Professional Documents
Culture Documents
Makalah Wawacan Anggara MIPA2
Makalah Wawacan Anggara MIPA2
“WAWACAN”
Penyusun:
Anggara Hidayat
Kelas XII MIPA 2
A. Kasang Tukang
Sastra Sunda mangrupa salah sahiji kakayaan budaya Sunda. Sastra sunda teh kacida
pisan lobana, diantarana nyaeta wawacan Wawacan lamun ditilik tina wanguna,
mangrupa naskah Sunda anu mangrupa carita (naratif) karéréanana mah dianggit dina
wangun puisi dangding (pupuh) anu katelah wawacan tea. Ari anu kasebut wawacan,
lolobana mah paranjang, tepi ka ratusan kaca.
Wawacan kiwari ampir tinggal ngarana malahanmah arang langka jalma anu apal kana
wawacan khususna anu cicing di Tatar Sunda loba anu teu wanoh- wanoh acan kana
wawacan. Kukituna urang salaku kaom muda anu gelar jeung cicing di Tatar Sunda boga
kawajiban ngawanohkeun tur ngajak barudak sangkan resep kana Sastra Sunda utamana
kana wawacan anu mangrupakeun budaya aheng anu aya di tatar sunda.
B. Watesan Masalah
Watesan masalah ieu dilakukeun supaya panalungtikan bisa luyu jeung tujuan. Anu di
harepkeun. Watesan masalahna nyaeta: sakabeh anu ngenaan kana Wawacan. Diantarana
wae:
A. Panyungsi Basa
1. Perkara Wawacan
Wawacan teh salah sahiji karya sastra Sunda anu di tulis dina wangun. Pupuh. Najan
ditulisna dina wangun pupuh, tapi wawacan teh eusina. Ngalalakon jadi carita.
Kumaha wac carpon atawa novel, urang bisa manggihan (1) tema, (2) palaku, (3)
latar, (4) galur carita, (5) puseur sawangan, jeung (6) amanat.
Upama nyungsi sajarahna, horeng wawacan teh karya sastra nu asalna ti Jawa. Asup
ka urang Sunda teh keur jaman Karajaan Mataram. Ku lantaran kitu, atuh eusi
wawacan ge lolobana nyaritakeun ngeunaan kalhirupan menak atawa raja raja
baheula.
Maca wawacan teh aya senina, disebut seni beluk. Maca wawacan disebut ngabeluk.
Ngabeluk teh nyaeta seni maca wawacan ku sababaraha urang. Dina prakna, naskah
wawacan teh aya nu di baca, aya oge anu dihaleuangkeun luyu jeung lagu pupuh na.
Kituna teh teu dipirig ku kacapi jeung suling cukup we ngandelkeun olah vokal.
Seni beluk biasana ditanggap dina acara hajatan, salametan, jeung ngaruwat. Aya
sawatara wawacan anu sok dibelukkeun, diantarana “Wawacan Ogin”, Wawacan
Ahmad Muhammad”, “Wawacan Sulanjana”, “Wawacan Layang Sych”
Antara wawacan, guguritan jeung pupuh teh aya patalina. Geura urang tengetan ieu
tabel dihandap.
Eusi guguritan teh umumna mangrupa (1) papatah (piwulung), (2) kaendahan alam,
(3) rasa cinta lemah cai, (4) pangalaman kabatinan, (5) musibah alam, (6) rasa
kanyaah kolot ka anak, jeung (7) rasa kasedih.
Dina sastra Sunda, pupuh teh sok dipake ngarang guguritan jeung wawacan. Pupuh
jadi dasar dina nyusun guguritan jeung wawacan. Ari nu disebut pupuh teh nyaeta
puisi kauger (boga patokan; katangtuan) ku guru lagu, guru wilangan, jeung jumlah
padalisan dina sapada. Guru lagu teh nyaeta sora (vokal) dina engang panungtung
kecap unggal padalisan. Ari guru wilangan nyaeta jumlah lobana engang dina unggal
padalisan. Aya deui guru gatra, nyaeta jumlah pada dina guguritan atawa wawacan.
Nilik, kana wangunna, jumlah pupuh teh aya 17. Pupuh anu pamindengna dipake
ngarang guguritan teh, diantarana wae, Kinanti, Asmarandana, jeung Dangding gula.
Sok disingget jadi KSAD. Ku kituna, eta opat pupuh teh sok disebut Sekar Ageung,
ari sesana sok disebut Sekar Alit.
BAB III
PAMUNGKAS
A.Kacindekan
tilik tina sajarahna, gelarna wawacan téh sabada sastra sunda kapangaruhan ku sastra jawa,
pangpangna Mataram. Dina abad ka-17 M, asupna wawacan ka tatar sunda teh babarengan
jeung asupna basa Jawa ka wilayah Jawa Barat.
Wawacan hartina jenis karya sastra (boh fiksi atawa non-fiksi) Sunda nu wangunna nuturkeun
pola pupuh.
Conto wawacan di antarana: Wawacan Damarwulan, Wawacan Angling Darma, Wawacan
Dewa Ruci. Rengganis, Wawacan
B.Saran
Tinangtos dina nyusun ieu makalah wawacan masih kench seueur kakirangan margi
rumaos, sadayana masih keneh diajar, kuayana kitu miharep ti rerencangan sadayana
komentar sareng saran kanggo langkung saena dina nyusun makalah basa sunda.