Professional Documents
Culture Documents
Rangkuman Bahasa Sunda Kelas 6 Semester 1
Rangkuman Bahasa Sunda Kelas 6 Semester 1
KELAS VI
Pangajaran 1
Nangtayungan Sasatoan
Sub Tema 1
A. Wacana
Anak Si Rénggé
Pun bapa seneng pisan miara ingon – ingon (sasatoan). Di bumina téh aya kelenci,
marmut, japati, sareng hayam. Hayamna rupi – rupi, sajabi ti hayam kampung aya ogé
hayam pelung, bangkok, sareng hayam katé ogé aya.
Di pengkereun bumina, bapa ogé ngadamel balong anu dipelakan rupi - rupi lauk
saperti lauk emas, lauk mujaér, lauk guramé, jeung lélé. Balongna téh teu patos jero, margi
saur bapa melang bilih aya anu titeuleum.
Hiji waktos Si Rudi nyarios ka bapana hoyong miara meri. Ku bapana disatujuan, tapi
moal mésér anakna badé megarkeun nyalira.
“Urang megarkeun waé, endogna urang mésér ka Mang Toha,” saur bapana.
Ti harita bapa sareng putrana teras bébérés, kaleresan aya hayam anu badé
nyileungleum nyaéta Si Rénggé. Endog Si Rénggé ditukeuran ku bapana ku endog meri ti
Mang Toha téa. Megarkeun meri saur bapana kedah ku hayam anu nuju nyileungleum. Margi
ari ku indung merina mah tara megar. Leres waé dina waktosna, anak Si Rénggé téh megar
sadayana mani lalucu pisan.
Tos umur saminggu anak Si Rénggé ku bapa diturunkeun kana balong, ditutur – tutur
ku Si Rudi bisi tilelep. Si Rudi mani resepeun pisan ningali anakna Si Rénggé ngarojay di jero
balong, mani resep katingalina téh.
Sub Tema 2
Sub Tema 3
Pangajaran 2
Sub Tema 1
A. Wacana
Penca Silat
Penca silat atawa penca téh seni béla diri tradisional nu asalna ti Indonésia. Di
Indonésia, ieu penca téh hirup di suku bangsana, di antarana baé di Minang, Sunda,
Jawa, jeung Bali. Salian di Indonésia ieu seni béla diri téh nyampak jeung hirup ogé di
Malaysia, Brunéy, Singapura, Filipina Selatan, Jeung Thailand. Malah di Vietnam ogé
ayeuna mah aya penca ogé, sabab diwanohkeun ku jawara – jawara penca ti Indonésia.
Penca ngandung opat aspék, nyaéta: méntal spiritual, seni budaya , olahraga, jeung
béla diri. Jéntréna mah kieu. Nu diajar penca, ku guruna sok diajarkeun kumaha carana
ngadalian émosi, ngalatih kasabaran jeung tahapan – tahapan séjénna. Nu diajar penca
ogé, utamana ditatar Sunda diajar kaéndahan gerakan nu disebut “ Kembang.” Urang
Penca jadi alat dina ngabeungkeut rasa duduluran sangkan guyub di Nusantara.
Diajar penca lain pikeun néangan satru kabuyutan tapi pikeun népakan kanyaah ka
sasama. Salian ti éta, nya pikeun kaséhatan, kaéndahan, jeung pertahanan diri.
B. Harti Kecap
Sub Tema 2
C. Kecap Rajékan
Kecap rajekan nyaéta kecap anu disebut dua kali boh engangna boh wangun
dasarna, aya ogé anu sok ditambah rarangkén deui, boh rarangkén hareup, atawa
rarangkén tukang.
1. Kecap Rajekan Dwipurwa asalna tina dua kecap nyaéta "dwi" anu hartina "dua" jeung
"purwa" anu hartina "mimiti atawa awal".
contona: Mobil jadi momobilan, motor jadi momotoran, tajong jadi tatajong, sépak jadi
sésépak, teunggeul jadi teuteunggeul.
3. Kecap rajékan dwilingga atawa dwimurni nyaéta kecap anu dirajék wangun dasarna
bari teu ngarobah sorana.
5. Kecap rajékan trilingga nyaéta kecap anu dirajék atawa disebut tilu kali wangun dasarna.
Contona: tang-ting-tung, dat-dit-dut, trang-tréng-trong, bla – blig – blug, dar – dér – dor
D. Kecap Sabalikna nyaéta kecap anu miboga harti sabalikna / lawan kecap
Sub Tema 3
F. Bituna warna
1. Bajuna hideung mani lestreng.
2. Warna sapatuna konéng mani enay.
3. Daun tangkal sampeu héjo mani ngagedod.
4. Caina herang mani ngagenclang.
5. Kang Toni maké baju warnana bodas mani nyacas.
6. Éta topi téh warnana beureum mani euceuy.
G. Babasan
Pangajaran 3
Tokoh Sunda
sub Tema 1
Taufik Hidayat jeung Susi Susanti téh atlit badminton anu kasohor.
Istilah di handap ieu aya dina olah raga sepak bola nyaéta:
1. Hén (handsball ) = bal keuna kana leungeun sbol
2. Prikik (Free kick) = tendangan bebas
3. Kornal (corner kick) = tendangan juru ( sudut )
4. Kiper (goal keeper) = tukang ngajaga gawang
5.Bek (back) = pamain tukang
6.Pasing (passing) = tehnik ngoper bal ti pamaén nu hiji kanu séjénna.
Sub Tema 2
Kecap Panganteur.
A. Pola kalimah ( S – P – O) = ( J- C- O )
Conto kalimah anu ngandung pola kalimah jejer, caritaan, obyék, katerangan (
J-C-O- Kt)
Conto kalimah anu ngandung pola kalimah jejer, caritaan, obyék, katerangan (
J-C-O- Kw)
D Kecap Kantétan
Kecap kantétan nyaéta dua kecap anu dihijikeun ngawangun kecap anyar sarta
ngabogaan harti anu béda tina haryti kecap asalna.
Pangajaran 4
Globalisasi
Sub Tema 1
A. Pupuh Mijil
Aduh Gusti anu maha suci
Sim abdi rumaos
Pangna abdi dumugi ka késrék
Rék ka sepuh parantos ngusir
Takabur sareng dir,
téga nundung sepuh
Aduh gusti nu kawasa
Jisim abdi ageung dosa
Pangna abdi gering nangtung
B.SUNDA/ Kls VI Page 10
Rék ka sepuh wantun nundung
B. Pupuh Mijil
Mesat ngapung putra sang arimbi
Jeung méga geus awor
Beuki lila beuki luhur baé
Larak – lirik ningali ka bumi
Milari sang rai
Pangéran Bimanyu
Watek Pupuh Mijil ngagambarkeun rasa sedih/kasedih, tapi masih kēnēh aya harepan
Guru lagu jeung guru wilang dina Pupuh Mijil nyaēta :
1. Baris kahiji 10 –i
2. Baris kadua = 6 –o
3. Baris katilu = 10 – e
4. Baris kaopat = 10 – i
5. Baris kalima = 6 – i
6. Baris kagenep = 6 – u
C. Harti Kecap
1. Sibanyo hartina ngumbah leungeun
2. Sibeungeut hartina ngumbah beungeut
3. Siduru hartina ngahaneutan awak di hareupeun hawu / tungku
4. Sidakep hartina ngalipet panangan di hareupeun dada
5. Sidéngdang hartina diuk dina bangku bari ngayunkeun suku
Sub Tema 2
D. NgaranKekembangan.
1. Aléwoh kembang waluh ( labu )
2. Jantung kembang cau
3. Mérékényényén kembang jéngkol
4. Olohok kembang kadu
5. Ringsang kembang pare ( padi )
6. Suligar kembang kalapa
7. Bosongot kembang bako
E. Sora Sasatoan.