You are on page 1of 2

Nama : Syafiratul Adzkia

Assalamualaikum Warohmatullahi Wabarokaatuh


Sampurasun……
Kumaha Daramang Sadayana…….
Bapa miwah ibu girang pangajén anu ku simkuring dipihormat, ogé hadirin
sadaya anu sami hadir anu ku sim kuring dipihormat.
Alhamdulillah wa syukrulillah, dina danget ieu sim kuring baris ngadungikeun
biantara anu jejerna “Ngamumulé Basa Sunda di Lingkungan Sakola”.
Naon margina? Kumargi, basa Sunda téh basa daérah anu kaasup kana
kabudayaan daérah. Basa Sunda téh basa anu diagungkeun ku urang Sunda.
Jalaran urang sadaya putra daérah seuweusiwi Pasundan, nu matak wajib
ngamumulé basa Sunda dina kahirupan sapopoé.
Namung, hanjakalna dina mangsa kiwari basa Sunda anu kasohor lemesna téh
tos méh-méhan teu diadaban ku para nonoman.
Tah, nilik kaayaan kitu, urang salaku bibitbuit Ki Sunda kedah kumaha atuh?
Dina perkara ieu pisan, sim kuring baris babalagonjangan ngadugikeun
pamadegan sim kuring.
Urang salaku seuweu-siwi Siliwangi kedah ngagunakeun basa Sunda dina
kahirupan sapopoé. Numatak ayeuna mah Kabupatén Sukabumi tos ngarintis
sadaya lembaga kaasup sakola, yén dina saminggu téh aya poé basa Sunda, dina
dinten kamis, upami pameget nganggo acuk pangsi pami istri nganggo acuk
kebaya
Dina lebah dieu pisan sim kuring bade ngajak ka sadayana, hayu urang rojong
ieu program téh, urang biasakeun nyarita ku basa Sunda.
Saupama sakumna sakola ngarojong tur ngalaksanakeun ieu program, tangtos
baé tarékah miara jeung ngamumulé basa Sunda téh langkung ronjat
Saupama lain ku urang dimumulé, badé ku saha deui basa Sunda diraksa?
Naha urang téga jolédar ka basa indung urang sorangan?
Dina danget ieu simkuring gaduh kawih, kupingkeun nya!
“Kuring Urang sunda
Tangtu ngarojong kajati
Pikeun ngamumule basa sunda
Mun teu ku urang ku saha deui”
Sakali deui nya hayu sasarengan, 1… 2… 3…
“Kuring Urang sunda
Tangtu ngarojong kajati
Pikeun ngamumule basa sunda
Mun teu ku urang ku saha deui”
Ku kituna urang salaku penerus urang sunda nu aya di kabupaten Sukabumi,
hayu urang silih asah silih asih dina ngamumule basa urang nyaeta basa sunda.
Hadirin nu ku simkuring dipihurmat,
Sakitu wae biantara ti abdi, terakhir abdi gaduh pantun, kupingkeun nya!
“nyai iteun nyai iteun
Linggihna di parapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan”
Hiji deui nya bapak ibu pantunna, wios?
“DI desa aya wahangan
Manggih doma disimutan
Aya mangsana dating
Aya oge mangsana amitan”
Abdi Abdi Syafiratul Adzkia seja amit mundur, haturnhun

Wassalamu’alaikum warohmatullahi wabarokaatuh.

Saupama leungit basa Sunda, tangtu leungit ogé budaya jeung jati diri urang
Sunda.

You might also like