

NYI BAGENDIT
Teu salah, Santa… Matakna kula ngancik dina awak Rahma, lantaran rupana
sarimbag pisan jeung kula. Geus mangratus taun lilana, kula nganti-nganti hiji
tangtungan anu rupana sarimbag jeung kula. Kakara kiwari kula manggihan…

SANTA
Tapi anjeun teu boga hak ngancik dina awak Rahma. Kalah kumaha ogé Rahma
mah tetep Rahma, lain anjeun, Nyai….

NYI BAGENDIT
Kula moal lila ngancik dina awak Rahma. Kula ukur hayang medar lalakon
ngeunaan diri kula nu sabenerna. Kiwari geus nepi kana wancina. Kula teu narima
lalakon hirup kula dijejeléh! Aranjeun kudu nyaho, carita ngeunaan kula salila
ieu, kacida patojaiah jeung kanyataan.

SANTA
Tapi teu gampang ngarobah carita anu geus kagok sumebar di masarakat.

DIKA
Nyai… anjeun kudu klarifikasi ka media. Lanceuk uing réa kawawuhan
wartawan, malah réporter tivi ogé aya. Anjeun boga hak jawab di media….

17
NYI BAGENDIT
Teu kudu, Dika!

DIKA
Hésé lamun anjeun teu daék mah. Sabab black campaign ngeunaan diri anjeun
geus kapalang sumebar. Saalam dunya geus papada apal yén Nyi Bagendit téh
jalma beunghar anu kacida peditna. Nu matak, lamun teu daék klarifikasi di
media, anjeun hadean muka akun twitter. Tuluy anjeun nulis ngetwit lalakon
anjeun. Engké ku uing jeung balad-balad pasti dire-twit deui, nepi ka pedaran
anjeun jadi trending topic tingkat dunya!

NYI BAGENDIT
Sora kula bakal leuwih handaruan. Sora kula bakal bakal ngalimpudan dunya,
mapakan mega, ngalingling wiati, ngalanglang jomantara….!

Ronghéap datang Margalarang. Pakéanna némbongkeun ciri has pendékar jaman


baheula.

MARGALARANG
Nyai….! Sampurasun, Nyai! Ieu akang seja nepungan!

SANTA
Saha itu?

NYI BAGENDIT
Anjeun engké bakal nyaho…

MARGALARANG
Nyai…! Naha anjeun kalah ngomong sorangan? Ieu kula geura bagéakeun… Yap,
kadieu, Nyai!

NYI BAGENDIT
Sumangga, Kang Marga….

Nyi Bagendit ngaléngkah ninggalkeun Santa jeung Dika, muru ka lebah Margalarang.

DIKA
Pasti kabogohna…

Santa melong seukeut bangun nu timburu.

DIKA
Teu kudu cemburu sagala…

Santa jeung Dika dariuk, bari terus nyérangkeun Nyi Bagendit jeung Margalarang.

18
NYI BAGENDIT
Bagéa, Kang Marga…Kumaha damang?

MARGALARANG
Pangésto, Nyai. Peuting ieu akang ukur hayang nalék pamadegan Nyai. Ieu téh
patalékan akang nu pamungkas, Nyai…

NYI BAGENDIT
Pamadegan naon téa, Kang Marga?

MARGALARANG
Ari anjeun téh nyaan bogoh ka akang?

NYI BAGENDIT
Teu lepat, Kang Marga…

MARGALARANG
Cinta nyai ukur keur akang?

NYI BAGENDIT
Leres, Kang Marga…

Margalarang ngadeukeutan Nyi Bagendit. Tuluy ngaranggeum ramo-ramo Nyi Bagendit.


Tapi ku Nyi Bagendit dileupaskeun lalaunan.

NYI BAGENDIT
Hapunten, Kang Marga…

MARGALARANG
Tuh, nyai mah matak ngabingungkeun… ongkoh deudeuh… ongkoh cinta…

NYI BAGENDIT
Kang Marga, kapan nyai tos nyarios sababaraha kali. Sanajan nyai kacida
deudeuhna ka akang, nyai tetep moal tiasa ngahiji sareng akang…

MARGALARANG
Cumah atuh, Nyai! Nanaonan urang silih pikacinta lamun teu bisa ngahiji dina
beungkeutan laki-rabi?!

NYI BAGENDIT
Teu nanaonan, Kang Marga. Nu namina cinta téh henteu salawasna kudu
ngahiji…

19
MARGALARANG
Tapi diantara urang taya hahalang nanaon pikeun ngahiji! Moal aya nu
nyalahkeun upama urang rarabi! Moal! Moal aya nu nyalahkeun! Naon salah
urang, Nyai?

NYI BAGENDIT
Mémang moal aya nu ngalepatkeun, Kang Marga. Tapi nyai tetep bakal ngaraos
lepat, kumargi nyai jalir jangji udar subaya. Nyai tos paheut ngagurat jangji ka
diri nyai: sabada salaki nyai maot, nyai moal rék nyorang laki-rabi deui.

MARGALARANG
Nyai… harita diri nyai keur kalimpudan kasedih…. Nyai keur kaleleban tunggara
ditinggalkeun maot ku salaki. Wajar lamun nyai boga pikiran siga kitu. Ayeuna
mah nyai geus wancina nyinglar kingkin. Akang bakal jadi gaganti salaki nyai nu
geus taya dikieuna. Akang bakal leuwih mikadeudeuh nyai!

NYI BAGENDIT
Percanten, Kang Marga. Kasauran salira leres pisan. Ari sugan téh moal aya deui
cinta anu ngancik dina hate nyai. Nyai teu nyangka, ahirna geuning nyai téh bet
katarik ati kapentang asmara ku Kang Marga….

MARGALARANG
Sok atuh geura buktikeun, Nyai! Buktikeun ku cara nyai daék nyorang laki-rabi
jeung akang! Urang hirup babarengan dina kabagjaan! Beurang-peuting urang
babarengan….

NYI BAGENDIT
Cinta mah leres cinta, Kang Marga… Tapi jangji ogé tetep jangji. Jangji nyai
sanés gurat cai, tapi gurat batu! Gurat batu, Kang Marga!

MARGALARANG
Jadi, kumaha kacindekanana?

NYI BAGENDIT
Upami salira badé ngantunkeun nyai, sumangga Kang Marga. Bilih salira badé
rarabi sareng istri sanés, ulah kahalangan ku nyai. Jung, nyandak harta banda
sakohoyong salira kanggo bekel laki-rabi Kang Marga sareng pibojoeun.

MARGALARANG
Akang bogoh ka nyai, lain bogoh kana harta nyai. Sanajan enya ogé pakaya nyai
buru di juru, bro di panto, akang mah teu kabita. Akang ukur hayang nyai. Akang
ngan hayang hirup dina beungkeutan laki-rabi jeung nyai! Lain hayang harta nyai!

BAGENDIT
Moal tiasa, Kang Marga…. Hapunten….

20
MARGALARANG
Lamun kitu, akang rék lunta ka alak paul. Nyai moal ngalaman deui ningali akang
salilana…

BAGENDIT
Naha meni luluasan kitu salira téh?

MARGALARANG
Taya gunana marengan nyai ogé, ari keukeuh teu bisa ngahiji hirup rarabi mah…

BAGENDIT
Teu langkung upami éta kahoyong salira… Mangga, teu langkung upami Kang
Marga téga ngantunkeun nyai mah…

MARGALARANG
Lain téga, Nyai. Tapi akang teu kuat nyorang kahirupan siga kieu! Urang ukur
babarengan, tapi teu bisa ngahiji…. Akang teu kuat, Nyai!

BAGENDIT
(sedih) Nya… sumangga atuh, Kang Marga… teu langkung kumaha saéna
numutkeun salira…

MARGALARANG
Bener nyai moal robah pamadegan? Inget, Nyai! Nyai moal kungsi ningali
beungeut akang deui salilana…

BAGENDIT
Saleresna ari manah mah peurih pisan bade dikantunkeun ku salira… Tapi, nyai
moal tiasa ngahalangan salira… Margi, Nyai moal jalir kana jangji!

MARGALARANG
Pileuleuyan, Nyai… Akang rék lunta….

Marga ngaléngkah ninggalkeun buruan.

BAGENDIT
(bari ceurik ngagukguk) Kang Margaaa….! Kang Margaaa…!!!

Santa jeung Dika nyampeurkeun Nyi Bagendit.

SANTA
Nyai, kuring kagum kana konsisténsi anjeun dina nyepeng jangji…

21
DIKA
Enya, sarua, jempol pisan Nyai! Dina jaman ayeuna mah langka nu bisa siga
nyai. Malah loba tanteu-tanteu baleunghar, anu tong boro salakina geus maot,
cacak salakina masih hirup ogé, kalah miara borondong di saban péngkolan…

SANTA
Manéh salahsahiji borondongna nya?

Dika teu kaburu ngajawab, lantaran Margalarang ngaronghéap datang deui.

SANTA
Nyai, geuning itu datang deui…

BAGENDIT
Enya, kanyataan ieu anu matak nguciwakeun téh… Teu sangka… Nyaan, bener-
bener teu sangka…

SANTA
Teu sangka kumaha, Nyai?

BAGENDIT
Bandungan wé ku aranjeun…

Nyi Bagendit nyampeurkeun Margalarang

NYI BAGENDIT
Kang Marga… hatur nuhun salira sumping deui. Hatur nuhun salira masih kénéh
mikamelang nyai…

MARGALARANG
Akang tetep rék miang ka tempat nu jauh kabina-bina!

NYI BAGENDIT
Janten… janten…

MARGALARANG
Nyai, tadi nyai nyarita naon ka akang?

NYI BAGENDIT
Cariosan nu mana, Kang Marga?

MARGALARANG
Ngeunaan akang… upama akang rék rarabi jeung awéwé séjén. Tadi nyai nyarita
kumaha?

22
NYI BAGENDIT
Oh… sumuhun, bilih Kang Marga badé rarabi sareng istri sanés, sumangga ulah
kahalangan ku nyai…

MARGALARANG
Tuluy, nyarita naon deui?

NYI BAGENDIT
Bilih Kang Marga peryogi harta banda kanggo bekel laki-rabi sareng istri sanés,
sumangga salira nyandak sakahoyong…

MARGALARANG
Nyaan éta téh?

NYI BAGENDIT
Leres, Kang Marga…

MARGALARANG
Akang bisa nyokot harta nyai sakahayang akang?

NYI BAGENDIT
Teu lepat, sakahoyong Kang Marga… sumangga nyandak baé ku nyalira…

MARGALARANG
Sakahayang akang?

NYI BAGENDIT
Leres… tempat panyimpenan inten emas permata sareng sagala rupi ogé, salira
tos uninga ieuh…

MARGALARANG
Nuhun, Nyai…

Margalarang ngojéngkang ka lebah lawang panto. Tuluy asup ka jero imah. Kadéngé
sora Margalarang nu beberengkes. Nyi Bagendit nyuuh dina taneuh, bari ngagukguk
ceurik. Margalarang kaluar bari mawa gémbolan. Tuluy gémbolanna disimpen di
lawang panto. Geus kitu, margalarang asup deui ka jero imah. Teu lila, kaluar deui bari
mawa gémbolan kadua. Sanggeus neundeun gémbolan kadua, Margalarang asup deui ka
jero imah.
Teu lila, kadéngé sora maung, sarta ngocéakna Margalarang. Tuluy simpé sakedapan.

NYI BAGENDIT
Teu sangka, asihna palsu, deudeuhna ukur pupulasan. Aya kasarakahan nu
ngancik dina dirina. Manahoréng salila ieu téh manéhna lain micinta kula, tapi
hayang ngawasa harta kula!

23
DIKA
Lamun jaman ayeuna mah, nu kitu téh disebutna lalaki matré, Nyai….

SANTA
Tapi… naha nyai siga sedih pisan? Padahal anjeun kuduna bungah geus bisa
ngabolékérkeun watek asli Si Marga!

NYI BAGENDIT
Santa, kalah kumaha ogé kula geus micinta manéhna. Najan kabuktian kula
kabobodo ténto kasamaran tingal, tapi da haté kula geus tumplek ka manéhna.
Tina dasar sanubari, kula micinta manéhna. Tadina kula geus rék ngudag
manéhna. Tadina kula rék ménta dihampura ka manéhna. Tadina kula rék nedunan
kahayangna manéhna pikeun nyorang rarabi. Tadina kula geus panceg rék hirup
ngahiji jeung manéhna. Tadina kula ampir udar subaya, pegat tali jangji dina
ati….

SANTA
Untung nyai teu buru-buru ngudag manéhna…

NYI BAGENDIT
Enya, bener… untung kula teu gurunggusuh. Si Marga teu bisa nyorang ujian
pamungkas. Hyng Widi teu ngidinan kula ngahiji jeung lalaki nu saukur hayang
ngagasak harta kula…

Mang Danu ngaronghéap datang. Pakéanana némbongkeun tangtungan hiji badéga.

MANG DANU
(sopan) Sampurasun, Nyai….

NYI BAGENDIT
Rampés, Mang… Bagéa Mang Danu, Sok kadieu….

MANG DANU
Naon nu tiasa dibantos wengi ayeuna, Nyai?

NYI BAGENDIT
Mang Danu… itu aya dua gémbolan anu eusina inten jeung duit. Nu hiji,
bagikeun ka jalma miskin. Omat, ulah aya saurang ogé anu nyahoeun yén éta
harta anu kula. Béjakeun wé paméré ti mahlukna Hyng Widi….

MANG DANU
Sumangga, Nyai…

NYI BAGENDIT
Sakali deui, omat pisan: ulah aya nu nyahoeun paméré ti kula.

24
MANG DANU
Tangtos diéstokeun pisan, Nyai. Dupi gémbolan nu hiji deui kumahakeun, Nyai?

NYI BAGENDIT
Nu hiji deui mah simpen di tempat anu harita kungsi dituduhkeun ku kula….

MANG DANU
Sumangga, Nyai…

NYI BAGENDIT
Sok, gancang… Bisi kaburu aya nu ningali…

Mang Danu gura-giru muru ka lebah dua gémbolan. Tuluy dipanggul duanana.

DIKA
Nyai téh henteu medit geuningan…

NYI BAGENDIT
Keur naon harta banda, Dika? Harta banda kula mangrupa titinggal salaki kula.
Kula nyaah pisan ka salaki kula. Ku kituna, hartana kudu dimangpaatkeun keur
kahadéan, ngarah salaki kula meunang kabagjaan di alam lana…

SANTA
Nyai, bakal aya kajadian naon deui dina peuting ieu téh?

NYI BAGENDIT
Anjeun moal nyaksian nanaon deui… Jung, geura marulang.

Nyi Bagendit ngaléngkah ka lawang panto.

SANTA
Nyai…!

BAGENDIT
Aya naon, Santa?

SANTA
Meunang kuring nanya sakali deui?

BAGENDIT
Pék, rék nanya naon anjeun, Santa?

SANTA
Ari anjeun ngukut maung?

25
BAGENDIT
Saban manusa ngukut maung dina dirina séwang-séwangan. Éta maung bisa
nyalametkeun, bisa ogé nyilakakeun, gumantung kana cara haténa ngokolakeun
maung.

Lampu pareum

ADEGAN IV

Wanci beurang. Hiji aki-aki maké iteuk, ingkud-ingkudan ngaléngkah ka buruan imah.

AKI
Nyai…! Nyai…! Nyai…!

Panto ngolotrak muka. Nyi Bagendit kaluar.

NYI BAGENDIT
Aéh, aéh… Sumangga calik, Aki…

AKI
Aki téh hanaang pisan, Nyai. Cik, aki ménta cai nginum…

NYI BAGENDIT
Mangga, Aki… Antos sakedap…

Nyi Bagendit asup deui ka jero imah. Aki diuk dina bangku. Teu lila, Nyi Bagendit mawa
cai kana batok, kalayan diasongkeun ka Aki. Aki nampanan batok, tuluy langsung diregot
nepi ka saat.

NYI BAGENDIT
Aki…. Deudeuh teuing … Rupina tos mapah tebih pisan…

AKI
Enya, Aki téh ngahaja datang kadieu… Aya perkara penting anu rék ditepikeun ka
hidep… Bagendit.

NYI BAGENDIT
Tapi aki mending tuang heula… Hayu urang tuang di lebet, Aki…

AKI
Teu kudu, Nyai. Urang kudu buru-buru lunta tidieu, ayeuna kénéh.

NYI BAGENDIT
Ayeuna kénéh? Naha bakal aya naon kitu, Ki?

26
AKI
Tingali kaayaan langit nu angkeub, nyai. Rasakeun ieu hawa mani nyongkab. Di
tebéh girang geus mimiti hujan angin. Sakeudeung deui bakal aya caah déngdéng
nu kacida rongkahna….

NYI BAGENDIT
Caah?

AKI
Enya, caah nu kawilang rongkah, nu bakal ngaléléd tur ngeueum ieu lembur.
Numatak, hidep kudu geuwat ninggalkeun ieu patempatan, sabab lembur
Banyuresmi bakal kakeueum…. Malah nurutkeun ilapat nu katarima ku aki, cai
nu ngeueum ieu tempat moal saat-saat nepi ka jaga. Di ieu tempat bakal jadi hiji
situ…

Kadéngé sora guludug jeung séahna hujan.

AKI
Nyai… Hayu urang indit ayeuna kénéh! Sakeudeung deui bakal aya caah nu
kacida rongkahna!

Lampu reup-reupan moékan. Kadéngé sora jalma nu tingjorowok, tinggaroak,


tingkocéak, patémbalan jeung sora nu ceurik, teu puguh dédéngékeuneun.

SORA RÉANG
Caaah! Caah…! Caah!

AKI
Hayu, Nyai…!

NYI BAGENDIT
Sumangga, Aki…

Aki jeung Nyi Bagendit ninggalkeun buruan. Sora anu tinggorowok jeung anu tingjarerit
beuki ramé. Lampu poék. Teu lila, kaayaan simpé. Sanggeus kitu, lampu caang, ukur
nyaangan tangtungan Nyi Bagendit.

NYI BAGENDIT
Ieu Situ dingaranan Situ Bagendit! Tapi kula henteu nemahan pati kakeueum di
dieu. Harta kula ogé henteu kakeueum didieu. Inten anu kula, ngancik di hiji
tempat anu teu jauh ti dieu! Sanggeus ratusan taun ngaran kula dijejeléh, kiwari
wancina kula ngajéntrékeun kanyataanana! Kula teu sudi disebut jalma pedit!
Kula teu sudi disebut sarakah! Kula teu sudi! Ieu mangrupa bebeneran!
Benerkeun kaayaan nu sabener-benerna!

Nyi Bagendit ngarumpuyuk labuh. Lampu pareum

27
Réngsé

28

You might also like