You are on page 1of 1

‫بسم اهلل الرمحن الرحيم السالم عليكم ورمحة اهلل وبركاته‬

‫ أشهد ان‬.‫احلمدهلل الذى اصطفى حممدا من واحم فأرسله بشريا ونذيرا ودعا إىل اهلل بإذنه وسراجا منريا‬
)‫ال إله ا إال اهلل وحده ال شريك له كل عزيز غريه ذليل وكل قوٍي غريه ضعيف (أما بعد‬
Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pihak panitia anu parantos
masihan waktos kanggo sasanggem dina ieu acara. Hapunten anu kasuhun, saupami dina
ieu biantara aya pisanggem anu kirang merenah, boh basana boh tatakrama.

Puji Sinareng Sukur Kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Alhamdulillah dina denget ieu
urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni upicara Paturay Tineung,
wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu kampus.
Bapak Ibu Guru, hadirin sadaya anu dipihormat.
Sim kuring ngadeg di ieu tempat minangka wawakil ti rerencangan Kelas 4 MDA, hoyong
cumarios ngedalkeun kareteg angan
Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelak . Asa kamari keneh sim kuring
saparakanca munggaran lebet ka ieu madrasah, ayuena tos kedah paturay deui. Sim
kuring saparakanca kedah deui neraskeun ka jenjang anu lewih luhur, ngahontal hareupan
sareng cita-cita.
Kantenan bae salami diajar di ieu madrasah, seueur pisan anu bakal janten
panineungan. Di dieu, di kampus urang nu genah pikabeutaheun, sim kuring saparakanca
diajar neangan elmu. Ruang-riung bohdi kelas boh dina rupa-rupa kagiatan bari
sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan. Tangtos bae eta sadayana
bakal jadi 'kenangan' nu moal kahihilapkeun. Atuh kasaean Bapa Ibu dosen sadayana,
elmu pangaweruhna anu didugikeun kasim kuring saparakanca, tangtos bakal nyerep dina
angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun. Kalayan diaping dididik ku Ibu Bapa
guru sadaya, sim kuring saparakanca gaduh elmu nu mangpaat. Dituduhkeun nu sae
sareng nu awon, nu leres sareng nu lepat, nu poek sareng nu caang.
Teu aya nu tiasa kapisanggem, iwal ti hatur sewu nuhun kana pirang-pirang
kasaean Ibu kalih Bapa Dosen sadayana. Sim kuring saparakanca teu tiasa males eta
kasaean, anging ngedalkeun du'a, pamugi rupining elmu parantos dipaparinkeun, kenging
ganjaran nu ageung mangtikel-tikel ti Gusti nu maha suci.
Atuh silami sim kuring saparakanca diajar di ieu madrasah, kantenan bae seueur
pisan kalepatan. Seueur pisansikep sareng nyuhunkeun di hapunten tina samudaya
kalepatan kaluluputan.
Pamungkas, sim kuring saparakanca nyuhunkeun pidu's ti Ibu kalih Bapa guru
sadayana, pamugi sadaya alumni nu lulus taun ieu tiasa neraskeun sadaya cita-cita anu di
pikahoyong. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukeruk elmu di tingkat nu
langkung luhur.

Meser kaos dimeteran,


meser sendal sareng pita,
Abdi mios rek pamitan,
rek ngahontal cita-cita.

Kamari mawa ragaji,


ayeuna rek mawa kisa,
Kamari urang ngahiji,
ayeuna urang papisah.

Rupina sakitu nu kapihatur. Hapunteun bilih aya basa nu kirang merenah larapna, bilih aya
kalimah nu teu raos kana manah.
Hatur nuhun kana perhatosan nana, wasallamualaikum wr.wb...

You might also like