You are on page 1of 3

REGITA CAHYANA PUTRI

XI TKJ 1

Absen 24

A. ÉSÉY

Jawab kalayan singget tur jéntré.

1. Tétélakeun naon téma kawih “Es Lilin” jeung “Papatong”?

2. Kumaha perasaan pangarang anu kagambar dina rumpaka kawih “Es Lilin” jeung “Papatong”?
3. Amanat naon anu ditepikeun dina rumpaka kawih “Es Lilin” jeung “Papatong”
4. Kumaha purwakanti dina rumpaka kawih “Es Lilin” jeung “Papatong”
5. Naon anu disebut kawih, kakawihan, jeung tembang? Kumaha bédana?
6. Naon anu disebut pada jeung padalisan dina rumpaka kawih?
7. Jéntrékeun naon anu disebut purwakanti dina rumpaka kawih?
8. Naon bédana purwakanti runtayan jeung runtuyan téh? Cing Jéntrékeun!
9. Naon anu disebut téma, nada, rasa, jeung amanat dina rumpaka kawih?
10. Jieun kalimah maké kecap sipat:
a. Reueus Pisan
b. Kalintang reueusna

JAWABAN

1. Tema kawih es lilin nyaeta ngeunaan asmara atawa kasih sayang, sedeungkeun tema kawih papatong
nyaeta ngeunaan kahirupan.
2. Perasaan pangarang (unsur nada jeung suasana) dina rumpaka kawih Es Lilin nyaeta ngagambarkeun
suasana rasa cinta tapi khawatir jeung bingung, nyaeta rasa cinta ka saurang lalaki tapi masih khawatir
jeung bingung sieun teu jadi jeung sieun dibawa kabur.

Perasaan pangarang (unsur nada jeung suasana) dina rumpaka kawih Papatong nyaeta ngagambarkeun
suasana kahirupan anu kaalaman ku jalma anu diibaratkeun ku papatong, nyaeta sanggeus ngalakonan
kahirupan jalma teh bakal manggih waktuna reureuh tina kariweuh anu bisa dihartikeun reureuh tina
kahirupan nyaeta bisa oge hartina ngaleungit ti dunya

3. Salaku budak ayeuna urang kudu bener bener "diajar. sabab lamun geus kolot, urang bakal kaduhung
saumur hirup urang.

4. Purwakanati nyaeta padeukeutna sora engang antara kekecapan anu dina rumpaka hiji puisi. Aya dua
rupa purwakanti, nyaeta purwakanti rantayan jeung purwakanti runtuyan. Purwakanti rantayan nyaeta
purwakanti antar kekecapan anu aya dina hiji padalisan puisi. Sedengkeun purwanti runtuyan nyaeta
purwkanati antar kekecapan anu aya dina antar padalisan anu aya dina hiji puisi.

5. Kawih, kakawihan jeung tembang nyaeta rupa-rupa lalaguan Sunda. Umpama ditilik tina rumpakana,
kawih, kakawihan jeung tembang oge mangrupakeun karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi.
Bedana kawih, kakawihan jeung tembang nyaeta yen kawih jeung kakawihan mah mangrupa wangun
puisi anu henteu pati kauger atawa kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang manrupa wangun puisi anu
kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh.

Aturan anu aya dina pupuh sok disebut guru lagu jeung guru wilangan. Jadi, tembang nyaeta wangun
puisi anu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, sedengkeun kawih jeung kakawihan henteu kaiket ku
guru lagu jeung guru wilangan. Anu ngabedakeun kawih jeung kakawihan nyaeta yen kakawihan mah
biasa dihaleuangkan dina waktu keur ulin atawa keur digawe, sedengkeun kawih mah biasa
dihaleuangkeun dimana jeung iraha wae.

6. Anu dimaksud pada dina rumpaka kawih hartina sarua jeung gunduk atawa dina basa Indonesia
disebut bait. Sedengkeun anu dimaksud padalisan dina rumpaka kawih nyaeta jajar atawa dina basa
Indonesia disebut baris.

7. Purwakanti teh hartosna sarua akhirna atawa tungtung sora vokal baris.

8. Purwakanti rantayan nyaeta purwakanti antar kekecapan nu ngarantay dina hiji padalisan hiji puisi.
Sedengkeun purwakanti runtuyan nyaeta purwakanti antar kekecapan anu ngaruntuy antar padalisan nu
aya dina hiji puisi.
9. Tema nyaeta gagasan poko anu rek ditepikeun ku pangarang ka nu maca. -Nada nyaeta sikap
pangarang ka nu maca. -Rasa nyaeta ngajiwaan eusi rumpaka kawih. -Amanat nyaeta pesen pengarang
anu karasa ku nu maca rumpaka kawih.

10. Reueus pisan : Maneh mah boga dulur lurah teh reueus pisan, sok dibeja bejakan wae ka batur
(ragam basa loma).

Kalintang reueusna : Sim kuring teh kalintang reueus gaduh rerencangan tiasa majeng dina usahana
(ragam basa hormat / lemes).

You might also like