You are on page 1of 3

DINAS PENDIDIKAN KABUPATEN PURWAKARTA

SMPN 9 PURWAKARTA
Jl. Kolonel Rahmat Desa Citalang Purwakarta (41151)

LEMBAR SOAL PENILAIAN TENGAH SEMESTER (PTS)


SEMESTER GENAP

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda Tanggal : 07 Maret 2022


Guru Mapel : Tita Nurmaya, S.Pd. Waktu : Pukul 10.00-11.00 WIB
Kelas : VIII

I. SOAL PILIHAN GANDA (PG)


Pék pilih salah sahiji jawaban anu ku hidep dianggap bener !
PERSIB NU KURING
Urang Sunda mikanyaah mikacinta
Deudeuh geugeut ka Persib
Dipuji dipuja
Persib nu saréréa
Persib nu kuring nu abdi
Nu urang Sunda
Nu uing nu silaing
1. Padalisan di luhur mangrupa jenis karangan anu disebut ...
a. Pupuh c. Wawacan
b. Rumpaka d. Guguritan
2. Pupuh anu dipaké dina rumpaka di luhur nya éta ...
a. Durma c. Kinanti
b. Mijil d. Sinom
3. Upama nilik kana wangunna, guguritan téh kaasup kana ...
a. Puisi c. Éséy
b. Prosa d. Drama
4. Pupuh Durma dina sapadana diwangun ku ...
a. 5 padalisan c. 7 padalisan
b. 6 padalisan d. 8 padalisan

5. Adat Jalma
Sipat jalma adat masing-masing
Nu rajin nu getol
Nu balabah soméah daréhdéh
Wijaksana tulatén gumati
Lantip amis budi
Ampuh lungguh timpuh
Eusi tina sempalan guguritan di luhur nya éta ...
a. Sipat jalma téh aya nu pait
b. Jadi jalma kudu wijaksana
c. Jadi jalma ulah kedul
d. Sipat jalma téh réa jeung béda-béda
6. Sempalan guguritan di luhur ngagunakeun pupuh ...
a. Durma c. Kinanti
b. Mijil d. Sinom
7. Jumlah guru lagu jeung guru wilangan dina padalisan ka hiji guguritan “Adat Jalma” nya
éta ...
a. 5-i c. 10-i
b. 5-a d. 10-a
8. Pupuh Mijil dina sapadana diwangun ku ...
a. 5 padalisan c. 7 padalisan
b. 6 padalisan d. 8 padalisan
9. Golongan pasipatan jelma anu hadé nya éta ...
a. Jail hiri dengki c. Basangkal bedegong
b. Suhud junun jujur d. Ngalawan ku punduk
10. Ari golongan pasipatan jelma anu goréng nya éta ...
a. Harak judes julig c. Binékas binangkit
b. Lantip amis budi d. Soméah hadé ka sémah
11. “Caang ati ari Persib juara téh.”
Kecap caang dina kalimah di luhur miboga harti ...
a. Suka bungah c. Béngras
b. Henteu poék d. Resep
12. “Piwuruk guru teh bakal nyaangan rasa.”
Kalimah di luhur ngandung harti....
a. Denotatif c. Aktif
b. Konotatif d. Pasif
13. Kecap sugih hartina.....
a. Beunghar c. Halodo
b. Malarat d. Loba
14. Mana nu kaasup kana kalimah nu ngandung harti konotatif?
a. Cahaya bulan purnama nyaangan saalam dunya.
b. Kacamata pun Bapa ragrag ka handapeun meja.
c. Tong amis teuing atuh kopi teh
d. Mang Dudi kamari dijagragkeun ka meja hejo.
15. Dina elmu bahasa kecap/kalimah nu miboga harti sabenerna disebut harti....
a. Konotatif c. Aktif
b. Denotatif d. Pasif
16. Panata acara sok disebut ogé ...
a. Protokol c. Panumbu catur
b. Pangjejer d. Notulén

17. Pancén panata acara téh diantarana ...


a. Méré pangbagéa kana lumangsungna acara
b. Muka jeung nutup acara
c. Nangtukeun nu ngeusi acara
d. Ngawakilan panata calagara
18. Anu pangheulana diucapkeun ku panata acara nya éta ...
a. Ngucapkeun nuhun ka panata calagara
b. Ngucapkeun pangwilujeng kanu hadir
c. Ngucapkeun salam bubuka
d. Macakeun sambutan
19. Anu ditataan ku panata acara nya éta ...
a. Anu ngahadiran éta acara
b. Réngréngan panata calagara
c. Runtuyan kagiatan panata calagara
d. Runtuyan acara ti mimiti nepi ka lekasan
20. Runtuyan acara ditutup ku ...
a. Pintonan kasenian c. Do’a
b. Balakécrakan d. Sambutan

II. URAIAN
1. Jelaskeun naon anu dimaksud guguritan!
2. Adat Jalma
Sipat jalma adat masing-masing
Nu rajin nu getol
Nu balabah soméah daréhdéh
Wijaksana tulatén gumati
Lantip amis budi
Ampuh lungguh timpuh
Tuliskeun jumlah guru lagu jeung guru wilangan unggal padalisan dina guguritan di
luhur!
3. Jieun hiji conto kalimah dénotatif (harti sabenerna)!
4. Jieun hiji conto kalimah konotatif (harti injeuman)!
5. Nurutkeun hidep, naon sababna panata acara kudu apal kana sagemblengna acara anu
rék dilaksanakeun?

You might also like