You are on page 1of 1

Kuda Anu Ngedul

Ilustrasi Cerita Pendek Bahasa Inggris Ilustrasi Cerita Pendek Bahasa Inggris (Freepik)
Jaman baheula aya hiji kuda nu kacida ngedulna, éta kuda téh dipiara ku jalma beunghar anu
ngaranna abdul. Unggal poé abdul ka kota mawa kudana keur ngajual barang dagangan anu
loba diperlukeun ku urang kota. Ku sabab ngarasa hoream kudu indit mawa barang dagangan,
kuda ngedul téh boga rencana nipu ka dununganana. Dina hiji poé si kuda téh dibawa ka kota
ku abdul, rék dagang uyah dua karung. éta karung téh terus ditalian dina tonggong kuda. Di
tengah jalan jalan si kuda ngedul téh ngagejeburkeun manéh kana walungan. Barang hanjat si
kuda ngarasa hampang, sabab uyah nu dina tonggongna béak kabawa ku cai sarta teu bisa ka
pulung saeutik-eutik acan. Atuh sodagar téh kacida ambekeunana ka éta kuda. Tapi Abdul teu
bisa kukumaha da uyahna geus ngahiji jeung cai. Isukna Si Abdul ka kota deui mawa tarigu
dua karung. Éta karung téh ditalian deui kana kuda. Jiga kamari deui waé kuda téh
ngagejeburkeun manéh ka walungan, atuh puguh waé tarigu téh beak kabawa palid. Bari
jeung ambek Abdul terus balik deui ka imahna, teu jadi ngajual barang daganganana. Isukna,
Abdul néangan akal sangkan kuda nu ngedul téh teu ngalakukeun deui pagawéan jiga kamari.
Abdul néangan kapas, tuluy dikarungan sarta ditalian kana tonggong kuda. Di tengah jalan
jiga kamari deui waé kuda téh ngagejeburkeun manéh kana walungan, tapi basa manéhna
hanjat karasa kacida beuratna karung nu dieusi ku kapas téh. Manéhna ngarasa kaduhung
ngalakukeun pamolah model kitu, sabab manéhna kudu terus ka kota mamawa kapas anu
sakitu beuratna.

You might also like