You are on page 1of 7

Soal PSAS Semester 1

Kelas 7
2023/2024
1. Paguneman téh asalna tina kecap gunem, nu hartina nyarita …
a. sorangan
b. Kasar
c. silitempas
d. lemes
2. Caritaan/obrolan silitempas antara dua urang atawa leuwih disebut ….
a. Gunem
b. paséa
c. ngadongéng
d. cacalawakan
3. Di handap ieu, sinonim dina kecap “paguneman”, KAJABA …
a. ngobrol
b. catur
c. ngawangkong
d. monolog
4. Di handap ieu, padika ngobrol jeung batur gunem, KAJABA…
a. diperhatikeun tatakramana
b. lentong kudu merenah ulah teuteureugeus
c. pasemon kudu cua baeud teu seuri budi
d. undak-usuk basa kudu saluyu jeung larapanana
5. 1) lemes
2) loma
3) kasar
4) sléng
nu kaasup undak-usuk basa Sunda dituduhkeun nomer …
a. 1, 2, jeung 3
b. 1 & 3
c. 2 & 4
d. 4
6. Wajib jeung kudu dibiasakeun nyarita maké basa lemes, diantarana ka …
a. ustadz, lanceuk, & adi
b. kolot, guru, & tokoh masarakat
c. misan, ua, jeung bibi
d. alo, aki, & pajabat
7. Basa loma nyaéta basa akrab. Urang biasa nyarita maké basa loma lamun ka …
guru & ibu
lanceuk misan & sato
babaturan saentragan & sahandapeun
nu teu wawuh & inohong masarakat
8. Kudu keur kaayaan kumaha lamun urang baé nyarita maké basa kasar?
ka sato
nu teu wawuh
ka saluhureun
ka sahandapeun
9. Kudu kumaha tatakrama dina leumpang ngaliwatan batur?
nyebut punten
légég, teugeug, jeung tetelenyeng
nyebut punten bari rengkuh
nyebut punten, rengkuh, bari seuri marahmay
10. nyebut “punten” TEU dilarapkeun dina kaayaan …
ngaliwatan batur nu keur diuk
namu ka imah batur
ngaliwat ka kuburan
barangbeuli ka warung
11. Congklak teh kaulinan budak anu dimaenkeun ku awewe
tapi lalaki ge teu nanaon, congklak biasa dimaenkeun ku...
saurang
duaan
tiluan
opatan
12. Jajangkungan atawa egrang nyaeta kaulinan budak anu
make alat nu dijieuna tina....
beusi
kertas
batu
awi
13. Dina kaulinan ucing sumput, anu keur neangan nu
nyumput,disebut....
babaturan
musuh
ucing
teu ucing
14. Kaulinan barudak nu aya dina gambar disebut…
jajangkungan
oray-orayan
ucing-ucingan
bebentengan
15. Bebentengan nyaeta kaulinan budak anu biasana
diulinkeun ku...
dua urang
dua tim
limaan
saurang
16. Kaulinan budak anu make kakawihan/lagu nyaeta…
Congklak
galah asin
gatrik
oray-orayan
17. Di handap ieu nu kaasup kaulinan "make alat" (ada benda ) nyaeta ...
a.
b.

c.

d.
18. Anu kaasup kaulinan has barudak awewe, nyaeta....
pal-palan
ngadu karbit
ngadu muncang
congkak
19. di handap ieu nu kaasup kaulinan khas lalaki nyaeta ....

a.

b.

c.

d.
20. Fungsi kaulinan barudak, iwal(kecuali) ....
olahraga
hiburan
ngabentuk karakter
neang musuh
21. Iklan nu pungsina ngadagangkeun produk barang atawa jasa disebut naon....
Iklan bisnis
Iklan layanan masarakat
Iklan baris
Iklan non komersial
22. Iklan anu sok nitah ka masarakat ngalakukeun nu hadé jeung ngalarang
ngalakukeun nu goréng disebut iklan ....
Iklan komersial
Iklan layanan masarakat
Iklan bisnis
Iklan tivi
23. Teruskeun kalimah iklan ieu!
"LEUWEUNG RUKSAK"
"....................................."
URANG SUMRINGAH
URANG BUNGAH
URANG BALANGSAK
URANG TEU GENAH
24. Salasahiji ciri tina iklan téh nyaéta….
Kalimahna paranjang
Sifatna pérsuasif (ngajak)
Aksarana teu kabaca
Teu aya pungsina
25. Anjeun, nyeri sirah? Minum Panadol.
Kalimah di luhur disebut….
Iklan
Wawaran
Warta
Béja
26. Lamun urang rek nyieun iklan kecapna (kalimatnya) atawa ungkara na kudu ...
Singget, Padet, Gampang kahartina
Singget, Padet, Panjang
Singget, kecapna loba, basana loma
Singget, basana loma, panjang
27. Conto iklan layanan masarakat di sabelah kaasup kana
iklan tentang....
Kasehatan
Pendidikan
Kependudukan
Pangwangunan
28. Conto iklan layanan masarakat di handap ngandung eusi sangkan....
Masarakat kudu nutup keran mun geus mandi
Masarakat kudu ngahemat pulsa
Masarakat kudu ngahemat cai
Masarakat kudu make keran hejo ngarah hemat cai
29. Conto iklan layanan masarakat di sabeulah kaasup kana iklan tentang....
Kasehatan
Pangwangunan
Pendidikan
Kependudukan
30. Conto iklan layanan masarakat di sisi kaasup kana iklan nu
ngandung eusi....
Kabudayaan
Pangwangunan
Kapendudukan
Pendidikan

31. Kajadian anu kungsi karandapan/kaalaman boh ku urang boh


ku batur disebut …
Karesep
Pangalaman
Karangan
Paguneman
32. Karangan anu eusina ngébréhkeun atawa nyaritakeun kajadian anu bener-bener
kaalaman ku urang dina kahirupan sapopoé, sok disebut …
Karangan Pedaran
Karangan Déskripsi
Karangan Argumentasi
Karangan Pangalaman
33. Nyieun karangan mah teu bisa diwangwang (khayalan), tapi kudu dumasar …
Data ti babaturan atawa ti kolot anuloba pangalaman
Data anu nyata, data anu kungsi katingali atawa kaalaman
Naon waé anu dipikaresep ku urang atawa ku batur
Kungsi aya dina implengan (hayalan) urang atawa batur
34. Hal-hal anu kudu diperhatikeun dina waktu nyieun carita pangalaman nyaéta …
Nutup carita sakahayang urang
Ngagunakeun basa Sunda nusakasar-kasarna
Muka carita bisa dumasar kana panutup karangan
Ngagunakeun kalimah anu jéntré tur merenah (baik dan benar)
35. Pangalaman anu karandapan ku sorangan disebut …
Pangalaman batur
Pangalaman pribadi
Pangalaman asli
Pangalaman hayalan
36. Anu teu kaasup bagéan tina rangkay karangan nyaéta …
Nangtukeun téma
Nangtukeun galur carita
Teu kudu aya panutup
Maké basa anu merenah
37. Anu teu kaasup struktur karangan pangalaman nyaéta …
Pangbagéa
Paragarap bubuka
Paragarap eusi
Paragarap panutup
38. Conto pangalaman langka tur matak anéh anu bisa dijadikeun karangan
pangalaman nyaéta …
Indit sakola babarengan jeungbabaturan
Ulin bola di lapangan
Hudang saré kabeurangan
Jadi pinunjul pasanggiri sajak sa-Jawa Barat
39. Pangalaman abdi nyaéta waktos pun Nini ngantunkeun di Padalarang. Abdi
kacida sedihna, kumargi pun Nini téh kacida nyaaheunana ka abdi. Abdi gé
ngaraos kaleungitan ku kanyaah pun Nini anu sakitu ageungna. Lamun abdi
mondok di bumi Nini, ku anjeunna sok disadiakeun katuangan anu raraos. Sok
diajak balanja ka pasar. Teras dijajanan sawaregna.
Téma tina karangan pangalaman di luhur nyaéta …
Ninina ngantunkeun
Ninina nyaaheun
Ninina sok ngajajanan
Ninina aya di bumi
40. Ilikan ungkara ieu di handap!
(1) Nini sok nyayogikeun katuangan jeung ngajajanan
(2) Abdi kacida sedihna
(3) Kusabab Nini nyaaheun ka abdi
(4) Nini ngantunkeun
Upama tina pangalaman di luhur dijieun galurna, anu merenah nyaéta …
(2) – (4) – (1) – (3)
(2) – (4) – (3) – (1)
(4) – (2) – (3) – (1)
(4) – (2) – (1) – (3)
41. Iklan nu pungsina ngadagangkeun produk barang atawa jasa disebut naon....
Iklan bisnis
Iklan layanan masarakat
Iklan baris
Iklan non komersial
42. Abdi téh youtube sok nepikeun iklan, tah berarti abdi teh kaasup naon nya??
Audio
Visual
Audio-Visual
Stereol
43. Abdi mah sok nitah ka masarakat ngalakukeun nu hadé jeung ngalarang
ngalakukeun nu goréng. Tah jadi abdi téh disebut naon....
Iklan komersial
Iklan layanan masarakat
Iklan bisnis
Iklan papatah
44. Di handap ieu, mana nu TEU kaasup kana ciri-ciri Iklan Layanan Masarakat!
Teu néangan kauntungan
Teu boga produk
Targetna saeutik
Dijieun ku yayasan sosial
45. Saacan nyieun karangan pangalaman, urang kudu nyieun heula …
Paguneman
Rangkay karangan
Kakawihan
Kajadian
46. Iklan layanan masarakat sok disebut ogé....
Iklan Komersial
Iklan Non Komersial
Iklan potensial
Iklan sosial
47. Abdi téh radio sok nepikeun iklan, tah berarti abdi teh kaasup naon nya??
Audio
Visual
Audio-Visual
Virtual
48. Majalah, koran, brosur, reklame teh kaasup iklan nu ditepikeun dina....
Audio
Visual
Audio-Visual
Komunal
49. Iklan nu nepikeun béja pernikahan, tepang taun, kapapaitan sok disebut...
Iklan kulawarga
Iklan bisnis
Iklan sandi
Iklan pribadi
50. Tatarucingan: Awakna jangkung gedé, cicingna di tengah jalan, nepikeun béja??
Majalah
Spanduk
Brosur
Peta

You might also like