You are on page 1of 5

Kisi-Kisi B.

Sunda

1. Biantara
2. Biografi
3. Dongeng
4. Wayang
5. Sajak

6. Sisindiran (materi kelas XI Semester 1) Commented [A1]:


Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu
togmol. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi). Sisindiran téh wangunna mibanda cangkang
jeung eusi. Upama dina tradisi Malayu mah disebutna pantun. Sisindiran téh dina Kamus Umum Basa Sunda nyaéta
basa anu diréka, lolobana murwakanti sarta bisa dikawihkeun.

Rupa-rupa sisindiran
Sisindiran téh dipasing-pasing jadi tilu rupa nyaéta paparikan, rarakitan, wawangsalan éta sisindiran anu tilu teh tangtu
beda wangun tur pada-pada miboga ciri nu mandiri, diantarana:
1) Paparikan
Paparikan teh sisindiran anu diwangun ku dua cangkang jeung dua eusi. paparikan asal kecapna tina parik, ngandung
harti parek atawa deukeut maksudna, sora kecap-kecap nu aya dina padalisan cangkang deukeut jeung sora atawa
kecap-kecap dina padalisan eusi.
Conto:
sawah ngemplang ditanduran (padalisan 1)
ka huma ngala jarami (padalisan 2)
ulah renggang duduluran (padalisan 3)
dasarna silaturahmi (padalisan 4)
Padalisan kahiji jeung kadua disebut cangkang padalisan katilu jeung kaopat disebut eusi.
2) Rarakitan
Rarakitan asal kecapna tina rakir salsangsa alat transportasi di cal dijieuna tina aw an wangun rakit teh papak dilebah
puhuna, katungtungna mah sakapeung sok rada regol bae sisindiran rarakitan mah aya kesan papak lebah ‘puhuna’.
Conto:
saur saha batik mirah (a)
sok atuh gera artosan (b)
saur saha abdi narah (a)
sok atuh gera tarosan (b)
3) Wawangsalan
Beda jeung wangun paparikan atawa rarakitan, wangun wawangsalan mah dina padalisan cangkang téh ngandung
tatarucingan atawa mangrupa tatarucingan. Ari dina pasalisan eusi nganding wangsal eta wangsal teh mangrupa
kecap atawa fraseu anu sorana murwakanti (deukeut) jeung eusi tina tatarucingan tea.
Conto
kleup maen bal maung bandung (kalimah cangkang, tatarucigan)
los nasib kedali paturay (kalimah eusi)
Wangsalna persib

Contoh Soal
7. Kawih
Kawih ari kawih asalna tina kecap kavy (baca, kawi) anu hartina sa'ir (kavya - bujangga). Kawih nyaéta rakitan basa
anu ditulis ku para bujangga atawa seniman sarta miboga birama anu ajeg (angger). Sakumaha ilaharna lagu, kawih
kabeungkeut ku wiletan jeung témpo atawa ketukan. Nu matak kawih sok disebut ogé lagu-lagu nu kaasup sekar tandak,
boh kawih tradisional boh wanda anyar.
Kawih mah béda jeung pupuh, kawih teu kauger ku rupa-rupa aturan atawa patokan kawas nu aya dina pupuh. Rumpaka
kawih téh eusina pinuh ku ajén atikan. Ari rumpaka kawih teu béda jeung rumpaka wangun puisi séjénna, ngan kawih
mah geus dilengkepan ku aturan titilaras.

Unsur-unsur kawih nyaéta:


1) Téma mah minangka hal poko atawa galeuh anu ngajiwaan sakabéh eusi rumpaka kawih.
2) Nada nyaéta sikep nu nulis rumpaka kawih nu karasa ku anu ngaregepkeun atawa nu maca, upama sedih,
nalangsa, handap asor, sombong, jsb.
3) Rasa téh ngagambarkeun sikep nu ngawih kana poko pasualan anu aya dina rumpaka kawih.
4) Amanat nyaéta perkara atawa pasualan anu hayang ditepikeun ku nu ngawih atawa nu ngarangna.

Rupa-rupa kawih dumasar kana kamekaran waktu, nyaéta:


1) Kawih buhun atawa tradisional. Buhun artina kuno, jaman baheula atawa kecap séjén tina bahari. Période kawih
buhun aya dina kurun waktu saacan jaman Jepang nepi ka Jaman Jepang. Lagu anu kaasup kawih buhun, di
antarana nyaéta lagu "Banjar Sinom", jsb.
2) Kawih jaman Jepang, dimimitian kira-kira Jepang datang ka Indonesia taun 50-an. Sababaraha kawih nu aya
di jaman Jepang di antarana lagu " Es Lilin", " Balon Ngapung", "Gehgér soré", "Bandowati", jsb.
3) Kawih wanda anyar atawa kawih jaman kiwari nyaéta kawih jaman ayeuna. kurun waktu kawi wanda anyar
dimimitian ti taun 50-an nepi ka kiwari. Kawih wanda anyar di antarana nyaéta lagu "Anggrek Japati", "Cinta Nusa",
"Angin Priangan", "Hujan Munggaran", jsb.

8. Warta
Warta téh hartina informasi atawa laporan ngeunaan peristiwa atawa kajadian aktual tur anyar carék itungan
waktu. Wangenan anu sejena sakumaha nu ditembrakeun ku para ahli, warta téh nyaéta laporan tina peristiwa atawa
kamandang nu sipatna penting, ngirut, jeung anyar pikeun masarakat réa, kapublikasikeun sacara lega kalawan maké
média massa sacara periodik.
Struktur Teks
1) Judul
2) Teras atawa lead warta
3) Eusi
Contoh Soal
Iber perkawa hiji kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan, disebutna...
a. biantara
b. iklan
c. médsos
d. warta
e. amanat
Warta anu nyaritakeun langsung kajadian ka abus jenis warta …
a. straight news
b. hard news
c. soft news
d. reportase
e. depth news
Fungsi warta nyaéta, iwal …*
a. méré katerangan
b. béja hiji hal
c. propaganda
d. méré informasi
e. teu loba nyarita

Gambaran kajadian anu ditepikeun dina waruga ilaharna bisa dipaké ngajawab pananya …*
a. naon, ku naon, ti naon, ku saha, ti saha, ka saha
b. saha, naon, iraha, di mana, naha, kumaha
c. iraha, ti iraha, nepi ka iraha, di mana, ka mana, ti mana
d. naon, ku naon, saha, ku saha, mana, di mana
e. mana, nu mana, di mana, ti mana, ka mana, belah mana
Pikeun nanyakeun ‘kaayaan’ ilaharna digunakeun kecap pananya …*
a. naon
b. dimana
c. kumaha
d. iraha
e. saha
Pikeun nanyakeun ‘waktu’ ilaharna digunakeun kecap pananya …*
a. naon
b. dimana
c. kumaha
d. iraha
e. saha
Naskah siaran teu menang ngahina sual SARA. Ieu di handap anu lain panjangna tina SARA, nyaéta …
a. suku
b. agama
c. ras
d. rasa
e. antargolongan
Anu disebut lead dina warta téh, nyaéta …
a. judul warta
b. bubuka warta
c. waruga warta
d. pamungkas warta
e. nu nulis warta
Warta biasana sok dimuat dina média citak atawa diumumkeun dina radio/TV. Ieu di handap aya sawatara conto
média nu dipaké pikeun ngamuat warta, iwal …
a. koran
b. majalah
c. télévisi
d. radio
e. jurnal
Jalma nu purah néangan warta disebutna …
a. sutradara
b. narasumber
c. wartawan
d. rédaktur
e. produser
Ieu di handap conto téks bubuka dina conto warta lisan, iwal …*
a. “Pamirsa nu mulya, cunduk waktuna kana acara warta …. dina Bahasa Sunda anu dipindangkeun ku …
munggaran”
b. “Wilujeng énjing kanggo pamiarsa sadayana. Simkuring dina waktos ieu badé ngadugikeun sawatara warta anu
kantos kajantenan dina saminggon kapengkeur ieu. Anu ka…”
c. “Rupina sakitu warta anu parantos tiasa didugikeun ku simkuring kapayuneun pamiarsa sadayana,
mugi ieu warta janten mangpaat kanggo pamiarsa sadayana. Wilujeng tepang deui dina waktos anu
kapayun. Hatur nuhun.”
d. “Wilujeng tepang deui sareng sim kuring pun …. dina acara Warta Sunda pikeun ngadugikan warta-warta
kanggo tilu puluh menit kapayun.”
e. “Wargi sadaya dina danget ieu aya sawatara warta, dikawitan warta longsor di Kabupaten Sumedang wengi
tadi.”

9. Wawacan
Wawacan nyaéta salah sahiji karya sastra wangun prosa heubeul panjang nu dianggit maké patokan pupuh (17 pupuh).
Ku kituna, wawacan dianggap salah sahiji carita anu didangding jeung digelarkeun dina puisi pupuh. Ku kituna, bisa
dicindekkeun yén wawacan téh karangan naratif anu didangding jeung dianggit ku pupuh.

Ditilik tina wangunna, carita wawacan téh mangrupa carita anu kauger ku guru lagu, guru wilangan, sering gunta-
ganti pupuh, jeung umumna paranjang. Ari maca wawacan biasana sok ditembangkeun, disebutna beluk. Ayana
éta beluk biasana dipidangkeun lamun aya salametan, kariaan, atawa aya anu ngalahirkeun, jeung réa-réa deui. Maca
wawacan téh sering gunta-ganti pupuh. Ari pupuh anu sok ditembangkeun taya lian kinanti, asmarandana, sinom, jeung
dangdanggula, sedengkeun pupuh nu séjén mah teu pati sering dipaké.

Seni macakeun wawacan sok disebut beluk. Kecap wawacan téh asalna tina kecap ‘waca’ hi hartina ‘maca’, ku kituna
bisa disebutkeun yén ayana wawacan di tatar Sunda téh sabada masarakatna geus barisaeun maca, umumna di
kalangan pasantrén jeung para ménak. Wawacan mangrupa carita anu didangdingkeun jeung digelarkeunana dina puisi
pupuh. Beluk nyaéta tembang Sunda wangun pupuh maké lagu buhun sorana ditarikeun sarta dikelewengkeun
patembalan biasana lalaki.

Papasingan Wawacan
Eusi wawacan rupa-rupa, aya nu nyaritakeun carita Nabi: Wawacan Sajarah Ambiya, Wawacan Layang Syékh
Wawacan anu asalna tina babad: Wawacan Babad Cirebon, Wawacan Babad Dogdog
Wawacan anu eusina ngeunaan tatanén jeung ubar aya sabab leuwih bisa dibaca ku masarakat ti batan ditulis dina
wangun prosa lancaran. Tapi lolobana wawacan mangrupa wangun fiksi boh éta dina basa Sunda boh wawacan
nu ti basa Jawa, saperti : Wawacan Rengganis, Wawacan Angling Darma

1. Carita panjang anu didangdin tur digelarkeun dina puisi pupuh disebutna …
a. beluk
b. wawacan
c. guguritan
d. carita pantun
e. hikayat

2. Ieu dihandap anu henteu kaasup kana judul wawacan, nyaéta …


a. Babad Mekah
b. Si Kabayan
c. Wawacan Paras Nabi
d. Wawacan Jatikusumah
e. Babad Cirebon

3. Pupuh nu kaasup kana pupuh Sekar Ageung, nyaéta …


a. Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula
b. Kinanti, Sinom, Maskumambang, Durma
c. Kinanti Mijil, Pucung, Wirangrong
d. Kinanti, Sinom, Asmarandana, Durma
e. Kinanti, Asmarandana, Magatru, Pucung

4. Dina wawacan téh digunakeun rupa-rupa pupuh pikeun ngagambarkeun rupa-rupa …


a. palaku (tokoh)
b. amanat carita
c. situasai (kaayaan)
d. gaya basa
e. galur carita
5. Minangka karangan Panjang dina wangun pupuh, wawacan téh sok dihaleuangkeun, ngahaleuangkeun wawacan
téh disebutna …
a. mantun
b. nembang
c. ngawih
d. beluk
e. nadoman

10. Cerita Pantun


Carita pantun atawa lalakon pantun nyaeta carita rekaan anu dilalakonkeun ku juru pantun dina pagelaran ruatan
(ritual) anu disebut mantun. Mantun biasa dipirig ku kacapi sarta biasana dihaleuangkeun. Carita pantun biasanya
dipagelarkeun sapeuting jeput nepi ka tutug teh dimimitian ti bada isa. Ukuran carita pantun umumna paranjang. Dumasar
kana mediana, carita pantun gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal anu mere kesan pamohalan.
Carita pantun teh kaasup sastra lisan. Turun tumurunna jeung sumebarna tatalepa ku cara lisan. Munasabah upama
dina kamekaranana timbul sababaraha versi. Aya pantun Bogor, aya pantun Priangan, jeung pantun Baduy.
Contoh Soal
Dina buku basa Sunda XII semester 1, latihan soal hal. 57
Dina buku basa Sunda XII semester 2, latihan soal hal. 45

11. Artikel
12. Mandu Acara/Moderator
13. Drama
14. Tradisi

You might also like