You are on page 1of 4

PEMERINTAH KABUPATEN BANDUNG

DINAS PENDIDIKAN
SD NEGERI KARYABAKTI
Kp. Lolongokan RT 01 RW 06 Desa Cilame Kutawaringin

NASKAH SOAL
PENILAIAN AKHIR SEMESTER (PAS)
TAHUN PELAJARAN 2020 – 2021

Mata Pelajaran : Bhs Sunda Nama : …………………...

Kelas : VI(Enam) No. BP : …………………...
Waktu : 60 menit Hari / Tanggal : …………………...

A. Pilih jawaban nu bener ku cara méré tanda cakra (X) dina huruf A,B,C atawa D !
Baca cutatan carpon di handap ieu sing titén!

Pun bapa seneng pisan miara ingon-ingon.Di rorompok téh aya kelenci, marmot,japati, sareng
hayam.Hayamna rupi-rupi, sajabi ti hayam kampung téh, aya hayam pelung, hayam bangkok,malihan hayam katé
ogé aya.
Di pengkereun rorompok,Apa ngadamel kulah dipelakan rupi-rupi lauk.Kulahna teu patos jero,margi
melang bilih aya nu titeuleum.
1. Dina padalisan kahiji aya kecap ingon-ingon,hartina ....
A. sato nu di darat B. sato nu di cai C. sato nu sok diingu D. sato nu lindeuk
2. Saur Apa téh melang bilih aya nu titeuleum,numawi....
A. kulahna teu patos jero B. kulahna jero C. kulahna jero pisan D. kulahna lega
3. Hayam anakan mah galak,sok ...lamun anakna aya nu ngaganggu.
A. ngégél B. maduk C. macok D. ngabintih
4. Rumasa kuring mah kurung batok. Kurung batok hartina ....
A. teu kungsi indit ka nu jauh C. teu hayang indit ka nu jauh
B. teu meunang indit ka nu jauh D. teu resep indit ka nu jauh
5. a. Lahan tanah téh teu acan pajeng diicalna.
b. Bu guru nganggo pajeng ka sakola.
Harti kecap pajeng dina masing-masing kalimah di luhur nyaéta ....
A. payukeun,payung B. payu,payungkeun C. payung,payu D. payu,payung
6. Uncal di Panangkaran Uncal Ranca Upas ngahaja diingu sangkan baranahan. Baranahan hartina ....
A. anakan B. ngagedéan C. betaheun D. endogan
7. Sanajan salilana aya dijero cai,sakali waktu mah penyu sok muncunghul ka luhureun beungeut cai.Penyu
napasna ku ....
A. kulit B. asang C. paru-paru D. baham
8. Manuk Jalak Bali babari katangénna da boga ciri-ciri husus,saperti buluna bodas di sakujur awakna, kajaba
tungtung buntutna jeung jangjangna, sarta warnana hideung.Pipina mah taya buluan,warnana bulao,sukuna
warna abu-abu.Manuk jalu jeung bikang téh sarupa.
Bacaan di luhur nyaritakeun yén ciri-ciri manuk jalak téh ....
A. buluna bodas sabeulah awakna,buntutna hideung
B.cpipina aya buluan warnana bulao,sukuna abu-abu
C. buluna bodas sakujur awakna,jangjangna warna hideung
D. manuk jalu jeung bikang téh teu sarupa
9. Barudak di kelas ari tos aya guruna mah cara gaang katincak. Paribasa di luhur hartina ....
A. teu bisa terus nyaritakeunana C. asalna rame, ayeuna jempling pisan
B. jempé sabab teu bisa ngomongna D. teu ngomong-ngomong deui
10. Akina Dami boga ... Garut, tandukna ogé mani ranggaék.
A. gajah B. domba C. uncal D. Hayam

Durma Buméla ka Lemah Cai

saréréa urang téh kudu sayaga rayatna jadi teu tingtrim
ngajaga lemah cai ti nu jahat jiwa ragana
nagara jadi teu aman ulah jadi karisi
11.Kecap sayaga dina pupuh di luhur hartina nu di handap ieu, kajaba....
A. sadia B. sayogi C. siap D. berkorban
12. Lemah cai hartina ....
A.cai nu lemah B. cai nu diperjuangkeun C.tanah air D. tanah urang
13. Lemah cai téh kudu dijaga sangkan aman tingtrim, ku cara....
A. urang teu kudu loba tutulung C. urang kudu loba barangbéré ka batur
B. urang kudu ngabéla nu meunang D. urang kudu sauyunan jeung sapatékadan
14. Pupuh téh aya 17,diantarana waé nu di handap ieu,iwal....
A. Dangdanggula B. Maskumambang C. Asmarandana D. Karatagan Pahlawan
15. Kecap nu teu ngabogaan rarangkén tengah –um-, nyaéta ....
A. buméla B. gumantung C. gumbira D. gumading
16. Pupuh téh karangan anu kauger ku rupa-rupa aturan,diantarana jumlah guru wilangan jeung guru lagu tiap
padalisan, nu hartina ....
A. jumlah pada tiap pupuh C. jumlah engang jeung sora tungtung
B. jumlah padalisan tiap pada D. jumlah kecap jeung sora tungtung
17. Jumlah padalisan tiap pada dina pupuh durma aya ....
A. 7 B. 8 C.9 D. 10
18. Carita pondok anu diwangun ku hiji pupuh disebut....
A. pupuh B. guguritan C. kawih D. paparikan
19. Jumlah guru wilangan jeung guru lagu padalisan kahiji dina pupuh durma nyaéta....
A. 6-a B. 7-i C. 8-a D. 12-a
20. Murid SD ... duit saridona keur nu kamusibahan gempa jeung tsunami di Palu.
Kecap nu merenah keur ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta....
A. sumbang B. nyumbang C. nyarumbang D. Sarumbang
Tengetan carita di handap ieu !
Listrik karasa gedé mangfaatna dina kahirupan urang mangsa kiwari.Cohagna mah urang téh geus loba
gumantung kana listrik.Sapoé wé euweuh aliran listrik,da karasa ripuhna atuh.
Anu dianggap gedé jasana dina ngamangfaatkeun listrik keur hirup kumbuh nyaéta Michaél Faraday.Nu
matak Inyana meunang jujuluk “Bapa Listrik”.Faraday téh urang Inggris,lahir di Néwington 22 Septémber
1791.
21. Ringkesan wacana paragraf kahiji di luhur nyaéta ....
A. Kahirupan mangsa kiwari geus loba gumantung kana listrik.
B. Listrik karasa gedé mangfaatna dina kahirupan urang.
C. Anu gedé jasana ngamangfaatkeun listrik nyaéta Michaél Faraday.
D. Faraday téh urang Inggris,lahir di Néwington 22 Septémber 1791.
22. Dina wacana di luhur aya kecap hirup kumbuh nu hartina ....
A. kahirupan di tempat nu kotor C. kahirupan di sisi walungan
B. kahirupan di pakampungan D. kahirupan di masarakat
23. Ringkesan eusi wacana paragraf kadua di luhur nyaéta ....
A. Michaél Faraday meunang jujuluk Bapa Listrik sabab jasana dina ngamangfaatkeun listrik.
B. Michaél Faraday meunang jujuluk Bapa Listrik sabab urang Inggris.
C. Michaél Faraday meunang jujuluk Bapa Listrik sabab sagala rupa maké listrik.
D. Michaél Faraday meunang jujuluk Bapa Listrik sabab baheula mah can aya Listrik.
24. Mida ngaréndos samara dina coét maké....
A. halu B. lulumpang C. mutu D. jubleg
25. Sanajan geus aya méjik-kom angger wé ari ngaliwet mah sok maké....
A. angseng B. kastrol C. katél D. Sééng
26. Kecap-kecap nu kaasup rajékan dwipurwa di antarana ....
A. ibu-ibu,bapa-bapa B. trang-tréng-trong C. ngahodhod, ngawidwid D. dudupak,tatajong
27. Kalimah nu ngandung cara nulis “di” mangrupa rarangkén nyaéta ....
A.Tangkal jambu dituar sabab loba hileudan. C. Ari meuntas dijalan kudu luak-lieuk heula.
B. Dami aya dibumi réréncanganana. D. Kandang hayam aya dipipir imah.
28. Resep ka budak éta téh,kasép jeung pinter.
Kecap nu sarua wangunna tapi béda harti jeung kecap dina kalimah di luhur
nyaéta ....
A. Sok resep ari lalajo maén bal téh. C. Budakna resep pisan kana és.
B. Abdi ngagaleuh obat di apoték nganggo resép. D. Loba nu resep kana baso
29. Mahasiswa UPI keur ngayakeun panalungtikan ngeunaan Basa Sunda di Purwakarta. Kecap panalungtikan
hartina ....
A.néangan nu dipikaresep C.néangan bahan carita
B.néangan hiji perkara D. néangan béja nu anyar
30. Anu biantara mah sok loba maké... basa.(manis + rarangkén)
Kecap nu merenah keur ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ....
A. mamanis B. aramis C. manisan D. aromanis
B. Eusian ku kecap nu cocok!
1. Manuk anu dijadikeun siloka nagara Indonésia ngaranna ....
2. Kandang hayam disebut ....
3. Bi Ina nyaritana teu bisa neruskeun sabab teu pati nyaho kana perkarana. Bi Ina nyaritana .... (paribasana)
4. Karangan anu teu kauger ku rupa-rupa aturan disebut ....
5. Karisi hartina kasieun aya kajadian anu ....

C. Pigawé panitah-panitah di handap ieu!

1. Hidep tangtu nyaah ka sato.
Tulis 3 kalimah nu ngagambarkeun hidep mikanyaah ka sato!
2. Sempalan pupuh Durma”rayatna jadi teu tingtrim”
Jelaskeun ku basa hidep maksud kalimah di luhur !
3. Tulis ku hidep 3 ciri pupuh !
4. Tulis ku hidep 3 conto kecap nu ngabogaan rarangkén tengah/sisipan “-al-” !
5. Tulis hiji kalimah nu makéngaran salah saurang tokoh nu ku hidep dipikameumeut (diidolakeun)!

You might also like