You are on page 1of 10

NASKAH BIANTARA

FESTIVAL TUNAS BAHASA IBU (FTBI)


TINGKAT SD SE-KABUPATEN CIREBON

PEMERINTAH KABUPATEN CIREBON


DINAS PENDIDIKAN
MUSYAWARAH GURU MATA PELAJARAN
BAHASA SUNDA
Sekretariat: Jln. Pangeran Sutajaya No.142 Pabuaran, Kab. Cirebon 45188
Ngamumulé Basa Sunda di Kabupaten Cirebon

Bismilahirohmanirohim
Assalamualaikum wr.wb
Puji sinareng sukur urang nyanggakeun ka Gusti Nu Maha Agung, anu parantos maparin kaséhatan
sareng kakiatan ka urang sadaya.
Solawat miwah salam, urang sanggakeun ka Jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW, ka
kulawargina para sohabatana kalih ka urang sadaya salaku umatna, amin ya robal alamin.

Bapa miwah ibu girang pangajén anu ku simkuring dipihormat, ogé hadirin sadaya anu hadir di ieu
tempat anu ku sim kuring dipihormat.
Di Cirebon aya dua basa daérah nu kudu dimumulé nyaéta basa Sunda jeung Basa Cirebon. Jalaran
ku kawatesaan ku jejer, dina danget ieu sim kuring baris ngadungikeun biantara anu jejerna
“Ngamumulé Basa Sunda di Kabupatén Cirebon”.

Naon sababna? Kusabab, basa Sunda téh basa daérah anu kaasup kana kabudayaan daérah. Basa
Sunda téh basa anu diagungkeun ku urang Sunda kalebet ku urang Cirebon kudu bisa ngamumulé
basa Sunda dina kahirupan sapopoé.

Mangsa kiwari basa Sunda anu kasohor lemesna boh keur diri sorangan atanapi ka saluhureun geus
kagerus ku peradaban jaman hususnya ku para nonoman.

Nilik kana kaayaan kitu, urang salaku terah Ki Sunda kedah ngagunakeun basa Sunda dina
kahirupan sapopoé. Numatak ayeuna mah masarakat Kabupatén Cirebon tos ngarintis pikeun
ngagunakeun basa Sunda sanajan masih ngan saukur dina pangajaran Basa Sunda anu
diwulangkeun di sakola.

Dinas Pendidikan ngaliwatan MGMP Basa Sunda Kabupatén Cirebon miharep basa Sunda dipaké
lain ngan saukur dina pangajaran wungkul, tapi di daerah nu basa indungna ngagunakeun basa
sunda mah tetep ngagunakeun basa Sunda dina obrolan sapopoéna.

Dina lebah dieu, sim kuring umajak ka sadayana, hayu urang rojong ieu program, urang biasakeun
nyarita ku basa Sunda boh di sakola boh di lingkungan masarakat sapopoéna.

Dipiharep sakabeh dunya atikan jeung masarakat di Kabupatén Cirebon ngarojong tur
ngalaksanakeun ieu program, tangtu baé tarékah miara jeung ngamumulé basa Sunda téh bakal
langkung ronjat.

Hayu jéh, urang rampak gawé babarengan ngamumulé jeung ngarasa reueus ngagunakeun basa
Sunda sanajan ngan saukur sabagéan wilayah di wewengkon Kabupatén Cirebon

Kusaha deui basa Sunda kudu dimumulé, dijaga, jeung diriksa lamun lain ku urang? Urang bakal
téga mun basa Sunda salaku basa indung sorangan leungit kagerus ku jaman, urang kudu inget,
saupama leungit basana, tangtu leungit budayana leungit ogé jati diri urang Sunda.

Sakitu anu kapihatur, naon rupi hal nu dikedalkeun tadi téh mangrupa bangbaluh nu nyangkaruk
dina ati salila ieu. Hapunten anu kasuhun, boh bilih dina cumarios tadi teh pondok nyogok, panjang
nyugak, mugi ageung paralun, neda jembar pangampura. Haturnuhun kana sagala rupi
perhatosanana

Usikum wanafsi bitakuwuallah, wassalamu’alaikum wr. wb.

Fiet Haryadi, M.Pd (SMPN 1 Pabuaran)


NASKAH BIANTARA
FESTIVAL TUNAS BAHASA IBU (FTBI)
TINGKAT SD SE-KABUPATEN CIREBON

PEMERINTAH KABUPATEN CIREBON


DINAS PENDIDIKAN
MUSYAWARAH GURU MATA PELAJARAN
BAHASA SUNDA
Sekretariat: Jln. Pangeran Sutajaya No.142 Pabuaran, Kab. Cirebon 45188
UTAMAKEUN BASA INDONESIA, MUMULÉ BASA DAÉRAH, PIKAWASA BASA
DEUNGEUN

Bismillahirrohmanirrohim..
Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh
Alhamdulillahi robbil alamin, washolatu wassalamu ‘ala asrofil ambiya’i wal mursalin, Asyhadu
alla ilaha illallah,wa asyhadu anna Muhammad darrasulullah. Allahumma sholli 'ala
Muhammad wa 'ala ali Muhammad amma ba’du.
Langkung tipayun hayu urang sami-sami muji ka Gusti Anu Maha Suci, muja ka Pangéran
Anu Maha Kawasa anu parantos maparin ni'mat sareng hidayahna dugi ka urang tiasa
kempel ngariung, paamprok jonghok, patepung lawung, patepang raray dina kaayan sehat
wal'afiat. Sholawat miwah salam mugia salamina ngocor ngagolontor ka nabi urang sadaya,
habibana wanabiyana Muhammad SAW, ka para kulawargina, ka para sahabatna, ka para
tabiin tabiinna tur mudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna. Aamiin
Girang pangajén anu ku simkuring dipihormat,
Simkuring ngahaturkeun nuhun laksaketi kabingahan, bingah nu tanwates wangenna, bingah
nu teu aya papadana ka panata calagara anu parantos maparin waktos kanggo simkuring dina
ieu kasempetan, simkuring baris nyobi ngaguar ieu tema biantara anu unina "Utamakeun
basa Indonesia, mumulé basa daérah, pikawasa basa deungeun " mugia aya mangpaatna.
Girang pangajén anu ku simkuring dipihormat,
Di jaman kiwari loba rupa-rupa budaya asing anu asup ka lingkungan urang. Éta fenomena
téh, ulah nepi ka nyieun budaya urang jadi semah di lemburna sorangan. Kukituna
pangaweruh basa mangrupa hiji hal penting nu kudu dipiboga ku urang saréréa.
Aya ungkara “Utamakeun basa Indonesia, mumulé basa daérah, pikawasa basa deungeun.” Naon
maksudna ieu ungkara téh?
Bahasa Indonesia mangrupa identitas bangsa, basa resmi nasional di nagara urang. Maksud
utamakeun basa Indonesia nyaéta ngaheulakeun maké basa Indonesia salaku basa
komunikasi resmi atanapi komunikasi antar daerah. Ngutamakeun maké basa Indonesia
mangrupa hiji tarékah dina raraga mertahankeun eksisténsina sangkan teu éléh géléng ku
basa deungeun.
Nanging urang ogé ulah hilap yén bangsa Indonesia mangrupa bangsa anu beunghar ku
budaya. Salasahiji cara pikeun nanjeurkeun budaya nyaéta ku cara maké jeung ngamumulé
basana. Salaku urang Sunda, urang kudu reueus kana basa daérah urang nyaéta basa Sunda.
Lian ti éta urang ogé kudu bisa ngawasa basa deungeun sangkan ngabeungharan pangaweruh
basa sarta bisa ngawanohkeun basa jeung budaya urang ngaliwatan éta basa deungeun.
Sabab nu katitén ayeuna masarakat hususuna rumaja geus mulai kacanduan make istilah-
istilah basa deungeun, miboga anggepan hébat saumpama ngawasa jeung kampungan
saumpama teu bisa.
Ku kituna, dina ieu kasempetan simkuring seja umajak hususna ka para rumaja nonoman.
Hayu! Urang utamakeun basa Indonesia, mumulé basa daérah, sarta pikawasa basa
deungeun.
Girang Pangajén anu ku simkuring dipihormat,
Sakitu anu kapihatur ti simkuring, sasieureun sabeunyeureun mugia aya mangpaatna.
Aamiin. Haturnuhun kana perhatosana. Seja amit undur amit mungkur. Sapu nyéré pegat
simpay, paturay patepang deui.
Ka Banten rek meuli santen
Naek mobil nu si Patan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan
Wabillahittaufiq wal hidayah, Wassalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh
NASKAH BIANTARA
FESTIVAL TUNAS BAHASA IBU (FTBI)
TINGKAT SD SE-KABUPATEN CIREBON

PEMERINTAH KABUPATEN CIREBON


DINAS PENDIDIKAN
MUSYAWARAH GURU MATA PELAJARAN
BAHASA SUNDA
Sekretariat: Jln. Pangeran Sutajaya No.142 Pabuaran, Kab. Cirebon 45188
Ngamumulé Basa Sunda di Lembur Simkuring

Bismilahirohmanirohim
Assalamualaikum wr.wb

Puji sinareng sukur urang nsanggakeun ka Gusti Nu Maha Agung, anu parantos maparin kaséhatan
sareng kakiatan ka urang sadaya.
Solawat miwah salam, urang sanggakeun ka Jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW, ka
kulawargina para sohabatna kalih ka urang sadaya salaku umatna, amin ya robal alamin.
Bapa miwah ibu girang pangajén anu ku simkuring dipihormat, ogé hadirin sadaya anu hadir di ieu
tempat anu ku sim kuring dipihormat.
Di Lembur Simkuring aya dua basa daérah nu kudu dimumulé nyaéta basa Sunda jeung Basa
Lembur Simkuring. Jalaran ku kawatesaan ku jejer, dina danget ieu sim kuring baris
ngadungikeun biantara anu jejerna “Ngamumulé Basa Sunda di Kabupatén Lembur Simkuring”.
Girang pangajen anu ku simkuring dipihormat
Naon sababna? Kusabab, basa Sunda téh mangrupakeun basa daérah anu kaasup kana kabudayaan
daérah. Basa Sunda téh basa anu diagungkeun ku urang Sunda kalebet ku urang sadaya kudu bisa
ngamumulé basa Sunda dina kahirupan sapopoé.
Mangsa kiwari basa Sunda anu kasohor lemesna boh keur diri sorangan atanapi ka saluhureun geus
kagerus ku peradaban jaman hususnya ku para nonoman.
Nilik kana kaayaan kitu, urang kedah ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoé. Numatak
ayeuna mah masarakat Kabupatén Lembur Simkuring tos ngarintis pikeun ngagunakeun basa Sunda
sanajan masih ngan saukur dina pangajaran Basa Sunda anu diwulangkeun di sakola.
Dinas Pendidikan di Lembur Simkuring miharep basa Sunda dipaké lain ngan saukur dina
pangajaran wungkul, tapi di daerah nu basa indungna ngagunakeun basa sunda mah tetep
ngagunakeun basa Sunda dina obrolan sapopoéna.
Dina lebah dieu, sim kuring umajak ka sadayana, hayu urang rojong ieu program, urang biasakeun
nyarita ku basa Sunda boh di sakola boh di lingkungan masarakat sapopoéna.
Dipiharep sakabeh dunya atikan jeung masarakat di Kabupatén Lembur Simkuring ngarojong tur
ngalaksanakeun ieu program, tangtu baé tarékah miara jeung ngamumulé basa Sunda téh bakal
langkung ronjat.
Hayu jéh, urang rampak gawé babarengan ngamumulé jeung ngarasa reueus ngagunakeun basa
Sunda sanajan ngan saukur sabagéan wilayah di wewengkon Kabupatén Lembur Simkuring
Kusaha deui basa Sunda kudu dimumulé, dijaga, jeung diriksa lamun lain ku urang? Urang bakal
téga mun basa Sunda salaku basa indung sorangan leungit kagerus ku jaman, urang kudu inget,
saupama leungit basana, tangtu leungit budayana leungit ogé jati diri urang Sunda.
Sakitu anu kapihatur, naon rupi hal nu dikedalkeun tadi téh mangrupa bangbaluh nu nyangkaruk
dina ati salila ieu. Hapunten anu kasuhun, boh bilih dina cumarios tadi teh pondok nyogok, panjang
nyugak, mugi ageung paralun, neda jembar pangampura. Haturnuhun kana sagala rupi
perhatosanana

Kabanteun rek meuli Santen


Naek mobil nu sipatan
Hapunten abdi hapunteun
Bilih aya kalepatan

Usikum wanafsi bitakuwuallah, wassalamu’alaikum Wr. Wb.


NASKAH BIANTARA
FESTIVAL TUNAS BAHASA IBU (FTBI)
TINGKAT SMP SE-KABUPATEN CIREBON

PEMERINTAH KABUPATEN CIREBON


DINAS PENDIDIKAN
MUSYAWARAH GURU MATA PELAJARAN
BAHASA SUNDA
Sekretariat: Jln. Pangeran Sutajaya No.142 Pabuaran, Kab. Cirebon 45188
NGAMUMULÉ BASA SUNDA

Bissmillahirrohmanirrohim..
Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatu..
Sampurasun.
Alhamdulillahi robbil alamin, washolatu wassalamu’ ala asrofil ambiya’i wal mursalin, asyhadu alla ilaha illallah, wa
asyhadu anna muhammad darrasulullah. Allahumma sholli’ala muhammad wa’ala ali muhammad amma ba’du.
Langkung tipayun hayu urang sami-sami muji ka gusti anu maha suci, muja ka Pangéran Anu Maha
Kawasa anu parantos maparin ni’mat sareng hidayahna dugi ka urang tiasa kempel ngariung, paamprok jonghok,
patepung lawung, patepang raray dina kaayaan séhat wal’afiat. Sholawat miwah salam mugia salamina ngocor
ngagolontor ka nabi urang sadaya, habibana wanabiyana Muhammad SAW, ka para kulawargina, ka para
sahabatna, ka para tabiin tabiinna tur mudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna. Aamiin Ya Rabbal
Alamin
Girang pangajén anu ku simkuring dipihormat,
Simkuring ngahaturkeun nuhun laksaketi kabingahan, bingah nu tanwates wangenna, bingah nu teu aya
papadana ka panata calagara anu parantos maparin waktos kanggo simkuring dina ieu kasempetan. Ngadegna
simkuring danget ieu dipayuneun para sepuh miwah para tamu, sanés badé mapatahan ngojay ka meri, sabab
simkuring rumasa taya kabisa. Ieu mah étang-étang lauk buruk milu mijah, piritan milu endogan. Nanging sok
sanaos kitu simkuring baris nyobi ngaguar ieu téma biantara anu unina “Ngamumulé Basa Sunda” mugia aya
mangpaatna.
Girang pangajén anu ku simkuring dipihormat,
Sakumaha anu kauninga ku urang sadayana, di jaman kiwari loba rupa-rupa budaya asing anu asup ka
lingkungan urang. Éta fénoména téh, ulah nepi ka nyieun budaya urang jadi sémah di lemburna sorangan. Saur
paripaos mah jati ka silih ku junti. Salasahiji unsur budaya nyaéta basa. Kukituna pangaweruh basa mangrupa hiji
hal penting nu kudu dipiboga ku urang saréréa.
Aya ungkara “Utamakeun basa Indonésia, mumulé basa daérah, pikawasa basa deugeun”. Naon maksudna ieu
ungkara téh? Aya nu terang teu?
Bahasa Indonésia mangrupa idéntitas bangsa, basa resmi nasional di nagara urang. Maksud utamakeun
basa Indonésia nyaéta ngaheulakeun maké basa Indonésia salaku basa komunikasi resmi atanapi komunikasi
antar daérah. Salasahiji conto ngutamakeun basa Indonésia, misalna dipaké dina papan-papan informasi di
rohangan publik, ogé dijadikeun basa panganteur resmi dina prosés pangajaran. Ngutamakeun maké basa
Indonésia mangrupa hiji tarékah dina raraga mertahankeun éksisténsina, sangkan teu éléh géléng ku basa
deungeun.
Nanging urang ogé ulah hilap yén bangsa Indonésia mangrupa bangsa anu beunghar ku budaya.
Salasahiji cara pikeun nanjeurkeun budaya nyaéta ku cara maké jeung ngamumulé basana. Salaku urang Sunda,
urang kudu reueus kana basa daérah urang nyaéta basa Sunda. Da geuning saupama urang ngabandungan dina
kahirupan sapopoé, loba rumaja anu geus kurang wanoh kana basa Sunda. Basa Sunda geus mimiti teu dipaké
pikeun alat komunikasi. Ieu mangrupa hiji kaprihatinan anu kudu diperhatikeun. Padahal, saha deui nu rék miara,
ngariksa jeung ngaraksa hirup huripna basa Sunda, lamun lain ku nonoman sundana.
Lian ti éta, urang ogé kudu bisa ngawasa basa deungeun sangkan ngabeungharan pangaweruh basa
sarta bisa ngawanohkeun basa jeung budaya urang ngaliwatan éta basa deungeun. Basa deugeun ogé bisa
ngamekarkeun kaparigelan hirup dina raraga campur gaul jeung masarakat dunya. Ayeuna ngawasa basa
deugeun geus jadi tungtutan globalisasi. Ngawasa basa deungeun perlu, tapi ulah nepi ka ngurangan rasa
nasionalisme. Sabab nu katitén ayeuna masarakat hususna rumaja geus mulai kacanduan maké istilah-istilah
basa deungeun, miboga anggepan hébat saupama ngawasa jeung kampungan saupama teu bisa. Contona waé
kecap insecure anu sok dipaké ku rumaja jaman ayeuna. Padahal tina Basa Sunda ogé aya kekecapan anu
leuwih kerén, da intina mah insecure téh hartina “kuméok méméh dipacok”
Ku kituna, dina ieu kasempetan simkuring seja umajak, hususna ka para rumaja nonoman. Hayu! Urang
Ngamumulé Basa Sunda ku cara ngabiasakeun nyarita maké Basa Sunda.
Girang Pangajén anu ku simkuring dipihormat,
Sakitu anu kapihatur ti simkuring, sasieureun sabeunyeureun mugia aya mangpaatna. Aamiin Ya Rabbal Alamin.
Hatur nuhun kana perhatosanana. Seja amit mundur amit mungkur. Sapu nyéré pegat simpay, paturay patepang
deui.
Ka Banten rék meuli santen
Naék mobil nu si Patan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kelepatan
Wabillahitaufiq wal hidayah, Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.
Hurip Sunda!
NASKAH BIANTARA
FESTIVAL TUNAS BAHASA IBU (FTBI)
TINGKAT SMP SE-KABUPATEN CIREBON

PEMERINTAH KABUPATEN CIREBON


DINAS PENDIDIKAN
MUSYAWARAH GURU MATA PELAJARAN
BAHASA SUNDA
Sekretariat: Jln. Pangeran Sutajaya No.142 Pabuaran, Kab. Cirebon 45188
"NGAMUMULE BASA SUNDA".

Assalamualaikum Wr. Wb.


Alhamdulillahi rabbil ‘alamin, Aasholatu Aassalamu Ala Asrofil Ambiya'i wal Mursalin, Ashadu
Alla Ilahaillallah, wa Asyhadu anna Muhammadarasulullah. Allahuma Sholli ala Sayidina
Muhammad wa’alaalihi Muhammad, amma ba'du.
Langkung tipayun, hayu urang sami-sami muji syukur ka Gusti anu Maha Suci, muja ka
Pangéran anu Maha Kawasa, anu parantos maparin ni’mat sareng hidayah-Na dugi ka
urang tiasa ngempel ngariung, paamprok jonghok, patepung lawung, patepang raray dina
kaayaan sehat walafiat.
Sholawat tur salam, mugia salamina ngocor ngagolontor ka nabi urang sadayana, habibana
wanabiana Muhammad SAW. Ka para kulawargina, ka para sahabatna, ka para tabi’in - tabiatna
tur mugi ka urang sadayana salaku umatna, Aamiin.
Para pangajén anu ku simkuring dipihormat, simkuring ngahaturkeun nuhun sinareng
kabingahan, bingah nu teu aya padana. Kapara panata acara anu parantos maparin waktos
kanggo simkuring dina ieu kasempatan. Ogé para pamilon anu ku simkuring dipikareueus.
hadirin, neda widina, simkuring bade ngadugikeun biantara anu nyandak tema "NGAMUMULE
BASA SUNDA".
Hadirin hormateun simkuring
Basa téh cicirén bangsa, jadi simbul kaparigelan hiji bangsa dina cara mikir, campur gaul, jeung
silih hargaan papadana.
Urang sunda boga basa sunda, minangka
basana.
Kiwari geus waktuna, urang salaku rumaja, némbongkeun rasa agul kana basa sunda, lantaran
basa sunda ciri mandiri tur unik dibanding basa séjéna. Hayu sasarengan ningalkeun rasa
géngsi jeung rasa isin ngagunakeun basa Sunda.
Cik naon atuh, unikna basa sunda téh ?
Mangga urang tataan.
Hadirin hormateun simkuring
Kiwari boh host, presenter atawa tokoh nasional geus biasa urang sadaya manggihan
ngagunakeun kecap "téh" atawa "mah" dina hiji acara. Kituna éta hiji bukti kecap "téh" sareng
kecap "mah" genah di basakeun ku maranéhna najan dicampur jeung basa séjéna. Eta hiji bukti
basa sunda boga kakuatan dina cara nga-éskprésikeun diri.
Dina basa sunda ogé , loba istilah jeung kecap pikeun ngagambarkeun nu
tangtu.
Misalna ngagambarkeun objék nu kaluar, morocot, méréjél, nélél, nolol, ngaburusut, atawa
muncrat.
Tuh pan loba pisan kecapna téh
Misalna deui, nggambarkeun obahna panon, ngarérét, ngarindat, ngiceup, meureudeuy,
méndéléng, mureleng, ngadilak. Anu béda larapna jeung hartina sewang - sewang.
Kitu deui kecap panganteur saperti tarékél naék, beretek lumpat, blak nangkarak, geblug labuh.
Kawasna hésé babandinganana dina basa lian.Pan kagiatan ngumbah ge loba istilahna. Coba
hadirin ari ngumbah leungeun disebutna naon ? Tah leres sibanyo. Cobi ayeuna upami
ngumbah pakéan naon sebutna ? tah leres nyeuseuh. Ari ngumbah raray disebutna ? Leres
pisan sibeungeut. Ngumbah piring ogé disebutna gégéroh. Tuh pan beunghar pisan ku
kekecapan basa sunda mah. geus puguh mun nyaritakeun tatakrama basa mah, jigana basa
sunda juarana. Dianggap hésé diajarna, tapi sakaligus éta kaunikanana. Hadirin hormateun
simkuring Kituna hayu, urang sasarengan ngamumulé basa sunda ku cara ngabiasakeun maké
basa sunda dina campur gaul sapopoé.
Sidik pisan sidik pisan
Kalapa loba gulana
Unik pisan unik pisan
Basa sunda jeung jalmana.

Sakitu wae anu tiasa kapihatur. Bilih aya kecap nu kirang saé, hapunten anu kasuhun. Hatur
nuhun kana perhatosanana, Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalamu'alaikum Wr. Wb

You might also like