You are on page 1of 1

DONGÉNG

 Tradisi dongéng téh aya di mamana. Méh unggal bangsa boga dongéng séwang-séwangan. Éta dongéng téh
diwariskeun turun-tumurun ti karuhun ka generasi nu leuwih ngora, mangtaun-taun, malah boa mangabad-abad.
 Dongéng biasana ngawariskeun hiji naséhat.
 Ku lantaran béda-béda palakuna, jeung béda-béda deuih asalusulna, dongéng téh sok dipasing-pasing. Yus
Rusyana, ahli carita lisan, ngabagi-bagi dongéng téh kieu:
a. Dongéng nu nyaritakeun kahirupan jalma di masarakatna jeung dina sajarahna. Upamana dongéng para raja,
para putri, para nabi, para wali, tukang tani, tukang dagang, jeung sajabana. Dongéng nu kieu sok disebut
ogé parabel.
b. Dongéng anu nyaritakeun kahirupan sasatoan, saperti kuya, monyét, peucang, tutut, maung, séro, munding,
manuk, jeung sajabana. Dongéng nu kieu sok disebut ogé fabel.
c. Dongéng anu nyaritakeun asal-usul kajadian tempat, barang, sasatoan, jeung tutuwuhan. Dongéng nu kieu
disebutna dongéng sasakala atawa legénda.
d. Dongéng anu nyaritakeun mahluk ciciptan (hayalan), bangsaning jurig jeung. Dongéng nu kieu sok disebut
ogé dongéng mitos.

CIRI-CIRI DONGÉNG
Titénan pedaran ieu di handap!

a. Boh dongéng “Paménta Tilu Rupa” boh dongéng “Manuk Titiran jeung Nyiruan”, duanana gé mangrupa
carita. Sakumaha umumna carita, dina éta dongéng téh aya tokohna, aya galur atawa jalan caritana, jeung
aya kasang tempat jeung waktuna. Umumna carita dongéng mah parondok.
b. Éta dua dongéng téh henteu kapanggih saha nu ngarangna. Sanajan kungsi dibukukeun, saenyana nu nyieun
buku mah ukur ngumpulkeun atawa ngadokuméntasikeun. Naon sababna, lantaran dongéng mah umumna
nyebarna sacara lisan, nepi ka teu kapaluruh saha saenyana anu mimiti nyieun éta dongéng.
c. Dina dongéng sok kapanggih bagian-bagian anu teu kaharti ku akal. Contona, dina dongéng “Paménta Tilu
Rupa” aya batu tilu siki anu bisa dipaké keur ménta naon baé mun dialungkeun. Atawa, timbul ceuli di
sakujur awak tukang ngangon dina waktu nu sakedét nétra. Kitu deui dina dongéng “Manuk Titiran jeung
Nyiruan”, bet aya sato bisa nyarita jeung ngagunakeun akal. Apan nu boga akal mah ukur manusa.
d. Tapi, lain soal teu kaharti ku akalna. Dongéng saenyana boga maksud nepikeun hiji naséhat anu hadé.
Dina dongéng kahiji, sanajan loba nu ahéngna, saenyana hayang nepikeun amanat yén kasenangan téh
datangna lain tina harta banda atawa kakayaan. Tukang ngangon meunang kasenangan téh nu puguh mah
tina kaberesihan haténa.
e. Dongéng téh sakapeung aya babandinganana jeung dongéng séjén di tempat séjén. Upamana dongéng-
dongéng Si Kabayan méh sarua jeung dongéng Joko Dolog ti Jawa, atawa dongéng Abu Nawas ti Parsi.
Dongéng Dalem Boncél nu doraka ka kolot, sarua jeung dongéng Malin Kundang ti Sumatra Barat, jeung
dongéng Batu Menangis ti Kalimantan. Mitologi Sangkuriang méh sarua jeung Mitologi Oidipus ti Yunani.

Ciri-ciri Dongéng

1. Kaasup kana golongan carita.


2. Aya babagian caritana nu sok teu kaharti ku akal.
3. Ngandung naséhat anu hadé keur pieunteungeun jalma réa.
4. Nyebarna sacara lisan tur teu kapaluruh saha nu ngarangna.
5. Sok kapanggih babandinganana jeung dongéng séjén di tempat
séjén.

You might also like