You are on page 1of 1

IWAN FALS

Virgiawan Listanto atawa nu leuwih kasohor ku sebutan Iwan Fals nya éta salasahiji musisi
legenda Indonesia dina aliran balada jeung country. Lahir ti hiji wanoja nu wastana Lies di
Demak dina tanggal 3 September 1961. Ti leuleutik Iwan Fals dumuk di Bandung. Kungsi sakola
di KBRI Jeddah Arab Saudi salila 8 bulan. Ti keur leutik kénéh, Iwan Fals geus resep kana
musik nepi ka bisa maén gitar sorangan. Dina umurna nu ka-13 Iwan kungsi jadi tukang ngamén
pikeun nambahan pangaweruhna dina widang musik jeung lagu. Nalika di SMP, Iwan jadi gitaris
di paduan suara sakolana.
Rékaman album munggaranana bareng jeung babaturanana Toto Gunarto, Helmi, Bambang Bule
nu ngagabung dina Amburadul. Tapi éta album gagal di pasaran. Tuluy Iwan balik deui jadi
tukang ngamén.
Sanggeus jadi pinunjul di festival musik country, Iwan ilubiung dina lagu humor bareng jeung
Pepeng, Krisna, Nana Krip tur diproduksi ku ABC Records. Tapi éta ogé milu gagal.
Tungtungna mah Iwan gawé bareng jeung Musica Studio. Album munggaran ti Musica Studio
nu medal nya éta Sarjana Muda.
Ngaliwatan lagu-laguna Iwan ngagambarkeun suasana sosial masarakat Indonésia ti mimiti taun
1970-an.[1] Lagu-lagu Iwan Fals kacida lobana, tapi aya lagu nu dianggap paling fénoménal nya
éta Bénto jeung Bongkar. Mangsa harita, dua lagu ieu kacida dipikaresep ku masarakat alatan
lirik laguna mangrupa euteung kahirupan alam harita, nu mangrupa sindiran ka pihak pajabat
téras jeung pamaréntah.
Aya ogé lagu kritik kana laku lampah sakelompok jalma (saperti Wakil Rakyat, Tante Lisa),
empati keur kelompok marginal (misalna Siang Seberang, Istana, Lonteku) jeung sajabana. Iwan
Fals teu ngan saukur nyanyikeun lagu ciptaana sorangan tapi ogé lagu beunang nu lianna.

You might also like