You are on page 1of 68

Kembang Gadung

Dhipa Galuh Purba

TOKOH-TOKOH NA

1. Ki Lapidin : Lalaki 25-30 taun, pribumi asli, hadé gogog


hadé tagog, sakti, pupuhu pakumpulan Seni Dogér Nyai
Subanglarang.
2. Nyai Karsinah: Wanoja 20-25 taun, pribumi asli,
rancunit, sorana alus, dogér ti pakumpulan Seni Dogér
Nyai Subanglarang.
3. Juragan Hofland : Lalaki 40-45 taun, urang Belanda,
gedé ambek, gedé hulu, juragan kawasa perkebunan
entéh Ranggawulung.
4. Inspéktur Tonny (Inspecteur): Lalaki 35-40 taun, urang
Belanda, pengawas Pulisi, sobatna Juragan Hofland,
gedé ambek, salawasna mawa iteuk komando jeung
péstol.
5. Mantri Pulisi Yono : Lalaki 30-35 taun, urang Jawa, logat
Jawana medok, mamawa péstol Colt38 (Péstol kol
otomatis anu wanda larasna segi dalapan, mibanda
genep konci silinder atawa genep patrom, tur sakali
ngabekaskeun bisa genep kali patutur-tutur.
6. Hupmandor Héndrik : Lalaki 40-45 taun, urang Belanda,
mandor besar di perkebunan entéh Ranggawulung,
sieunan ku pamajikan.
7. Demang Malik : Lalaki 30-35 taun, pribumi asli nu biluk
ka Belanda, barangasan, gedé ambek, gedé hulu, jeung
cunihin.
8. Susi : Wanoja 25-30 taun, urang Belanda, rancunit,
pamajikan Hupmandor Héndrik, kungsi rucah jeung
Juragan Hofland, bogoh ka Ki Lapidin, anu ahirna ijid
ka Belanda.

31
9. Kalong Édéot : Lalaki 25-30 taun, pribumi asli nu biluk
ka Belanda, jawara kukutan Demang Malik, telenges,
salawasna nyorén bedog.
10. Lalay Badot : Lalaki 30-35 taun, pribumi asli, jangkung
badag, salawasna mekel pakarang gegendir, sakti,
leungit ingetan lantaran kagégéloan ku wanoja.
11. Meuvrouw Hofland : Wanoja 30-35 taun, urang Belanda,
pamajikan Juragan Hofland.
12. Mandor Nana : Lalaki 35-40 taun, pribumi asli, mandor
perkebunan entéh Ranggawulung, satia ka dunungan.
13. Engkoy : Wanoja 35-40 taun, pribumi asli, pamajikan
Mandor Nana, satia ka salaki.
14. Icih : Wanoja 35-40 taun, pribumi asli, pamajikan kahiji
Demang Malik, biluk ka salaki sanajan salakina
ngahianat bangsa sorangan.
15. Enung : Wanoja 30-35 taun, pribumi asli, pamajikan
kadua Demang Malik, nyaah ka sasama, teu panuju
kana ketak salaki nu nganiaya bangsa sorangan.
16. Suniar : Wanoja 25-30 taun, pribumi asli, pamajikan
katilu Demang Malik, nyaah ka sasama, teu panuju kana
ketak salaki nu nganiaya bangsa sorangan.
17. Akob : Lalaki 30-35 taun, pribumi asli, nayaga
Pakumpulan Dogér Nyai Subanglarang.
18. Ajang : Lalaki 33-40 taun, pribumi asli, nayaga
Pakumpulan Dogér Nyai Subanglarang.
19. Lebé Djadjas : Lalaki 60-70 taun, pribumi asli, purah
ngurus nu kawin jeung nu maot.
20. Aki Amanta : Lalaki 60-70 taun, pribumi asli, pangeusi
pakampungan.
21. Aki Sahir : Lalaki 60-70 taun, pribumi asli, pangeusi
pakampungan.
22. Nini Rukmi : Wanoja 60-70 taun, pribumi asli, pangeusi
pakampungan.
23. Ceu Konéng : Wanoja 40-50 taun, pribumi asli, pangeusi
pakampungan.
24. Mang Djatma: Lalaki 40-50 taun, pribumi asli, pangeu-
si pakampungan.
25. Ceu Djuwi: Wanoja 40-50 taun, pribumi asli, pangeusi
pakampungan.

32
F IG U R A N:
· Soldadu Kompeni : Lalaki 25-30 taun, urang Belanda,
diséwa ku Juragan Hofland keur ngajaga imahna. Maké
saragam soldadu kompeni, lengkep jeung senjatana,
sakurang-kurangna aya lima urang.
· Pulisi (Politie) : Lalaki 20-30 taun, pribumi asli, maké
saragam pulisi, lengkep jeung senjatana, sakurang-
kurangna aya lima urang.
· Rayat : Lalaki-wanoja, pribumi asli, umurna bébas,
jumlahna ogé bébas.
· Badéga Juragan Hofland : Lalaki-wanoja, umurna bébas,
saloba-lobana lima urang.

Bismillah ngawitan ngarang


Nyawang mangsa nu katukang
Basa karuhun berjoang
Tandang tur anggang karingrang
Ngalawan penjajah garang
Demi lemah cai urang
Ki Lapidin nu kabayang
Pahlawan ti tatar Subang

BABAK I
Hiji peuting, hareupeun imah Juragan Hofland anu pakaranganna
lega. Aya tihang bandéra tur ngélébét bandéra Belanda. Aya dua
urang soldadu kompeni jeung dua urang pulisi anu ajeg nangtung
ngajaga palebah tepas imah.
Di pakarangan imah Juragan Hofland keur meujeuhna réa tatamu
anu rék lalajo pakumpulan Dogér “Nyai Subanglarang”. Juragan
Hofland geus élékésékéng hayang geura lalajo dogér.
Para tatamu diantarana: Mantri Pulisi Yono, Mandor Nana
dibarengan ku Engkoy, Demang Malik dibarengan ku tilu urang
pamajikanana, Icih, Suniar, jeung Enung, sarta dua urang jawara
anu katelah Kalong Édéot jeung Lalay Badot.
Sabot ngadagoan dogér dimimitian, saréréa sarukabungah,
ngawangkong mani sahéng tur henteu puguh kadéngéna bari

33
ngarinum jeung barang dahar. Sababaraha urang badéga pakepuk
mawa baki, nyiapkeun inuman jeung kadaharan.
Soldadu, Pulisi, jeung jawara tetep husu nengetan kaayaan di
sabudeureunana. Kajaba Lalay Badot anu gawéna puluhak-polohok
bangun anu bingung.
Inspéktur Tonny datang, sarta langsung muru ka Juragan Hofland
INSPÉKTUR TONNY
Hallo, meneer! Goedenavond! 1

JURAGAN HOFLAND
Hallo, Inspecteur, Hoe gaat? Hier gaat alles goed. 2

INSPÉKTUR TONNY
Zeer goed. Oh ja, het huis is mooi. Wat leuk! Jij bent erg veranderd,
ha ha ha! 33 Basa Belanda, hartina: Saé pisan. Oh, enya, ieu
imah mani alus. Ngeunaheun pisan. Ajeun enyaan geus

JURAGAN HOFLAND
Ha ha ha... Oké, zullen we eerst koffie drinken? 4

INSPÉKTUR TONNY
Goed. Ik wil koffie met suiker. 5

JURAGAN HOFLAND
(ka badéga) Hoy, énggal nyandak cikopi dua gelas anu
nganggo gula! Énggalkeun candak kadieu, teu kénging
lami-lami bilih juragan bendu!

Badéga gura-giru rurusuhan, ngasongkeun cikopi dua gelas dina baki.


Kop, dicokot ku Juragan Hoflad jeung Inspéktur Tonny. Langsung
diregot ku Juragan Hofland, tapi diburakeun deui.

JURAGAN HOFLAND
(bari dibalangkeun gelasna) Hotperdom! 6 Ieu cai kopi mani
amis-amis teuing! Ari salira téh goblog pisan. Kumaha
upami juragan katerap panyawat gula hah?!

34
BADÉGA
HaP... Hapunten, Juragan. Hapunten pisan...

JURAGAN HOFLAND
(Bari najong badéga) Hapunten, hapunten wé. Hotperdom!
Énggal ngadamel deui anu henteu seueur teuing gulana!

Badéga ngangsrod ninggalkeun Juragan Hofland. Ari Inspéktur Tonny


nyampeurkeun Mantri Pulisi Yono sabot Juragan Hofland ambek-
ambekan. Panto imah muka, Mevrouw Hofland kaluar bari ngélék
ucing kadeudeuhna, leumpang nyampeurkeun Inspéktur Tonny.
Bareng jeung éta, torojol Hupmandor dibarengan ku Susi, anu
langsung muru ka Juragan Hofland.

HUPMANDOR HÉNDRIK & SUSI


(ka Juragan Hofland) Hallo, Meneer, goedenavond...

JURAGAN HOFLAND
Goedenavond. Hoe gaat het met jullie? 7

HUPMANDOR HÉNDRIK
Mijn weekend was niet zo goed. 8

SUSI
Hij is ziek9

JURAGAN HOFLAND
Ja, Beterschap én sterkte 10 .

HUPMANDOR HÉNDRIK
Dank je, Meneer 11 .

JURAGAN HOFLAND
Wat wil jullie drinken?12

SUSI
Ik wil thee met suiker13
HUPMANDOR HÉNDRIK
Ik drink thee zonder suiker 14

35
Badéga norojol bari ngasongkeun baki anu eusina dua gelas cai entéh.
Hupmandor Héndrik jeung Susi ngarongkong gelasna séwang-
séwangan.

JURAGAN HOFLAND
Jullie mag naar de Dogér Subanglarang Nyai 15

SUSI
Dank je, Meneer. Ik houd Dogér Nyai Subanglarang. Dat is aardig
van je 16 .

JURAGAN HOFLAND
Veel plezier! 17

Mevrouw Hofland nyampeurkeun, bari ngusapan ucing anu


dipapangkuna.
SUSI
(ka Mevrouw Hofland) Hallo, Vrouw! Hoe gaat het met U,
Vrouw? 1 8

MEVROUW HOFLAND
Erg goed! Leuk jullie weer te zien!19

SUSI
Dank je, Vrouw 20 .

MEVROUW HOFLAND
Hoeveel kinderen heb je? 21

SUSI
Ik heb drie kinderen. 22 (ngusapan ucing Mevrouw Hofland, anu
tujuanna hayang mindahkeun jejer wangkongan ) Hoeveel
katten heb jij? 23

MEVROUW HOFLAND
Ik heb een paar katten 24 .
SUSI
Oh, goed.
36
Sajeroning ngobrol téh bari leuleumpangan. Gok, paamprok jeung
Icih, Enung, Suniar, anu keur ngawangkong jeung Demang Malik.
Susi langsung nyampeurkeun Suniar.

SUSI
(ka Suniar) Hallo, ik ben Susi. Hoe heet je?25

Suniar ngahuleng, lantaran teu ngartieun basa Belanda. Demang


Malik ngaharéwos ka Suniar, mapatahan cara ngajawabna

S UN IA R
(kararagok nyaritana) Hallo Susi. Kuring... aéh Ik heet Suniar.
Kumaha damang? Aéh... Hoe gaat?

Demang Malik ngécéskeun caritaan pamajikanna bari mencrong Susi


semu cunihin.
DEMANG MALIK
Ja, Ziz Suniar. Ieu téh pun bojo anu katilu, hé hé... echtgenote
anu ka... één, twe, drie... ja, echtgenote de derde... emmm... bojo
anu kaopat mah sasih payun nembé badé dirapalan... hé hé...
Mevrouw Hofland metot pigeulang leungeun Susi, ngajak
leuleumpangan deui. Hupmandor Héndrik nuturkeun.

DEMANG MALIK
Matakna diajar basa Walanda, Suniar! Ulah sok ngérakeun
salaki. Piraku pamajikan demang henteu bisa nyarita
Walanda?!

S UN IA R
Ah, kuduna ogé urang Walanda anu diajar basa urang. Apan
ieu téh lemah cai urang. Maranéhna anu kudu nyaluyukeun
jeung bangsa urang.

DEMANG MALIK
His, ulah sok ngalawan ka salaki téh! Nu penting mah justru
kudu bisa nyarita basa Walanda! Keun wé basa urang mah
nomer salapan.

37
S UN IA R
Moal, teu hayang teuing Wawalandaan ah.

DEMANG MALIK
(Geregeteun) Hiiihhhh... Mun lain di pasamoan, digampleng
da ku kuring mah!

Hawar-hawar kadéngé sora gamelan. Kabéhanana curinghak kalayan


panonna melong ka hiji puseur, minangkana ningali ka lebah aréna
seni dogér. Kaayaan jadi jempling.

O.S 26 . KI LAPIDIN
Asalammu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh...

DEMANG MALIK
Wa’alaikum... (teu kebat, kalah nutupan biwirna, lantaran
nyelengkeung sosoranganan)

O.S. KI LAPIDIN
Sa mp urasuuun...!

INSPÉKTUR TONNY
Hoy, inlander 27 ! Kué orang teu kénging seueur nyarios! Hayo
geura kawitan! Juragan Hofland tos teu kiat hoyong ningali
Nyai Karsinah!

DEMANG MALIK
Enya, kalah loba pidato ieu mah! Rék ngadogér atawa rék
pidato? Hayo burukeun bisi kaburu dibalédogan!

O.S. KI LAPIDIN
Sumangga atuh upami kitu mah, supados henteu nyang-
kolong kana waktos, urang kawitan baé ieu pintonan
kasenian ti pakumpulan “Dogér Nyai Subanglarang”.
Nanging, sanaos kitu, urang teu kendat-kendat kedah tarapti
sinareng titih-rintih, malah mandar tiasa kelar lungsur-
langsar, anu dituju lulus banglus kalayan payus. Ku kituna,
ieu pintonan seni dogér téh sakumaha sasari badé dibuka

38
ku ngagalindengkeun lagu “Kembang Gadung”. Ta’ud
basmallah nu jadi sekar pangiring catur saméméh nyukcruk
galur, sangkan jadi panggugah rasa tur panggeuing ati, nu
jadi sarining kolbu, malati ati, taraté haté, malah mandar
jadi pangemat aworna kedal, ucap, jeung lampah. Nyangga-
keun, lagu “Kembang Gadung”!

Ditéma ku sora waditra, sarta diteruskeun ku galindengna lagu


“Kembang Gadung”. Barang Nyai Karsinah ngamimitian ngalagu,
kaayaan leuwih simpé. Saréréa manco ka hiji puseur, lir kagendam
ku sora Karsinah.
Saméméh réngsé lagu “Kembang Gadung”, Juragan Hofland
ngaharéwos ka Mevrouw Hofland. Saterusna katingali siga anu
badami, kalayan ditungtungan ku Mevrouw Hofland anu unggeuk
nandakeun panuju. Saterusna Mevrouw Hofland ngaléngkah muru
ka panto imah, sarta langsung asup. Panto ditutupan deui.
O.S. KARSINAH
Muji syukur ka Yang Agung
Ka Gusti Nu Maha Suci
Kembang gadung nu kahatur
Ka sadaya kaum dangu
Neda jembar hampurana
Ka Gusti Nu Maha Suci
Neda diaping dijaring
Neda sapaat pangriksa

Sareng ka para karuhun


Nyanggakeun ieu pangbakti
Ulah badé hiri dengki
Ulah badé hiri dengki
Kembang gadung nu kahatur
Nyanggakeun ieu pangbakti
Neda katarik katampi
Pangbakti ti seuweu-siwi 28

Juragan Hofland ngarérét ka lebah Demang Malik


JURAGAN HOFLAND
Demang! Jij 29 kadieu! Kom jij eens hier! 30

39
DEMANG MALIK
Sumangga, Juragan. Aya pikersaeun naon?

JURAGAN HOFLAND
Demang, coba ku jij candak ayeuna kadieu éta Karsinah
Nyai téh. Juragan hoyong nyarios ayeuna kénéh.

DEMANG MALIK
Saé, Juragan.

Demang Malik ngageroan Kalong Édéot.

DEMANG MALIK
(ka Kalong Édéot) Kalong, ayeuna kénéh, bawa Nyai
Karsinah kadieu.

KALONG ÉDÉOT
Punten, Gan... apan teu acan dikawitan pintonan dogérna
ogé...

DEMANG MALIK
Montong loba ngabacot! Buru, ayeuna kénéh papagkeun
Nyai Karsinah! Ieu paréntah ti Juragan Kawasa, nyaho!

Kalong Édéot teu kalékéd deui, langsung ninggalkeun éta patempatan.


Teu lila, asup deui bari ngiringkeun Nyai Karsinah. Saterusna,
Demang Malik nuyun leungeun Nyai Karsinah, nyampeurkeun
Juragan Hofland.

JURAGAN HOFLAND
Demang, lésotkeun éta panangan jij! Teu kénging coba-coba
aya nu nyabak Karsinah Nyai.

Demang Malik buru-buru ngalésotkeun leungeun Karsinah.

JURAGAN HOFLAND
Karsinah Nyai, Juragan badé tumaros, dupi Karsinah Nyai

40
upami sakali ngadogér sok kénging sabaraha buruhna?
Kénging sapérak mah?

Karsinah gideug bari tungkul

JURAGAN HOFLAND
Sabaraha atuh?

NYAI KARSINAH
Emh... biasana mah satalén, Juragan...

Saréréa nyakakak semu ngahina.

JURAGAN HOFLAND
Deudeuh teuing, Karsinah Nyai. Suanten Karsinah Nyai téh
kacida éndahna. Atuh beungeut Karsinah Nyai ogé geulis
pisan. Juragan janten bogoh ka Karsinah Nyai. Juragan
hoyong Karsinah Nyai jadi nyai-nyai juragan. Upami
Karsinah Nyai tos janten nyai-nyai Juragan, tangtos Karsinah
Nyai bakal hirup senang. Saban dinten Karsinah Nyai bakal
dipasihan artos saringgit kanggo jajan wungkul. Teu acan
kalebet résiko sareng kaperyogian sanésna. Karsinah Nyai
ogé saban dinten bakal nuang roti anu disusuan sareng
diseléan, ogé ngaleueutna cai susu kaléng. Pokona Karsinah
Nyai bakal senang kabina-bina. Kumaha, dupi Karsinah
Nyai kersa?

Karsinah beuki melenguk, teu wani neuteup Juragan Hofland, jeung


teu wani némbalan.

JURAGAN HOFLAND
(nyentak) Énggal geura waler, Karsinah Nyai! Kersa atanapi
hente u?

NYAI KARSINAH
Emmm... Hapunten, Juragan. Sanés abdi nampik pangasih.
Nanging...emmm... abdi téh sakedap deui badé janten
geureuhana... emmmm...

41
JURAGAN HOFLAND
Geureuha? (nyiduh) Anu kitu namina geureuha téh,
Karsinah Nyai? (nunjuk kana ciduhna)

DEMANG MALIK
Hapunten, Juragan, nu kitu mah namina reuhak. Maksad
Nyai Karsinah mah, anjeunna tos gaduh aanstaande
echtgenoot 31 , sumuhun tos aya nu badé migarwa...

JURAGAN HOFLAND
Hotperdom! Karsinah Nyai badé gaduh salaki?! Hotperdom!
Teu tiasa, Karsinah Nyai. Bujeng-bujeng nembé badé gaduh
salaki, sanaos Karsinah Nyai parantos salakian ogé, Karsinah
Nyai kedah diserahkeun ku salakina Karsinah Nyai.

NYAI KARSINAH
Ampun, Juragan...

JURAGAN HOFLAND
Hotperdom! Karsinah Nyai kersa, nuhun. Lamun teu kersa,
Karsinah Nyai tetep badé dipaksa!

NYAI KARSINAH
Ampun, Juragan... sing hawatos

JURAGAN HOFLAND
Sing hawatos-sing hawatos nanahaon! Upami badé ogé
Karsinah Nyai kedah ngartos! Hotperdom! (ka Mantri Pulisi
Yono) Mantri, candak ieu Karsinah Nyai ka lebet rorompok!

MANTRI PULISI YONO


Siap, Meneer! Paréntahna juragan seja dilaksanakeun ku
urang.

Mantri Pulisi Yono ngarawél leungeun Nyai Karsinah. Atuh puguh


Nyai Karsinah ampun-ampunan bari roroésan, hayang ngaleupas-
keun diri.
Sabot kitu, Ki Lapidin ngabelesat ka satengahing para tatamu, tuluy

42
nangtung ngabedega bari nulak cangkéng hareupeun Mantri Pulisi
Yono. Saréréa nyingray.

KI LAPIDIN
Leupaskeun Nyai Karsinah, Mantri!

MANTRI PULISI YONO


Ha ha ha... aya cacing cau badé ngalawan kompeni?! Wong
édan! Ha ha ha...!

INSPÉKTUR TONNY
Hoy, inlander, kué orang wanian pisan nangtang kompeni!
Kué orang hayang ditémbak mati? Dom inlander 32 !

KI LAPIDIN
Satungtung dina jalan bener, kuring teu sieun ku bedil,
Inspéktur! Dasar cucungik Kompeni! Tukang nandasa rayat!

Inspéktur Tonny méré isarat ka dua soldadu sangkan némbak Ki


Lapidin. Dua soldadu langsung nyampeurkeun Ki lapidin, sarta
ngabekaskeun eusi bedil kana awak Ki Lapidin. Tapi Ki Lapidin teu
cécél teu bocél, tetep panceg dina nangtunganna. Malah Ki Lapidin
malik ngadeukeutan dua soldadu anu undur-unduran bari terus
ngadérédéd awak Ki Lapidin.
Ki Lapidin ngarebut bedil ti saurang Soldadu, tuluy dipotongkeun.
Saterusna ngarebut bedil ti Soldadu nu hiji deui, sarta congona
diasongkeun kana sirah Mantri Pulisi Yono.

KI LAPIDIN
Lamun Nyai Karsinah henteu dilésotkeun, hulu anjeun
bakal ancur, Mantri! Haram leungeun anjeun paantel jeung
kulit Nyai Karsinah.

Mantri Pulisi Yono ngaleupaskeun Nyai Karsinah bari ngeleper.


Kalong Édéot ngadadak lumpat ninggalkeun éta patempatan,
dituturkeun ku badéga-badéga Juragan Hofland. Tapi Lalay Badot
mah angger kerang-kerung bangun nu bingung.

43
KI LAPIDIN
(Ka Nyai Karsinah) Nyai, jung tiheula mulang jeung para
nayaga! Teu kudu dituluykeun ngadogér peuting ieu mah.

NYAI KARSINAH
Mangga, Kang Lapidin...

Karsinah ninggalkeun pakarangan Tuan Hofland. Mantri Pulisi Yono


nyabuit péstolna. Terus dibekaskeun kana awak Ki Lapidin nepi ka
ngajedor lima kali. Ki Lapidin ngarebut péstol Mantri Pulisi Yono.
Mantri Pulisi Yono beuki pias.

KI LAPIDIN
Mantri, ieu péstol pasti tinggal hiji deui pélorna. Ku kuring
rék dialungkeun ka luhur, urang paheula-heula nyanggap.
Lamun kasanggap ku anjeun, anjeun dijamin salamet.

Saterusna Ki Lapidin ngalungkeun péstol ka luhur. Mantri Pulisi


Yono tibuburanjat hayang nyanggap péstol. Tapi Ki Lapidin leuwih
rikat ngarawél péstol tina angin.

KI LAPIDIN
(nodongkeun péstol kana sirah Mantri Pulisi Yono) Ukur
samet dieu geuning umur anjeun téh, Mantri. (api-api
némbak) Daaaarrrrr!!!

Mantri Pulisi Yono ngocéak bari nyepengan sirahna. Barang sadar


dibobodo, Mantri Pulisi Yono kaéraan. Tacan réngsé nandangan kaéra,
péstol dibekaskeun ka luhur. Mantri Pulisi Yono reuwas kabina-bina,
ngarumpuyuk kapiuhan.

JURAGAN HOFLAND
Lapidin, jij henteu kénging ngadamel kaributan di rorompok
juragan! Sabaraha baé pangaos si dogér Karsinah Nyai, ku
juragan badé dipésér.

KI LAPIDIN

44
Dogér henteu sarua jeung ungkluk, Hofland! Ulah sakali-
kali deui anjeun nganggap dogér awéwé nu bisa dijieun
kaulinan. Dogér ogé boga ajén diri. Malah ajén diri saurang
dogér, jauh leuwih luhung batan manéh, Demang Malik!
(ka Demang Malik) Ajén manéh mah henteu leuwih hadé
batan cucunguk. Manéh manusa biadab, teu boga ras-rasan,
ngabdi ka kompeni sarta téga nguyupan getih bangsa
sorangan. Anjeun penghianat lemah cai! Anjeun milih jadi
anjing-anjing kompeni, batan ngabéla rayat bangsa manéh
anu katalangsara.

Sirah Demang Malik dibabuk ku gagang bedil nepi ka baloboran getih.

DEMANG MALIK
Ampuuun, Ki Lapidin... Ampuuun...!

Icih lumpat, ngarangkul awak Demang Malik.

ICIH
Ampun, Ki Lapidin... Hampura salaki kuring, Ki Lapidin.
Sing hawatos...

KI LAPIDIN
Dasar Demang atah warah! Manéh sarua biadabna jeung
sato-sato kompeni nu ngajajah lemah cai! Anjeun geus
ngaruksak komara demang. Salaku demang, kuduna anjeun
ngabéla kapentingan rayat, lain kalah biluk ka penjajah!

JURAGAN HOFLAND
Houd je mond! 33 Kai Lapidin, jaga lambey jij! Juragan sareng
kompeni-kompeni mah sanés penjajah. Kompeni sumping
ka dieu kanggo ngamajukeun bangsa jij. Kompeni méséran
hasil tatanén bangsa jij, anu hasilna bangsa jij jadi seueur
artos sareng makmur. Kompeni jalmi balageur, ngahormat
ka para bupati bangsa jij. Kompeni teu hoyong jadi bupati,
teu hoyong jadi demang. Wios nu mingpin bangsa jij mah
nya bangsa jij nyalira...

45
KI LAPIDIN
Tong diréken budak orok kuring téh, Hofland! Bangsa
anjeun mémang henteu daék jadi bupati, lantaran moal kuat
nandingan komara bupati bangsa kuring. Tapi kompeni
ngamangpaatkeun bupati, Hofland. Kuring nyaho, kakawa-
saan bupati, beuki kaléléd ku kompeni. Kalungguhan bupati
ukur satata jeung pembantu résidén, malah anu leuwih
kawasa mah justru pembantu résidén. Bupati teu boga
kakuatan nanaon pikeun ngaluarkeun putusan, lantaran
dikokop ku Gubernur Jéndral Kompeni. Bupati ogé geus
henteu bisa nurunkeun kalungguhan ka ahli warisna, da
ayeuna mah bangsa anjeun nu ngangkat jeung ngeureun-
keun bupati. Cucungik kompeni ngahaja néangan bupati
nu bisa dikadalikeun, sanajan dina émprona mah réa bupati
atawa demang nu malik ngalawan ka kompeni. Puas siah!
Tong ngarasa peradaban bangsa anjeun leuwih maju,
Hofland. Dina abad ka-9, mangsa geus bisa ngawangun
Candi Borobudur, karajaan Walanda mah tacan aya
dikieuna, masih kénéh leuweung geledegan. Kuring nyaho,
Walanda kakara ngadeg abad ka-17, atawa taun 1648 maséhi.
Bangsa anjeun sabenerna mah anu tinggaleun téh, Hofland!

Sajeroning kitu, Hupmandor Héndrik jeung Juragan Hofland


komunikasi ku basa isarat, intina Juragan Hofland nitah Hupmandor
Héndrik supaya nelepon ka Batavia. Hupmandor Héndrik rerencepan
rék asup ka jero imah Juragan Hofland. Tapi, barang Héndrik rék
muka panto, Ki Lapidin nyentak bari nodongkeun bedil ka lebah
Hupmandor Héndrik.
KI LAPIDIN
Héndrik! Saléngkah deui suku anjeun maju, nyawa anjeun
bakal ngalayang ayeuna kénéh!

HUPMANDOR HÉNDRIK
Ampun, Ki Lapidiiiin...!

KI LAPIDIN
Kadieu siah, Héndrik! Buru!

46
Hupmandor Héndrik tibuburanjat nyampeurkeun Ki
Lapidin, bari tuluy nyembah dibarung awakna ngeleper.

H ÉNDR IK
Ampuuun... Ki Lapidin....

Sirah Hupmandor Héndrik dibabuk ku gagang bedil nepi ka baloboran


getih.

KI LAPIDIN
(Ka Juragan Hofland) Nepi ka mana bieu kuring nyarita,
Hofland?

JURAGAN HOFLAND
Emmm... Bu...orok...orok... sumuhun upami teu lepat mah
dugi ka orok, Kai Lapidin...

KI LAPIDIN
Dasar ceuli katél siah, Hofland! Déngékeun ku anjeun,
Hofland! Kuring nyaho, Kompeni hayang ngamangpaatkeun
bupati sangkan maréntah ka rayat pikeun ngajual hasil
tatanén ka cucungik kompeni, tur hargana ditangtukeun ku
bangsa anjeun. Murah pisan...kacida murahna. Nu kitu
ngaranana rék ngamakmurkeun bangsa kuring téh? Nu
puguh mah bangsa anjeun ngagasak kabeungharan rayat
lemah cai.

JURAGAN HOFLAND
Kai Lapidin...

KI LAPIDIN
(némpas) Cicing heula, kuring tacan bérés nyarita, Hofland!
Kuring rék nanya ka anjeun, sarta kudu dijawab sing jujur,
ngarti!

JURAGAN HOFLAND
Ngar... Ngartos... ngartos...

47
KI LAPIDIN
Naha bener cucungik kompeni nugaskeun para bupati
pikeun nalingakeun kagiatan di pasantrén? Jeung naon
tujuanna ngadegkeun Pangréh Pradja?

JURAGAN HOFLAND
Sakaterang mah henteu, Kai Lapidin. Masalah Pangréh
Pradja, juragan henteu terang. Tapi da... kompeni mah tara
ngiring pipilueun hal agama...

KI LAPIDIN
Abong biwir teu diwengku, abong létah teu tulangan nyarita
téh siah! Sing inget, Hofland, lamun cucungik kompeni wani-
wani ngagunasika kiai atawa santri, pasti kompeni bakal
kawalat! Anjeun nyaho, kunaon VOC bangkar? Sabab VOC
téh kawalat! VOC geus wawanianan ngadegkeun bénténg
pertahanan dina lahan masjid anu diadegkeun ku Sunan
Gunung Djati sareng Fatahillah. Bangsat siah!

Taya nu lémék saurang-urang acan. Ki Lapidin ngadeukeutan Mandor


Nana.

KI LAPIDIN
Mandor, jawab sing jujur: Sabaraha dibayarna bujang-bujang
kuli kontrak téh?

MANDOR NANA
Emmm... gumantung kana hasil metikna, Ki Lapidin.
Sakilona téh diburuhan sabénggol...

KI LAPIDIN
Ukur sabénggol?! Dasar juragan kumed! Ngeunah wé
meunang bati tina ladang entéh. Ari nu capéna bangsa
kuring, jaba dipelak di lemah cai bangsa kuring. Anjeun
téh saukur numpang di ieu lemah cai. Cik ajénan bangsa
kuring téh!

JURAGAN HOFLAND
Kai Lapidin, saéna mah ayeuna urang ngobrol di lebet

48
rorompok juragan. Engké Kai Lapidin bakal diangkat jadi
hupmandor anu gajihna ageung, dipasihan bumi, jaba tiasa
gaduh nyai-nyai nu gareulis...

KI LAPIDIN
Teu sudi, Hofland! Kuring ayeuna rék indit. Tapi kuring
boga paménta anu daék teu daék kudu ditedunan ku
anjeun, Hofland..

JURAGAN HOFLAND
Sumangga, carioskeun kahoyong Kai Lapidin. Ku juragan
pasti bakal dikabulkeun...

KI LAPIDIN
Mimiti poé isukan, buruh kuli kontrak kudu ditaékeun opat
tikel tina sabénggol. Jadi, sabaraha sakilona buruh metik
téh, Hofland?

JURAGAN HOFLAND
Emmm oké... juragan satuju... jadi... jadi... saketip....

KI LAPIDIN
Inget, Hofland, lamun isukan mayar buruh metik kurang ti
saketip, imah anjeun bakal diduruk, sarta nu nyésa ukur
lebuna, ngarti?

JURAGAN HOFLAND
Ngartos... ngartos....

Ki Lapidin motongkeun bedil anu dicecekel, terus ngaléngkah rék indit,


tapi Susi ujug-ujug lumpat sarta ngahalangan jajalaneun Ki Lapidin.
Susi imut ngagelenyu, népakeun pangrayu, bari némbongkeun
pangawakanna nu jangkung sampulur. Susi ngaléngkah, beuki
deukeut, gap kana taktak Ki Lapidin bari nyarita halon.

SUSI
Hier is het erg koud... leuk je te zien... 34

49
KI LAPIDIN
(sarua nyarita halon) Hanjakalna kuring teu kabita ku awak
anjeun anu geus ledug urut Si Hofland. Kuring kakara ngarti
kunaon beungeut anak anjeun siga Si Hofland. Hampura
kuring noong anjeun. Sumpah, teu kahaja...

Ki Lapidin nyurungkeun awak Susi nepi ka ngajengkang. Saterusna


Ki Lapidin ninggalkeun pakarangan Juragan Hofland. Susi ngahuleng
sajongjonan.

HUPMANDOR HÉNDRIK
Susi, Waaraan denk je? 35

SUSI
(bari molotot) Sssttt... Houd je mond! 36

JURAGAN HOFLAND
Schoft 37 ! Hotperdom! Juragan henteu nampi dihina ku Si Kai
Lapidin! Ayeuna kénéh juragan badé nelepon ka Batavia,
én nuhunkeun dikirim pasukan soldadu kanggo néwak Si
Kai Lapidin.

INSPÉKTUR TONNY
Sakedap, meneer. Kumaha upami dibadamikeun heula
ayeuna? Én teu kénging waka nuhunkeun bantuan ti
Batavia, bilih urang diseungseurikeun. Én mung mayunan
ekstrimis inlander saurang, piraku cenah kedah ngaleutkeun
soldadu ti Batavia.

DEMANG MALIK
Leres, Juragan. Saéna mah urang badanten heula. Juragan
Inspéktur tangtos kagungan rencana nu saé kanggo néwak
Lapidin.

JURAGAN HOFLAND
Inspéktur, ekstrimis nu kedah ditéwak téh sanés saurang,
tapi duaan! Aya hiji deui jalmi tukang ngabangsat, nu dugi
ka ayeuna teu acan katéwak. Ampir sadaya hupmandor,
rorompokna kantos kabangsatan. Leres-leres anéh éta Si

50
bangsat édan téh, kumargi hasil ngabangsatna kalah
dibagikeun ka kuli kontrak sareng urang kampung.
Hotperdom! (ka Mandor Nana) Leres pan kitu, Mandor?

MANDOR NANA
Leres, Juragan. Artos sareng perhiasan emas diponcor-
poncorkeun kana suhunan unggal bédéng. Atuh di
pakampungan ogé sami kitu, diponcor-poncorkeun...
(ngalieuk ka Engkoy)

ENGKOY
Sumuhun, Juragan. Janten ayeuna téh... éta bangsat
disebatna ogé Ki Bangsat Haat...

JURAGAN HOFLAND
Ki Bangsat Haat? Kumaha maksadna éta téh?

ENGKOY
Maksadna mah... emmm... Ki Bangsat nu haat ka rayat...

JURAGAN HOFLAND
Hotperdom! Bangsat mah tetep bangsat, teu kedah
ditambihan ku haat-haatan sagala. (ka Demang Malik) Jadi,
nepi ka ayeuna teu acan aya nu kantos mendakan beungeut
Si Bangsat Édan, Demang?

DEMANG MALIK
Teu acan, Juragan. Nanging abdi mah janten curiga, boa-
boa Si Bangsat téh nya Ki Lapidin téa, Juragan.

JURAGAN HOFLAND
Naon dasarna bet gaduh pamendak kitu, Demang?

DEMANG MALIK
Margi... margi ka bumina Mandor Nana, Si Bangsat
moncorkeun surat kaléng...

JURAGAN HOFLAND
Naon eusina éta surat téh, Mandor? Juragan hoyong terang.

51
MANDOR NANA
(ngodok saku, ngaluarkeun keretas sacewir, tuluy dibaca)
Kieu unina: Héy Nana Mujanat kéhéd! Anjeun teu pantes
jadi mandor kontrak. Mending ogé anjeun ngagabung jeung
Pakumpulan Dogér Nyai Subanglarang, pangalatihkeun
gerakan tari sangkan dogér leuwih dipikaresep ku balaréa.

JURAGAN HOFLAND
Mémangna Nana Mandor tiasa tari?

MANDOR NANA
Sakedik-kedikeun mah tiasa, Juragan, kantos diajarkeun ku
éyang basa jaman kapungkur.

INSPÉKTUR TONNY
Upami kitu mah, mémang aya kamungkinan Si Bangsat téh
sami jeung Si Ki Lapidin. Ékstrimis inlander anu kedah
ditéwak téh mung saurang. Én jadi, saéna ulah waka
nuhunkeun bantosan ka Batavia.

JURAGAN HOFLAND
Upami kitu, kumaha rencana jij ayeuna, Inspéktur?

INSPÉKTUR TONNY
Sateuacan dikawitan, hapunten meneer, saéna awéwé-awéwé
sina arasup heula ka lebet rorompok...

JURAGAN HOFLAND
Oké... Hayo sadaya awéwé asup ka rorompok!

Sakabéh wanoja asup ka jero imah.

DEMANG MALIK
Juragan, saleresna mah jawara-jawara kukutan abdi ogé tiasa
meruhkeun Si Lapidin mah...

INSPÉKTUR TONNY
Ne ne... onzin 38 ! Omong kosong! Wadul!

52
JURAGAN HOFLAND
Ja, jij mung seueur nyarios, Demang. Mana buktosna?
Hotperdom! Si Kalong Édéot malah lumpat! (nyampeurkeun
ka Lalay Badot anu tetep ajeg bari kurang-kerung) Si Badot
Lalay kalah cicing waé. Kunaon jij cicing waé, hah?
Hotperdom!

LALAY BADOT
Saha sia manéh? Geura tuduhkeun ka aing, dimana ayeuna
Nyai Lawati!

Juragan Hofland nampiling pipi kénca Lalay Badot.

JURAGAN HOFLAND
Coba nyarios sakali deui? Piraku soca jij henteu tiasa ningali
kajantenan nembé? Hotperdom!

Juragan Hofland rék nampiling pipi katuhu Lalay Badot, tapi Demang
Malik buru-buru nyampeurkeun.

DEMANG MALIK
Hapunten, Juragan. Si Lalay Badot mah tos ilang saniskara
rasa, ical émutanana. Nu tiasa ngadalikeunna mung Si
Kalong Édéot. Dipiwarang nanaon ogé, pasti nurut ka Si
kalong mah.

JURAGAN HOFLAND
Ah... hotperdom! Si Kalong pengecut! Kalah kabur ningali
Si Kai Lapidin!

DEMANG MALIK
Numawi ieu téh rada bingung, Juragan. Si Kalong mah dina
kaayaan kumaha ogé teu acan kantos mundur sasiku ngejat
satunjang béas. Pasti aya nanaon matak tadi lumpat téh!

Kalong Édéot norojol bari rénghap-ranjug.

53
KALONG ÉDÉOT
Mana Si Lapidin?

INSPÉKTUR TONNY
Dom inlander! Onzin! Kué orang mung balaga. Ari Si Lapidin
tos teu aya, nembé wani sumping.

JURAGAN HOFLAND
Muhun, jij pengecut Édéot Kalong! Hotperdom!

KALONG ÉDÉOT
Hapunten, Juragan. Tadi téh sanés badé kabur, nanging
kakantun jimat. Upami éta jimat kakantun, abdi bakal kawon
ngadu jajatén sareng Si Lapidin.

JURAGAN HOFLAND
Jimat? Jimat naon maksud jij, Édéot Kalong?

KALONG ÉDÉOT
Ieu téh jimat kanggo ngadalikeun Si Lalay Badot (némbong-
keun cingcin dina ramo kénca). Namina Mustika Soca
Ludira, warisan karajaan Galuh. Ieu mustika téh kagungan
Prabu Sri Permana Dikusumah anu dititipkeun ka Arya
Tamperan basa Prabu Sri Permana tatapa ka Gunung Padang.
Watekna ieu cingcin, tiasa nyalin jinis atanapi ngarobih
wujud sakumaha kahoyong anu nganggona. Kapungkur
ogé, Déwi Naganingrum sareng Déwi Pangrenyep kantos
kabobodo ténjo ku Arya Tamperan.

INSPÉKTUR TONNY
Upami hubunganana sareng Si Lalay Badot, palih mana,
Kalong?

KALONG ÉDÉOT
Otak Si Lalay Badot téh parantos ngajeprét, dugi ka hilap
ka temah wadi. Anjeunna kagégéloan ku Nyai Lawati urang
Ciméndong, anu ayeuna tos jadi geureuhana juragan
kawasa perkebunan kopi, nyaéta Juragan Van De Cock. Si

54
Lalay mah parantos sirna ing saniskara rasa, leungit wiati
pikir, kajaba nu manteng téh émutan ka Nyai Lawati.

INSPÉKTUR TONNY
Kumaha hubunganna, Kalong? Én singkat wé atuh
nyariosna!

KALONG ÉDÉOT
Jadi, kuring kedah ngarobih wujud jadi Nyai Lawati ku
ngagunakeun kasaktén cingcin soca ludira. Upami kuring
tos ngawujud Nyai Lawati, Si Lalay Badot bakal nurut kana
naon waé paréntah kuring. Mung Si Lalay Badot nu tiasa
ngéléhkeun Si Lapidin.

MANDOR NANA
Kélanan, Kalong, sakanyaho kuring mah nu ngaranna
Mustika Soca Ludira téh pakarangna Arjuna dina carita
pawayangan. Watekna éta mustika, bisa nembus ningali ka
tempat nu anggang. Ulah sok ngarang, Kalong!

KALONG ÉDÉOT
Enya, bener, dina carita pawayangan kacaturkeun aya
mustika soca ludira. Mémangna teu meunang lamun
ngaranana sarua? Ngaran Nana ogé apan sakitu riabna.

JURAGAN HOFLAND
Édéot Kalong, jij ayeuna henteu kedah ngadalang baé. Én
geura buktoskeun baé ku jij, kumaha kasaktian Ludira Soca
téh. Juragan hoyong ningali ku soca juragan nyalira....

INSPÉKTUR TONNY
Ja, sok geura buktikeun upami kué orang leres gaduh jimat.

DEMANG MALIK
Sok buru, Kalong, geura buktikeun! Omat ulah ngérakeun
kuring. ..

KALONG ÉDÉOT
Sumangga, juragan...

55
Kalong Édéot menekung meureumkeun panon, bari
mindahkeun cingcin soca ludira tina ramo kénca kana ramo
katuhu.

KALONG ÉDÉOT
Nun para karuhun di kalér, kidul, kulon, wétan, luhur,
handap, luar, jero, nu pageuh ngageugeuh puseur dayeuh
bari tara reureuh komo reuneuh najan baraseuh. Careuh...
careuh... sieuh... sing seubeuh ku daging bueuk. Careuh...
careuhh... careuuuhhh... bueuuukkk sing deudeuh ka
beubeureuh. Juragan Hofland kadeudeuh careuh, Inspéktur
Tonny kadeudeuh bueuk, Hupmandor Héndrik kadeudeuh
careuh, Mandor Nana kadeudeuh careuh, sadayana
kadeudeuh careuh, kajaba ieu yeuh (nepak dadana). Ieu
mah lain kadeudeuh careuh, tapi ieu mah raga Nyai Lawati.
Saciduh metu saucap nyata: Nyai Lawati!!!

Kabéhanana ngaranjug bari ngagisikann panon, sabab wujud Kalong


Édéot bet katingalina siga wanoja geulis tanding widadari.

JURARAGAN HOFLAND
(Ka Kalong Édéot) Jij geulis pisan... saha nami jij?

KALONG ÉDÉOT
Lawati, Juragan...

Lalay Badot ngaranjug, rét ka Kalong Édéot.

LALAY BADOT
Lawati! Ieu akang, Lawati... hayu urang maheutkeun cinta
urang, Lawati. Naon baé nu ngahalangan, bakal diancur-
keun ku akang, asmana cinta nu ngagalura ti 19 taun
ka pengk er...

KALONG ÉDÉOT
Sabar, Kakang Lalay. Urang pasti bakal unggah ka balé
nyungcung sakumaha cita-cita urang kapungkur. Tapi...

56
ayeuna téh aya kénéh nu ngahalangan kana kahayang
urang...

LALAY BADOT
Saha, Lawati? Sebutkeun ngaranna! Rék digendir nepi ka
jadi dahdir? Saha mangkelukna anu wani-wani ngahalangan
cinta urang nu suci, Lawati?

KALONG ÉDÉOT
Mangga, cepeng taktak abdi, Kang Lalay. Engké sukma
sareng sukma nu bakal cumarita...

Lalay Badot nyepeng taktak Kalong Édéot, tuluy neuteup


panon Kalong Édéot kalayan anteb.

LALAY BADOT
Si Lapidin? Si Lapidin?! Si Lapidin anu ngahalangan cinta
urang téh?

KALONG ÉDÉOT
Sumuhun, Kang Lalay...

Kalong Édéot ngaleupaskeun leungeun Lalay Badot, terus mindahkeun


deui cingcin kana ramo kénca. Kabéhananana ngaranjug, sabab wujud
Nyai Lawati kacirina robah deui jadi Kalong Édéot.

KALONG ÉDÉOT
Juragan, dina pikiran Si Lalay Badot mung aya Si Lapidin.
Manéhna tos uningaeun rupa katut tangtungan Si Lapidin.
Jadi, upami Si Lalay pendak sareng Si Lapidin, tangtu bakal
langsung digendir.

Juragan Hofland unggut-unggutan bari merhatikeun cingcin soca


ludira.

JURAGAN HOFLAND
Édéot Kalong, upami éta cingcin dianggo ku juragan, naha
bakal matih?

57
KALONG ÉDÉOT
Tangtos wé, Juragan. Nu penting mah juragan tiasa maca
jajampéanana...

JURAGAN HOFLAND
Ha ha ha... juragan bingah pisan. Hartosna juragan tiasa
robah wujud jadi Si Lapidin. Upami juragan tos robih jadi
Si Lapidin, juragan tiasa nyandak Nyai Karsinah ka dieu,
sareng tiasa ngaboboan Nyai Karsinah...ha ha ha...

KALONG ÉDÉOT
Tangtos wé tiasa pisan, Juragan.

JURAGAN HOFLAND
Upami kitu, pasihan nambut juragan éta mustika ludira soca.
Sakantenan juragan pangajarkeun babacaanana...

KALONG ÉDÉOT
Mangga juragan... (mikeun cingcin soca ludira) ieu anggo
heula dina ramo palih kénca. Engké upami badé robih
wujud, alihkeun kana ramo palih katuhu. (ngodok keretas
sacewir) Ieu babacaanna, Juragan. Tah, anu titik-titik téh
maksadna kanggo nyebatkeun nami jalmi anu dimaksad.
Upamina Juragan hoyong robih wujud janten Si Lapidin,
kantun sebat nami Si Lapidin bari bayangkeun dedeganna...

JURAGAN HOFLAND
Oh, gampil pisan, Kalong, én juragan pasti bakal tiasa...

KALONG ÉDÉOT
Mangga bilih ayeuna badé dipecakan, Juragan. Robih
wujudna janten saha wé heula sakohoyong juragan.

JURAGAN HOFLAND
(mindahkeun cingcin soca ludira tina ramo kénca kana ramo
katuhu, bari gegerenyeman maca tulisan dina keretas
sacewir) Nun para karuhun di kalér, én kidul, én kulon, én
wétan, én luhur, én handap, én luar, én jero, nu pageuh

58
ngageugeuh puseur dayeuh bari tara reureuh komo
reuneuh najan baraseuh. Careuh... careuh... sieuh... sing
seubeuh ku daging bueuk. Careuh... careuhh... ca-
reuuuhhh... bueuuukkk sing deudeuh ka beubeureuh.
Juragan Hofland kadeudeuh careuh, én Inspéktur Tonny
kadeudeuh bueuk, én Hupmandor Héndrik kadeudeuh
careuh, én Mandor Nana kadeudeuh careuh, én sadayana
kadeudeuh careuh, kajaba ieu yeuh (nepak dadana). Ieu
mah lain kadeudeuh careuh, tapi ieu mah raga Kai Lapidin.
Saciduh metu saucap nyata: Kai Lapidin!!!

Saréréa gigisik bari nelek-nelek Juragan Hofland

JURAGAN HOFLAND
Ha ha ha...! Karsinah Nyai pasti bakal kersa ka...

Teu kebat nyaritana, sabab ngan sakilat Lalay Badot nyebrut narajang
Juragan Hofland bari ngamang-ngamang ngagendir. Suku Lalay
Badot nincak awak Mantri Pulisi Yono. Mantri Pulisi Yono ngoréjat,
terus gigisik. Rét ka Lalay Badot, rét ka Juragan Hofland (kacirina
siga Ki Lapidin).

LALAY BADOT
Modar sia manéh, Lapidin! Manéh bet kumawani ngaha-
langan cinta sajati kuring jeung Nyai Lawati! Modar
siaaahhh! Sia manéh ulah sambat kaniaya.

KALONG ÉDÉOT
(nepak tarang) Aya ku poho-poho teuing! Kadé Si Lalay ulah
dileupaskeun! (ka Juragan Hofland) Juragan, énggal
alihkeun deui cingcinna. Itu Si Lalay moal katahan
ngamukna !

Juragan Hofland rék mindahkeun cingcinna, tapi teu kebat lantaran


Mantri Pulisi Yono narajang. Jekuk, neunggel beuteung Juragan
Hofland.

MANTRI PULISI YONO

59
Manéh pasti geus taluk ku Si Lalay Badot, Lapidin! Matakna
ulah wani-wani ngalawan kompeni!

INSPÉKTUR TONNY
(Nakol sirah Mantri Pulisi Yono ku iteuk komando) Jij
belegug pisan! Ieu téh Meneer Hofland, nyaho!

Mantri Pulisi Yono ngahuleng bari ningalikeun Juragan Hofland anu


mindahkeun cingcin kana ramo kénca. Wujudna Juragan Hofland
robah deui ka asal. Lalay Badot anu keur direjengan ku saréréa
ngadadak eueun ngamukna.

JURAGAN HOFLAND
Hotperdom! Dasar Mantri Pulisi goblog! (ngagambpleng
pipi Mantri Pulisi Yono) Dasar Si Badot Lalay goblog!

KALONG ÉDÉOT
Punten, juragan. Apan dina pikiran Si Lalay mah mung aya
Si Lapidin anu kedah dibinasakeun...

Sora ucing ti jero imah, dituturkeun ku sora awéwé tingkocéak di


jero imah Juragan Hofland, teu lila panto muka, tingburiak kalaluar
Icih, Suniar, Enung, Susi, Engkoy, jeung Mevrouw Hofland anu
saukur disasamping anduk.

ICIH, SUNIAR, ENUNG, SUSI, ENGKOY, MEVROUW


HOFLAND
Bangsaaat...! Bangsaaat...! Bangsaaat...!

Inspéktur Tonny, Mantri Pulisi Yono, para soldadu, jeung pulisi,


lalumpat muru ka jero imah. Ari Kalong Édéot mah lumpatna
nyalingker ka gigireun imah.

JURAGAN HOFLAND
Hotperdom! Kunaon jij mung nganggo anduk? Naha jij aya
nu merperkosa?

MEVROUW HOFLAND
Henteu... Tadi ik nembé bérés ngeueum dina bak nganggo

60
cai haneut, teras aya bangsat ka kamar. Sadaya perhiasan
sareng artos wij dibangsat.

JURAGAN HOFLAND
Tapi... leres jij henteu diperkosa?

JURAGAN HOFLAND
Henteu! Bangsat mah mung nyandak artos sareng perhiasan
wij.

JURAGAN HOFLAND
Hotperdom!

Inspéktur Tonny, Mantri Pulisi Yono, para soldadu, jeung pulisi,


kaluar ti jero imah.

JURAGAN HOFLAND
Mana éta Si bangsatna, Inspéktur?

INSPÉKTUR TONNY
Si bangsat parantos kabur. Tapi tenang, meneer. Ayeuna
kénéh ik bakal néwak éta si bangsat! Wij blijven vanavond niet
slapen. ..39

Torojol Kalong Édéot bari ingkud-ingkudan. Beungeutna bariru, tapak


diteunggeulan.

JURAGAN HOFLAND
Ku naon ari jij, Édéot Kalong?

KALONG ÉDÉOT
Juragan, tadi téh bangsatna ampir katéwak. Kuring galungan
jeung si bangsat, tapi hanjakal ari tarung malem Ahad téh
kuring mah sok apes. Kuring katétér jajatén. Tapi...

DEMANG MALIK
Tapi kumaha, Kalong?

61
KALONG ÉDÉOT
Ayeuna mah parantos écés... bangsat nu salami ieu dipilarian
téh taya sanés: Si Lapidin. Dina hiji kasempetan, kuring bisa
muka teregos Si Bangsat. Écés pisan... moal salah deui,
bangsat téh Si Lapidin.

Juragan Hofland jeung Inspéktur Tonny unggut-unggutan, tuluy silih


teuteup.

JURAGAN HOFLAND
Kumaha rencana jij, Inspéktur?

INSPÉKTUR TONNY
Ayeuna mah urang culik baé sadaya anggota pakumpulan
Dogér Nyai Subanglarang kanggo didamel tawanan.
Saterasna, urang téwak Si Lapidin! Si Lapidin kedah
diancam, saupamina wantun ngalawan ka kompeni, para
tawanan sadayana bakal dimaotan

JURAGAN HOFLAND
Upami kitu, sok atuh laksanakeun. Nu sanésna mah bubar
ba é...

INSPÉKTUR TONNY
Siap, meneer!

Inspéktur Tonny, Mantri Pulisi, para soldadu, jeung pulisi,


ninggalkeun éta patempatan.
DEMANG MALIK

Juragan, abdi ogé badé mios ayeuna!


JURAGAN HOFLAND
Oke, Si Lapidin kudu kacerek, Demang!

KALONG ÉDÉOT
Punten, Juragan... cingcin soca ludirana badé dianggo heula,
supados gampil néwakan anggota pakumpulan dogér

62
sareng Si Lapidin.

JURAGAN HOFLAND
Mangga, candak wé. Namung engké juragan badé nambut,
Kalong.

KALONG ÉDÉOT
Oh, gampil juragan. Tenang wé, pokona badé digaleuh ku
juragan ogé tiasa.

Demang Malik saterusna ninggalkeun éta patempatan, diiringkeun


ku Icih, Suniar, Enung, Kalong Édéot, jeung Lalay Badot.

HUPMANDOR HÉNDRIK
Meneer, ik ogé badé amitan.

JURAGAN HOFLAND
Mangga, tapi tong hilap wartoskeun ka sadaya kulisi-kulisi
kontrak, supados langkung giat ngajaga kaamanan di
perkebunan.

SUSI
Tot ziens! 40

JURAGAN HOFLAND
Oké, Susi, Goede nacht! 41

Hupmandor Héndrik, Mandor Nana, Susi, jeung Engkoy


ninggalkeun éta patempatan.

JURAGAN HOFLAND
Jij yakin, tadi henteu diperkosa ku Si Lapidin bangsat?

MEVROUW HOFLAND
Henteu. Sumpahhh...

63
Juragan Hofland jeung Mevrouw Hoflan ngaléngkah ka lawang
panto, terus asup ka jero imah. Panto imah ditutup. Lampu reup-
reupan poék.

BABAK II
Pabeubeurang di buruan hiji imah, tempat ngumpulna pakumpulan
dogér. Éta imah nyanghareup ka jalan liliwatan urang pakampungan.
Aya plang dijieun tina triplék, dipasang dina tihang awi, anu unina:
PAKOEMPOELAN DOGÉR NJAI SOEBANGLARANG, ASOEH-
AN KI LAPIDIN.
Ajang jeung Akob keur ngawangkong bari ngabenerkeun kendang
jeung goong. Sakapeung dicobaan ditabeuh, didédéngékeun sorana,
terus ditakolan, patémbalan. Ajang ngoméan kendang, Akob ngoméan
goong.

AJANG
Kunaon wanci kieu can daratang waé nya? Tara-tara ti
sasarina bet tarelat...

AKOB
Enya, padahal ari bagéan babagi hasil téh biasana mah sok
pa subuh-subuh.

AJANG
Ki Lapidin ogé biaasana sok datang rebun-rebun kénéh...

Kalalar aya nu ngaliwat, Nini Rukmi jeung Aki Sahir. Pasemonna


marahmay semu nu bungah naker.

AKI SAHIR
Alhamdulillah, Ninina, cacak lamun euweuh duit ragrag ti
langit mah, aéh.... ti lalangit maksud téh, urang téh apan
geus henteu kabeuli béas-béas acan...

64
NINI RUKMI
Bener, Akina, meni hayang panggih jeung Ki Bangsat Haat
téh. Rék digabrug ku nini mah, rék nganuhunkeun geus
diponcoran duit...

AJANG
Wah... Si Aki sigana meunang rejeki ti langit...

AKI SAHIR
Bener, sujang, tadi peuting aya nu moncorkeun deui duit
kana lalangit. Moal salah, pasti Ki Bangsat hébat nu haat ka
rayat. Kahayang mah unggal peuting atuh bangsa Walanda
téh aya nu kapalingan. Sabab, lamun aya urang Walanda
kapalingan, pasti sok aya duit ragrag ti lalangit...

AKOB
Sukur Alhamdulillah atuh, Ki. Rék dibalanjakeun ayeuna nya?

AKI SAHIR
Enya, sujang... Nini téh di imah geus euweuh béas-béas
acan. Tadina mah rék puasa meunang dua poé mah...
AKOB
Sok atuh Aki, bisi kaburu beurang teuing...

NINI RUKMI
Punten atuh, sujang, nini ngiring ngalangkung...

AJANG
Mangga, Nini... kadé di jalanna sing ati-ati.

Aki Sahir jeung Nini Rukmi ninggalkeun éta patempatan.

AJANG
Teu kaharti kuring mah, nanahaonan ngabangsat ari hasilna
kalah dibagikeun mah...

AKOB
His... justru éta bangsat téh leuwih mulya batan urang.
Urang mah pimanaeun teuing bisa barang-béré ka rayat.

65
Kuring milu bungah, Alhamdulillah aya kénéh jalma anu titén
kana nasib bangsa urang. Duh, bener-bener Ki Bangsat Haat,
bangsat nu hébat tur haat ka rayat...

AJANG
Tapi pan ari ladang tina ngabangsat mah haraaam...

AKOB
Saha heula anu dibangsatna? Ari ngabangsat ka kompeni
mah ngaranana wanian. Geus puguh kompeni téh sakitu
biadabna ngakaya ka bangsa urang, meres késang bangsa
urang, ngarampogan hasil tatanén bangsa urang. Keun wé,
da anu dibangsatna ogé harta-banda anu kuduna diajang-
keun keur rayat ieuh...

AJANG
Ari silaing kungsi kawénéhan meunang jatah ti Ki Bangsat
Haat téh?

AKOB
Nyaéta tacan kungsi kuring mah. Hébatna Ki Bangsat Haat
téh, manéhna mah bisa nyahoeun mana jalma anu bener-
bener karerepet jeung mana anu teu pati butuh bantuan.

AJANG
Lamun kitu, aya kamungkinan Ki Bangsat Haat téh lain
urang jauh, pasti urang dieu. Tapi... saha nya?

AKOB
Teuing atuh, kuring ogé mani hayang nyaho. Rék dijieun
guru mun pareng papanggih mah...

Teu lila, kalalar-kalalar sababaraha urang pangeusi kampung anu


rata-rata umurna geus tengah tuwuh, ngaliwat bari ocrak semu
bungah pisan. Aya nu bari ngitung duit, aya ogé nu bari némbong-
némbong perhiasan emas. Diantarana aya Ceu Konéng, Mang
Djatma, Ceu Djuwi, jeung Aki Amanta.

66
CEU KONÉNG
Nuhuuuun, Ki Bangsat Haat... Nuhuuuun pisan... katampi
pisan kanyaah ti anjeun. Mugia anjeun sing meunang
ganjaran nu rongkah ti Gusti Alloh...amiiin.

MANG DJATMA
(bari ngilikan emas) Aya sigana sagram atawa dua gram mah
ieu emas téh... Alhamdulillah... bakal katebus kebon téh ana
kieu mah...

CEU DJUWI
(ngagandong budakna) Alhamdulillah Ujang, ayeuna mah
jadi disundatan téh. Nuhun pisan Ki Bangsat Haat ...
nuhuuuun....

AKI AMANTA
(bari ngéhkéh batuk, nanya ka Ajang jeung Akob) Jang, ari
imahna Lebé Djadjas téh beulah mana? Aya ku poho-poho
teuing jalanna, padahal kakara kamari ka imahna téh,
maklum ari geus kolot....

AJANG
Na saha anu maot, Ki?

AKI AMANTA
His, lain aya nu maot, Sujang. Sok nyanyahoanan baé silaing
mah. Aki téh rék ngawinkeun incu aki, Si Ajay. Alhamdulillah
Gusti, tadi peuting aya nu moncorkeun duit, mahi keur
ipekah-ipekah baé mah. Geus aya kana sabulanna incu aki
kagegeringan hayang kawin jeung Nyi Arina. Maké jeung
ngancam rék ngunclungkeun karep lamun teu ditedunan
téh...

AKOB
Ké, ké, nu mana téa Si Ajay téh, Ki?

AJANG
Éta... anu harita kungsi ngagaéng hayang jadi soldadu
angkatan laut...

67
AKI AMANTA
Enya, bener, geuningan harita téh nepi ka naék kana
suhunan, jojorowokan hayang jadi soldadu angkatan laut.
Ari kahayangna mah gedé, tapi teu bisa ngojay-ngojay acan.

AKOB
Padahal mah jeujeuhkeun atuh, Ki. Perkara éta Si Ajay
henteu bisaeun ngojay, teu matak jadi pasualan. Apan
soldadu angkatan udara ogé henteu barisaeun hiber...
AKI AMANTA

Yééh ari Si Sujang, kalah ngalér-ngidul kamana karep ditanya ku


kolot téh. Ka mana jalanna ari imah Lebé Dadjas?

AJANG
Ti dieu mah terus wé ngulon, Ki. Engké mun aki tos
manggih pertélon, aki méngkol ka kénca, terus wé mapay
galengan nepi ka manggih tampian. Ti dinya mah kaciri aya
imah anu cétna warna bulao. Ngan kadé wé di galengan
téh sok aya oray...

AKI AMANTA
(bari ngaléos) Lah, aki teu sieun ku oray ari demi
merjoangkeun incu mah. Tong boroning oray, najan maung
ngamuk gajah meta ogé bakal disanghareupan ku aki mah.
Nuhun, sujang. (ngagoak bari ngaranjug) Wadawww... naon
éta nu ngarayap?

AJANG
Titinggi, Ki.

AKI AMANTA
Hih... mani reuwas, sugan téh oray...

Aki Amanta geus ninggalkeun éta patempatan. Kurunyung Ki Lapidin


semu nu bingung.

68
KI LAPIDIN
Assalammu’alaikum...

AJANG & AKOB


Wa’alaikum salam warohmatullohi wabarakatuh...

AJANG
Dupi... dupi nu sanésna kamarana nya? Teu acan aya nu
sumping da...

KI LAPIDIN
Nyaéta atuh... kuring ogé ieu téh bingung.

AKOB
Bingung kumaha maksadna? Mani asa rareuwas kieu
emang mah...

KI LAPIDIN
Mimitina mah kuring téh nyampeur ka imah Mang Épul,
pédah wé imahna kaliwatan. Ari pék téh pamajikanna kalah
kerung, majarkeun téh geus disampeur ku kuring ti wanci
Subuh mula. Kapan kuring téh sidik kakara indit ti imah ...

AJANG
La jen g?
KI LAPIDIN
Panasaran kuring téh, disampeuran wé hiji-hiji. Tapi kalah
beuki hémeng, lantaran kabéhanana ogé geus disampeur
ku kuring cenah...

AJANG
Kalebet Nyai Karsinah?

KI LAPIDIN
Enya, malah Nyai Karsinah mah disampeurna téh ti
saméméh Subuh.

AJANG
Disampeur ku saha?

69
KI LAPIDIN
Hih, nu matak ceuk indungna mah disampeur ku kuring.
Tapi pan kuring mah teu rumasa...

AKOB
Boa-boa aya dedemit nu nyalin jinis janten Ki Lapidin

KI LAPIDIN
Pamohalan ari dedemit mah. Kuring teu boga urusan jeung
dedemit. Jadi, dedemit ogé tara pipilueun kana urusan
kuring. ..

AJANG
Janten, kumaha atuh ayeuna?

KI LAPIDIN
Kuring yakin, saréréa geus kabobodo ténjo, kasamaran
tingal. Tapi lain ku dedemit. Ieu mah sigana masih kénéh
pagawéan manusa. Manusa nu niat codéka. Ké... mending
geuning Mang Ajang jeung Mang Akob euweuh nu
nyamp eur?

AJANG
Da kuring sareng Mang Ajang mah teu mondok di
rorompok. Tadi wengi téh ngaronda, dugi ka kapulesan di
pos ronda. Barang beunta téh tos cararaang... netepan Subuh
ogé kalangkung.

AKOB
Mang Ajang nu kaliwat mah, da kuring mah solat heula,
tuluy saré deui...

KI LAPIDIN
His... kadé ulah sakali-kali deui teu solat Subuh. Wajib
hu kumn a!

AJANG
Mangga, InsyaAlloh, moal sakali-kali deui ...

70
KI LAPIDIN
Ayeuna kuring rék menekung di panyepian. Rék ngadu’a
muntang ka Nu Maha Kawasa, susuganan manggih pituduh
jalan. Ngan wayahna, salila kuring di panyepian, ulah aya
nu ngaganggu.

AJANG & AKOB


Mangga, tangtos diéstokeun pisan...

Ki Lapidin ninggalkeun éta patempatan. Ajang jeung Akob


silih teuteup bari sarua ngemu kabingung.

AJANG
Tétéla masih kénéh aya jalma nu boga élmu mancala putra-
mancala putri. Kumaha teuing nasib dulur-dulur urang?

AKOB
Nyaaa... ayeuna mah urang papada ngadu’a wé... muga-
muga saréréa aya dina kasalametan...

Torojol Susi, Suniar, jeung Enung, lumpat bangun rurusuhan muru


ka Akob jeung Ajang.

S UN IA R
Assalammu’alaikum, Mang...

AJANG & AKOB


Wa’alaikumsalam warohmatullohi wabarokatuh...

ENUNG
(bari rénghap-ranjug) Mang... dupi... Ki Lapidin dimana?

AJANG
Ké, ké... tenang, reureuhkeun heula, ulah tagiwur kitu, Bu
Demang, Ibu Hupmandor.

SUSI
Mang, ik kedah énggal-énggal nyarios ka Ki Lapidin, én aya

71
hal penting anu kedah didugikeun ka Ki Lapidin.

Akob jeung Ajang silih pelong. Ajang gideug, méré isarat ulah
ngabéjakeun tempat Ki Lapidin.

AKOB
Ibu Hupmandor, kaleresan Ki Lapidin henteu aya didieu.
Manawi tiasa talatah ka emang, mangga waé engké ku
emang badé didugikeun ka Ki Lapidin...

S UN IA R
Mang... kuring téh kedahna mah nyarios langsung ka Ki
Lapidin, margi ieu téh patali sareng kasalametan Nyai
Karsinah saparakanca...

Akob jeung Ajang ngagebeg. Akob rék ningalkeun éta patempatan,


tapi pigeulang leungeunna dibetot ku Ajang.

AJANG
Bu Demang... mangga carioskeun baé ka emang. Upami
pasualanna aya patali sareng para dogér katut nayaga
Pakumpulan “Nyai Subanglarang”, tangtos emang ogé
kedah terang...

Suniar melong ka Susi jeung Enung. Saterusna Susi jeung Enung


unggeuk.

S UN IA R
Kieu, mang... Nyai Karsinah téh...

Teu kebat nyaritana, sabab kaburu aya nu datang. Nyaéta Demang


Malik, Kalong Édéot, jeung Lalay Badot.

DEMANG MALIK
Dasar ungkluk-ungkluk teu boga ajén diri! Maranéh rék
hianat ka salaki, hah?! Maranéh hayang jadi dogér, ungkluk?
Dasar tukang nyolowédor siah! Suniar, Enung! Kadieu siah,

72
ungkluk-ungkluk!

Suniar jeung Enung ngaranjug bari ngeleper, teu wani usik nyampeur-
keun Demang Malik. Antukna Demang Malik nyampeurkeun, terus
ngajéwang leungeun Suniar jeung Enung nepi ka ngaludupruk.
Ceprét! Ceprét! Dirangkétan saurang-saurang.

ENUNG
Ampun, Kang... Ampuuun...

S UN IA R
Aduuuhhhh...

DEMANG MALIK
(Bari ngarangkétan pamajikanana) Maranéh geus kumawani
biluk ka musuh! Maranéh rék ngalawan kompeni? Moal aya
nu bisa ngéléhkeun kompeni siah!

Suniar jeung Enung ukur bisa jejeritan nahan kanyeri, saterusna ceurik
balilihan. Keur kitu, jebul Aki Amanta jeung Lebé Djadas, leumpang
patutur-tutur. Lebé Djadjas leumpangna bari nyepeng iteuk, sabab
panonna geus lamur, loba ngatog.

AKI AMANTA
Aéh... aéh... nanaonan sujang éta awéwé disiksa? Naha mani
teu watir-watireun?

DEMANG MALIK
Tong loba ngabacot aki-aki tujuh mulud! Nyingkah siah!

Lebé Djadjas leumpangna ngatog ka lebah Demang Malik.

LEBÉ DJADJAS
(Bari ngarampaan sirah jeung awak Demang Malik) Ieu
calon pangantén lalakina, Amanta? Siga geus aya umuran
geuning? Pasti geus lain bujang nya, béda rénghapna... Ari
calon pangantén awéwéna nu mana ieu téh?

73
DEMANG MALIK
(Ngépéskeun leungeun Lebé Djadjas) Aéh, aéh... nanahaon-
an ieu téh Aki-aki bangkawarah?! Nyingkah! Nyingkah!
(bari nyuntrungkeun Lebé Djadjas nepi ka ngagebru
nangkuban)

LEBÉ DJADJAS
Astaghfirulloh ... saumur nyunyuhun hulu, asa kakara ayeuna
manggih calon pangantén siga kieu...

AKI AMANTA
His, lain ieu calon panganténna mah, Bah. Hayu buru-buru
indit. Ieu mah jalma barurung wungkul ...

DEMANG MALIK
Naon? Jalma burung? Ngahina siah ka demang? Cucungah
pisan aki-aki bau taneuh téh! (ka Kalong Édéot) Kalong,
podaran sakalian duanana éta aki-aki téh!

KALONG ÉDÉOT
Bérés, Juragan.

Kalong édéot rék ngaléngkah bari mesat bedog, tapi Enung buru-
buru nguniang, tuluy ngahalangan léngkahna Kalong Édéot.

ENUNG
Teu kénging, Kalong... Teu kénging ngarogahala jalmi nu
teu gaduh dosa. Mangga abdi baé badé dipaéhan mah ...
rido... rido lillahita’ala...

Kalong Édéot ngalieuk ka Demang Malik. Anu dilieuk


langsung unggeuk. Teu antaparah deui, gabres, bedog
Kalong Édéot ditubleskeun kana beuteung Enung.

ENUNG
Aaaakhhh... Allohu Akbar... Aki... énggal geura angkat, Ki...

Aki Amanta jeung Lebé Djadjas indit rurusuhan. Suniar ngagabrug


layon Enung.

74
S UN IA R
Ceuceuuu! Ceuceu...! (ceurik balilihan)

SUSI
Jij biadab, demang! Kalong Édéot hond 42 !

DEMANG MALIK
Mevrouw Héndrik, naha jij kalah ngabéla musuh?

Bari nyarita téh, Demang Malik ngadeukeutan Susi, tuluy nyawél


gado Susi. Leungeun Demang Malik diképéskeun, tuluy diciduhan.

SUSI
Demang hond! Ayeuna ik tos sadar, kompeni téh penjajah. Ik
karunya ningali bangsa jij anu disiksa. Naha jij henteu
karunya?

Demang Malik langsung ngarangkét Susi. Suniar cengkat, tuluy


ngahalangan Susi, bari nyurungkeun awak Susi sina ngajauhan.
Antukna Demang Malik ngarangkét Suniar.
Akob ngenyang leungeun Susi, terus ngaharéwos ka Susi. Susi
unggeuk, tuluy lumpat ninggalkeun éta patempatan.

DEMANG MALIK
(bari ngarangkét Suniar) Kalong, podaran Si Suniar!

Kalong Édéot ngaléngkah ka lebah Suniar, rék ngaheumbatkeun


bedogna, tapi teu kebat lantaran Akob ngagorowok.

AKOB
Ké heula, Kalong! Anjeun téh ari rupa mah manusa. Tapi
kunaon telengesna leuwih-leuwih ti sato?

DEMANG MALIK
Teu kudu pipilueun urusan rumahtangga batur, bangka-
warah! Anjeun ogé sakeudeung deui bakal ngalaman nasib

75
nu sarupa!

AKOB
Kuring lain pipilueun urusan rumahtangga anjeun, Ki
Demang. Tapi tindakan anjeun geus kaleuleuwihi. Lamun
anjeun geus teu suka ka nu jadi pamajikan, mending kénéh
serahkeun batan ditelasan pati. (Ngagorowok ka Suniar)
Nyai, kadieu!

Suniar cengkat, tuluy lumpat ka lebah Akob, nyumput tukangeun


Akob. Kalong Édéot ngudag, tapi Akob buru-buru ngahalangan
Kalong Édéot. Akob rék ngaheumbatkeun teunggeulan ka Kalong
Édéot, tapi kaburu kapiheulaan ditunggel beuteungna ku bedog Kalong
Édéot. Suniar lumpat ka deukeut Ajang.
Demang Malik ngaléngkah ka lebah Suniar jeung Ajang, anu undur-
unduran dibarung rasa kasieun.

DEMANG MALIK
Ku maranéh geus kasaksian, yén kuring moal asa-asa
maéhan jalma anu coba-coba ngahiantat ka kompeni.
Sanajan pamajikan, kuring teu paduli. Pokona sing saha nu
wani ngalawan kompeni, nasibna sarua bakal ngajajapang
ngajampana bugang. Ku kituna, kuring ayeuna rék nanya
ka anjeun: mana Si Lapidin? Hayoh jawab!

AJANG
Du... duka... teu terang... Gan...

DEMANG MALIK
(bari ngarangkét Ajang jeung Suniar piligenti) Tong
ngabohong siah! Hayoh jawab! Dimana Si Lapidin tukang
maling?!

AJANG
(bari nahan kanyeri) ampuuun, Gan.... Teu terang...

DEMANG MALIK
Jawab!!!

76
Keur kitu, torojol Ki Lapidin dituturkeun ku Susi.
KI LAPIDIN
(Ngusap beungeut) Astaghfirulohaladziimm!

Ki Lapidin ngajorélat, bari ngan sakilat narajang Demang Malik,


ditinggang dadana nepi ka Demang Malik ngadayagdag sarta
ngagubrag.

DEMANG MALIK
Adaaaw... Tulung Lalay! Itu Si Lapidin paéhan! Paéhan Si
Lapidin!

Lalay Badot curinghak. Rét ka Ki Lapidin. Sérépét maju bari


ngamangkeun gegendir. Jebrod! Jebrod! Ki Lapidin dicehcer ku
gegendir Lalay Badot. Ki Lapidin ngabangkieung.

DEMANG MALIK
Ha ha ha...! Rasakeun siah Lapidin! Najan manéh henteu
teurak ku bedil, tapi manéh moal kuat ngalawan gegendir
Si Lalay Badot! Hayoh terus, Lalay! Podaran Si Lapidin!

Lalay Badot hantem ngamangkeun gegendirna. Ki Lapidin babalicetan


nyingkahan panarajang Lalay Badot.

LALAY BADOT
(Bari ngudag-ngudag Ki Lapidin) Sia manéh jalma teu boga
ras-rasan, Lapidin! Naon dosa aing ka Sia manéh, Lapidin?
Naon dosa aing nepi ka Sia manéh téga ngahalang-halang
cinta suci aing ka Nyai Lawati! Aing deudeuh pisan ka Nyai
Lawati! Aing bogoh pisan! Nyaah pisan! Moal aya nu bisa
ngahalangan niat aing pikeun rarabi jeung Nyai Lawati!
Bangkawarah Sia manéh Lapidin!

Ki Lapidin manggih kasempetan néwak leungeun Lalay Badot,


kalayan dicepeng pageuh naker ku leungeun kénca. Ari leungeun
katuhu nyepeng sirah Lalay Badot bari babacaan. Sirah Lalay Badot

77
didegungkeun tilu kali, saterusna Ki Lapidin ngajak nyarita.

KI LAPIDIN
Kuring moal ngahalang-halang cinta anjeun, Lalay Badot.

LALAY BADOT
Bohong! Bohong sia manéh, Lapidin!

KI LAPIDIN
Sumpah! Kuring bakal ngawinkeun anjeun ka Nyai Lawati.

LALAY BADOT
Wani naon sia manéh, Lapidin?

KI LAPIDIN
Wani sagala rupa! Demi Nyai Lawati jeung anjeun nu silih
pikacinta, kuring rék ngawinkeun anjeun ka Nyai Lawati.
Tapi anjeun kudu eureun narajang kuring. Lamuin anjeun
terus-terusan narajang kuring, anjeun moal bisa kawin ka
Nyai Lawati.

LALAY BADOT
(leungeunna jadi leuleus) Sok, aing moal nandasa sia manéh.
Tapi sia manéh kudu ngawinkeun aing ka Nyai Lawati.

KI LAPIDIN
Enya, heug, dagoan didieu. Ulah ingkah. Ulah ngalakukeun
ketak nanaon, ngarti?

LALAY BADOT
Ngarti, Lapidin. Sok, didagoan nepi ka iraha ogé. Aing bakal
satia ngadagoan nepi ka kiamat ogé, asal enyaan rék
dikawinkeun ka Nyai Lawati.

KALONG ÉDÉOT
(ngaranjug) Hébat, anjeun bisa mangaruhan Si Lalay,
Lapidin. Tapi sakeudeung deui ogé Si Lalay bakal nandasa
anjeun.

78
Kalong Édéot muka cingcin soca ludira tina ramo kénca bari
gegerenyeman. Tapi saméméh Kalong Édéot bisa ngasupkeun cingcin
kana ramo katuhu, Ki Lapidin ngaranggeum ramo-ramo Kalong
Édéot, sarta ngarebut cingcin soca ludira.

KI LAPIDIN
(nengetan cingcin soca ludira) Oh... kaharti atuh ana kieu
mah. Anjeun pisan geuning nu jadi jurig nyiliwuri sétan
marakayangan téh. Ieu cingcin kudu diperenahkeun deui
kana tempatna.

KALONG ÉDÉOT
Ulah, Lapidin... Ulaaah...!

Ki Lapidin ngabelewerkeun cingcin soca ludira, nepi ka mangpeng


jauh pisan ka awang-awang. Kalong Édéot mesat bedogna, sarta
langsung ditigaskeun kana awak Ki Lapidin. Tapi bedog henteu neurak
kana awak Ki Lapidin. Sababaraha kali ditigaskeun tetep henteu
neurak. Malah Ki Lapidin ngan sakilat ngarebut bedog, sarta
ditubleskeun kana beuteung Kalong Édéot. Saharita, Kalong Édéot
palastra. Bedog dicabut deui ku Ki Lapidin, saterusna congo bedog
diasongkeun kana beungeut Demang Malik.

KI LAPIDIN
Cukup samet dieu lalakon katelengesan anjeun, Demang
iblis! Geura sambat ngaran indung bapa, saméméh nyawa
anjeun paragat.

DEMANG MALIK
(nyuuh kana suku Ki Lapidin) Ampuuun Ki Lapidin...
Ampuuun... kuring rumasa salah. Kuring kaduhung, Ki
Lapidin. Béré kasempetan kuring keur ngubur tapak...
kuring rék tobat, Ki Lapidin. Ampuuun... ulah dipaéhan, Ki
Lapidin...

KI LAPIDIN
Anjeun geus nelasan pati jalma-jalma anu teu tuah teu dosa.
Tapi anu leuwih parna, anjeun geus ngajual ieu bangsa ka

79
kompeni. Anjeun téga nyaksian rayat katalangsara dina
sengkeran penjajah! Anjeun biadab leuwih-leuwih ti sato!

DEMANG MALIK
Hampura, Ki Lapidiiin... kuring moal sakali-kali deui...

KI LAPIDIN
Kalakuan anjeun kadia binatang! Kuduna mah anjeun
nyonto ka demang-demang nu berjoang pikeun rayat. Lain
kalah mirucaan jadi demang nu biluk ka cucunguk
kompeni! Teu gableg kaéra siah, ngajajah bangsa sorangan!

DEMANG MALIK
Ampun, Ki Lapidin... engké mah kuring badé ngabéla rayat
sareng lemah cai... jadi, hampura kuring, Ki Lapidin. Ulah
dipaéhan kuring mah...

KI LAPIDIN
Teuing kunaon, kuring kalintang cangcaya kana caritaan
anjeun.

Ki lapidin geus ngamangkeun bedog, tapi teu kebat nigaskeun,


lantaran kadéngé aya sora péstol. Teu lila, datang Inspéktur Tonny,
kairing ku Mantri Pulisi Yono, jeung sababaraha urang soldadu katut
pulisi.

INSPÉKTUR TONNY
Hoy Inlander, alungkeun éta bedog kué orang!

KI LAPIDIN
Cucungik-cucungik kompeni! Rék naon aranjeun datang
kadieu? Rék sosoroh kojor aranjeun téh? Sok témbak awak
kuring! Pilihan bagéan awak kuring nu dipikahayang ku
aranjeun, cucungik!

INSPÉKTUR TONNY
Lapidin, ik ogé terang kué orang henteu teurak ku pélor
bedil. Tapi Si Nyai Karsinah jeung balad-balad jij mah bakal
maot upami ditémbak.

80
KI LAPIDIN
(ngaranjug) naon maksud anjeun, cucungik?

INSPÉKTUR TONNY
Si Nyai Karsinah sareng para dogér, kalebet nayaga-nayaga
pakumpulan kué orang, ayeuna parantos ditéwak ku
kompeni. Upami kué orang macem-macem, sadaya tawanan
bakal dimaotan ku kompeni.

KI LAPIDIN
Biadab! Dasar kompeni licik!

INSPÉKTUR TONNY
Langkung saé kué orang taluk ka kompeni, hoy Inlander!
Kué orang kudu nyerah ka kompeni, lamun para tawanan
hayang salamet.

Ki Lapidin teu némbalan, ukur nyiduh. Tapi Ki Lapidin ngarasa


bingung.

S UN IA R
Ki Lapidin, teu kénging serah bongkokan! Teraskeun
berjuang demi lemah cai!

DEMANG MALIK
(bari nguniang hudang) Jaga siah babangus téh, Suniar! Tong
coba-coba ngalawan ka kompeni! Moal éléh kompeni mah,
deuleu!!!

SUSI
Dasar demang hond! Nembé tadi jij tos tobat, ayeuna jij robah
deui. Jij teu gaduh pendirian. Jij kejam ka bangsa jij sorangan!

S UN IA R
(ka Demang Malik) Ieu lemah cai bangsa urang, Kang. Ieu
lemah cai lain anu kompeni! Urang kudu mibanda lemah
cai urang, bébas ti penjajah. Sareng deui... apan nembé tadi
akang tos jangji badé tobat. (ka Ki Lapidin) Teraskeun, Ki

81
Lapidin! Ulah lirén! Lawan penjajah! Lawan kompeni nu
ngaranjah lemah cai urang! Teraskeun ngabéla lemah cai
urang, Ki Lapidin...!

INSPÉKTUR TONNY
(ka soldadu) Témbak itu awéwé-awéwé!

Soldadu ngangkat bedilna, rék némbak Suniar jeung Susi. Tapi Ki


Lapidin ngan sakilat ngarebut bedil ti Soldadu, sarta ditémbakeun
kana awak Soldadu. Saharita, Soldadu palastra.

INSPÉKTUR TONNY
Lapidin, sakali deui ik mépélingan kué orang! Lamun kué
orang henteu nyerah, sadaya tawanan bakal dimaotan. Én...
upami kué orang henteu nyerah, pasukan soldadu kompeni
ti Batavia bakal sumping kadieu. Ieu kampung bakal
diduruk, én pangeusina ogé tangtos bakal dimaraotan.

Ki Lapidin ngahuleng sakedapan, rét ka Ajang, rét ka Susi jeung


Suniar, rét ka Inspéktur Tonny.

INSPÉKTUR TONNY
Kumaha, Lapidin? Naha kué orang mung nyaah ka diri
nyalira, atanapi nyaah ka rayat ieu kampung?

KI LAPIDIN
Heug, kuring rék masrahkeun diri. Tapi lain hartina kuring
serah bongkokan ka kompeni. Kuring masrahkeun diri
lantaran kuring nyaah ka rayat bangsa kuring. Ku kituna,
anjeun kudu jangji moal maténi deui rayat bangsa kuring
jeung bangsa anjeun nu haat ka bangsa kuring siga
Mevrouw Susi.

SUSI
(bari ngarangkul Ki Lapidin) Jij ulah nyerah. Ik siap maot
ngabéla bangsa jij! Ik liefhebben jij. ..43

Ki Lapidin ngépéskeun rangkulan Susi. Tuluy ngasongkeun

82
leungeunna ka Inspéktur Tonny, nandakeun pasrah diborogod.

INSPÉKTUR TONNY
Goed, goed! saé pisan upami kué orang masrahkeun diri. Kué
orang siap dihukum gantung di Alun-alun?

KI LAPIDIN
Sok, gantung kuring. Tapi sakali deui, anjeun kudu sumpah
moal sulaya kana jangji.

INSPÉKTUR TONNY
Tangtos baé, Lapidin. Kompeni tara jalir jangji. Kué orang
kedah percanten, kompeni moal ngamaotan sasaha upami
kué orang kersa dihukum gantung.

KI LAPIDIN
Prak, geura jalankeun kahayang aranjeun.

SUNIAR, AJANG & SUSI


Ki Lapidiiiin....!!! Ki Lapidiiiin....!!!

Demang Malik nyerenteng ka Suniar bari tuluy ngajéwang pigeulang


leungeun Suniar.

DEMANG MALIK
Nyai, hayu geura balik ka imah!

S UN IA R
Teu sudi! Serahkeun kuring ayeuna kénéh. Kuring teu sudi
boga salaki ka tukang jagal bangsana sorangan! Kuring teu
sudi boga salaki tukang jalir jangji!

DEMANG MALIK
(ngagampleng Suniar) Cucungah siah!!!

INSPÉKTUR TONNY
Demang! Kué orang henteu kénging ngisinkeun kompeni.
Tadi ik tos jangji ka Lapidin, réhna moal aya tindak kekerasan

83
deui. Saupamina Nyai Suniar parantos alim janten reuhak...
aéh maksad téh geureuhana Demang, tangtos teu kénging
dipaksa-paksa. Demang kedah nyerahkeun Nyai Suniar ka
ibu-ramana, én engké demang tiasa milarian deui awéwé
sanés nu kersa janten geureuha Demang.

Demang Malik nurut kana omongan Inspéktur Tonny. Suniar


dilésotkeun.

INSPÉKTUR TONNY
Lapidin, hapunten ayeuna kué orang badé diborogod, én
sateuacanna anggoan kué orang ogé kedah dibuka.

KI LAPIDIN
Prak, lakukeun naon nu dipikahayang ku aranjeun. Kuring
moal ngalawan satungtung aranjeun henteu sulaya kana
ja ngji.

Soldadu jeung pulisi ngarangsadan pakéan Ki Lapidin, kaasup kalung


Ki Lapidin ogé dijambret. Ki Lapidin ukur maké calana pondok. Geus
kitu, leungeun Ki Lapidin diparieuskeun, sarta diborogod.
Ajang muru ka Ki Lapidin, nyuuh kana suku Ki Lapidin
bari ceurik.

AJANG
Ki Lapidin... Ki Lapidin...! Allohu Akbar...Ki Lapidin...!

KI LAPIDIN
Mang Ajang, teu kudu sedih kaleuleuwihi. Pangmulasara-
keun sing tarapti layon Mang Akob jeung dua pamajikan Si
Demang. Maranéhna geus jadi korban tina perjuangan
ngabébaskeun lemah cai urang. Khubulwaton minal iman,
micinta lemah cai sabagéan tina iman. Ku kituna, muga baé
dulur-dulur urang nu gugur téh sing maot syahid...

AJANG
Amiiin, Ki Lapidin... Amiiin... Tapi Ki Lapidin mah teu
kénging maot ...

84
KI LAPIDIN
Mang Ajang, pati mah mung kagungan Gusti Nu Maha Suci.
Pasrahkeun sagalana ka Nu Maha Kawasa. Ulah sieun, ulah
hariwang, jeung ulah salempang upama kuring dikersakeun
miheulaan miang. Saban perjuangan, tangtu merelukeun
pangorbanan. Saéstuna, lamun sakali mangsa urang
kaleungitan jalma anu dipikacinta, nya éta pisan enas-enasna
tina pangorbanan, éta pisan saripati tina pangorbanan anu
ha kiki.

INSPÉKTUR TONNY
Hayu urang mios ayeuna! Ieu kampung kedah dikuriling,
kanggo ngawartosan rayat, réhna tukang ngabangsat téh
manahoréng Si Lapidin, sarta ayeuna parantos ditéwak. Tong
hilap, ka nu badé narongton, mangga dihaturanan ka Alun-
alun. Bilih aya nu hoyong ningali bangsat Lapidin
digantung.

MANTRI PULISI YONO


Demang, ari Si Lalay Badot kunaon? Naha ngajengjen waé
diperhatikeun ku urang tatadi mula?

DEMANG MALIK
Ah, tinggalkeun wé Si Lalay mah. Mangkeluk nu geus
euweuh gunana! Sakeudeung deui ogé bakal modar
kagégéloan ku Nyai Lawati.

INSPÉKTUR TONNY
Hayu mios ayeuna!

Inspéktur Tonny, Mantri Pulisi Yono, jeung Demang Malik leumpang


tiheula, dituturkeun ku Ki Lapidin anu dikawal ku para soldadu
jeung pulisi.

AJANG, SUNIAR & SUSI


Ki Lapidiiiin....! Ki Lapidiiin...!!!

Sanggeus Ki Lapidin jeung rombongan Inspéktur Tonny ninggalkeun

85
éta patempatan, Ajang ngadeukeutan deui layon Akob. Kitu deui
Suniar ngadeukeutan layon Enung.

AJANG
Mang Akob... deudeuh teuing... Innalillahi wa inna ilaihi rozi’un

S UN IA R
Ceu Enung, Innalillahi wa inna ilaihi rozi’un....

Lebé Djadjas norojol, leumpang ngatog.

LEBÉ DJADJAS
Sujang! Nyai! Kumaha nasib si nyai nu bieu? Abah mah inget
waé ieu téh...

S UN IA R
Abah... Ceu Enung parantos pupus...

LEBÉ DJADJAS
Innalillahi wa inna ilaihi rozi’un... (ceurik) deudeuh teuing nyai...
padahal tadi téh henteu kudu dihalangan rék maéhan aki
mah. Atuda aki téh apan geus kolot ieuh, euweuh nu maéhan
gé bakal paéh sorangan sakeudeung deui ogé. Saha deui
nu maot, Nyai?

S UN IA R
Mang Ajang, Bah...

LEBÉ DJADJAS
Innalillahi wa inna ilaihi rozi’un... deudeuh Cu... Hayu atuh
urang pulasara baé ayeuna mah. Salaku lebé, apan abah téh
boga tanggung jawab nguruskeun nu maot, sajabana ti
nguruskeun nu kawin téh...

Lalay Badot curinghak ngadéngé kecap: kawin. Tuluy nyampeurkeun


ka Lebé Djadjas.

86
LALAY BADOT
Bah, dupi sia manéh téh leres lebé?

LEBÉ DJADJAS
Enya, bener, sujang...

LALAY BADOT
Pami kitu mah, pangawinkeun aing ka Nyai Lawati, Bah...

LEBÉ DJADJAS
Enya heug téh teuing, sujang. Tapi ayeuna mah abah rék
nguruskeu heula nu maot. Aéh... ari Nyai Lawati-na mana,
suja ng?

Lalay Badot ngahuleng. Suniar nyerenteng nyampeurkeun Lalay


Badot.

S UN IA R
Héy, Badot! Cik atuh anjeun téh sing éling. Batur mah nu
dipikiran téh lemah cai, malah nepi ka téga ngorbankeun
nyawa. Ari anjeun? Anu dipikiran téh ngan Nyai Lawati wé
saban mangsa téh. Leuheung basa lamun Nyai Lawati téh
aya kadeuleu ku panon buncelik anjeun. Geura sadar, Badot.
Lebar pisan, anjeun boga awak jangkung luhur simbar dada,
jaba anjeun boga kasaktén anu punjul. Paké kadigjayaan
anjeun téh pikeun ngabéla lemah cai, lain ngan saukur
nguruskeun baé bikang!

LALAY BADOT
Aing wani ngabéla lemah cai, lamun aing geus nyorang
kawin ka Nyai Lawati.

S UN IA R
Bisi hayang nyaho, Nyai Lawati geus dikawin ku Juragan
Van de Cock, juragan kawasa perkebunan kopi.

LALAY BADOT
Kumaha? Geus dikawin batur? Piraku Nyai Lawati gahianat
cinta Kang Lalay...

87
Lalay Badot nyampeurkeun deui Lebé Djadjas

LALAY BADOT
Bah, lamun aing miharep kénéh Nyai Lawati, teu sawios-
wios kitu, Bah?

LEBÉ DJADJAS
Ulah sujang, ari awéwéna geus boga salaki mah...

LALAY BADOT
Kumaha upami badé dikawin sareng salakina sakantenan?
Kénging teu, Bah?

LEBÉ DJADJAS
Na... ieu mah budak téh sok kamana karep, siga nu weureu
gadung baé nyarita téh. Karunya teuing, kapéngpéongan
ku awéwé nepi ka kieuna. Ari ujang téh deudeuh pisan ka
Nyai Lawati?

LALAY BADOT
Sumuhun, leres pisan, Bah. Deudeuh kabina-bina. Salami
19 taun aing hahadéan jeung Nyai Lawati...

LEBÉ DJADJAS
Lamun ujang deudeuh pisan ka Nyai Lawati, ujang kudu
iklas mopohokeun manéhna. Ujang kudu ngadu’akeun
muga-muga Nyai Lawati pinanggih jeung kabagjaan.
Lamun ujang aya jodo jeung Nyai Lawati, tangtu isuk
jaganing géto ogé bakal ngajodo. Tapi ujang ulah ngadu’a-
keun sangkan rumahtangga Nyai Lawati baruntak.

Lalay badot unggut-unggutan, terus ngahuleng sakedapan.

LALAY BADOT
Bah, ayeuna mah aing boga tékad: moal aya nu bisa ngaganti
Nyai Lawati sanajan Nyai Lawati sorangan.

LEBÉ DJADJAS
Tah... hadé pisan pamadegan téh, ujang. Nu kitu kakara incu
88
abah ngaranana...

LALAY BADOT
Incu abah? Dupi sia manéh kersa kitu gaduh incu siga aing?

LEBÉ DJADJAS
His, bungah pisan abah mah. Kabeneran abah téh di imah
cuang-cieung ngan sorangan. Hayaaang pisan abah téh
dibaturan...

LALAY BADOT
Aing kersa ngabaturan sia manéh... aing hoyong jadi incu
sia manéh, abah (ceurik) aing hoyong ulah pisah sareng sia
manéh, abah.

Lalay Badot ngarangkul Lebé Djadjas bari ceurik ngagukguk. Susi


nyampeurkeun.

SUSI
Bah, ik ogé hoyong jadi incu abah. Ik badé mangmasakeun
kanggo abah. Ik badé ngadamel cikopi kanggo abah.

S UN IA R
Susi, anjeun masih katalian ku hupmandor. Anjeun masih
pamajikan hupmandor.

SUSI
Ik bakal nuhunkeun diserahkeun ka salaki ik. Ik hoyong
berjuang kanggo bangsa jij. (Ka Lalay Badot) Lamun jij kersa
berjuang ngalawan penjajah, jij bakal diaku adi ku ik.

LALAY BADOT
Aing hayang jadi adi sia manéh. Ku aing rék digendiran
sakabéh penjajah, asal diidinan ku Si Abah

Saterusna Lalay Badot nyampeurkeun Suniar.

LALAY BADOT
Ceu, hampura kuring nya. Ceuceu kersa jadi dulur kuring?

89
S UN IA R
Duh... Lalay... teu méncog tina sangkaan, anjeun téh da
sabenerna mah jalma bener. Anu ngalantarankeun anjeun
beuki linglung téh ku lantaran otak anjeun diwewelan ku
rupa-rupa kagoréngan ku si Kalong Édéot. Deudeuh teuing,
Lalay. Puguh baé ceuceu bakal jadi dulur anjeun...

LALAY BADOT
Duh, nikmat geuning loba dulur téh...

Lalay badot nyampeurkeun Ajang

LALAY BADOT
Mang, hampura aing nya. Mamang kersa jadi dulur kuring?

Ajang ngajawabna ku ngarangkul Lalay Badot.

AJANG
Deudeuh teuing Lalay. Hayu, urang duduluran jeung
E ma ng .

LEBÉ DJADJAS
Lalay, hayu bantuan ngagotongan layon!

LALAY BADOT
Mangga, Bah. Aing pasti nurut ka abah...

Lalay Badot mangku layon Nyai Enung. Ajang mangku layon Akob.
Susi nyangkéh leungeun Lebé Djadjas. Keur kitu, kadéngé sora-sora
pangeusi lembur mani sahéng. Aya nu jejeritan, aya nu ceurik, aya
nu nyambat “Ki Bangsat Haat”. Teu lila, nu jejeritan téh daratang,
panon-panonna manco ka hiji puseur. Diantarana aya Aki Sahir, Nini
Rukmi, Ceu Juwi, Ceu Konéng, Mang Jatma, jeung Aki Amanta.

AKI SAHIR
Deudeuh teuing Ki Bangsat Haat... aya ku téga kompeni
téh. Ki Bangsat Haat rék digantung.

90
CEU DJUWI
Ki Bangsat Haat... geuning salira téh Ki Lapidin... ulah waka
maot, Ki Bangsat Haat... kuring deudeuh pisan ka anjeun,
Ki Bangsat Haat...

AKI AMANTA
Kumaha teuing ieu aki, sujang! Duh... deudueh teuing Ki
Bangsat Haat, nu enya-enya haat ka rayat

CEU KONÉNG
Ki Lapidin bangsat haat ka rayat... hiks... hiks... ulah
ngantunkeun kuring, Ki Lapidin....

MANG DJATMA
Ki Bangsat Haat... nuhun pisan kahadéan salira... kuring
moal kuat ningali anjeun digantung ku kompeni...

NINI RUKMI
Ampuuun Gustiii Nu Agung... salametkeun ki bangsat haat
nu haat ka rayat... salametkeun Ki Lapidin...

Lalay Badot milu neuteup ka hiji puseur, ngaréndéng jeung rayat.

LALAY BADOT
(bari mangku layon Nyai Enung) Ki Lapidiiin ...! Ki Bangsat
Haat! Ki Bangsat hébat nu haat ka rayat!!! Ulah digantung,
Ki Lapidiiin! Deudeuuuh Ki Lapidin...!

SUSI
(Bari nyangkéh Lebé Djadjas) Ki Lapidiiin...! Ki Bangsat
Haat...!

AJANG & SUNIAR)


(bari ceurik balilihan) Ki Lapidiiin...!

Lampu reup-reupan poék.

91
BABAK III

Di Alun-alun, wanci beurang. Bandéra Belanda ngélébét dina tihang


anu naceb di satengahing Alun-alun. Para inohong Kompeni nangtung
ngajéjér, Juragan Hofland, Inspéktur Tonny, jeung Hupmandor
Héndrik. Pon kitu deui, dirempegan ku Mantri Pulisi Yono, Demang
Malik, para soldadu, jeung pulisi.

INSPÉKTUR TONNY
Inlander-inlander sadaya... dina dinten ieu, kompeni parantos
néwak saurang bangsat anu salami ieu ngaruksak kaamanan
urang sadaya. Peryogi kauninga, wiréh garong anu sok
nyusahkeun kompeni sareng urang sadaya téh taya sanés
Si Lapidin, anu sadidintenna mingpin pakumpulan dogér
“Nyai Subanglarang”. Si Lapidin sarua jeung bangsat!
Bangsat sarua jeung Si Lapidin. Ku kituna, dina waktos
ayeuna, Si Lapidin baris ditibanan hukum gantung ku
kompeni. Muga baé ieu téh sing jadi conto kanggo sadayana,
sing saha nu wani-wani ngalawan ka kompeni, mangka
nasibna bakal sami sareng Si Lapidin. Dihukum gantung!!!

Asup Ki Lapidin dikawal ku pulisi jeung logojo. Ki Lapidin diborogod


leungeunna, panonna dibengker kaén hideung. Pulisi ngaping Ki
Lapidin, ngaléngkah nepi ka anjog hareupeun tihang gantungan.

O.S. SORA RAYAT


(ngaguruh, ngageuri, aya nu bari ceurik balilihan) Ki
Lapidiiin...! Ki Lapidiiin...! Ki Lapidin lain jalma jahat! Ki
Lapidin pahlawan rayat! Ki Lapidin ulah digantung...! Ki
Lapidin...!

Inspéktur Tonny némbakeun péstol ka langit.

INSPÉKTUR TONNY
Héy para inlander, jempé maranéh boga sungut! Saha baé nu
wani-wani ngalawan kompeni, bakal dihukum gantung!

92
Kaayaan jadi simpé.

INSPÉKTUR TONNY
Algojo, gantung ayeuna kénéh Si Lapidin!

Logojo nyurungkeun awak Ki Lapidin, nitah Ki Lapidin naék kana


korsi, terus ngabebenah tug nepi ka beuheung Ki Lapidin dijiret tali
gantungan.

O.S. SORA RAYAT


Ki Lapidiiiin...! Ki Lapidiiiin...! Ulah digantung...!

Mantri Pulisi Yono némbakkeun péstol ka langit. Kaayaan jadi simpé.


Tapi tetep hawar-hawar kadéngé sora nu nyegruk ceurik semu ditahan.

INSPÉKTUR TONNY
Hayoh, gantung ayeuna kénéh éta Si Lapidin!

Logojo geus tatan-tatan ngalaksanakeun paréntah Inspéktur Tonny,


tapi teu kebat lantaran Juragan Hofland nyarita.

JURAGAN HOFLAND
Ké heula, Inspéktur. Urang salaku kompeni anu hadé haté,
kedah masihan kasempetan ka Kai Lapidin, kanggo
nyebatkeun kahoyongna anu pamungkas.

INSPÉKTUR TONNY
Oké, goed, sumangga, Meneer...

JURAGAN HOFLAND
(ka Ki Lapidin) Kai Lapidin, juragan sareng para kompeni
tetep saé haténa sareng bageur ka sadaya rayat. Sanaos Kai
Lapidin tos buktos tukang ngabangsat, nanging kompeni
masih kénéh masihan kasempetan ka Kai Lapidin kanggo
nyebatkeun paménta anu pamungkas. Mangga baé, Kai
Lapidin bébas badé ménta naon ogé, kalebet bilih manawi

93
Kai Lapidin badé ménta dihapunten ka kompeni.

KI LAPIDIN
Hofland, kuring teu sudi ménta dihampura ka penjajah nu
sidik geus nyangsarakeun rayat bangsa kuring! Sakali deui,
teu sudi! (nyiduh) Cuahhh...!

Juragan Hofland ngarebut cameti Demang Malik, sarta nyerenteng


ka Ki Lapidin. Ceprét! Ceprét...! Awak Ki Lapidin dirangkét. Saban
dirangkét, sora-sora rayat ngagoak.

JURAGAN HOFLAND
(bari ngarangkét) Hotperdom! Kompeni sanés penjajah!
Hayoh carioskeun: Kompeni hadé haté sareng bageur!
Kompeni ngamakmurkeun rayat!

KI LAPIDIN
Kompeni penjajah! Kompeni sato! Kompeni nyangsarakeun
rayat! Kompeni kudu dibeuleum dina seuneu naraka!

JURAGAN HOFLAND
Hotperdom! Énggal carioskeun: kompeni jalmi-jalmi
bageur! Hotperdom!

KI LAPIDIN
Cucungik-cucungik kompeni calon pangeusi naraka!
Kompeni iblis! Kompeni nu tukang ngabangsat! Kompeni
nu tukang ngabadog! Kompeni nu tukang ngagarong!
Kompeni nu tukang maling! Kompeni rampooog!

Juragan Hofland terus-terusan ngarangkét Ki Lapidin tug nepi ka


rénghap ranjug capéeun. Antukna Juragan Hofland eureun
ngarangkét.

JURAGAN HOFLAND
Hotperdom! Kai Lapidin, jij jalmi anu belegug! Dibageuran
ku kompeni, malah langkung calutak. Ayeuna énggal
sebatkeun, naon kahoyong jij anu pamungkas, saméméh jij

94
maot dina tihang gantungan?!

Simpé sakedapan.

KI LAPIDIN
Hofland, kuring ukur boga dua paménta. (ngarénghap
heula) Kahiji, kuring hayang dipanglagukeun “Kembang
Gadung” ku Nyai Karsinah. (ngarénghap deui) Kadua,
kuring hayang ningali bandéra Kompeni diturunkeun.

JURAGAN HOFLAND
Hotperdom! Kai Lapidin, paménta jij nu kahiji, ku kompeni
badé dikabulkeun. Tapi paménta jij anu kadua, dugi ka iraha
ogé moal dikabulkeun. Teu kénging ngimpi hoyong
nurunkeun bandéra kompeni, ngarti! (bari ngagorowok)
Bawa éta Karsinah Nyai kadieu!

Nyai Karsinah datang, dikawal ku dua pulisi. Barang bréh ningali


Ki Lapidin, Nyi Karsinah langsung muru Ki Lapidin, nyuuh dina
suku Ki Lapidin bari ngagukuguk ceurik.

NYAI KARSINAH
Kang Lapidiiin... Kaaaang....! Ulah ngantunkeun abdi,
Kang...!

KI LAPIDIN
(Halon, méh henteu kadéngé) Nyai...Karsinah...

NYAI KARSINAH
Kang... Kang Lapidin... Kaaang...

JURAGAN HOFLAND
Karsinah Nyai, jij sanés dipiwarang nangis. Jij kudu nyanyi
Kembang Gadung, sakumaha paménta pamungkasna Kai
Lapidin saméméh digantung.

Karsinah cengkat, jung nangtung bari angger neuteup Ki Lapidin.


Saterusnya Karsinah ngagalindengkeun lagu Kembang Gadung.

95
KA RS IN AH
Muji syukur ka Yang Agung
Ka Gusti Nu Maha Suci
Kembang gadung nu kahatur
Ka sadaya kaum dangu

Neda jembar hampurana


Ka Gusti Nu Maha Suci
Neda diaping dijaring
Neda sapaat pangriksa

Sareng ka para karuhun

Teu kebat nyanyina, sabab logojo kaburu ngagantung Ki Lapidin.


Saharita, Ki Lapidin palastra, dijajap ku tinggaroakna sadadaya rayat
jeung Nyai Karsinah.
Nyai Karsinah muru layon Ki Lapidin anu ngagawing dina tihang
gantungan.

NYAI KARSINAH
Kang Lapidiiiin...! Innalillahi wa Inna Ilaihi Rozi’un... (neruskeun
deui lagu Kembang Gadung, bari ngarangkul layon Ki
Lapidin tur nginghak ceurik)

Sareng ka para karuhun


Nyanggakeun ieu pangbakti
Ulah badé hiri dengki
Ulah badé hiri dengki
Kembang gadung nu kahatur
Nyanggakeun ieu pangbakti
Neda katarik katampi
pangbakti ti seuweu-siwi...

Sakilat Nyai Karsinah lumpat ka lebah tihang bandéra. Tambang


bandéra diudaran, anu saterusna digérék, bandéra Belanda
diturunkeun.

96
INSPÉKTUR TONNY
(reuwas) Hoy inlander! Kué orang tong wani-wani nurunkeun
bandéra kompeni! Témbak! Témbak itu Si Karsinah.

Para soldadu jeung pulisi ngadérédéd awak Karsinah. Tapi Karsinah


satékah-polah nahan kanyeri sanajan awakna geus baloboran getih.
Karsinah terus nurunkeun bandéra, bareng jeung para soldadu anu
terus-terusan ngadérédéd awakna. Bandéra Belanda bisa diturunkeun
ku Karsinah. Terus dibéréwékeun nepi ka rangsak. Saterusna Nyai
Karsinah ngudupruk, sarta palastra.
O.S. KOOR RAYAT
Muji syukur ka Yang Agung/ Ka Gusti Nu Maha Suci/
Kembang gadung nu kahatur/ Ka sadaya kaum dangu/
Neda jembar hampurana/ Ka Gusti Nu Maha Suci/ Neda
diaping dijaring/ Neda sapaat pangriksa
Sareng ka para karuhun/ Nyanggakeun ieu pangbakti/ Ulah
badé hiri dengki/Ulah badé hiri dengki/ Kembang gadung
nu kahatur/ Nyanggakeun ieu pangbakti / Neda katarik
katampi/ Pangbakti ti seuweu-siwi...
šS›
Katerangan:
1
Halow, Juragan! wilujeng wengi!
2
Halow, Inspéktur, kumaha wartosna? Di dieu mah
sadayana daramang.
3
Saé pisan. Oh, enya, ieu imah mani alus. Ngeunaheun
pisan. Ajeun enyaan geus robah pisan.
4
Oké, naha ayeuna rék dimimitian ku ngaleueut kopi?
5
Basa Belanda, hartina: Saé, kuring rék nginum kopi nu
maké gula
6
Dilaknat ku Pangéran!
7
Wilujeng wengi. Kumaha béjana aranjeun?
8
Minggu ieu mah rada kirang saé.
9
Anjeunna teu damang.
10
Enya, muga sing geura cageur jeung muga saterusna sing
da man g.
11
Nuhun, Juragan
12
Aranjeun rék nginum naon?
13
Kuring rék nginum cai entéh digulaan

97
14
Kuring mah rék nginum cai entéh moal digulaan.
15
Aranjeun ogé bisa lalajo dogér Nyai Subanglarang
16
Nuhun, Juragan. Kuring resep dogér Nyai Subanglarang.
Anjeun bageur pisan.
17
Wilujeng sukan-sukan.
18
Halow, Juragan Istri, kumaha wartosna salira, Juragan
Istri?
19
Basa Belanda, hartina: Saé pisan. Bungah pisan ningali
aranjeun deui.
20
Nuhun, Juragan Istri.
21
Geus boga budak sabaraha hiji?
22
Kuring boga budak tilu urang.
23
Sabaraha hiji ucing Juragan Istri?
24
Kuring boga sababaraha hiji ucing.
25
Halow, kuring Susi. Saha ngaran anjeun?
26
Wancahan tina Out Sound, ngan kadéngé sorana wungkul.
27
Sebutan urang Belanda ka bangsa pribumi.
28
Transkrip tina lagu Kembang Gadung anu digalindeng-
keun ku Hj. Idjah Hadidjah.
29
Anjeun.
30
Burukeun anjeun kadieu!
31
Pica rogéeun.
32
Dom hartina: bodo, Inlander hartina: pribumi. Jadi,
hartina: pribumi bodo.
33
Tutup biwir anjeun!
34
Hawa didieu kalintang tiis... resep pisan ningali anjeun.
35
Naon nu dipikiran ku anjeun?
36
Tutup biwir anjeun!
37
Bangsat.
38
Henteu, henteu... wadul (ukur ngomong).
39
Peuting ieu kuring saréréa moal saré.
40
Wilujeng tepang deui.
41
Wilujeng wengi
42
Anjing.
43
Kuring bogoh ka anjeun

98

You might also like