kebahasaan teks artikel berbahasa Sunda. 4.5 Menulis artikel sederhana berbahasa Sunda dengan memperhatikan struktur dan penggunaan kaidah bahasa. Perkara ARTIKEL Artikel nya éta karangan mandiri dina koran atawa majalah atanapi internet (jaman kiwari). Eusina mangrupa opini hiji jalma anu medar kalawan singget tur tuntas hiji masalah, boh nu sipatna aktual boh nu kontrovérsial, gagasan nu ditulis dina artikel kudu asli (orisinil). Artikel nya éta karangan basa lancaran anu eusina ngaguar, medar, ngabahas, atawa ngadadarkeun hiji perkara anu ngagunakeun katerangan-katerangan nepi ka bubuk leutikna. Perkara ARTIKEL Artikel disebut karangan mandiri (Ind: lepas), lantaran bisa ditulis ku saha waé tur topikna naon waé; waktu jeung tempat dijieunna bisa iraha jeung di mana waé. Basa nu digunakeun kudu hirup, seger, ngepop, tur komunikatif, ngagunakeun istilah nu geus maneuh. Artikel disusun kudu puguh éntép-seureuhna (sistematis). Ciri Artikel a. Aya ngaran nu nulisna b. Miboga gagasan nu aktual jeung atawa kontrovérsial c. Gagasan nu diangkat kudu aya patali jeung kapentingan jalma réa d. Ditulis kalayan réferénsial ku visi inteléktual e. Dipidangkeun dina basa nu hirup, populér jeung komunikatif f. Singget jeung tuntas g. Orisinal BUDAYA Budaya asalna tina basa Sanksekerta hartina akal, pikiran, pangaweruh. Sagala rupa hasil pikiran, akal, jeung pangaweruh manusa. Jadi, budaya Sunda nya éta hasil pikiran; akal; pangaweruh sélér bangsa (urang) Sunda. Budaya sunda téh lain ngan saukur basa, kasenian atawa adat hungkul, tapi ngurung sagala rupa nu aya patalina jeung kahirupan sosial masarakat Sunda, kaasup agama jeung kapercayaanana. UNSUR- UNSUR BUDAYA 1. KASENIAN 2. TÉHNOLOGI & PAKAKAS 3. TATA CARA HIRUP KUMBUH DI MASARAKAT 4. BASA 5. PACARIAN & ÉKONOMI 6. ÉLMU PANGAWERUH 7. KAPERCAYAAN (AGAMA) Unggal bangsa atawa sélér bangsa miboga budaya anu mandiri, anu béda jeung bangsa atawa sélér bangsa séjénna. Kabeungharan budaya anu sawadina dijaga, diriksa, jeung dimumulé, terus dihargaan ku masing-masing anu miboga éta budaya. Kecap Rajékan Rarangkén -an
1. Ngawangun kecap barang
a. Loba/rupa-rupa, contona: tutuwuhan, tatangkalan, jsb. b. Titiron, contona: momotoran, iimahan, jejelemaan, jsb. c. Bagian awak nu miboga sipat saperti, contona: mumuncangan, peupeuteuyan, jsb. d. Anu boga sipat saperti…, contona: aadian, bobohongan, jsb. e. Anu keur di…, contona: beubeuleuman, popoéan, dudurukan, jsb. Kecap Rajékan Rarangkén -an
2. Ngawangun kecap pagawéan
a. Ngalakukeun pagawéan terus-terusan, contona: jojogédan, tataékan, jsb. b. Ngalakukeun pagawéan saperti anu…, contona: aambekan, ceuceurikan, jsb. c. Dina kaayaan, contona: sasaréan, kekedengan, jsb. d. Ngalakukeun pagawéan kakeunaan ku …, contona: papanasan, huhujanan, bébécékan, jsb. e. Ngalakukeun pagawéan make…, contona: momotoran, sasapédahan, momobilan, jsb. Kecap Rajékan Rarangkén -an
2. Ngawangun kecap pagawéan
a. Ngalakukeun pagawéan niru-niru, contona: hihiberan, wawalandaan, gégéloan, kokoboyan, jsb. g. Remen/sababaraha kali ngalakukeunana, contona: uungkleukan, gigideugan, jsb. 3. Ngawangun kecap sipat b. Boga sipat …, contona: rarahulan, bobohongan, jsb. c. Nitah supaya jadi …, contona: singsieunan, bibitaan, jsb. Rarangkén Barung ka-an 1. Ngawangun kecap barang a. Anu patali jeung …, contona: kageulisan, kakuatan, jsb. b. Anu di…, contona: kadaharan, kainuman, jsb. c. Anu sipatna …, contona: kajayaan, kanyataan, jsb. d. Anu di-…-keun, contona: kapentingan, kaperluan, jsb. e. Tempat anu patali jeung…, contona: kacamatan, kabupatian, kawadanaan, jsb. 2. Ngawangun kecap sipat f. Bisa di-…-keun, contona: kabuktian, kapastian, jsb g. Teu dihaja …, contona: kabeneran, kaleupasan, jsb. h. Teu dihaja kakeunaan, contona: kabeurangan, kapanasan, jsb. Rarangkén Barung ka-an
3. Ngawangun kecap pagawéan (pasif)
a. Teu dihaja kakeunaan ku …, contona: kadiukan, kaacahan, jsb. b. Teu dihaja kakeunaan ku pagawéan…, contona: kamalingan, kacopétan, jsb. c. Teu dihaja aya dina kaayaan …, contona: kawaregan, kalaparan, jsb. d. Bisa di-…-an, contona: kacumponan, kapinuhan, katedunan, jsb. hatur nuhun