You are on page 1of 2

Sampurasunnn nepangken sim kuring peserta nomer 4 seja midangken dongeng jejerna

Sasakala Situ Bagendit Wilujeng ngadanguken

Baheula geus rébuan taun ka tukang aya hiji randa beunghar sagala aya. eta randa th nu katelah
Nyi Endit.

Ieu téh saenyana mah ngaran nénehna, da ngaranna sajatina mah Nyi Bagendit.

Manéhna téh kacida pisan ku…medna. Geus taya nu bireuk deui kana ka kumedannana.

tara aya nu lar sup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh.

Kajaba ti teu aya anu ngawawuhan, Nyi Endit téh émang jalma nunggul pinang, hirup téh
éstu nunggelis. Béh kebonna béh sawahna, imahna gé panggedéna di salembur éta mah. Sawahna
upluk aplak sajauh panenjoan.

Eta nyai Endit tara daek campur jeung babaturan, da sieun kasoro téa. Teu kitu mah atuh moal
disebut medit.

Kacaturkeun basa usum panén. Di ditu di dieu ceuyah anu dibaruat.

Ka sawah Nyi Endit ogé réa nu gacong. Ari saréngsé dijieun jeung sanggeus paréna di
kaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sedekah ngondang lebé jeung sawatara
tatanggana.

Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan
ngakut tuluy diondang, ngariung tumpeng.

Atuh nu ngariung téh nepi ka aya ratusna, tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ngan sakotéap
geus bérés bari tingkaretap kénéh.

Ku pribumi teu ditarik teu ditakon, nya pok aki-aki waléh, yén teu kawawa ku lapar, sugan aya
sih piwelas.

Ari kitu téh Nyi Endit bet nyarékan, nyeklek-nyeklekkeun, pajarkeun téh tau aya ka éra, teu
ngahutang gawé, ménta bagéan.

Tungtungna nepi ka pundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun.

Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan.

Méméh indit manéhna ngomong kieu: “Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya
wawalesna.” Ngomongna kitu téh kasaksian ku sakur anu aya di dinya. Saréngséna nu dalahar
tuluy amit rék baralik.

Kakarak gé pating laléos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero: “Ca’ah! Ca’ah!” cenah.
Henteu kanyahoan deui timana datangna éta cai, ngan leb baé pakarangan Nyi Endit téh geus ka
keueum, atuh kacida ributna jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé.

Nyi Endit gé nya kitu, niat rék nyingkirkeun cai, tapi barang kaluar ti imahna, cai téh nepi ka lir
ombak laut ting garuling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus ka keueum méh laput.

Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bias mah teu weléh-weléh sasambat ménta
tulung.

api henteu kungsi lila jep baé jempé, sihoréng geus tikerelep. Imahna gé geus teu katembong.

Sumawonna sawahna nu upluk-aplak geus aya di dasar cai.

Lembur sakuriling bungking geus robah ngarupa jadi situ, anu nepi ka ayeuna katelah situ
bagendit téa.

Pesan moral dalam dongeng asal Usul situ bagendit:

Jadi orang janganlah serakah, pelit dan sombong, karena semua perbuatan pasti ada balasannya.

Serta, harta hanyalah sebuah titipan, alangkah baiknya kita bersikap dermawan, saling berbagi,
dan saling menolong dengan orang lain.

You might also like