You are on page 1of 3

MODUL BASA SUNDA KELAS XII_2021-202

Tujuan Pangajaran
Sanggeus kagiatan pangajaran carita pantun rengse, dipiharep siswa bisa:
1. Maham eusi penggelan carita pantun;
2. Nganalisis eusi jeung struktur carita pantun;
3. Nganalisis unsur-unsur carita pantun;
4. Mikawanoh carita pantun salaku sastra Sunda wangun sampakan.

Situs Ciung Wanara Karang Kamulyan.


Sumber foto: koran Jakarta/teguh raharjo
MODUL BASA SUNDA KELAS XII_2021-202

Ciung Wanara
Kacaturkeun di Karajaan Galuh. Anu ngaheuyeuk dayeuh waktu harita nya éta Prabu Barma
Wijaya Kusumah. Anjeunna kagungan permaisuri dua. Nu kahiji Déwi Naganingrum, ari nu kadua Déwi
Pangrenyep. Harita duanana keur kakandungan. Barang nepi kana waktuna, Déwi Pangrenyep
ngalahirkeun. Budakna lalaki kasép jeung mulus, dingaranan Hariang Banga. Tilu bulan ti harita, Déwi
Naganingrum ogé ngalahirkeun, diparajian ku Déwi Pangrenyep. Orokna lalaki deuih. Tapi ku Déwi
Pangrenyep diganti ku anak anjing, nepi ka saolah-olah Déwi Naganingrum téh ngalahirkeun anak anjing.
Ari orok nu saéstuna diasupkeun kana kandaga dibarengan ku endog hayam sahiji, terus dipalidkeun ka
Walungan Citanduy.

Mireungeuh kaayaan kitu, Sang Prabu kacida ambekna ka Déwi Naganingrum. Terus nitah Ki
Léngsér supaya maéhan Déwi Naganingrum, lantaran dianggap geus ngawiwirang raja pédah
ngalahirkeun anak anjing. Déwi Naganingrum dibawa ku Léngsér, tapi henteu dipaéhan. Ku Léngsér
disélongkeun ka leuweung anu jauh ti Dayeuh Galuh. Ari kandaga anu dipalidkeun téa, nyangsang dina
badodon tataheunan lauk Aki jeung Nini Balangantrang. Barang Aki jeung Nini Balangantrang néang
tataheunannana kacida bungahna meunang kandaga téh. Leuwih-leuwih sanggeus nyaho yén di jerona
aya orok lalaki anu mulus tur kasép. Gancangna budak téh dirawu dipangku, dibawa ka lemburna nya éta
Lembur Geger Sunten, sarta diaku anak.

Kocapkeun budak téh geus gedé. Tapi masih kénéh can dingaranan. Hiji poé budak téh milu ka
leuweung jeung Aki Balangantrang. Nénjo manuk nu alus rupana, nanyakeun ka Aki Balangantrang
ngaranna éta manuk. Dijawab ku Aki éta téh ngaranna manuk ciung. Tuluy nénjo monyét. Nanyakeun deui
ngaranna. Dijawab deui ku Si Aki, éta téh ngaranna wanara. Budak téh resepeun kana éta ngaran, tuluy
baé ménta supaya manéhna dingaranan Ciung Wanara. Aki jeung Nini Balangantrang satuju.

Ayeuna Ciung Wanara geus jadi pamuda anu kasép sarta gagah pilih tanding. Ari endogna téa,
disileungleuman ku Nagawiru ti Gunung Padang, nepi ka megarna. Ayeuna geus jadi hayam jago anu alus
tur pikalucueun. Dina hiji poé, Ciung Wanara amitan ka Aki jeung Nini Balangantrang, sabab rék nepungan
raja di Galuh. Inditna bari ngélék hayam jago téa. Barang nepi ka alun-alun amprok jeung Patih Purawesi
katut Patih Puragading. Nénjo Ciung Wanara mawa hayam jago, éta dua patih ngajak ngadu hayam. Ku
Ciung Wanara dilayanan.

Pruk baé hayam téh diadukeun. Hayam patih éléh nepi ka paéhna. Patih dua ngambek, barang rék
ngarontok, Ciung Wanara ngaleungit. Dua patih buru-buru laporan ka raja. Ari Ciung Wanara papanggih
jeung Léngsér. Terus milu ka karaton. Nepi ka karaton, Ciung Wanara ngajak ngadu hayam ka raja.
Duanana maké tandon. Lamun hayam Ciung Wanara éléh, tandonna nyawa Ciung Wanara. Sabalikna
lamun hayam raja nu éléh, tandonna nagara sabeulah, sarta Ciung Wanara baris dijenengkeun raja tur
diaku anak.

Gapruk baé atuh hayam téh diadukeun. Lila-lila hayam Ciung Wanara téh kadéséh, terus
kapaéhan. Ku Ciung Wanara dibawa ka sisi Cibarani, dimandian nepi ka élingna. Gapruk diadukeun deui.
MODUL BASA SUNDA KELAS XII_2021-202

Keur kitu datang Nagawiru ti Gunung Padang, nyurup kana hayam Ciung Wanara. Sanggeus kasurupan
Nagawiru, hayam Ciung Wanara unggul. Hayam raja éléh nepi ka paéhna.

Luyu jeung jangjina Ciung Wanara dibéré nagara sabeulah, beulah kulon. Dijenengkeun raja sarta
diaku anak ku Prabu Barma Wijaya Kusumah. Ari nagara anu sabeulah deui, beulah wétan dibikeun ka
Hariang Banga.

Ku Kabinékasan Ki Léngsér, Ciung Wanara bisa patepung deui jeung indungna nya éta Déwi
Naganingrum. Lila-lila réka perdaya Déwi Pangrenyep téh kanyahoan ku Ciung Wanara. Saterusna atuh
Déwi Pangrenyep téh ditangkep sarta dipanjara dina panjara beusi. Hariang Banga kacida ambekna basa
nyahoeun yén indungna geus dipanjara ku Ciung Wanara. Der atuh tarung. Taya nu éléh sabab sarua
saktina. Tapi lila-lila mah Hariang Banga téh kadéséh ku Ciung Wanara. Hariang Banga dibalangkeun ka
wétaneun Cipamali. Tah, harita kaayaan Galuh jadi dua bagian téh. Kuloneun Cipamali dicangking ku Ciung
Wanara. Ari wétaneunana dicangking ku Hariang Banga.

Dicutat tina https://jabarnews.com/read/82714/cari ta-pantun-ciung-wanara

Sangkan hidep leuwih nyangkem eusi carita pantun di luhur, pék jawab sawatara pananya ieu di handap!

1. Naon téma atawa jejer tina carita pantun di luhur?


2. Saha wae palakuna? Kumaha deuih watekna?
3. Hal naon waé anu bisa ditulad atanapi diconto tina carita pantun di luhur?
4. Sebutan kumaha wae gurat badag (“garis besar”) eusi carita pantun di luhur!
5. Paluruh 5 kecap nu dianggap hésé tina carita pantun di luhur, tuluy téangan hartina!

Catetan: Pigawé pancén ieu dina buku tulis, fotokeun teras kintun kana Google classroom. Teu kéngéng hilap serat nami
lengkep, kelas, dinten, bulan, kaping.

You might also like