You are on page 1of 2

SASAKALA KAMPUNG CISALAK

Assalamualaikum warahmatullahi wabarrakatuh…..


Girang pangajen anu kusimkuring dipika hormat, bapak/ ibu guru hormateun simkuring jeung
papapada dulur nu aya diieu tempat.
Sampurasun…
Girang pangajen dulur- dulur simkuring ngadeg di ieu tempat hoyong ngiring jabung
tumalapaung sarta ngareah-reah kana ieu kagiatan husuna ngadongeng.
Euleuh euleuh seer pisan nu ngaradadeg, cing cobi caralik simkuring bade ngadongeng, tapi
sateuacanna simkuring bade naros hele kasadayana, uninga teu kana buah Salak? nukieu ning
buahna warnana bodas semu koneng aya sikian, kulit na warnana coklat aya sisikan, rasana
aya nu amis, anu hasem jeung deuih aya nu kesed, ah, tangtos pada terang nya ……
Dulur- dulur simkuring bade nyaritakeun hiji dongeng, anu jejerna SASAKALA KAMPUNG
CISALAK . hoyong terang kumaha dongengna, tah kieu dongengna.
Jaman baheula aya hiiji lelewek anu pangesina kur sababaraha hiji imah, eta lelewekteh
hieum pisan kumangrupa rupa tatangkalan, diantarana nyaeta tangkal salak, kitu deui caina
curcor tiditu tidieu herang ngagenclang, nu palidna kawahangan.
Kacaritakeun dina hiji poe barudak kerngojay diwahangan, bari huhujanan. Didieket eta
wahangan teh aya tangkal salak gede pisan, ngaroyom kawahangan, disagigireun imahna aya
imah panggung nu dicicingan ku Ni Emeh jeung Aki Minta.
Keur uplek ngojay barudak digero ku Ki Minta, tuluy barudak teh nyamperkeun ka si Nini
jeungi Aki Minta nu keur niis di tepas imahna.
“Aya naon aki ngagero?”
Pok si aki nembal, “ tong malincrak teuing ngojayna, komo deui dideket tangkal salakmah”.
“Kunaon kitu ki?”
“Ceuk beja eta tangkal salak teh aya nunungguan, aki ge teu wani ngala da ceunah loba nu
kusarupan mun metik buah na teh’’
Ceuleungkeung Si Usro nyeletuk ka si aki. “ nyaenya atuh ki aya nunungguan, cucuk
nuranggakgak meren nya ki’.
‘’Ah, dasar budak bangor..’’ tembal Ki Minta.
Eta tangkal salak teh buahna ngaroyom ka wahangan, mun asak teh diarala ku barudak
diwahangan bari ngojay, barudak nanya deui ka Ki Minta.

‘’Ki, upami ieu cai wahangan teh palidna kamana ?’


‘’Ieu cai wahangan teh palidna ka girang, ka kaler, ka hilir jeung ka kidul’
Ooooh sereea ngajawab. ‘’Ki upami ieu lelewek teh tacan aya namian, kumaha upami urang
namian Cai Salak?’’
‘’Ah tong cai salak kurang enakeun kadenge na ge, geus we urang ngarana Cisalak’’
‘’Ki pan cai wahangan the palidna kaditu kadieu, kumha upami urang tambahan cisalak
girang, cisalak kaler, cisalak hilir jeung cisalak kidul’
‘’Hade atuh’’ tembal Ki Minta.
Matak nelah nepika ayeuna eta tempat teh ngarana Kampung Cisalak.
Rupina dongeng Sasakala Kampung Cisalak, anu dipedarkeun ku simkuring, dicecekapkeun
sakitu bae. Duka leres sareng henteu namah da ngaran na ge ngadongeng, ngabobodo nu
cengeng.
Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh….

You might also like