You are on page 1of 29

NADZOM SUNDA KITAB KIFAYATUL ATKIYA

‫ِبْس ِم ِهللا الَّرْح َمِن الَّر ِح ْيِم‬


‫َنَظْم ِكَفاَيُة األْتِقَياء َع َلى ِم ْنَهاِج اَألْص ِفَياء‬
‫ َحْم ًدا ُيَو اِفى ِبَّر ُه اْلُم َتَك اِم َال‬# ‫َاْلَحْم ُد هلل اْلُمَو اِفِق ِلْلُع َلى‬
Alloh Haq kana sadaya jenis puji
Nu maparin martabat kalayan tinggi
Muji ka Alloh nu parantos nyumponan
Kasaean nu sampurna tos kanteunan
‫ َو اآلِل َم ْع َص ْح ٍب َو ُتَباٍع ِو َال‬# ‫ُثّم الَّص َالُة َع َلى الَر ُسْو ِل الُم ْص َطَفى‬
Rahmat salam ka rosul anu di selir
Ka kluarga, shohabat, pengikut ngalir
‫ َو ِتَباُع َأْهَو َر ْأُس َش ِّر َح َباِئَال‬# ‫َتْقَو ى اِإل َلِه ِم َداُر ُك ِّل َسَع اَدة‬
Taqwa ka Alloh sumber kabahagiaan
Nurut nafsu eta sumber kagorengan
‫ َو َح ِقْيَقٌة َفاْس َم ْع َلَها َم ا ُم ِّثاَل‬# ‫ِإّن الَطِر ْيَق َش ِر يَع ٌة َو َطِر ْيَقٌة‬
Saenyana Jalan menuju pangeran
Aya tilu para salik heg amalkeun
Kahijina nyeata jalan Syariat
Kaduana nyaeta jalan Tariqat
Ka tiluna nyaeta jalan haqiqat
Sadayana kudu lengkap ulah lepat
Conto jalan Syariat oge Thariqat
Haqiqat ku musonif bakal kasebat
‫ َك الَبْح ِر ُثَّم َح ِقْيَقٌة ُدٌّر َغَال‬# ‫َفَش ِر ْيَع ٌة َك َسِفْيَنٍة َو َطِر ْيَقٌة‬
Ari Syariat umpamana parahu
Alat neupikeun kana maksud nu tangtu
Ari Thariqat umpamana lautan
Tempat neupikeun maksud na kapangeran
Haqiqat umpamana mutiara mahal
Luhur darajat jeung manfaat ni model
‫ َو ِقَياُم ُه ِباَألْم ِر َو الَنْهِي اْنَج َال‬# ‫َفَش ِر ْيَع ٌة َأْخ ٌذ ِبِد ْيِن اْلَخ اِلِق‬
Ari Syariat nyandak agama Alloh
Oge ngajalankeun parentahna ongkoh
Kitu deui kana sadaya larangan
Diceugah oge jauhan ulah bosan
‫ َو َع ِز ْيَم ٌة َك ِر َياَض ٍة ُم َتَبِّتًال‬# ‫َو َطِر ْيَقٌة َأْخ ٌذ ِبأْح َو َط َك الَو َر ْع‬
Haqiqat nyandak nu paling hati-hati
Dina sapalihna amal nu tos bukti
Seperti sifat apik kana nu subhat
Tara wantun ancrub walau sajorelat
Oge peungkuh kana amal anu beurat
Sungguh-sunguh oge shobar tara lewat
‫ َو ًم َش اَهٌد ُنوَر الَّتَج ِّلى ِباْنَج َلى‬# ‫َو َح ِقْيَقٌة َلُوُصْو ُلُه ِللَم ْقَص ِد‬
Ari Haqiqat tepina kana maksud
Nyaeta ma’rifat ka Alloh nu ma’bud
Oge musyahadah kana cahya bengras
Terbukana hate ka Alloh nu jelas
‫ َو َيُغ ْو ُص َبْح ًرا ُثَّم ُد ًّر ا َح َص َال‬# ‫َم ْن َر اَم ُد ًّر ا للَّس ِفْيَنِة َيْر َك ُب‬
Saha jalma nu mihareup mutiara
Make parahu oge teuleum lautna
Umpama syriat parahuna tea
Anapon Thariqat nu jadi lautna
Mutiara Haqiqat nu didambakeun
Para wargi ieu kanggo leunyeupaneun
‫ ِم ْن ِغ ْيِر ِفْع ِل َش ِر ْيَعٍة َلْن َتْح ُص َال‬# ‫َو َك َذ ا الَّطِر ْيَقُة َو اْلَح ِقْيَقُة َيا أِخْي‬
Kade ingeut para wargi sadayana
Kana Thariqat Haqiqat nu tos nyata
Lamun tanpa aya jalan Syariatna
Thariqat oge Haqiqat mola aya
‫ ِبَش ِر ْيَعٍة ِلَيُنْو َر َقْلٍب ُم ْج َتًال‬# ‫َفَع َلْيِه َتْز ِيْيٌن ِلَظاِهِر ِه اْلَج َلى‬
‫ ِلَطِر ْيَقٍة ِفى َقْلِبِه أْن َتْنِز ًال‬# ‫َو َتُز ْو َل َع ْنُه ُظْلَم ٌة َك ْي ُيْمِكَنا‬
Wajib kanu ngambah ngahias dirina
Kusyariat supaya caang hatena
Jeung leungitna popoek tina maksiat
Supaya turun kana hate Thariqat
‫ َيْخ َتاُر ُه َفَيُك ْو ُن ِم ْن َذ ا َو اَص ًال‬# ‫َو ِلُك ِّل َو اِح ِدِهم َطِرْيَقٌة ِم ْن ُطُر ْق‬
‫ َو َكَك ْثَر ِة األْو َر اِد َك الَّص ْو ِم الَص َال‬# ‫َك ُج ُلْو ِس ِه َبْيَن اَألَناِم ُمَر ِّبًيا‬
‫ ِلَتَص ُّد ٍق ِبُمَح َّص ٍل ُم َتَم ِّو ًال‬# ‫َو َك ِخ ْد َم ٍة للَّناِس َو اْلَح ْم ِل اْلَح َطْب‬
Tiap jalma ngagaduhan jalan amal
Ditempuh paya teupi ka Robbul Jalal
Seperti ngjak manusa pikeun ibadah
Oge ngalobakeun wirid nu kateulah
Nyaeta shaum oge kana sholatna
Maca qur’an, tasbih tara dilangkungna
Sareung saperti ngakhidmat ka fuqoha
Para sufi sareung ka ahli agama
Nu terakhir jalma anu ngala suluh
Dijual oge disodaqohkeun puguh
‫ َفْلَيْح َفَظْن َهِذ ى اْلَو َص اَيا َعاِم ًال‬# ‫َم ْن َر اَم َأْن َيْس ُلْك َطِر ْيَق اَألْو ِلَيا‬
Saha jalma nu ngamaksud kana ngambah
Kana perjalanan wali-wali Alloh
Maka ingeut kudu ngajaga wasiat
Nu salapan urang geular heula Tobat
١ )‫(َو ِم ْنَها الَّتْو َبْة‬
‫ َو ِبَع ْز ِم َتْر ِك الَّذ ْنِب ِفْيَم ا اْسَتْقَبًال‬# ‫ُأْطُلْب َم َتاًبا ِبالّنَداَم ِة ُم ْقِلًعا‬
‫ َو ِلَهِذِه األْر َك اِن َفاْر َع َو َك ِّم َال‬# ‫َو َبَر اَء ًة ِم ْن ُك ِّل َح ِّق اآلَدمى‬
Kudu Tobat kalawan nu sabeuneurna
Bari meumeunuhi kana syarat-syaratna
Ka hiji nalangsa bati tina dosa
Oge nyabut tina dosa kaduana
Katiluna nekad ninggalkeun dosana
Ti ayeuna neupi ka waktu tuluyna
Lamun dosana hubungan jeung manusa
Kudu lubar tina codeka curiga
Eta syarat nu ka opat tina tobat
Wajib kabehana ku urang dirawat

‫ َتْنَهاَك َتْقِص ْيًرا َجَر ى َو َتَس اُهًال‬# ‫َو ِقْه َد َو اًم ا ِبالُمَح اَسَبِة اّلِتى‬
Kudu nagajaga tobat teh salawasna
Kalawan muhasabah diri tetela
Muhasabah amal tina ka gagabah
Gagampangan diri neupi kana salah
‫ أْع َض ا َجِم ْيَع ا َفاْج َهَد ْن َالَتْك ُس اَل‬# ‫َو ِبِح ْفِظ َع ْيٍن والِلَس اِن َو َس اِئِر اْل‬
Kalawan ngajaga panon sareung letah
Tina maksiat nu kadang dipilampah
Oge sadaya badan kudu dijaga
Kalayan sungguh-sungguh tanpa diceula
‫ َو َأَسٍاث ُك ِّل اْلَخْيِر َأْج َم ْع َأْش َم اَل‬# ‫َفالَّتْو ُب ِم ْفَتاٌح ِلُك ِّل ِعَباَدٍة‬
Maka tobat kunci satiap ibadah
Pokok satiap kaalusan kateulah
‫ ِفى َم ْج ِلٍس َفَتَداُر َكْن ُمَهْر ِو ًال‬# ‫َفِإِن اْبُتِلْيَت ِبَغ ْفَلٍة َأْو ُصْح َبٍة‬
Maka lamun datang ka anjeun cobaan
Sapeurti sifat poho jeung ririungan
Anu nyeugah tina eling ka pangeran
Maka geura muhasabah disusulan
٢ ) ‫(َو ِم ْنَها الَقَناَعة‬
‫ ِم ْن َم ْط َعٍم َو َم َالِبٍس َو َم َناِز ال‬# ‫َو اْقَنْع ِبَتْر ِك الُم ْش َتَهى َو اْلَفاِخ ِر‬
Kudu Qona’ah dina satiap tingkah
Ninggalkeun ka hayang nafsu anu parah
Oge tinggal ngeungeunahan dina dahar
Sederhana kana raksukan di tatar
Nyakitu deui dina tempat tinggalna
Ukuran aman hujan oge panas na
‫ َفاَت اّلِذ ى َيْع ِنْيِه ِم ْن َغْيِر اْع ِتَال‬# ‫َم ْن َيْطُلَبْن َم ا َلْيَس َيْع ِنْيِه َفَقْد‬
Jalma anu sok nuprih kana perkara
Taya manfaatna kanggo akheratna
Maka bisa morotkeun kana perkara
Nu peunting disuprih ageung faedahna

٣ ) ‫(َو ِم ْنَها الُّز ْهد‬


‫ بالَم اِل َالَفْقٌد َلُه َتُك أْعَقال‬# ‫َو اْز َهْد َو ذا َفْقُد َع َالَقِة َقْلِبَك‬
Kudu gaduh sifat zuhud dina Dunia
Hate diputuskeun tina hubungan na
Sanes mutuskeun kana kabehan nan
Tapi nganggo sesuai kabutuhan na
Ari jalma anu zuhud eta panteus
Dibere gelas manusa paling cerdas
‫ َو ِبِه َيَنال َم َقاَم َأْر َباِب اْلُع َال‬# ‫َو الُّز ْهُد َأْح َس ُن َم ْنَص ٍب َبْع َد الُّتَقى‬
Ari sifat zuhud pangsaena tingkatan
Saparantos sikap taqwa ka pangeran
Oge ku zuhud bisa meunang martabat
Anu luhur sadaya pasti kabengbat
‫ َأْيَن اْلَخ َالْص َك ُم ْس ِكِر ُش ْر ِب الَّطَال‬# ‫َو ُمِح ُّب ُد ْنَيا َقاِئٌل َاْيَن الَّطِر ْيك‬
Jalma teu zuhud dina Dunia nyarita
Nanya kamana jalan jeung salameutna
Eta saperti jalma nu mabok arak
Teu puguh lampah jeung tujuan nu neumrak
‫ ِفى َطاَعٍة َو اْخ َتْر َع ُز ْو ًبا َفاِض َال‬# ‫َو اْتُر ْك ِم َن اَألْز َو اِج َم ْن َم ا َس اَعَد ْت‬
Sareung anjeun kudu ninggalkeun ka istri
Nu tara ngadorong bakti ka Ilahi
Milih lalagasan eta anu teupat
Karena alasan nu paling madarat
Tatapi lamun istri ngadorong to’at
Ka Alloh maka nikah langkung maslahat
‫ َغ ْفٌر ِلَج ْهِل اْلَقْو ْم َم ْنُع ْك َتَج ُّهَال‬# ‫ِلَس َالَم ِة الُّد ْنَيا ِخَص اٌل َأْر َبٌع‬
‫ ِو ِلَس ْيِب َنْفِس َك ِلُألَناِس َباِذ َال‬# ‫َو َتُك ْو ُن ِم ْن َس ْيِب اُألَناِس ى آِيًسا‬
Pikeun salamuet dunia opat perkara
Para salik amalkeuneun sadayana
Ka hijina ngahmpura ka kaumna
Tina kabodoan sikap marehna
Kaduana kudu nyeugah ngawiwirang
Ka tiluna kudu putus tina hayang
Pamere manusa nu can puguh datang
Maka jauhan ulah dihalang-halang
Ka opatna rela ngamsarahkeun benda
Nu aya dina leungeuna sukarela

٤ ) ‫(ومنها تعّلم الِع ْلِم الَّش ْر ِعّي‬


‫ َو َع ِقْيَد ًة َو َم ْز ِكَي اْلَقْلِب اْص ِقَال‬# ‫َو َتعُّلَم ْن ِع ْلًم ا ُيَص ِّح ُح َطاَع ًة‬
Wajib nuprih amal nubisa neupungkeun
Ridlo Alloh oge rosul dipeuntingkeun
Ka hijina ilmu nu mereskeun to’at
Oge ibadah sapeurti wudu sholat
Kadua ilmu mereskeun patekadan
Ahlussunnah Waljama’ah beuneur pisan
Katilu ilmu nu ngabeursihkeun hate
Kana ancrub kana akhlak nu teu hade
‫ َو اْع َم ْل ِبَها َتْح ُصْل َنَج اًة َو اْع ِتَال‬# ‫َهِذ ى الَّثَالَثُة َفْر ُض َع ْيٍن َفاْع ِرَفْن‬
Ari anu tilu ieu sadayana
Hukumna fardu ‘ain diuningana
Oge fardu ‘Ain diamalkeunana
Kangge para salik nu hoyong ridlo-Na
Supaya salameut di dunya akherat
Oge kaunggulan diangkat darajat
٥ ) ‫(َو ِم ْنَها الُمَح اَفَظْة َع َلى الُسَنن‬
‫ َم أُثْو َر ًة َع ْن َخْيِر َم ْن َج اء ُم ْر َس ًال‬# ‫َح اِفْظ َع َلى ُس َنٍن َو آَدٍب أَتْت‬
Kudu ngajaga sakabeh pasunatan
Jeung sadaya kana tata kasopanan
Anu tos kawiridna ti kanjeung rosul
Amalan aosan anu langkung punjul
‫ َو ِم َن الَع َو اِرِف َفاْطُلَبْنُه َو َعِّو َال‬# ‫ِاّن الَتَص ُّو َف ُك َّلُه َلُهَو اَألَد ْب‬
Saeunyana tasowwuf sadaya adab
Dina ngajaga sunnah rosul nu mantab
Maka kudu disuprih kalawan beuneur
Mudah-mudahan kenging rizki nu seueur
‫ ِاَّال ُم َتاَبَع َة الَّر ُسْو ِل الُم َك ِّم ًال‬# ‫ِاْذ َالَد ِلْيٌل َع َلى الَّطِر ْيِق ِاَلى اِإل َله‬
‫ َفَتَتِبَع ْن َو َتاِبَع ْن َالَتْع ِد َال‬# ‫ِفى َح اِلِه َو ِفَع اِلِه َو َم َقاِلِه‬
Teu aya dalil nu mere kateuragan
Kana jalan menuju ridlo Arrohman
Anging ku mutaba’ah ka Rosululloh
Tina sanes kinteun paripolah
‫ ِبِكَتاِب َر ِّبى َو اْلَحِد ْيِث َتَأُّص َال‬# ‫َو َطِر ْيُق ُك ِّل َم َش اِيٍخ َقْد ُقِّيَد ْت‬
Ari jalan satiap guru Tashowwuf
Eta tos sesuai sareung nu tuercakup
Diperkuat dina Alqur’an nu mulya
Sareung hadis nu pasti moal sulaya
‫ َم اِفْيِه َتْظ َفْر ِبالَّس َع اَد ِة َو اْع َم َال‬# ‫َطاِلْع ِر َياَض الَّصاِلِح ْيَن َو أْح ِكَم ْن‬
Kudu muthola’ah hiji ngaran kitab
Riyadush Sholihin karna jadi sabab
Kabahgiaan dunnya oge akhirat
Maka perhatikeun ulah masing teulat
Saba’da kitu mangga urang amalkeun
Bahagia dunnya akhirat di bikeun
‫ ِم ْن ِذ ى اْلَع َطاء ِبِم ْثِل َذ ِلَك َاْك ِم َال‬# ‫َو اْهَتَّم ِباْلَفْر ِض اَّلِذ ى َالَيْقُرُب‬
Sareung kudu meuntingkeun kana nu fardu
Samemeh ngajaga sunnah anu tangtu
Gawe deukeut ka Alloh anu masihan
Ku fardu teu aya deui anu lian
‫ َح َّتى َأُك ْو َن َلُه َيًّد ا َو أْر ُج ًال‬# ‫َم اَز اَل َع ْبٌد ِبالَّنَو اِفِل َيْقُرُب‬
‫ َأْي ِم ْثُل َذ ِلَك ِفى اْلَم َطاِلِب َهْر َو َال‬# ‫َو الَّس ْمَع ِم ْنُه ُثَّم َع ْيًنا َباِص َر ْة‬
Jalma nu teu liren-liren amal sunnah
Seuja ngadeukeutkeun diri ka dzat Alloh
Sahingga Alloh cinta ka eta jalma
Sabab amal mayeung dilakukeunana
Alloh ngijabah do’a jeung pangabutuh
Sapeurti opat dina anggota tubuh
Nyata bukti panangan jeung sampeanna
Oge panguping sareung paningalina
٦ ) ‫(َو منَها الَتَو ُّك ل‬
‫ ِثَّقًة ِبَو ْع ِد الَّرِّب َأْك ِرْم ُم ْفِض اَل‬# ‫َو َتوُّكَلْن ُم َتَج ِّر ًدا ِفى ِرْز ِقَك‬
Kudu tawakkal ka Alloh dina rizki
Dina kaayaan kosong tina Ahli
Oge pinuh kapeurcayaan ka Robbi
Bageuran oge karunia nu pasti
‫ َع ْن َم ْك َسٍب ِلِع َياِلِه ُم َتَو ِّكًال‬# ‫َأَّم ا اْلُمِع ْيُل َفَال َيُجْو ُز ُقُعْو ُد ُه‬
Anapon jalma anu berkeuluarga
Teu meunang tinggal diam kana kasabna
Kanggo nganafkahan sadaya ahlina
Bari tawakkal dina sanes kanteunna
‫ ِفى َم اِلِهم َأْو َج اِهِهْم ُم َتَذ ِّلَال‬# ‫َالَتْبِذ َلْن ِللَّناِس ُعْر َض َك َطاِم ًعا‬
Teu meunang masrahkeun kana kahormatan
Ka manusa bari toma’ dilakukauen
Dina harta reujeung kadudukanana
Dibareungan ngarasa hina dirina
٧ ) ‫(َو ِم ْنَها اِإل ْخ َالْص‬
‫ ِاَّال الَّتَقُّر َب ِم ْن ِاَلِهَك ِذ ى اْلَكَال‬# ‫َأْخ ِلْص َو َذ ا َأْن َالُتِر ْيَد ِبَطاَعٍة‬
Keudah ikhlas anjeun ka Alloh nu Rohman
Nyaeta amal teu aya pamaksadan
Kucuali gadeukeutkeun kana diri
Ka gusti Alloh dina to’at nu pasti
Ari ikhlas kabagi tilu tingkatan
Tingkat nu kahiji atos nembe pisan
Ari amal to’at kareuna mihareup
Kana pahala jeung sieun tina ‘ikob
Eta tingkatan ikhlas anu kadua
Ayeuna urang bahas nu katiluna
Nyaeta amal to’at karna pahala
Sapeurti hoyong beunghar di alam dunnya
‫ َك َثَناِئِهم َاْو َنْح ِو َذ ِلَك َتَو ُّص ًال‬# ‫َالَتْقُصَد ْن َم ْع ُه ِاَلى َغْر ِض الُدَنا‬
Teu meunang ngamaksud sarta eta amal
Tujuan na dunnya nu di apal-apal
Sapeurti hayang kana pujian jalma
Sareung dipikareuseup ku sadayana
‫ َو اْنُظْر ِاَلى َنْظِر اْلِع ْلِم َفَتَك ُّم ًال‬# ‫َو اْح َذ ْر ِر َياًء ُم ْح ِبًطا ِلِعَباَدٍة‬
Keudah mikarisi anjeun tina ria
Nu bisa ngahancurkeun amal sadaya
Tatapi beuramal na teh keudah meuleus
Kareuna dzat Alloh anu maha weulas
‫ َالَتْبُر َز ْن ِلُيْنِكُروَك َر َذ اِئَال‬# ‫َالَتْظ َهَر ْن َفِض ْيَلًة َك ْي ُتْع َتَقْد‬
Teu meunang neugrakeun amal ibadahna
Supaya manusa nekadkeun unggulna
Bahwa urang teh jalma nu pangalusna
Kareuna amal to’at nu dilakuna
Tapi lamun neugrakeun kana amalna
Supaya diturut kujalma awamna
Sareung mikareuseup kana kasaean
Maka eta unggul sareung sae pisan
Oge teu meunang neugrakeun kana dosa
Nu peurnah dilakukaeun zaman baheula
Atawa zaman ayeuna ku sacara
Supaya ingkar sadayana manusa
‫ َح َّتى َيَر ى َناًسا ِبِإِبٍل ُم ِّثاَل‬# ‫ِاْيَم اُن َم ْر ٍء َالَيُك ْو ُن َتَك اُم َال‬
‫ َلْم َيْخ َش َلْو َم َة اَل ِئْم ِفى ِذ ى اْلُع َال‬# ‫َفَيُك ْو ُن َم ْد ُحُهم َو َذ ُّم ُهْم َس َو ا‬
Iman na jalma can diseubut sampurna
Hingga nyaksian jalma eta biasa
Disapeurtikeun ningalina ka onta
Dina pada hate teu aya robahna
Sarua dina pada keur dipujina
Atawa dihina taya padulina
Sabab amal karana Alloh ta’ala
Teu sieun kana panyacadna manusa
‫ ِللَّناِس َذ اَك ُهَو الِّر َياء َسَبْهَلَال‬# ‫َع َم ٌل َأِلْج ِل الَّناِس ِش ْر ٌك َتْر ُك ُه‬
Beramal karna manusa eta syirik
Kudu ditinggalkeun tanpa ulak-ilik
Seudeungkeun tinggal beramal karna sieun
Pujian manusa eta salah pisan
Ngarana Ria nu taya manfaatna
Pikeun di akhirat oge di dunnyana
‫ ِاْن ُكْنَت َتْطُلب ِع ْنَد َناٍس َم ْنِز ًال‬# ‫َالَتْطُلَبْن ِع ْنَد الُمَهْيِم ِن َم ْنِز َلة‬
Ulah nyuprih kana darajat nu luhur
Ka Alloh anu ngajaga kana umur
Sapanjang masih aya kana harapan
Pandangan manusa luhur kadudukan
٨ ) ‫(َو ِم ْنَها الُع ْز َلْة‬
‫ َو َتَس اُهَل ِفى الِّدْيِن َذ اَك ُهَو اْلَباَل‬# ‫َالَتْص َحَبْن َم ْن َك اَن َأْهَل َبَطاَلْة‬
Ulah campur gaul sarta sifat jalma
Bahkan lamun kitu balai nu nyata
Nyaeta jalma anu sok ngabatalkeun
Oge gagampangan agama dibikeun
‫ َأْو َخ اَف ِم ْن ِفَتٍن ِبِد ْيٍن ُم ْبَتَلى‬# ‫َو اْلُع ْز َلُة اَأْلْو َلى ِاَذ ا َفَس َد الَّز َم اْن‬
Ari uzlah hukumna leuwih utama
dimana zaman ruksak ku pangeusina
atawa sieun tina fitnah na jalma
fitnah kana agama anu dicoba
‫ َأْو ِفى َحَر اٍم َأْو ِلَذ اَك ُم َم اِثَال‬# ‫َو َك َذ ا ِاَذ ا َخ اَف اْلُو ُقْو ُع ِبُش ْبَهٍة‬
Kitu deui Uzlah nu leuwih utama
Dimana sieun kana kana subhat tumiba
Atawa sieun tumiba kana haram
Sabangsana kana diri bisa ngancam
‫ َو َج َم اَعٍة َاْو َنْح ِو َذ ِلَك ُفِض َال‬# ‫َو اِإل ْخ ِتَالُط ِبَناِس َنا ِفى ُج ْمِع ِهْم‬
‫ َو َع ِن اْلَم َناِكِر َقْد َنَهى ُم َتَحِّم َال‬# ‫َهَذ ا ِلَم ْن ِبالُعْر ِف َيْقِد ُر َيأُمَر ا‬
‫ ِفى َظِّنِه ِع ْص َياُنُه ِبُمَح اِفَال‬# ‫َص ْبًرا َع َلى ُك ِّل اَألَذ ى َالَيْغ ِلَب‬
Sareung ari campurgaul sarta manusa
Di unggulkeun dina tempat ge golongna
Nyaeta pikeun jalma anu tos mampu
Marentah beuneur ngalarang salah tangtu
Kalayan sobar tina satiap fitnah
Kana sanes kanteun amal maksiatna
‫ ُفَض َالِء ُع ْز َلٌة َذ االَّز َم اِن ُم ْفَض َال‬# ‫َلِكْن َيُقْو ُل اْلَبْعُض ِم ْن ُم َتَأِّخ ِر اْل‬
‫ َع ْن ُجْو َبٍة َفاْنُظْر ِلَنْفِس َك َعاِقَال‬# ‫ِاْذ َناِد ٌر َح ًّقا َخ ْلُو ُمَح اِفل‬
Tapi narios sabagaian ulama
Nu akhir bahwa uzlah eta utama
Khusus dina ukuran zaman ayeuna
Kareuna jarang berkumpul salameutna
‫ َأْو َنْح ِو َذ ِلَك ِباْخ ِتَالِط َك َح َص َال‬# ‫ُك ُّل اْلَم َع اِص ى َك الِّر َيا َو َك ِغ ْيَبْة‬
Ari satiap maksiat anu aya
Sapeurti riya ghibah jeung sabangsana
Sabab campur gaulna urang sadaya
Maka uzlah eta nu langkung utama
٩ ) ‫(َو ِم ْنَها ِح ْفُظ اَألْو َقاْت‬
‫ َالَتْتُر َكْن َو ْقًتا ُسَدى ُم َتَس اِهَال‬# ‫َو اْص ِرْف ِاَلى الَّطَع اِت َو ْقَتَك ُك َّلْة‬
Kudu ngagunakeun waktu kana to’at
Sakabehna supaya dina maslahat
Sareung kudu iggalkeun waktu nu nganggur
Taya manfaat keur diri oge batur
‫ َم ْص ُرْو َفًة ِفى اْلَخْيِر َفاْص ُح ِبَالاْئِتَال‬# ‫َو َتِص ْيُر َأْو َقاُت الُمَباِح ِبِنَّيٍة‬
Kalawan ngagunakeun niat nu lurus
Padameulan nu mubah ngajadi alus
Saena niat migawena ibadah
Saperti dahar, nginum jeung mu’amalah
Hal ieu teh kudu jadi kauntungan
Para salik supaya janteun emutan
‫ ُك ًّال ِبَم ا ُهَو َالِئٌق ُم َتَبِّتَال‬# ‫َو ِّز ْع ِبَع ْو ِن ِهللا َو ْقَتَك واْص ِرَفْن‬
Kudu ngabagi waktu nu sakabehna
Sareung ngagunakeun kana nu layakna
Bari nyarandekeun pitulung Allohna
Oge jauh tina salain Anjeun-Na
‫ ُم َتَدِّبًرا ِلِقَر اَء ٍة َو ُم َك ِّم ًال‬# ‫َفِإَذ ا َبَدا َفْج ٌر َفَص ِّل َتَخ ُّش ًعا‬
Maka dimana geus jeulas pajar sidik
Geura sholat kalayan khusyu nu apik
Oge diteuruskeun kana maca qur’an
Bari mikirkeun hartina sing meuneuran
‫ ُجْهًدا َبِلْيًغ ا َك ْي َتَناْل َفَض اِئَال‬# ‫َو اْج َهْد ِلَتْح ُضًرا ِفى َص َالِتَك ِقْلِبَك‬
Sareung kudu sungguh-sungguh dina sholat
Ngahdirkeun kana hate ulah teulat
Kalaan sungguh-sungguh nu sabeuneurna
Suapaya meunang kaunggukan nu nyata
‫ َو ُحُضْو ُر ُه َو ُش ُهوُد ُه َلَك َفأَج َال‬# ‫َالَتْنَس َأَّن َهللا َناِظ ٌر َقْلَبَك‬
Tong hilap dina sholat Alloh ningali
Hate tiap jalma kalayan nu pasti
Sareung Alloh anu hadir oge nyaksi
Maka kitu kudu ageung hati-hati
‫ ِبالَّسْبِع َو اْلِع ْش ِر ْيَن ِم ْن َفْض ٍل َع َال‬# ‫َالَتْتُر َكْن َج َم اَع ًة َقْد ُفِض َلْت‬
‫ ِفى ِم ْثِل َهَذ ا الِّرْبِح َأْخ َس ْر َأْج َهَال‬# ‫َو ِلَم الَّتَع ُّلُم ِاْن َتُك ْن َتَتَس اُهَال‬
Ulah tinggal kana berjama’ah sholat
Pahala dua puluh tujuh darajat
Kacida bodo oge sareung rugina
Beulajar ilmu gagampangan sholatna
‫ ُم ْسَتْقِبًال َو ُمَر اِقًبا َو ُمَهِّلًال‬# ‫ُثّم اْش َتِغ ْل ِبالِوْر ِد َالَتَتَك َّلَم ْن‬
‫ ِلَتَر ى ِبَها َناًرا َو ُنْو ًرا َح اِص َال‬# ‫ِبَطِر ْيَقٍة َم ْع ُهْو َدٍة ِلَم َش اِيَخ‬
‫ َو َيِص ْيُر َم ْذ ُم ْو ُم الَّطَباِئْع َز اِئَال‬# ‫َفَيِض يُء َو ْج ُه اْلَقْلِب ِبالُّنْو ِر اْلَج َلى‬
‫ ِهَي ِنْع َم ُة ُع ْظ َم ى َفِص ْر ُم َتَأِّهَال‬# ‫َفَتِص ْيُر َأْهًال ِلْلُم َش اَهَد ُة اَّلِتى‬
Tuluy kudu katungkul kana wiridan
Tos shubuh ka kiblat bari nyanghareupan
Oge ngarasa diawasi pangeran
Maca tahlil tasbih tahmid getakbiran
Jadi caang hate cahya jeulas visan
Jeung tabiat goreng jadi laleungitan
Oge jadi ahli ka Alloh nyaksian
Eta teh nyata nikmat nu geude pisan
‫ َص ّلى ِال ْش َر اٍق َو ُقْر آًنا َتَال‬# ‫َح ّتى ِإَذ ا َش ْم ٌس َبَد ْت َك ُر ْمِح َنا‬
‫ َو ُحُضْو ُر َقْلٍب َخ اِش ًعا َو ُمَر َّتَال‬# ‫ِح ْز ًبا َفَأْكَثَر ِبالِّتَع اِظ َو َأَد ْب‬
Sahibgga dimana matahari caang
Kana saukuran satumbak kalangkang
Tuluy sholat oge macakeun al- Qur’an
Sabairis atawa sina loba pisan
Kalayan ngango adab pituturanan
Hadir hate, khusyu maca di tartilan
‫ ِبَتَدُّبِر الَم ْعَنى َو ِللَبْط ِن اْلَخَال‬# ‫َو َد َو اُء َقْلٍب َخ ْمَس ُة َفِتَالَو ٌة‬
‫ َو ُمَج اَلَس اُت الَّص ِلِح ْيَن الُفَض َال‬# ‫َو ِقَياُم َلْيٍل َو الَّتَض ُّر ِع ِبالّس َح ْر‬
Ari obat hate lima perkrana
Maca Qur’an bari mikirkeun hartina
Eta kahiji anapon kaduana
Nyaeta ngosongkeun patuwanganana
Ari nomeur kadua sareung opat na
Sholat waktu weungi oge munajatna
Anapon obat anu nomeur ka lima
Bergaul sarta jalma-jalma sholehna
‫َم َح اِس ُن الِّش َيْم ِلَقاِر ِء اْلُقْر آْن‬
‫ ِبَم َح اِس ِن الِّش َيِم الَّر ِض َّيْة ُم ْك ِم َال‬# ‫َو ِلَقاِر ٍء َو ِلَح اِفٍظ َيَتَخ َّلُق‬
Pikeun nu maca oge nu nalar Qur’an
Berakhlak sae diridloi Pangeran
‫ َالٍة ِبَها َو ِبَأْهِلَها ُم َتَقِّلاَل‬# ‫َك ُز َهاَد ِة الُّد ْنَيا َك َذ ا َتْر ُك ُمَبا‬
Sapeurti zuhud kana perkara dunnya
Nyakitu deui ninggalkeun perdulina
Kana dunnya jeung nungabogaannana
Bari diri aya dina saeutikna
‫ َأْخ َالِق ُثَّم َطَالَقٍة َالَخاِط َال‬# ‫َو َك َذ ا الَّسَخا َو الُجْو ُد ُثَّم َم َك اِر ِم اْل‬
Kitu deui bageuran oge berakhlak
Anu mulya bear budi tara nolak
‫ َع َّم َدَنا ِم ْن َم ْك َسٍب ُم َتَجِّم َال‬# ‫َو اْلِح ْلُم ُثَّم الَّصْبُر ُثّم َتَنَّز ُه‬
Sareung hilim oge shobar dina to’at
Nyeugah diri terjeurumus ka maksiat
Oge beursih tina hina padameulan
Bari kaayaan diri gigindingan
‫ َو ُخُش ْو ِع ِه َو َتواُض ٍع ُم َتَك ِّم َال‬# ‫َو ُم َالَز َم اٌت ِللَّس ِكْيَنِة َو الَو َر ْع‬
Sareung ngamistikeun kana tuma’ninah
Oge apik, khusyu, tawadhu meureunah
‫ َو ِاَز َاَلٍة ُظْفًرا َو ِاْبًطا َفاْفَع َال‬# ‫َو ِلَقِّص َش اِر ِبِه َو َتْس ِر ْيِح الُّلَح ى‬
Oge ngamistikeun kana padameulan
Nyata ngadawung kumis tong dianteupan
Nyuway-nyuway jangot sareung nganeukteukan
Kuku, oge bulu kelek dijeungutan
‫َو ِاَز اَلِة الِّر ْيِح اْلَك ِرْيَهِة َو اْلَو ْس ِخ َو َم َالِبَس َم ْك ُرْو َهٍة َفَتَك ُّم َال‬
Sareung ngahilangkeun tina ambeu bau
Oge kokotor badan, pakean tangtu
‫ َو َك َذ اَك ِاْكَثاًرا ِم َز اًحا َز ِّيًال‬# ‫َو َك َذ ا اْج ِتَناًبا ِللَم َض اِح ِك َالِزَم ْن‬
Sareung nyakitu deui kudu ninggalkeun
Kana seuseurian nu teu eureun-eureun
Jeung naykitu deui tina ngalobakeun
Kana banyol maka kudu ditinggalkeun
‫ َو اِإل ْح ِتَقاَر ِلَغْيِر ْه ِباْع ِتَال‬# ‫َو ْلَيْح َذ َر ْن ُعْج ًبا ِر َياًء َو اْلَح َس ْد‬
Sareung kudu ngajauhan sungguh-sungguh
Kana sifat ujub, hasud, nu teu puguh
Sareung ka jalma nu lain nagnggap hina
Reujeung kana diri anu paling mulya
‫ َو َك َذ اَك َتْس ِبْيٌح َو َتْهِلْيٌل َج َال‬# ‫َو اْسَتْع َمِل اْلَم أُثْو َر ِم ْن ِذ ْك ٍر َدَعا‬
‫ َو َع َلى اِإل َلِه ِبُك ِّل َأْم ٍر َعِّو َال‬# ‫َو ُيَر اِقُب اْلَم ْو َلى ِبِس ٍّر َو اْلَع َلْن‬
Sareung midameul amal anu tos datang
Ti rosul anu pasti leureus ka etang
Sapeurti dzikir, do’a nu dipanjatkeun
Nyakitu tasbih, tahlil, jeulas lakukaeun
Sareung ngarasa di awasi MAULA
Dina rahasia oge loba jalma
Nu terakhir kana satiap urusan
Sadaana disandarkeun ka pangeran
‫ َباٍق ِم َن الِّطْبَياِن َو اْنَح ُم َك ِّم ًال‬# ‫َذ ا َبْعُض آَداٍب ِلَقاٍر َو اْطُلَبْن‬
Ari ieu sebagian kasopanan
Pikeun jalma anu osok maca Qur’an
Sareung nu sanes bab tentang kasopanan
Mangga tingalian dina kitab Tibyan
‫ ِبُهُجْو ِم َم ْو ٍت َو الَّتَح ُّس ِر َو اْلَبَال‬# ‫ُثَّم الُّض َح ى َص ِّلى َو َالَتَد ِع اْلِفَر‬
‫ َو ِبِذ ْك ِر َها َح ًّقا َك َض ْر ٍب ُمَعِّو َال‬# ‫َع َم ٌل ِبَال ِذ ْك ِر اْلَم ِنَّيِة َالأَثْر‬
Teuras kudu ngadirikeun sholat dhuha
Waktuna antara irtifa’ istiwa
Oge ulah kana maot tinggal mikir
Kalawan nalangsa nu teu akhir-akhir
Ari beramal tanpa elingna mati
Maka teu aya tapak sama sakali
Jalma nu eling mati dina beramal
Sapeurti di tieunggeul martil tanpa muhal
‫ أضْو ِبالَم ِع ْيَش ِة َو اْخ َتَر َّن اَألْفَض َال‬# ‫ُثَّم اْش َتِغ ْل ِبالِع ْلِم َاْو ِبِع َباَدٍة‬
Tuluy kudu katungkul kana berilmu
Atawa kana ibadah anu tangtu
Nyakitu deui kana kasab usaha
Pilih salahsahiji anu utama
‫ َفْض ُل اْلُبُد ْو ِر َع َلى اْلَك َو اِكِب ِفى اْلَج َال‬# ‫ِفِلَع اِلِم َفْض ٌل َع َلى َم ْن َيْعُبُد‬
Pikeun jalma nu berilmu kaunggulan
Tinimbang jalma ibadah ka pangeran
Unggulna disapeurtikeun kana bulan
Ngunggulan bintang-bintang arendah pisan
‫ َو األْر ِض َح ّتى اْلُحْو ِت َم ْع َنمِل اْلَفَال‬# ‫ِاَّن اِإل َلَه َو َأْهَل ُك ِّل َس َم اِئِه‬
‫ َقْد َع َّلَم اْلَخْيَر اُألَناِس ُمَح َّص َال‬# ‫ُك ٌّل ُيَص ِّلى َيا َح ِبيُب َع َلى اَّلِذ ى‬
Saeunyana Alloh anu maha agung
Sareung sadya ahli langit dijungjung
Ahli bumi sahingga lauk dicai
Sarta sireum disampalan anu pasti
Sadayana maca sholawat ka jalma
Nu sok ngawurukan sae ka manusa
‫ َفِاَلى اْلَج َناِن َلُه َطِر ْيٌق َس َّهَال‬# ‫َم ْن ِفى َطِر ْيٍق ِللَّتَع ُّلِم َيْس ُلُك‬
Saha jalma nu ngambah dijalan ilmu
Alloh gampilkeun jalan surga nu tangtu
‫ َيْس َع ى ِر ًضا ِبَم َر اِمِه ُم َتَقِّبَال‬# ‫َو َم َالِئٌك َتَض ُع اْلَج َناَح َلُه ِاَذ ا‬
Malaikat sok nyimpeun kana sayapna
Pikeun jalma nu nyuprih ilmu karena
Ridlo anu eukeur dilakukeunana
Kana pamaksadan nyuprih ilmu tea
‫ َفْض ٌل َع َلى ِم ائِة الَّر ِكْيَعِة َناِفَال‬# ‫َو َتعُّلٌم ِلْلَباِب ِم ْن ِع ْلٍم َلُه‬
Ari belajar hiji bab tentang ilmu
Ngunggulan 100 rokaat nu tangtu
Tina sholat sunat nu diwaktu-waktu
Para salik ulah hilap masing timu
‫ ِباْلِع ْلِم ِاَّال َفاْلِهالُك َتَح َّص َال‬# ‫َهَذ ا ِاَذ ا َقْص ٌد اِإل َلِه َو آِخَر ة‬
Ieu teh upami ka Alloh niatna
Oge tujuan akherat utamana
Maka lamun niat sanes kanu tadi
Karuksakan akibatna kana diri
‫ َو ْلَيْس ُقَطْن ِفى َد ْر ِك َناٍر َناِز َال‬# ‫َو اْلُيْح َر َم ْن ُعْر َف اْلِج َناِن اْلَفاِخَر ْة‬
Bakal dihalang tina seungit sawarga
Sareung dijatuhkeun ka dasar naraka
Nyaeta pikeun jalma nyiarna ilmuna
Maksud salain Alloh jeung akheratna
‫ ِفى الَّناِر َتْخ ُرْج ِم ْنُه َأمَع اُء َج َال‬# ‫َر ُجٌل ِبِه ُيْؤ َتى َغًدا َيْلَقى ِبِه‬
‫ ُبْر َج اْه ُتْط َح ْن َك اْلَحِص ْيِد َتَذ ُّلَال‬# ‫ِفَها َيُد ْو ُر َك َم ا َيُد ْو ُر ِح َم اُرَنا‬
‫ َقْد ُكْنَت َتأُم ْر َنا َو َتْنَهى ُم ْقِبَال‬# ‫َفَيِج ْي ُء َم ْن ِفى الَّناِر َيْس َأُلُه َأَّم ا‬
‫ َم ا ُكْنُت ِبالِع ْلِم الُم َك َّر ِم َعاِم َال‬# ‫َفَيُقْو ُل َياَقْو ِمْى َبَلى َلِكَّنِنى‬
Lalaki dialungkeun kana naraka
Sahingga kaluar sakabeh peujitna
Sapeurti ku hewan himar digilingna
Kalawan ditincak digiling dihina
Maka datang jalma penghuni naraka
Nanyakeun kana pakewuh nu tumiba
Nyata kuring sok marentah kaalusan
Oge sok nyegah kana kamaksiatan
Tatapi kuring mani hanjakal pisan
Bukti kana ilmu tadi didobrakan
‫ َو َثواِب ُأْخ َر ى ِبالَّتَع ُّلِم َغاِفَال‬# ‫َيْع ِص ى اْم ُر ٌؤ َقْد َر اَم ِغ ْيَر ِإَلِهِه‬
Hiji jalma nyata berdosa hukumna
Belajar ilmu tanpa aya niatna
Kecuali salian ka pangerana
Sareung salian ganjaran akheratna
‫ ِاَّال ِبِع ْلِم َناِفٍع ُم َتَش اِغ َال‬# ‫ِح ْر ٌم َع َلْيْه ِج َر اَيُة الُم َتَفِّقَهْة‬
Dihalang pikeun jalma nu nyuprih ilmu
Kana panghasilan nu layak nu tangtu
Anging kanggo jalma manfaat ilmuna
Nu maksud oge tujuan ka Alloh na
‫ ِإَّال ِلِع ْلِم َناِفٍع َالَج اِهَال‬# ‫َو َك َذ ا َيْع ِص ى َم ْن ُيَع ِّلُم َذ ِلَك‬
Jeung nyakitu deui maksiat amalna
Nu ngawuruk tanpa niat nu alusna
Kecuali ku ilmu anu manfaat
Karana Alloh oge karna akherat
‫ الَّش ْهَو اِت ُم ْتِبًعا َهَو اُه ُمَع اِم َال‬# ‫َفاَذ ا َر آى ُم َتَع ِّلًم ا َيْك ُبو َع َلى‬
‫ ِم ْن ِغ ْيِر ِم ْنَهاٍج ُمَباٍح َفاِئَال‬# ‫ُم َتَك اِلًبا َأْيًضا َع َلى َر ْو ِم الُّد َنا‬
‫ ِم ْن َقْبِل َفْر ِض اْلِع ْيِن ِع ْلًم ا َو اْبَتَال‬# ‫َأْو َقْد َتَع اَطى ِع ْلَم ِفْر ِض ِكَفاَيٍة‬
‫ َقْص ٌد ِلِغ ْيِر ِهللا ِفْيْه َتَغ ْلَغَال‬# ‫َفَلَقْد َتَبَّيَن ِم ْن َقَر اِئِن َح اِلِه‬
Maka dimana anjeun ningali jalma
Belajar ilmu sok reuseup migawena
Kana maksiat ge nafsu diturutna
Oge keukeudeumeus kana maksud dunnya
Tanpa aya jalan nu ngameunangkeunna
Kana padameulan nu salah mikirna
Atawa katungkul belajar hukumna
Fardu kifayah samemeh nu peuntingna
Nyeata fardu ain anu utama
Nu kitu jeulas lain Alloh maksudna
‫ ِم ْن ِغ ْيِر ُع ْذ ٍر َبْل ِبَأْن َيَتَك اَس َال‬# ‫َو َك َذ ا ِاَذ ا َتَر َك الَّصَالَة َج َم اَع ًة‬
Kitu deui dimana ninggalkeun sholat
Kana berjamaah tanpa aya elat
Tapi karna maleusna ku kakeudulan
Syahwat nu di gugu sumberna ti syetan
‫ ِاْن ُأِّك َد ْت َفاْع َلْم ُه َو اْص َح َتَبُّتًال‬# ‫َو َك َذ اَك َتْر ٌك ِللَّر َو اِتِب َو الُّس َنْن‬
Kitu deui dimana ninggalkeun sholat
Rowatib sareung solat lain nu sunnat
Bari anu hukumna teh diperkuat
Maka para pelajar kudu sing ta’at
Jadi kudu jadi bahan keur nasehat
Tina sifat poho jeung mengkolna niat

‫عَالَم ات َعاِلم اُألْخ َر ى‬


‫ َالَيْطُلُب الُّد نَيا ِبِع ْلٍم َم َس اِئَال‬# ‫َو ِلَع اِلِم اُألْخ َر ى َع َالَم اٌت ُتَر ى‬
‫ َأْن َالُيَخاِلَف َقْو ُلُه َم ا َيْفَع َال‬# ‫َو ِلَذ َك آَياٌت َتُك ْو ُن َك ِثْيَر ًة‬
‫ َو َع ِن اَّلِذ ى ُيْنَهى َتْج َتِنْب َأَّو ًال‬# ‫َو َيُك ْو َن ِبالَم أُم ْو ِر َأَّو َل َعأِمٍل‬
Ari ciri ulama akherat eta
Tara nyuprih ku elmuna menta-menta
Ciri ulama akherat seueur pisan
Nyaeta tara sulayana ucapan
Oge perkara anu di perentah_Na
Pangpayuna jalma anu midameulna
Kitu deui perkara nu dilarang_Na
Ngajauhan jadi jalma pangheulana
‫ ِفى َطاَعٍة َناٍه َع ِن الُّد ْنَيا اْج َتَال‬# ‫َو َيُك ْو َن ُم ْعَتِنًيا ِبِع ْلٍم َأْر َغ َبا‬
‫ ِقْيًال َو َقاًال َو اْلِج َداَل ُم ّس ِّو ًال‬# ‫ُم َتَو ِّقًيا ِع ْلًم ا َيُك ْو َن ُم ْك ِثًرا‬
Sareung bukti meurhatikeun kana ilmu
Nu ngareuseupkeun kana to’at nu tangtu
Oge nyeugah tina dunnya anu hina
Bari berusaha ilmuna di jaga
Sareung nyeueurken kana asal sumbeurna
Waktu ngadeubat jadi mapaesanna
‫ َو ِبَم ْسَك ٍن َو ُأَناٍث َذ اَك َتَجُّم ًال‬# ‫َو َيُك ْو َن ُم ْج َتِنًبا َتْر َفَه َم ْط َعٍم‬
‫ َو ِاَلى اْلَقَناَع ِة َو الَّتَقُّلِل َم اِئًال‬# ‫َو َتُّع ًم ا َو َتّز ُّيًنا ِبِلَباِس ِه‬
Masih ciri ti Ualama Akheratna
Ngajauhan tina seunang tuangeunna
Tempat tinggalna oge kana hartana
Teu hilap ninggalkeun kanikmatanana
Gawe hias nyaeta raksukanana
Nu mumkin kana nyonto para ulama

‫ َأْن َالَيُك ْو َن َع َلْيْه َيْو ًم ا َداِخ َال‬# ‫َو َيُك ْو َن ُم ْنَقِبًضا َع ِن الُّس ْلَطاِن َذ ا‬

‫ َأْو ِللَّش َفاَع ِة ِفى اْلَم َر اِض َفاْد ُخ َالَ اِط ِن‬# ‫ِإَّال ِلَنْص ٍح َأْو ِلَد ْفِع َم َظاِلٍم‬
Sareung tara bergaul ka pamrentah
Keuali pikeun nasehat nu meurnah
Sareung pikeun nolak ka Padoliman
Atawa nulungan nu teu damang parah

‫ َو َيُقْو َل ِاْس َأْل َم ْن َيُك ْو ُن َتَأَّهَال‬# ‫َو ِاَلى اْلَفَتاِوي َالَيُك ْو َن ُمَس اِر ًعا‬
‫ َو َيُقْو ُل َالَأْد ِرى ِاَذ ا َلْم َيْس َهَال‬# ‫َو َأَبى اْج ِتَهاًدا َالَيُك ْو ُن َتَع ُّيًنا‬
Kana mere fatwa tara gagancangan
Bahkan nyarios ka jalma nu mentaan
Fatwa, anjeung kudu menta ka ahlina
Sahingga jeulas alqur’an ge hadisna
Atawa ijma sareung jeulas qiyasna
Maka fatwa datang tanpa aya ceula
Oge nyeugah ijtihad nu ngaragukan
Cukup nyarita kuring teu apal pisan
‫ ِلَسَع اَد ِة اْلُع ْقَبى اْلَعِظ ْيَم ِة َناِئَال‬# ‫َو َيُك ْو َن َيْقُص ُد ِباْلُع ُلْو ِم ُوُجْو َد ُه‬
‫ َو ِرَقاِب َقْلٍب ِللِّس َياَسِة َفاِع َال‬# ‫َفَيُك ْو َن ُم ْهَتًّما ِبِع ْلِم اْلَباِط ِن‬
‫ ِمَّم ا َيُك ْو ُن ِم َن اْلُمَج اَهَدٍة اْنَج َال‬# ‫ُم َتَو ِّقًعا ِلَطِر ْيِق ِع ْلِم اَألِخ َر ْة‬
Masih ciri - ciri ulama akherat
Keudah diuninga sing dugi ka tamat
Nyata maksud kana ayana elmuna
Pikeun kabahgiaan di akheratna
Maka perhatikeun ilmu nu batinna
Mengawasi hate karna ngadidikna
Teu hilap sungguh-sungguh dina neangan
Jalan ilmu akherat nu dihareupkan
‫ ِلَش ِر ْيَعٍة َو َع َلى َبِص ْيَر ِتِه اْلَج َال‬# ‫َو َيُك ْو َن ُم ْعَتِم ًدا َع َلى َتْقِلْيِدِه‬
‫َو َأِئَّم ٌة َك الَّش ِفِع ي َو َنْح ِو ِه َك اُنوا َع َلى ِس ِّت ِخَص اٍل َك ُم َال‬
‫ ِبُع ُلْو ِم ُع ْقَبى َناِفَع اٍت ِللَم َال‬# ‫ُز ْهٍد َص َالٍح َو اْلِع َباَد ِة ِع ْلِم ِهْم‬
‫ َو ِاَر اَد ٌة ِبَتَفُّقٍه َر ِّب اْلُع َال‬# ‫َو َك َذ ا اْلَفَقاَهُة ِفى َم َص اِلِح ِد ْيِنَنا‬
‫ َالَغ ْيُر َفاْتَبْع ِلْلَجِم ْيْع ِلَتْفُض َال‬# ‫ُفَقَهاُؤَنا َقْد َتاَبُعْو ا ِفى ِفْقِهِهْم‬
Pirang-pirang Imam sapeurti Syafi’i
Sareung sanesna nu parantos ka uji
Sadaya sampurna ku geuneup perkara
Nyaeta zuhud jeung beres ibadahna
Oge ka tilu langgeung dina ibadah
Sareung pirang-pirang ilmu berfaidah
Kalima ngartos kaberesan manusa
Nyuprih ngartina karna Alloh ta’ala
Geuneup perkara tadi kasampurnaan
Keudah turut ngarah meunang kaunngulan
‫ ِاْن ُكْنَت َتْطُلْب ُم ْلَك َداَر ْيِن اْع ِتَال‬# ‫َفَتَع ُّلَم ْن ِهلل ِع ْلًم ا َناِفَع ا‬
Belajar ilmu karna Alloh Ta’ala
Ilmu manfaat nu ageung faedahna
Lamun hoyong menang martabat nu mulya
Nyata darajat luhur dialam dunnya
Sareung diakherat nu paling utama
Maka luruskeun niat dina hatena
‫ َو ِخ َالَفٍة َوَو َر اَثٍة َفَتَو َّس َال‬# ‫َتْع ِلْيُم ُه ِهلل َخ ْيُر ِعَباَدٍة‬
Ari belajar ilmu karena Alloh
Eta pangsaena jeunisna ibadah
Oge pangsaena gaganti ti rosul
Sareung warisan maka kudu tawassul
‫ َو ُمَع ِّلًم َو ِقْر َو َلْسَت ُمَج اِد ًال‬# ‫َو ُجْه َكَالَم اْلَقْو ِم َغْيَر ُم ْخ ِط ٍئ‬
Tata kasopanan ulama akherat
Ngagungkeun tokoh tasowuf anu khidmat
Kana cariosan bari teu nyalahkeun
Teu ngabalieur kanu dinasehatkeun
‫ ِلَبِد ْيِه َفْهِم َك ِم ْن ِكَتاِب َو اسَأَال‬# ‫َو اْسَتْفِس ِر اُألْسَتاَذ َو اْتُر ْك َم ا َبَدا‬
Kedah menta kana penjelasan guru
Perkara acan ngarti tapi nu perlu
Ge kedah tinggal pertanyaan ka guru
Ketika jeulas pamahaman nu tangtu
Karena anjeun tos jeulas kana faham na
Kana kitab nu parantos dikaji na
‫ ِبَص ِح ْيِح ُكْتٍب َو اِض ٍح َقْد ُع ِّو َال‬# ‫َقاِبْل ِكَتاَبَك َقْبَل َو ْقِت ُم َطاَلَع ْة‬
Anjeun kudu kana kitab ngabandingan
Samemeh aya waktu muthola’ahan
Kalayan kitab shohih tur anu jeulas
Nu nayata dianggo sandarana nga pas
‫ َفِاَّنُه َأْو َلى َو َاْح َس ْن َم ْو ِئَال‬# ‫َطاِلْع ِمَر اًرا َم ْتَنُه َقْبَل الُّش ُروْح‬
‫ ِم ْن َع ْش ِر َأْس ُطٍر ِم ْن ُسُرْو ِح َفاْقِبَال‬# ‫َو َلَفْهُم َس ْطٍر ِم ْن ُم ُطْو ٍن َأْح َس ُن‬
Keudah seuring ningalian kana matan
Samemeh kana ningalian syarahan
Karena eta anu paling utama
Oge paling alus pangbalikanana
Sungguh memahami ti matan sabaris
Leuwih alus tinimbang sapuluh baris
Tina sarah kitab anu difahami
Maka amalkeun istiqomah nu pasti
‫ ُثَّم اْلِكَتاِب َفُس َّنًة ُم َتَر ِّتَال‬# ‫َو اْبَدأ ِبَفْر ِض اْلَع ْيِن ُثَّم اْع َم ْل ِبِه‬
Ieu nadzom tentang adabna pelajar
Nyata fardu ain ngawitan di geular
Diamalkeun dina kahirupannana
Sapeurti tauhid sareung tingkah hatena
Oge amalkeun ilmu nu syariatna
Eta tilu hal fardu ain utama
Saatos pelajaran fardu ainna
Majeung kana Al-Qur’an sareung Sunnah na
‫ ُثَّم اْلَبواِقى َر اِع َتْد ِر ْيًجا ِبَال‬# ‫َو اْتَبْع ِبِع ْلِم الِفْقِه ُثَّم ُأُصْو ِلِه‬
Saba’da belajar ilmu anu atos
Di uninga dina nadzom nu tos beres
Sateurasna diikuti ilmu fiqih
Sareung Usul Fiqih anu tos terpilih
Oge kana ilmu anu sasesana
Bakal dibahas ayeuna sing uninga
Maka keudah diraksa ku dituntutna
Sungguh-sungguh sinareung teuras di coba
‫ َص ْر ٌف َو َنْح ٌو َو الَم َع اِنى الُم ْفَض َال‬# ‫َو ُع ُلْو ُم آَداٍب َثَم اِنَيْة ُلَغ ْة‬
‫ َو َك َذ ا َعُرْو ٌض َفاْطُلَبْنَها ُمَحِّم َال‬# ‫َو َك َذ ا َبَياٌن َو اْلَبِد ْيُع َو َقاِفَيْة‬
‫ َو ُمَح اَض َر اٌت َو الُخ ُطْو ُط فَأْج ِم َال‬# ‫َو ُفُرْو ُع َها ِإْنَش اُء َنْثٍر َو الَّنَظاْم‬
Pirang-pirang ilmu adab ya dalapan
Lugoh, Shorof, Nahwu, Ma’ani jeung Bayan
Oge Badi’, Qofiyah sareung ‘Arudna
Maka kudu disuprih sing saalusna
Ari pirang-pirang cabang ilmu adab
Sadayana aya opat ulah hilap
Nyaeta Insya natsar, sareung nadzomna
Ilmu Tarikh, Kalighrafi ka opatna

‫ ِفى َم ْنِط ٍق ُثَّم اْلَكَالِم َتَو ُّغ َال‬# ‫َالَتْغ َتِرْر ِبُو ُقْو ِع َأْهِل َز َم اِنَنا‬
Ulah tertipu ahli zaman ayeuna
Dina ilmu Mantiq ge ilmu Kalamna
Anu tos dicampur ku faham nu sasar
Anu matak ngakibatkeun dosa besar
Adapun ahli zaman nu sabalikna
Maka nyuprihna fardu ‘Ain hukumna
‫ ِفْيِه الِّشَفا ِم ْن ُك ِّل َداِء َأْع َض َال‬# ‫َطاِلْع َأِخ ي ِإْح َيا َغَز اِلِّي َتَنل‬
Kudu ningalian kana kitab Ihya
Karangan Imam Ghozaly ka koncara
Maka anjeun bakal meunang kacageuran
Tina satiap panyakit payah pisan
‫ َم َال َيُذ ُّم الَّش ْر ُع َذ ِلَك ُح ِّلَال‬# ‫ُك ْل َبْع َد َذ ِلَك ِم ْن َح َالٍل َالُش َبْة‬
Saba’da tinu kabeh ayeuna keudah
Tuwang leueut nu halal kade sing meurnah
Walau kana nu subhat kudu di pumpang
Karna hati-hati haram anu datang
Ari satiap nu teu di cacad syar’i
Nu kitu ngaran halal nu tos ka uji
‫ َو َش َر اِبِه ِللِج ْس ِم َو الِّدْيِن اْع ِتَال‬# ‫َالَشْيَئ َأْنَفْع ِم ْن َتَقُّلِل َأْك ِلِه‬
Teu aya hiji anu leuwih manfaat
Tinimbang kana saalit tuwang leueut
Nu manfaat kanggo badan ge agama
Nu luhur kalayan taya papadana
‫ َقْلِب اِإل َز اَلِة ِفْط َنٌة َم َتَم ْلِم َال‬# ‫آَفاُت َشْبٍع ِثْقُل ِج ْس ٍم َقْس َو ُت ال‬
‫ َج ْلٌب ِلَنْو ٍم َفاْح َذ َر ْنُه َو َع ْبِهَال‬# ‫َتْض ِع ْيُف ِج ْس ٍم ِع ْن ِعَباَد ِة َر ِّبِه‬
Ari dampak negatif wareugna mangan
Badan beurat oge hate teuas pisan
Sareung ngaleungitkeun kana kaceurdasan
Leumah badan ti ibadah ka Pangeran
Oge nu terakhir narik kana sare
Kudu hati-hati jauhan sing sae
‫ ُثَّم اْنَتِبْه َقْبَل الَّز َو اِل َتَس ُّلَال‬# ‫ِقْل َبْع َد َذ ِلَك ِللَّس َهاِد ِلَطاَعٍة‬
‫ ُثَّم اْش َتِغ ْل ِباْلَخ ْيِر ِمَّم ا َقْد َخ َال‬# ‫َو الُّظْهَر َص ِّل َج َم اَع ًة َم ْع ُس َّنٍة‬
Saba’da kitu kudu sare Qoelulah
Supaya isa nyaring pikeun ibadah
Nyata nyaring memeh lingsir matahari
Sholat dzuhur berjam’ah anu pasti
Oge sunnat teu hilap dilaksanakaeun
Katungkul kana sae diutamakkeun
‫ َو َلَع اِبٌد َص ِّلى َتَال َأْو َهَّلَال‬# ‫َفَلَطاِلٌب ِع ْلًم ا ِبِع ْلٍم َيْسَتِغ ُّل‬
‫ ِج ًّد ا َع َلى َهَذ ا َو َال َتُك َغاِفَال‬# ‫َو َك َذ ا ِاَلى َو ْقِت الَّر َقاِد َفَو اِظ َبْن‬
‫ َو اْع َم ْل ِبَم ا ِفْيِه َتَنْل َخْيًرا َج َال‬# ‫َو ِكَتاَب َأْذ َك اِر الَّنَو اِو ى َطاِلَع ْن‬
Wajib katungkul pikeun nu nyuprih ilmu
Sareung tukang ibadah sholat nu tangtu
Atawa maca Qur’an sareug tahlilna
Nyakitu tartib waktu istirahatna
Keudah beuneur-beuneur ngamalkeun aturan
Teu meunang ngeudul atawa poho pisan
Sareung kudu ningalian kitab adzkar
Karangan Imam Nawawi anu pintar
Sareung ngamalkeun kanu dina eusina
Supaya kenging kasaean nu nyata
‫ ِاَّال َع َلى ِذ ْك ٍر َو ُطْهٍر َك اِم َال‬# ‫َالَتْج ِلَبْن َنْو ًم ا َو َالَتُك َناِئًم ا‬

‫ ِفى َغ ْفَلٍة َو َتَالُم ٍس ُم ْسَتْر ِس َال‬# ‫َالَبْأَس ِاْن َض َج ْعَت َز ْو َج َك َلْم َتِص ْر‬
Dimana anjeun sare jeung istri nu syah
Ngalakukeun hubungan anu teu salah
Teu jadi naon-naon salama anjeun
Ka Alloh teu langgeung kana mopohokeun
‫ َو اْسَتْغ ِفًرا َللُم ْؤ ِمِنْيَن َو َأْع ِو َال‬# ‫َفِاَذ ا اْنَتَبْهَت ِبَلْيَلٍة َفَتَهَّجَدا‬
Lamun anjeun nyaring dina waktu peuting
Maka kudu tahajud eta nu peunting
Sareung beunuer- beunuer menta pangampura
Ka Alloh pikeun jalma mukmin sadaya
Oge kudu narikkeun kana suara
Kareuna ceurik sok ingeut kana dosa

‫ َك ْنٌز ِبَداِر اْلُخ ْلِد َأْد ِو ْم َأْنِبَال‬# ‫َفَلَر ْك َع َتاِن ِم َن الَّص َالِة ِبَلْيَلٍة‬
‫ َتْأِتى َع َلْيَك َو َالَنِس ْيَب َو َالِو َال‬# ‫َفاْسَتْك ِثًرا ِم َن اْلُكُنْو ِز ِلَفاَقٍة‬
Sungguh dua rokaat ti Tahajjudna
Jadi gudang di Surga langgeung tur mulya
Maka kudu ngalobakeun kada gudang
Karna butuh ge tuluy-tuluy sing manjang
‫ ِم َك َو اْش ِتَغاِلَك ِبالُّد َنا ُم َتَغاِفَال‬# ‫َو َيُفْو ُت َهَذ ا ِباْلَك ِثْيِر ِم ِن اْهِتَم ا‬
‫ َو َك َذ ا ِبالِّتَع اِب اْلَج َو اِر ِح َو اْم َتَال‬# ‫َو َحِد ْيِث ُد ْنَيا ُثَّم َلْغ ٍو َو الَلَفْظ‬
Bakal beak tina nilai tahajudna
Sabab opat keudah uninga sadaya
Ka hiji mentingkeun dunnya sarta poho
Tina pakewuh akherat nu teu nyaho
Ka dua katungkul kana caritaan
Tentang dunnya ge carita heuheureuyan
Ka tiluna nyapekeun anggota badan
Ku migawe amal anu beurat pisan
Dina waktu beurang kalayan teu mangmang
Ka opat ngalobakeun dahar nu seunang
‫ َقْبَل اْلُغ ُرْو ِب ُمَس ِّبًحا ُم ْسَتْقِبَال‬# ‫َو ُيِع ْيُن َتْج َد ْيُد اْلُوُضْو ِؤ َوِذ ْك ُرَك‬
‫ َتْر ٌك َكَالًم ا َبْع َد َذ ِلَك َغاِفَال‬# ‫َو ِعَباَد ٌة َبْيَن اْلِع َش اِء َو َم ْغ ِر ٍب‬
Ari sabab nu ngabangkitkeun Tahajud
Aya opat sadaya ulah kareulud
Ka hiji nganyar-nganyar kana wudluna
Eling ka Alloh nu nomeur ka dua na
Samemeh bari surupna matahri
Dzikir ka Alloh anu Robbul ‘Izzati
Ibadah antara Maghrib sareung Isya
Ku maca Qur’an, Dzikir sareung Sholatna
Eta sabab anu nomeur katilu na
Ka opat tinggal carita nu teu guna
‫ َو اْقِص ْر آلَم اٍل َو َج اِهْد َتَنَّبَال‬# ‫َو اِظ ْب َع َلى َهَذ ا َبِقَّيَة ُع ْم ِرَك‬
Kudu nglanggeungkeun kana ieu amal
Dina sesa umur anjeun anu mahal
Sareung kudu mendekeun kana lamunan
Tapi berjuang hingga meunang kamulyaan

‫َتْذ ِكَر ْة‬


‫ ُد ْنَيا َلُهْم َم ا َباُل َذ ِلَك َيْبُطَال‬# ‫َم ْن َال َلُه ُشْغ ٌل ِبُد ْنَيا َتاِر ًك ا‬
‫ ِبَص َالِتِه َو ِتَالَو ٍت ُم َتَسِغ ًال‬# ‫َفِبِخ ْد َم ِة الَّرِّب اْلُع َلى َتَنُّع ًم ا‬
Jalma nu tara katungkul kana dunnya
Teu aya akibat kalayan percuma
Sabab meulayani Alloh anu mulya
Ngarasa nikmat ku Sholat jeung Dzikirna
‫ َفاْتُل اْلُقْر آَن ُبْر َهًة ُم َتَأِّم َال‬# ‫َو ِاَذ ا الَّساَم ُة ِفى الَّص َالِة َتَع َّر َض ْت‬
‫ ِذ ْك ِر ِبَقْلٍب َو الِلَس اِن ُم َك ِّم َال‬# ‫َو ِاَذ ا َسِئْم َت ِتَالَو ًة َفاْنُز ْل ِاَلى‬
‫ َالَتْش َتِغ ْل ِبَح ِد ْيِث َنْفٍس ُمَهِّم َال‬# ‫ُثَّم اْذ ُك َر ْن ِباْلَقْلِب َو ُهَو ُمَر اَقَبْة‬
‫ َيْقُسو ِبِه َقْلٌب َفَال َتُك َغاِفَال‬# ‫َفَحِد ْيُث َنْفٍس َك اْلَكَالِم ِبَأْلُس ٍن‬
Ieu tentang tatacarana katungkul
Kana ibadah kudu ulah kareudul
Dimana ngarasa jeunuh dina sholat
Maka kudu maca Qur’an anu teupat
Bari aya rasa sieun ku Pangeran
Oge bari mikirkeun hartina Qur’an
Dimana anjen jeunuh tina bacaan
Maka pindah kana dzikir sing eunyaan
Ku hate sareung kulisan nyampurnaan
Dzikir hate rasa deukeut ka pangeran
Oge ulah katungkul carita jiwa
Taya manfaatna ageung madorotna
Maka eta sapuerti carita lisan
Matak teuas hate ulah poho pisan
‫ َأَّن َاْفَض َل الَّطاَع ِة ِهلل اْلُع َال‬# ‫َقْد َاْج َم َع اْلُع َّراُف ُج ُّلُهْم َع َلى‬
‫ َو ُد ُخ ْو ُلَها ِباِهلل ِفى اْلَم ِأَل اْلَخ َال‬# ‫ِح ْفٌظ َأِلْنَفاٍس َيُك ْو ُن ُخ ُرْو ُج َها‬
Nyata geus sepakat ulama Ma’rifat
Teugeusna ka Alloh pangunggulna To’at
Nyaeta ngaraksa pirang-pirang nafas
Nu kaluar jeung asupna eling meuleus
Eling ka Alloh dina waktu nyorangan
Sareung keur loba batur tara hilapan
‫ ِق ِص ْفُه َلْه َم ْع َبْر َز ٍخ َفاْسَتْك ِم َال‬# ‫ِبالّش ِّد ُثَّم اْلَم ِّد َتْح َت ُثَّم َفْو‬
‫ ِم ْن َغْيِر َتْح ِر ْيِك الِّشَفاْة َتَداُو َال‬# ‫َأْو ِذ ْك ٍر َتْهِلْيٍل َو َذ ا الِذ ْك ُر اْلَخ ِفّي‬
Kalayan nasydidan tuluy ngamajukeun
Ngawitan ti handap tuluy kaluhureun
Bari ngumpulkeun sifat Alloh Ta’ala
Sarta ka guru maka kudu sampurna
Atawa pang unggulna tho’at ku eling
Sareung tahlil ku nafas anu mieling
Eta ngaran dzikir khofiy nu ka teulah
Gunta-ganti sarta teu geurakna letah
‫ َلْم يْلَق ِم ْن َهِذ ى الَّطِر ْيَقِة َخ ْر َد َال‬# ‫َم ْن َلْم َيُك ْن ِفى َبْد ِء َأْم ٍر َج اِهًدا‬
Saha bae jalma ngawitan perkara
Taya sikap sungguh-sungguh nu peurtela
Maka moal diperoleh ieu jalan
Walau siki sasawi jadi ukuran
‫ ِفى َغاِلٍب ِم ْن َغْيِر َها َلْن َتْح ُص َال‬# ‫َو َك َذ اَك َم ْع َر َفٌة َتُخ ُّص َع ْلَيًة‬
Nyakitu usaha ma’rifat ka Alloh
Nu tangtu luhur martabat diperoleh
Lamun tanpa aya sikap mujahadah
Moal pernah diperolehna ma’rifah
‫ ِئِلَها َو َتْج ِلَبًة ِبُنْو ِر َفَض اِئَال‬# ‫َو ِج َهاُد َنْفٍس َأْن ُتَز ِّك َي ِم ْن َر َذ ا‬
Sareung mujahdah ma’rifat ka Alloh
Eta ngabersihkeun jiwa anu salah
Tina kokotorna jiwa anu hina
Diantarana ujub, takabaur, riya
Sareung menghiasi jiwa anu mulya
Ku sifat taubah, syukur jeung sanesna
‫ ِم ْن َأْهِل َفْر ٍع َو اُألُصْو ِل َتَك ُّم َال‬# ‫َو اْلَع اِرُفْو َن ِبَر ِّبِهْم ُهْم َأْفَض ُل‬
Jalma-jalma ka pangerana ma’rifat
Langkung unggul tinimbang ahli syari’at
Oge ahli ma’rifat teh langkung unggul
Tinimbang jalmi termasuk ahli ushul
‫ ِم ْن َأْلِفَها ِم ْن َعاِلٍم َفَتَقَّبَال‬# ‫َفَلَر ْك َع ٌة ِم ْن َعاِرٍف ِهَي َأْفَض ُل‬
Maka sungguh saroka’at dipigawe
Ku ahli ma’rifat ka Alloh nu sae
Eta langkung unggul dibanding sarebu
Roka’at nu dilakukeun ahli ilmu
‫ َو اْلَم ْقُص ُد اَألْقَص ى اْلُم َش اَهَد ُة اْلُع َلى‬# ‫َقاَل اِإْل َم اُم الُّسْهَر َو ْر ِد ى َقِّد َس ا‬
Imam suhrowardi parantos nyarios
Mugia ruhna dibersihkeun nu tangtos
Bahwa ari puncak tina nu dimaksud
Eta musyahadah ka Alloh nu wujud
‫ ِذ ْك ًرا ِبَطْيِب َك ِلَم ٍة ُم َتَبِّتَال‬# ‫َفْلُيْك ِثِر اْلَع ْبُد الِّتَالَو َة ُم ْك ِثًرا‬
Maka urang keudah nyeueurkeun tilawah
Kana dzikir ku kalimah nu Thoyyibah
Bari teu putus tina salain Alloh
Jiwa raga muntang tulung tara weuleh
‫ َح َّتى َيِص ْيَر ِبَقْلِبِه ُم َتَأِّص َال‬# ‫َو ْلَيْج َتِهْد ِبِوَطاِء َقْلٍب ُنْط َقُه‬
Oge urang kudu beuneur-beuneur pisan
Sarua ucapan hate kana lisan
Sahingga ku hatena nu jadi asal
Ucapan tara sagawayahna mudal
‫ َر اْلَقْلُب ِللَح اِل اْلَع ِلَّيِة َناِئَال‬# ‫َو ُم ِز ْيَلًة ِلَحِد ْيِث َنْفٍس َك ْي َيُنو‬
Oge ngaleungitkeun caritana jiwa
Nyaeta keureuteugna goreng nu aya
Supaya hate bisa mere cahaya
Kana tingkah laku nu luhur tur mulya
‫ ِبَم َح اِس ِن اَألْع َم اِل ِم ْنُه َتُسْو َال‬# ‫َو َيِفْيُض ُنْو ُر اْلَقْلِب ِلْلَقاِلِب َفَذ ا‬
‫ َهِذ ى اْلُم َش اَهَد َة الَّش ِر ْيَفِة َح ِّص َال‬# ‫َو َيِص ْيَر َح ًّقا ِذ ْك َر َذ اِت ِذ ْك ُر ُه‬
Sareung supaya loba cahaya hate
Kana jasad ku migawe amal sae
Sareung parantos nyata dzikir ka Alloh
Musyahadah nu mulya bisa peroleh
‫ ُهللا َو َّفَقَنا َلُه ُم َتَفِّض َال‬# ‫َهَذ ا اَّلِذ ى َأْو َص ى الُّش ُيْو ُخ اْلَك ُمَل‬
Ieu nadzom ti awal dugi ka akhir
Alhamdulillah paragat tos terakhir
Ieu washiat para guru sampurna
Kalayan nyuprih ka Alloh Taufiqna
Anu parantos maparin karunia
Mahal oge berharga pisan nilaina
‫ َأْع َلى الَّص َالِة َع َلى الَّر ُسْو ِل ُمَح ْو َقَال‬# ‫َو اْلَحْم ُد ِللَباِقى الَّرُؤ ِف ُمَص ِّلَيا‬
Alloh neuteupan kana sadaya puji
Alloh anu Ar-rouf oge Al-baqi
Nyaeta Alloh kacida weulas asih
Nu taya akhir na ku waktu tos mulih
Sholawat salam teuteup ka Rosululloh
Nabi terakhir janteun pilihan Alloh
Terakhir mushonif maca Hauqolah
Tawis sumeurah sanes kanteun ka Alloh
‫ت‬،ِ/‫ت‬،‫ءائِأ‬

You might also like