You are on page 1of 1

ongeng sakadang Kuya Jeung sakadang monyet ngala nangka

Kacaritakeun sakadang monyet Jeung sakadang Kuya keur sarare disisi Leuweung dideket balobar dihandapeun
tangkal Kiara,manehna sarare dihandap henteu pajauh maksudnya ameh bisa ngobrol Atawa bisa saling dareuket
bilih bisi Aya nanaon. "Duh duanana sarare teh meni talibra,Komo si sakadang monyet mah sare teh bari ngacai
Kana biwir,tengah peuting sakadang monyet nyaring ngahudangkeun sakadang Kuya "sakadang kuya sakadang
Kuya " ceuk sakadang monyet "naon atuh sakadang monyet nembalkeun "Kuring ngimpi manggihan tangkal nangka
anu buah na ge geus arasak Dina ngimpi teh katingali tangkal na dimana" dimana Emangna? "nembalkeun"
"ditengah Leuweung" ouh nya atuh isuk urang teangan ayeuna mah urang sarare weh deui da peuting keneh
simkuring tunduh"
Ai geus kitu teh jreuk weh sakadang monyet mah langsung sare ari sakadang Kuya mah hulang - huleng DA hese
sare deui ,keur hulang huleng kitu sakadang monyet ngadenge sakadang monyet ngalindur kieu cenah "ah isukan
mah deuk dihakan weh sorangan ku simkuring keun weh da sakadang Kuya mah te bisa naik tangkal (ceuk
sakadang monyet bari ngalindur ) ngadengeu kitu sakadang Kuya teh kapikiran atuh sakadang Kuya teh,saanggeus
sakadang Kuya mikiran,maneh na menang akal,jreuk weh maneh na sare deui

"Isuk isuk sakadang monyet geus hudang tuluy ngahudangkeun sakadang Kuya "Kuya Kuya gera hudang buru
urang teangan nangka tea" ceuk si sakadang monyet ah kehela atuh tunduh keneh ceuk si sakadang Kuya "buru
kaburu ku Batur geura" nya hayu atuh Ari kitu mah,arindit weh maraneh na NU Aya dimimpi sakadang monyet, Ari
pek teh bener tangkal na teh Aya "sok atuh sakadang monyet gera naik simkuring mah te bisa naik tangkal " kehela
atuh kehela urang teh te bisa ngabedakeun mana nangka anu asak Jeung mana nangka anu atah " ceuk sakadang
monyet memeh naik "sakadang Kuya ngajawab 'yeuh dangukeun anu Sora na nangka teh plek- plek- plek eta teh
Hartina ngges asak anu sorana pluk-pluk-pluk Hartina atah keneh ouh kitu heuk atuh simkuring Bade naek
heula,urang ala eta nangka ceuk sakadang monyet bari langsung nerekel naek bari gugulantungan kitu,Dina jero
hatena maneh na ngomong kieu "ku simkuring mah dibere weh NU atah da sakadang Kuya mah moal nyahoen ie
sok weh ai bisa naik tangkal mah" tuluy weh ngala nangka si monyet mah, anu sorana plek-plek-plek mah ditenden
diluhur anu sorana pluk-pluk-pluk dialung alungkeun KA si sakadang Kuya
Padahal mah anu asak lain anu sorana plek-plek-plek padahal mah anu sorana pluk-pluk-pluk anu dialung
alungkeun Ka si sakadang Kuya,nya puguh weh pas sakadang monyet ngadahar nangka teh lainna amis malah
narepel Kana awak Jeung Kana biwir
"Kuya naha nangka urang kier geningan"ceuk sakadang monyet bari balelol ngomong na biwir na pinuh ku getah".
"Ah Bae weh pan maneh anu ngalung ngalungkeun Ka simkuring,simkuring mah sakedar narima hungkul" ceuk
sakadang Kuya baru ngadahar nangka nepi tereh beak
"Ah maneh mah tega kababaturan teh maenya simkuring dibere NU atah" ceuk sakadang monyet bari cirambai
pedah te ngadahar nangka asak
Pamastuganana sakadang Kuya mah balik bari wareg Ari sakadang monyet mah indit duka kamana da baed tea

You might also like