Professional Documents
Culture Documents
Soal UTS Bahasa Sunda Kelas 10 Semester 2
Soal UTS Bahasa Sunda Kelas 10 Semester 2
Jaman baheula aya hiji jalma anu hirupna malarat rosa. Carékna dahar isuk henteu soré
téh lain bobohongan. Ari pagawéanana sok buburuh ngangon domba batur. Sanajan digawéna
kacida getolna, tapi hasilna teu kungsi mahi, jajauheun kana cukup. Da puguh ukur buburuh. Ari
buruhanana dina sataun téh paré 50 geugeus, ditambah ku bekel dahareun mun rék ngangon.
Sakali mangsa éta tukang ngaon téh gering nepi ka teu bisa ngangon. Tapi, ku
dununganana téh teu diurus. Barang geus cageur sarta keur mamayu, ngan can kaduga ngangon,
ka dununganana ménta kadaharan. Tapi batan méré mah dununganana kalah nyarékan. Majar
téh, “Can digawé geus hayang ménta dahar!”
Antukna éta tukang ngangon téh musapir. Manéhna prihatin liwat saking sarta ngenes di
jero haténa. Beurang peuting manéhna neneda hayang bisa cara deungeun-deungeun, teu kurang
hakaneun teu kurang pakéeun. Ku tina nyeri haté, manéhna tuluy miceun manéh ka leuweung,
teu dahar teu nginum.
Barang geus meunang sababaraha poé manéhna kasaréan ti beurang, handapeun tangkal
kai. Ari hudang bet manggih batu tilu siki. Kawas muncang, baruleud, sarta laleucir. Teu kira-
kira manéhna kagéteunana. “Na saha anu neundeun ieu batu téh, da tadi mah euweuh?” pokna.
Sabot kitu kadéngé aya sora euweuh rupa, “Ujang, ku sabab manéh sakitu prihatinna,
ayeuna paménta manéh dikabulkeun. Manéh meunang ménta tilu rupa. Pék rék ménta naon baé
ogé. Dina sakali ménta éta batu kudu dialungkeun hiji!”
Tukang ngangon liwat saking atoheunana. “Nuhun Gusti, nuhun!” pokna bari nyembah-
nyembah.
Ti dinya tukang angon tuluy balik ka lemburna. Sajajalan teu weléh imut sura-seuri
sorangan bari mikiran rék ménta naon. Ceuk gerentes haténa, “Kahiji aing rék ménta beunghar.
Kadua rék ménta jadi raja. Lantaran beunghar ogé ari teu agung mah tara dihargaan. Katiluna
aing rék ménta loba anak, sangkan bisa nuluykeun raja jeung kabeungharanana.”
Sadatangna ka imahna, manéhna rék nyoba ménta beunghar. Tapi tuluy kapikir rék ménta
duit baé. Da mun téa mah tuluy dibéré kuda, sapi, atawa ingon-ingon, kacipta réncédna da kudu
dijual heula. Ari boga duit mah apan hayang naon baé gé bisa. Tapi manéhna kacalétot ngomong.
Maksudna hayang loba duit, ari pok bet hayang loba ceuli. Barang keleweng téh batu
dialungkeun, ngan breng baé awakna pinuh ku ceuli. Mani kawas tunggul anu pinuh ku lémbér.
Tukang angon gogoléran ceurik, awahing ku gila nénjo awak sorangan. Handeueuleun
deuih, pédah paméntana anu kahiji geus mubadir. Barang geus leler, manéhna mikir deui. Ceuk
gerentesna, “Ah keun baé henteu tulus jadi raja ogé, henteu boga anak loba ogé, asal jadi
beunghar wé. Tapi ceuli nu matak pikagilaeun téh kudu leungit heula!”
Keleweng manéhna ngalungkeun deui batu anu kadua, sarta ménta sangkan ceuli anu
rimbil dina awakna leungit kabéh. Les baé ceuli téh leungit tanpa lebih ilang tanpa karana.
Tukang angon kacida bungaheunana sarta niatna rék ati-ati pisan dina nepikeun paménta anu
katilu.
Tapi ras manéhna inget kana ceulina anu dua. Ari dicabak, bet milu leungit. Puguh baé
kagéteunana tukang angon. Atuh ngan hing deui baé manéhna ceurik. Leuwih nyeri batan anu
tadi, sabab paméntana ngan kari hiji deui.
“Kumaha ayeuna aing? Lamun ménta beunghar meureun aing jadi jalma tanpa daksa, teu
boga ceuli. Lamun ménta didatangkeun deui ceuli, aing meureun angger malarat.”
Sanggeus bingung mikiran nasib, bet datang ilham tina pikirna anu beresih. “Leuwih
hadé aing ménta didatangkeun deui dua ceuli anu asal, da ceuk kolot ogé apan awak anu walagri,
sehat bari jagjag waringkas, leuwih utama batan kakayaan. Sarta saéstuna jalma anu beunghar
téh nyaéta jalma anu narima kana kulak canggeum bagja. Narima kana takdirna. Kawas aing, da
geus milikna jadi jalma malarat, euweuh sisit beunghar, nya rék ditarimakeun baé. Hanas éta teu
boga dahareun, pakéeun, nya rék ihtiar baé, da awak lengkep kénéh, tanaga gedé. Mending
néangan baé dunungan anu bageur!” pokna.
1. Mun ditilik tina palaku jeung eusina, dongéng di luhur kaasup kana dongéng….
a. Legénda
b. Mite
c. Fabél
d. Parabél
e. Sage
3. Kacalétot nyebut naon tukang angon téh basa ngajukeun paménta anu ka hiji?
a. Ceuli
b. Kuli
c. Kawali
d. Duit
e. Leungit
10. Mun nilik kana eusina, dongéng Sasakala Situ Bangendit kaasup conto dongéng…..
a. Legénda
b. Fabél
c. Parabél
d. Mité/mitos
e. Sage
11. Dongéng anu eusina nyaritakeun sasatoan kalawan paripolahna saperti manusa disebut….
a. Sage
b. Fabél
c. Parabél
d. Legénda
e. Mité
12. Runtuyan kajadian dina carita anu ngawangun hiji lalakon nepi ka ngaleunjeur disebut
unsur…..
a. Jejer
b. Latar
c. Palaku
d. Galur
e. Amanat
13. Mun ditilik tina carita jeung tokoh-tokohna, carita di luhur ka asup kana ....
a. Dongéng
b. Carpon
c. Babad
d. Carita Wayang
e. Novél
14. Diantara Yudistira, Bima, Arjuna, Nakula jeung Sadéwa, saha anu pang gedéna?
a. Nakula
b. Yudistira
c. Arjuna
d. Sadéwa
e. Bima
16. Saha anu dipilih ku Yudistira pikeun dihirupkeun deui ku Déwa téh?
a. Arjuna
b. Sadéwa
c. Kabeh di pilih
d. Nakula
e. Bima
17. Dina carita Wayang Mahabarata aya kajadian perang anatara Kurawa jeung Pandawa,
perang éta di sebut perang....
a. Perang Bantar Yuda
b. Perang Baratayuda
c. Perang Pamuk
d. Perang Barata
e. Perang Setra