You are on page 1of 4

SASAKALA GUNUNG TANGKUBAN PARAHU

Dina hiji mangsa, di Tatar Sunda.


Kacaritakeun hiji indung, Dayang Sumbi,
nitah anakna Sangkuriang, sangkan ngala
kijang. Dayang Sumbi teh geus lila teu
ngadahar ati kijang.

Isukna, wanci carangcang tihang,


Sangkuring geus saged, dibaturan tumbak
binang jeung Si Tumang. Norobos tuluy ka
tengah leuweung. Ceuli jeung panonna
cingceung ngadedengekeun korosakna
dangdaunan jeung ngintip-ngintip sang
kijang. Aneh, bet taya kijang nu ngalanto sahulu ge. Haneut moyan, taya. Pecat sawed,
lebeng. Tengah poe, komo.

Wanci lingsir ngulon, Sangkuriang nyamos keneh. Waktu maju ka burit, tuluy reup-reupan.
Leuh karunya teuing ambu, teu tulus ngadahar ati kijangna, kitu dina pikirna. Lalay nu geus
rabeng mingkin ngaganggu pikiran Sangkuriang. Ret ka Si Tumang nu keur ungas-ingus
rada jauh ti manehna. Sakilat, tumbak dilempag, gaiiikkkk! Si Tumang rubuh.

Wanci sareureuh budak, Dayang Sumbi langsung ngasakan ati beubeunangan ngala anakna.
Tuluy duaan dahar balakecrakan. Bari dahar, Dayang Sumbi nanyakeun Si Tumang. Ku
Sangkuriang dijawab satarabasna.

Gebeg teh Dayang Sumbi! Teu antaparah, sinduk celem gigireunana dijeuwang. Peletak
ditakolkeun kana sirah deukeut tarang anakna. Getih ngaley lalaunan. Tuluy Dayang Sumbi
ngusir Sangkuriang, titah nyingkah ti imah.

Bari mawa kapeurih ati, Sangkuriang leumpang bari tungkul ninggalkeun imahna. Cipanon
ngalembereh. Getih nu ngaley disusut lalaunan. Dina hatena tumanya. Ku naon ambu teh,
meni sakitu ambekna? Pira ge anjing, naha meni kudu ngusir anak? Kamana nya awaking
kudu ingkah? Indit kamana atuh? Sakieu geus peutingna?

Sukuna terus ngalengkah ka wetankeun. Ka wetankeun. Ka wetankeun.

Di tengahing perjalananana, teu karasaeun waktu baganti. Sapoe. Sapuluh poe, dua puluh
poe, tilu puluh poe. Sapurnama. Dua purnama. Tilu purnama. Dua belas purnama.
Sawarsa. Dua warsa. Tilu warsa. Dalapan warsa.

Sangkuriang geus jadi pamuda nu kacida kasepna. Dedegna tanggoh, dadana bangbang.
Sukuna panceg, kayakinanana tohaga.

Hiji mangsa di hiji tempat, bet manehna papanggih jeung hiji wanoja nu kacida geulisna.
Manehna katarik atina, tuluy wawanohan. Duanana horeng pada-pada katarik atina. Ahirna
duanana jangji rek rumah tangga.
Tapi, dina hiji waktu, nalika eta wanoja ngusapan buuk papacanganana, kacabak aya urut
raheut dina sirah deukeut tarang. Tuluy ditanyakeun ka Sangkuriang ku naon alatanana.
Hatena geus teg bae, nu di hareupeunana teh taya lian ti anakna pituin.

Barabat Sangkuriang nyaritakeun asal musababna. Ranjug Dayang Sumbi! Tuluy manehna
nerangkeun, saha dirina. Tapi Sangkuriang teu percayaeun. Keukeuh teu percayaan. Ahirna
Dayang Sumbi menta tanjakan, daek jadi bojo Sangkuriang asal disadiakeun talaga parahu
keur lalayaran. Sangkuriang ditempoan sapeuting kudu migawena. Tur kudu anggeus
memeh bijil panon poe. Sangkuriang bari ambek nyanggupan pamenta Dayang Sumbi.

Sagala rupa kakuatan dikumpulkeun ku Sangkuriang. Talaga geus ngajadi, kari parahu
sakeudeung deui anggeus.

Dayang Sumbi teu cicingeun usaha satekah polah ngeureunkeun pagawean anakna.
Rahayat lembur dihudang-hudangkeun, ambu-ambuna dititah tutunggulan di saung lisung.
Hayam dirojokan dina paranje supaya kokotak jeung kongkorongok. Di pasir, Dayang
Sumbi nyeungeut 100 damar, tuluy boeh rarang (lawon bodas) diabar-abar supaya siga
wanci balebat. Hayam pating kongkorongok mapag nu siga balebat teh.

Gebeg Sangkuriang! Hatena ambek kacida. Manehna teu percayaeun panonpoe meletek.
Tapi ceulina ngadenge hayam reang kongkorongok jeung dibeulah wetan bet siga balebat
tingarudat.

Ngagidir amarahna. Teu antaparah parahu nu rek jadi teh ditalapung satakerna. Parahu
ngalayang ka jauhna. Gubrag murag tibalik! Lila ti lila eta parahu nangkub teh jadi gunung:
Gunung Tangkuban Parahu!
SASAKALA SITU BAGENDIT

Di wewengkon Garut aya talaga nu


ngaranna kawentar ka mana-mana, nya éta
Talaga Bagendit. Kacida kajojona téh.
Saban poé Ahad tawa poé pakanci raména
téh luar biasa. Ti nu deukeut ti nu jauh
jelema téh mungguh merul nu rék ngadon
sukan-sukan, babakuna lalayaran.

Cék sasakala mah, cék dongéng nu sok


didongéngkeun deui, éta Talaga Bagendit
asal muasalna kieu:

Baheula, geus rébuan taun ka tukang, aya


hiji randa beunghar katelah Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah nénéhna, da ngaranna sajati
mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumedna. Geus taya nu bireuk deui kana
kakumedanana. Salian ti pakacar-pakacarna mah tara aya nu lar sup ka imahna. Éstuning
lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Kajaba ti teu aya nu ngawawuhan, Nyi Endit téh
mémang jalma nunggul pinang, geus teu kadang teu warga, hirupna téh éstuning nunggelis.
Ari beungharna téa mah tétéla. Béh kebonna béh sawahna, imahna gé panggedéna di
salembur éta mah. Turug-turug ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah
pasawahan, nu upluk-aplak. Maksudna teu aya lian, ku bawaning embung campur jeung
babaturan, da sieun kasoro téa. Teu kitu mah atuh moal disebut medit.

Kacaturkeun keur usum panén. Di ditu di dieu ceuyah anu dibaruat. Ka sawah Nyi Endit gé
réa nu gacong. Ari saréngsé dibuat jeung sanggeus paréna di ka leuitkeun, sakumaha tali
paranti, Nyi Endit nyieun sedekah ngondang lebé jeung sawatara tatangga. Popolahna
saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan
ngakut tuluy diondang, ngariung tumpeng. Atuh nu ngariung téh nepi ka aya ratusna, tapi
sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan sakotéap geus bérés bari tingkarétap kénéh.

Keur meujeuhna balakécrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku


pribumi teu ditari teu ditakon, nya pok aki-aki waléh, yén teu kawawa ku lapar, sugan aya
sih piwelas. Ana gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan, nyéklék-nyéklékkeun, pajarkeun
téh taya kaéra, teu ngahutang gawé, ménta bagéan.. Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki
dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun.

Aki-aki indit bari jumarigjeung, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna ngomong kieu,
“Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna.”

Ngomongna kitu téh bari kasaksian ku sakur nu aya di dinya.

Saréngséna, nu dalahar tuluy amit rék baralik. Kakara gé pating laléos, rug-reg ngarandeg,
sabab aya nu tinggarero: “Caah! Caah! Cenah.
Henteu kanyahoan ti mana datangna cai, ngan leb baé pakarangan Nyi Endit téh geus
kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina
baé. Nyi Endit gé nya kitu, niat rék nyingkirkeun cai, tapi barang rék kaluar ti imahna, cai
téh nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum méh
laput.

Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh-weléh sasambat
ménta tulung. Tapi henteu kungsi lila jep baé jempé, sihoréng geus tikerelep. Imahna gé
geus teu témbong. Sumawonna sawahna nu upluk-aplak geus aya di dasar cai. Lembur
sakuriling bungking geus salin rupa jadi talaga, anu nepi ka ayeuna disebut Talaga Bagendit
téa.

You might also like