You are on page 1of 1

SAWER OROK

1 Bismillah damel ngawitan 12 Sampurna dunya akherat


Mugi Gusti ngawidian Disarengan sareng salat
Nyarioskeun pangaturan Ka ibu ka rama ta'at
Damelanana pangeran Pangdo'a sepuh mangpa'at
2 Manusa kersa yang widi 13 Mangpa'at lahir jeung batin
Muntang ka Zdat maha suci Utun teh masih prihatin
Nyukcruk lacak tapak tadi Jaga pikir masing tigin
Asal tina nur Ilahi Ka Gusti Robul Alamin
3 Muji sukur ka yang widi
Putrana mugi abadi
Sing tiasa mawa diri
Diri pangasih ti gusti
4 Gusti Allah sipat wenang
Bral utun geura ngalanglang
Ka alam dunya nu caang
Masing jadi jalma senang
5 Sing senang utun ayeuna
Sing panjang punjung yuswana
Sing ageung dina milikna
Sing soleh utun manahna
6 Utun ku indung beurangna
Dijaga di dama-dama
Diurus siang wengina
Ku ibu sareng ku rama
7 Mugi damang saterasna
Ulah aya kakirangana
Cicing dina gumbirana
Nu Janten ibu ramana
8 Ibu rama muji sukur
Ka Gusti Allah nu ngatur
Ka para Nabi nu mashur
Anu masihan pitutur
9 Pitutur para rosulna
Rawuh para sahabatna
Sinareng para walina
Katut para karuhunna
10 Ka karuhun sadayana
Neda jembar hampurana
Mugi nu janten putrana
Gusti nangtayunganana
11 Gusti anu langkung heman
Mugi sadaya sing iman
Nya netepan ka Islaman
Sing tiasa ngalenyepan

You might also like