You are on page 1of 1

MTs Linggalaksana 2023

Alhamdulillahi rabbil a’lamin wasalatu wassalamu a’la asrofil anbiyai walmursalin


wa’ala alihi wassahbihi ajmain ama ba’du.
Langkung tipayun hatu urang sami-sami manjatkeun puja sinareng puji ka Dzat
Illahi Rabbi, anu prantos masihan nikmat ka urang sadayana, nyaeta Allah
Azzawajalla. Oge teu hilap shalawat sinareng salam, mugia di limpah curahkeun
ka jungjungan alam, yakni kanjeng Nabi Muhammad SAW.
Dewan juri anu kusimkuring dipihormat, Bapak kalih Ibu guru anu ku simkuring
dipihormat, oge teu hilap ka rerencangan anu kusimkuring dipikacinta. Simkuring
ngadeg di iyeu tempat bade ngadugikeun biantara anu unina “PAMUDA AYEUNA
GENERASI BANGSA”.
Di jaman kiwari loba pamuda jeung pamudi anu hirupna sagawayah nurutkeun
hawa nafsuna masing-masing. Urang salaku generasi penerus, komo deui urang
masihkeneh budak sakola urang kudu bisa milah milih mana perkara anu bener
jeung perkara anu salah. Ulah nepikeun urang kabawa ku budaya sejen. Utamina
dina pergaulan bebas, anu ngakibatkeun dampak negatif keur diri sorangan,
umumna mah ngaresahkeun masyarakat loba.
Urang kudu boga pamikiran pikeun bangsa urang ka hareupna, jeung kudu boga
bekel piken jaman pikahareupueun, sabab lamun urang teu boga cita-cita pikeun
ngamajukeun bangsa urang sorangan, rek ku saha deui bangsa urang teh majuna,
iwalti ku nonoman pamuda pamudi ayeuna.
Kusakituna simkuring salaku Pamuda, ngajak ka dulur sadayana anu saperjuangan
sareng simkuring, hayu urang sami-sami mawas diri urang pikeun zaman anu
leuwih maju. Urang omean deui tingkah laku urang anu loba salahna, benerkeun ti
ayeuan mempeung urang hirup keneh di dunya, urang manfaatkeun waktu ngora
urang, sabisa-bisa pikeun ngaraih cita-cita.
Mungsakitu ti simkuring mudah-mudahan aya manfaatna, hapunten bilih aya
kalepatan anu kirang mernah dina manah para dulur sadayana.

MTs Linggalaksana 2023

You might also like