You are on page 1of 4

Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh

Nepangkeun nami abdi Angga Prasetya, kawitna ti SDN Cibatok 04

Wilujeng enjing sadayana


Bapa / Ibu dewan juri anu kusim abdi dipihormat, sareng sadaya rerencangan anu ku sim
abdi dipikanyaah.
Langkung ti payun manga urang sanggakeun puji sinareng syukur ka Allah ta’ala nu
parantos masihan waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang rarai dina iyeu acara.
Alhamdulillah urang tiasa kempel di iyeu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.
Hadirin anu ku sim kuring dipika hormat dina iyeu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha
pentingna hirup bersih terutama di lingkungan sakola.
Kabersihan sakola teh sanes tugas panjaga sakola wungkul, tapi kawajiban sadayana nu
aya di lingkungan sakola.
Urang kedah miceun runtah kana wadahna, nyiduh ulah dimana wae, batuk atawa bersin
kudu nutupan baham, sareng kawajiban piket di sakola.
Sabab, bersih teh mangrupakeun sabagian tina iman. Upami lingkungan sakola bersih
insyaallah warga sakola sarehat sareng muridna palinter.
Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang oge bersih.
Hadirin anu dipika hormat
Cekap sakitu nu kapihatur biantara singkat ti sim abdi, pamungkas ti abdi bilih aya basa nu
kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang mernah larapna, mugi kersa
ngahapunten. Haturnuhun kana perhatosannana.
Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.
Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh
Nepangkeun nami abdi Bagusti, kawitna ti SDN Cibatok 04

Abdi Bade nyaritakeun dongeng anu judulna :


“SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET NGALA CAU”

SAWATARA bulan ti harita, pelak cau Sakadang Kuya téh geus baruahan, malah geus
arasak. Mimiti kanyahoanana ku Sakadang Monyét. Atuh Sakadang Monyét téh
hariweusweus nyaritakeun tangkal cau téa ka Sakadang Kuya.

“Ieuh, geuning tangkal cau téh geus buahan. Buahna ogé geus karonéng deuih,” ceuk
Sakadang Monyét

“Piraku Sakadang Monyét?”

“Sumpah. Pan bieu uing ngaliwat ka dinya. Kudu buru-buru diala, bisi kaburu ku cocodot!”

“Heug, isukan mah urang ala.”

“Keun uing anu ngalana mah, urang taékan. Sakadang Kuya mah cicing wé di handap, da
teu bisa naék. Ngan uing ménta nya, apan uing anu ngalana, jeung uing deuih anu
pangheulana nganyahoankeun geus asakna ogé! Kuduna mah dibagi dua.”

Sakadang Kuya ukur nyenghél ngadéngé omongan Sakadang Monyét kitu téh. Teu
némbal.

Peutingna, soré kénéh Sakadang Monyét geus saré. Jigana mah capéeun, lantaran
beurangna geus liar jauh. Ari Sakadang Kuya mah masih kénéh nyileuk. Keur kitu kadéngé
Sakadang Monyét ngalindur, “Isukan uing rék ngala cau. Cauna rék dibawa kabur,
Sakadang Kuya mah moal dibéré. Bongan tuda, basa éta gé nangka dibéakkeun ku
sorangan.” Tayohna mah Sakadang Monyét téh neuteuli soal nangka téa, nepi ka
kababawa ngalindur.

Ngadéngé kitu, Sakadang Kuya ngahuleng. Mikiran kumaha carana sangkan isukan cauna
henteu dibawa kabur ku Sakadang Monyét. Manéhna manggih akal. Belenyéh seuri
sorangan. Manéhna nyokot koja. Tuluy éta koja téh dibolongan handapna. Anu bolongna
téh dianyamkeun deui, tapi anyamanana padu némpél, nepi ka teu katingali geus
dibolongan. Geus kitu mah, dug baé Sakadang Kuya saré.

Isukna, kira-kira wanci haneut moyan, Sakadang Monyét ngajak ngala cau téa ka
Sakadang Kuya.

“Sakadang Kuya, hayu urang ngala cau téa!”

“Hayu. Tah, bawa atuh kojana ku Sakadang Monyét, keur wadahna. Pan anjeun anu rék
ngalana ogé, uing mah teu bisa naékna.”
“Heueuh, ka dieu urang bawa ku uing,” ceuk Sakadang Monyét. Koja téh disalindangkeun.

Duanana leumpang antaré naker. Sakadang Monyét mah katénjona téh bungah pisan.
Paromanna marahmay, malah maké jeung hahariringan sagala. Boga rasa, manéhna
bakal meunang milik anu kacida lobana. Sakadang Kuya mah moal dibéré.

Barang tepi ka nu dijugjug, enya baé cau téh geus arasak. Komo seuhangna mah, geus
karonéng. Anu katénjo héjo kénéh téh, butitina wé.

Teu ngadagoan dititah heula, kalacat wé Sakadang Monyét naék kana tangkal cau. Tuluy
baé metikan cau anu geus arasakna. Sanggeus dipetik, terus diadupkeun kana koja. Atuh
puguh wé cau téh murag, lantaran handapna geus dibolongan téa ku Sakadang Kuya. Cau
anu murag téh disanggap ku Sakadang Kuya. Sanggeus dibuka cangkangna, belewek baé
didahar.

Sakadang Monyét mah tonggoy baé metikan cau. Petik, sup kana koja, pluk murag. Kitu
jeung kitu baé. Sakadang Monyét teu nyahoeun, da teu rurat-rérét ka handap. Bakating ku
hayang buru-buru anggeus ngala cauna.

Bari ngaweswes ngadaharan cau, Sakadang Kuya api-api ngurihit ménta cau ka Sakadang
Monyét.

“Jang, cik atuh ménta cau téh. Hijiii wé. Uing mah meni hayang ngasaan!”

Sakadang Monyét teu némbalan. Malah teu ngalieuk-lieuk acan.

“Emh, Sakadang Monyét mah teu inget wé ka uing téh!”

Sakadang Monyét hare-haré.

Barang cau anu arasakna geus béak, Sakadang Monyét tuturubun turun tina tangkal cau.
Maksudna rék mawa kabur cau arasak, anu pangrasana mah aya dina kojana. Deregdeg
baé lumpat, térékél naék kana tangkal anu jangkung. Clé diuk dina dahanna anu luhur.
Leungeunna ngodok koja rék nyokot cau. Cauna euweuh. Barang eusina diilikan,
Sakadang Monyét ngajéréwét kagét, lantaran kojana kosong. Beuki kagét barang ningali
koja téh handapna bolong.

Rét ka handap, katingali Sakadang Kuya keur nyarandé kana tangkal cau bari nyekelan
beuteung. Kamerekaan lantaran loba teuing ngadahar cau. Di sabudeureunana cangkang
cau meni ngabayak.

Sakadang Monyét buru-buru turun tina tangkal, tuluy nyampeurkeun Sakadang Kuya.

“Sakadang Kuya, ménta cauna atuh!”

“Tah, aya hiji deui!” ceuk Sakadang Kuya bari nuduhkeun kana cau anu ngagolér.
“Maenya ngan hiji!” ceuk Sakadang Monyét nyereng.

“Ih, apan anu naékna gé Sakadang Monyét, uing mah ngan mulungan anu maruragna
wungkul,” témbal Sakadang Kuya, bari angger ngusapan beuteungna anu mutiktrik.

Cau téh dicokot, tuluy didahar ku Sakadang Monyét. Puguh baé ngeunah, cau raja ceré,
asak dina tangkal deuih.

Sakadang Monyét kacida keuheuleunana ka Sakadang Kuya.

“Sakadang Kuya mah kawas lain jeung sobat baé!” pokna bari terus indit.

Sakadang Monyét pundung deui. Indit ka jero leuweung, ninggalkeun Sakadang Kuya.
Cekap sakitu nu kapihatur Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

You might also like