You are on page 1of 4

DINAS PENDIDIKAN KABUPATEN PURWAKARTA

SMPN 9 PURWAKARTA
Jl. Kolonel Rahmat Desa Citalang Purwakarta (41151)

LEMBAR SOAL PENILAIAN TENGAH SEMESTER (PTS)


SEMESTER GENAP

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda Tanggal : 07 Maret 2022


Guru Mapel : Tita Nurmaya, S.Pd. Waktu : Pukul 10.00-11.00 WIB
Kelas : VIII

I. SOAL PILIHAN GANDA (PG)


Pék pilih salah sahiji jawaban anu ku hidep dianggap bener !

1. Dina wangunna, paribasa téh mangrupa ...


a. Kalimah c. Harti injeuman
b. Kecap kantétan d. Babandingan
2. Anu kaasup kana paribasa pangjurung laku hadé nya éta...
a. Bisa ka bala bisa ka balé
b. Nyeungeut damar di suhunan
c. Ngaliarkeun taleus ateul
d. Lauk buruk milu mijah
3. “Kadé ulah nepi jati kasilih ku junti ...”
a. Jéngkol c. Junti
b. Jeungjing d. Peti
4. Sanajan benghar sarta luhur pangkat oge, anjeunamah jajauheun tina sifat....
a. Handap asor c. Soméah
b. Hampang leungeun d. Gede hulu
5. “Kudu someah ka batur teh, ulah sok......bisi teu dipikaresep!”
Babasan anu mernah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur, nya éta ...
a. Amis budi c. Pait daging
b. Amis daging d. Haseum budi
6. Jalma anu kandel kulit beungeut téh nya éta jalma anu ...
a. Kuat beungeutna
b. Tara katerap ku panyakit
c. Teu boga kaéra
d. Gedé kawani
7. Aya paribasa “ayakan mah moal meunang ...”
a. Kancra c. Guramé
b. Lélé d. Lauk emas
8. Ieu di handap aya paribasa anu ngandung harti méh sarua nya éta mikahayang perkara anu
mustahil, iwal ...
a. Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir.
b. Ngudag-ngudag kalangkang heulang.
c. Ngajul béntang ku asiwung.
d. Bonténg ngalawan kadu.
9. Babasan kokolot begog dilarapkeun ka ...
a. Kolot anu taya kanyaho kawas budak
b. Budak ngomongna nyanyahoanan kawas kolot
c. Kolot anu kalakuanna kawas budak
d. Budak anu katémbongna saperti kolot
10.Anu kaasup kana paribasa panyaram lampah salah nya éta ...
a. Cul dogdog tinggal igel
b. Bisa ka bala ka balé
c. Batok bulu eusi madu
d. Hulu gundul dihihidan
Pék baca ieu sempalan drama (pikeun soal no 11-14)
Sirung Pajajaran
Pulasari Pandéglang, 10 Méi 1579
Sanggeus Karaton Pulasari Pandéglang kacangking ku wadyabalad Surasowan Banten, bénténg
pamungkas Pajajaran di tungtung kulon runtag. Rahayat bubar katawuran, sewing-séwangan
nyalametkeun diri. Sababaraha pamuda welasan taun tingkuniang tina panyalindungan dapuran
hanjuang. Maranéhna, pamuda nu geus leungiteun harepan na kahirupan.
BUJANG I : “Jeueung ituh! Silalatu ti lebah karaton teu pareum-pareum! Leuh Dayeuh Pulasari
tangtu geus jadi ruhak!”
BUJANG II : (SEDIH)”Bapa kuring téwas katiruk panah lebah dadana. Indung katinggang
tihang karaton nepi ka henteuna. Adi-adi teuing…….kumaha nasibna….”
BUJANG I : “Silalatu kalah beuki ngalobaan! (BARI NEUTEUP KA JAUHNA) seuneu deui
baé! Tangtu geus ngaléntab ka imah kuring”.
BUJANG II : “Hayam sakandang, kabéh géhéng jadi ruhak. Mangkaning meunang ngingu ti
anakna kénéh.
BUJANG I : “Leuh, leuit gé tangtu kabeuleum! Timana kuring dahar?”
11. Drama “Sirung Pajajaran” nyaritakeun dina mangsa ...
a. Runtagna Karajaan Pajajaran
b. Ngadegna Karajaan Pajajaran
c. Peperangan di Karajaan Pajajaran
d. Ngadegna karajaan Banten
12. Latar tempat dina éta drama nya éta ...
a. Pandéglang c. Purwakarta
b. Bandung d. Subang
13. Pajajaran runtag taun ...
a. 1759 c. 1975
b. 1579 d. 1597
14. Harita puseur dayeuh Karajaan Pajajaran kacangking ku ...
a. Wadyabalad Kiansantang
b. Wadyabalad Pulasari Banten
c. Wadyabalad Surasowan Banten
d. Wadyabalad pamuda welasan taun
15. Palaku dina drama di luhur aya sabaraha jalma ...
a. 1 c. 3
b. 2 d. 4
16. Drama téh nya éta carita atawa lalakon anu diwujudkeun dina wangun ...
a. Tembang c. Ugeran
b. Pupuh d. Paguneman
17. Dina drama aya anu disebut dialog anu hartina ...
a. Omongan palaku anu silitémpas
b. Palaku anu ngomong sorangan
c. Omongan anu teu dikedalkeun
d. Omongan ti palaku utama
18. Dina drama aya anu disebut monolog anu hartina ...
a. Omongan palaku anu silitémpas
b. Palaku anu ngomong sorangan
c. Omongan anu teu dikedalkeun
d. Omongan ti palaku utama
19. Bu guru : “Néng bade mios kamana?”
Murid : “............................................”
Kalimah anu cocok pikeun ngalengkepan dialog di luhur nya éta ...
a. “Henteu kunanaon Bu.”
b. “Geura mangkat atuh!”
c. “Naon? Teu kaharti.”
d. “Badé angkat ka pasar Bu.”
20. Udin : “...........................................................................”
Maman : ”Euleuh karunya teuing, sing sabar atuh nya Din.”
Kalimah anu cocok pikeun ngalengkepan dialog di luhur nya éta ...
a. “Kamari urang meunang duit jang jajan ti Aki.”
b. “Ucing urang leungit, geus saminggu can kapanggih.”
c. “Man, urang ulin yuk!”
d. “Man, kumaha damang?”

II. URAIAN
1. Jieun kalimah tina babasan “kandel kulit beungeut”!
2. Tuliskeun hiji conto babasan pangjurung laku hadé jeung hartina!
3. Naon harti tina paribasa “Kawas kuda leupas ti gedogan”?
4. Naon anu dimaksud naskah drama téh?
5. Pék jieun ku hidep conto dialog singkat!

You might also like