You are on page 1of 2

BISMILLAHIRROHMANIRROHIM

Assalamua’laikum Wr.Wb

Allhamdu lillahi robbil ‘aalamin wabihi nasta’iin ‘alaa umuriddunyaa waddiin washsholaatuwasalaamu
‘alaa asyrofil ambiyaa i wal mursaliin wa ‘alaa aalihia wasohbihii ajmaiin amma ba’du.

Anu ku simkuring dipihormat Bapak kepala SMK Karya Bakti Sindang

Anu ku simkuring dipihormat Bapa/ibu guru sinareng staff tata usaha SMK Karya Bakti Sindang

Oge ka para rerencangan sadaya na nu ku simkuring dibanggakeun.

Langkung ti payun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka Allah swt., anu mana
kalayan rahmat sareng karuniana urang sadaya tiasa ngariung mungpulung paamprok jonghok patepang
raray dina acara kultum enjing ieu dina kaayaan sehat walafiat.

Sholawat miwah salam mugia salamina ngalimpah ruah ka junjunan urang sadaya Nabi Muhammad
saw.,ka para kulawargina, ka para Sahabatna, ka para tabiin tabiatna,oge teu ka kantun ka urang sadaya
salaku umatna anu insya Allah taat sareng tumut kana ajarana.Amin ya Allah 2arobbal a’lamin.

Abdi jumeneng di dieu salaku wawakil ti kelas 12 RPL 2 anu bade nepikeun susunan acara kultum enjing
ieu diantarana :

1. Bubuka

2. Pembacaan ayat suci Al-Quran sareng intisab

3. Sholawat

4. Taushiyah

5. Panutup

Supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga ieu acara urang buka wae ku ngaos basmalah
sasarengan.

Bismillahirrahmairrahim..

Lajeng ka acara anu kadua nyaeta pembacaan ayat suci Al-Qur'an sareng intisab anu bade di dugikeun
ku ikbal sareng dede jaka di sumanggakeun

Haturnhun kanu parantos macakeun ayat suci Al-Qur'an sareng intisab na mudah mudahan urang
sadaya di pasih kaberkahan
Lajeng ka acara anu katilu nyaeta sholawat, anu bade di dugikeun ku ade rian sareng aldi
disumanggakeun

Haturnhun kanu parantos ngalantunkeun sholawat na mugia urang sadaya kenging syafaat ti kanjeng
Nabi Muhammad saw.,

Nincak ka acara inti nyaeta tausiah anu bade di dugikeun ku andrey di sumanggakeun

Haturnhun kanu parantos ngadugikeun tausiah na mudah mudahan elmu na manfaat kangge urang
sadaya aamiin

Alhamdulillah acara tikawit dugi ka ahir parantos rengse. Mangga urang sami-sami tutup wae ku aosan
hamdalan sasarengan. Alhamdulilllahirabbilalamin

Pribados salaku pangjajap acara nuhunkeun dihapunten tina samudaya kakiranganana, hatur nuhun tina
sagala perhatosanana.

Akhirul kalam Wabillahitaufik Walhidayah

Wassalamua’laikum Wr.Wb

You might also like